You are on page 1of 15

Drama Sababak : PASARAN Karya : Tddi Muhtadin

Nini Ihot nu geus teu sanak teu kadang, iwal incuna saurang. Sanggeus nyorang kahirupan anu pohara pinuh ku abna, manhna sadar sarta mimiti ngalakonan sagala tetekon agama; tapi kaceuceubna ka jelama-jelema anu masih knh ngalakukeun masiat jeung kajahatan kalah beuki ged ba. Kajurung ku kasadaranana, ditambah kaayaan lingkunganana nu jauh tina papagon agama, Nini Ihot boga karep, sammh nyawa ninggalkeun raga hayang babakti heula ka masarakat. Maling pasaran, salah sahiji usaha pikeun ngahontal cita-citana.

Para palaku: 1. Nini Ihot, 2. Minah (incu Nini Ihot), 3. Aki Madi (lanceuk tr Nini Ihot), 4. Erus (tatangga).

Tempat: Di tengah imah leutik nu cukup resik teu jauh ti astana ged.

I DI TENGAH IMAH, WANCI SAREUREUH BUDAK, NGABAGUG MJA JEUNG KORSI PARANTI RINH. GIGIREUNANA, SISI BILIK HANDAPEUN JANDLA, NGAJOLOPONG PASARAN NU DITURUBAN KU SAMAK SAHEULAY. DAMAR NU NGETT NMPL DINA PAKU TIHANG, REYEMREYEM NYAANGAN SABUDEUREUNANA. TI LUAR HAWAR-HAWAR KADNG SORA NU TAHLIL NU SAKAPEUNG AWOR JEUNG CUNGUNGUNGNA ANJING BABAUNG BEUKI LILA BEUKI LAUN.

MINAH :(ASUP KA TENGAH IMAH NANGAN NININA) Ni! Ni ... Ni! Nii...! Ka mana atuh Nini th? Jeung ku naon ieu damar th meni ngett-ngett teuing? (NGARONGKONG KANA DAMAR TMPL BARI DIGEDAN) Sok modl ari Nini, batur mah sarieun da pajar aya nu maot maling pasaran, ieu mah di imah og meni teu meunang caang. Padahal pilakadar sabarahaeun minyak tanah mah. (MAKSUDNA RK KA KAMAR, TAPI NGAREGOG SABAB NNJO NU DITURUBAN KU SAMAK SAHEULAY) Naon ieu th? (DIBUKAKEUN) Iiiiyyy ... pa ... pa ... pa ... pasaran ... Niii ... (LUMPAT KA KAMAR NININA, SEDENGKEUN NININA MASIH KNH SALAT ISA, ATUH MINAH TH KALAH BEUKI REUWASEUN SABAB NININA DISANGKA JURIG- MAYIT NU MALING PASARAN. MINAH LUMPAT DEUI KA TENGAH IMAH, MAKSUDNA RK TERUS KALUAR, TAPI TEU KUAT, SUKUNA JADI HS DILNGKAHKEUN, ANTUKNA NGEDEPREK GIGIREUN KORSI) Astagfirulloohhaladzim ... Iiiiyyy ... Gustiii ... Amit-amiiittt ...!!!

NINI IHOT : (NOROJOL TI KAMARNA MASIH KNH MAK MUKENA, LUMPAT MURU INCUNA NU KEUR CEURIK) Ku naon Minah? Aya naon?

MINAH : (BEUKI SOAKEUN) Iiiyyy ... ampuuun ... Ka ditu ka ditu ... Ulah ngadeukeutan uing.

NINI IHOT : Ieu mah kami Minah. Nini nyanh (BARI MUKAKEUN MUKENA).

MINAH : (BIBIRIGIDIGAN) Iiiyyy... iiiyyy.... NINI IHOT : Sssttt...! Ulah geruh! Aya naon? Aya naon atuh? (BARI NILEPAN MUKENA NGADEUKEUTAN).

MINAH : (SESEGRUKAN) Itu!?.

NINI IHOT : Itu? Ih sugan th aya naon, meni jejeritan. Itu mah pilakadar og pa-sa-ran.

MINAH : Amit-amit. (KEUHEUL) Na ku naon bet aya di dieu?

NINI IHOT : Geus (LEULEUY) da moal nanaon. Ulah dipak sieun, pilakadar pasaran ceuk kami og. Jung ka ditu geura ka cai terus geura sar ambh isukan indit digaw teu kabeurangan.

MINAH : Ah, moal sar di dieu (BANGKENU).

NINI IHOT : Na rk sar di mana?

MINAH : Rk di imah si Itoh w. Sieun di dieu mah.

NINI IHOT : Moal nanaon Minah. Moal nanaon (NGAYAKINKEUN).

MINAH : Moal nanaon, moal nanaon kumaha ari Nini? (KURAWEUD) Biasana og pasaran mah di astana, lain di tengah imah kieu, jeung saha atuh nu mawa pasaran ka dieu?

NINI IHOT : Si Unn jeung si Erus nu mawana mah, tapi da titahan kami. (HORDNG NGEBLAK KATEBAK KU ANGIN).

MIONAH :Ni...! Niii...! Tuh nya?

NINI IHOT : Aya naon deui, Minah?

MINAH : (KEUHEUL) Nya ceuk uing og, keur naon atuh pasaran bet dibabawa ka dieu sagala. Pulangkeun ... Ni! Pulangkeun .....

NINI IHOT : (NYENTAK) Gandng Minah! Angin deuleu ta mah. Kapan ku nyanh ti tadi g can dipeundeutkeun jandla th. Jung ka ditu geura selotkeun!

MINAH : (MUGEN) Huh!

NINI IHOT : (NGARONGKONG RK NYELOTKEUN JANDLA) Geus ti mana heula nyanh th Minah, balik meni peuting-peuting teuing? (MINAH TEU NGAJAWAB) Minah! Teu ngadng?! (MINAH TEU NGAJAWAB KNH TERUS DISENTAK) Har-har siah ditanya ku kolot th, Minah ...!

MINAH : Nya tas ti mana deui atuh Ni, ari lain tas digaw mah. (BANGKENU).

NINI IHOT : Enya tas digaw ta mah. Tapi ku naon, mani telat-telat teuing? (TERUS DIUK DINA KORSI, DITUTURKEUN KU MINAH).

MINAH : Ngalembur.

NINI IHOT : Teu euweuheun nu ngalembur. Batur og beurang knh balikna mah.

MINAH : Nya tos w atuh ari teu percanten mah.

NINI IHOT : Lain kitu Minah.

MINAH : Nya kedah kumaha atuh?

NINI IHOT : Kudu jujur. Ulah ngabohong. Bisi dibendon ku Pangran. Jeung deui bisi ... (CURIGA).

MINAH : (NMPAS) Bisi naon Nini?

NINI IHOT : Bisi asup angin deuleu, ulin peuting-peuting th. Kumaha mun bareuh beuteung?

MINA : (KEUHEUL) Iiiyyy ... amit-amit. K heula atuh Ni, kedah ngalakukerun pagawan kitu mah. Jeung asa kabina-bina teuing nyangka th.

NINI IHOT : Lain nyangka kami mah. Bisi, ieu mah bisi.

MINAH : Nah atuh? (KAWAS NU TEU HAYANG NGADNG OMONGAN NINI IHOT SATERUSNA. INCUING DISADA DEUI). Ni... Niii ...!

NINI IHOT : Aya naon deui Minah?

MINAH : Naon, naon? Tah gening disada (KEUHEUL BARI SIEUN).

NINI IHOT : Pilakadar incuing. Naha ku naon kitu?

MINAH : Pira ... pira .... Kumaha mun Malakal Maot datang ka dieu. Mangkaning di dieu aya pasaran?

NINI IHOT : (SEURI) Naon? Malakal Maot datang? Sarra og bakal maot Minah. Naha mak kudu sieun? Maot mah turunan deuleu.

MINAH : Uing mah rk indit ah. Rk ka imah si Itoh (BARI CENGKAT).

NINI IHOT : Jung w teu ra mah. (MINAH DIUK DEUI).

MINAH : Naha mak ra?

NINI IHOT : (MORONGOS) Hayang disangka ngahroan salaki batur nyanh th?

MINAH : Nah atuh, di dieu og asa di jarian. Mangkaning ayeuna th Jumaah Kaliwon.... Iiiiyyy... (NINI IHOT NGALOS BARI MAWA MUKENA. MINAH SIEUNEUN). Ni... Ni! Rk ka mana? (TEU DIJAWAB) Ni...!

NINI IHOT : (DATANG DEUI TI KAMAR BARI MAWA BAJU SOK KAPUTANEUN) Ih! (NGARRT KA MINAH TERUS DIUK DINA KORSI) Meni harars! Jung jung geura ka cai! Geura salat (MINAH MUGEN).

MINAH :Ah sieun. (KURAWEUD).

NINI IHOT : Ari ku jurig nu euweuh bungkeuleukanana sieun nyanh mah, ari ku... (BARI RARANGRORONG NINGALI KANA JARUM).

MINAH : Huh! (LALAUNAN).

II

WAKTU NINI IHOT JEUNG MINAH KEUR DARIUK DINA KORSI, DATANG AKI MADI.

AKI MADI : (NGETROKAN PANTO) Punten ...! Punten ...! (TEU AYA NU NMBALAN). Punten ...! (NGETROK DEUI) Punten ...! (MINAH DIUKNA NGISED KA LEBAH NINI IHOT).

NINI IHOT : Mangga! Pangmukakeun panto, Minah!

MINAH : Ih! Sakieu karareueungna.

AKI MADI : Punten ...!

MINAH : Iiiiy! Boa-boa ....

NINI IHOT : Buru buka panto! Bandel-bandel teuing nyanh th! (BARI REGAG-REGOG MINAH NGAGOLOYOH RK MUKAKEUN PANTO).

MINAH : (PANTO DIBUKA) Ah aki. Mangga ka lebet. Sisinanteneun sumping, wengi-wengi.

AKI MADI : Enya, tas ti nu maot. Aya perlu ieu th. Ihot teu ka mamana?

MINAH : Henteu. Mangga ka lebet Ki! (NINI IHOT BANGKENU).

AKI MADI : Kumaha Hot, cageur?

NINI IHOT : (TEU MALIR) Cageur. (MINAH TEU PUGUH CABAK. RK KA DAPUR ATAWA KA KAMAR SIEUN, ARI MILU MASAMOAN RA).

AKI MADI : Sukur ari cageur mah. (BARI DIUK PANONNA RARAT-RRT. SANGGEUS PASARAN KARRT, NGAGEBEG) Ari itu naon, Hot? NINI IHOT : (TEUGEUG) Pasaran. (MINAH NYOKOT SALAH SAHIJI KORSI TERUS DIUK DI JURU ANGGANG TINA PASARAN- TERUS BARI TUNGKUL NYOO KUKU).

AKI MADI : Ku naon bet aya pasaran di dieu? Keur saha? (HRAN).

NINI IHOT : (TATAG) Keur kami. Rk naon anjeun datang deui ka dieu?

AKI MADI : K ... k ... k ... lanan (KAGT). Aya naon ieu th? Lain urut ngagotong mayitna Icih ta th, mangkukna? (NINI IHOT TEU NGAJAWAB, JONGJON NGAPUT).

MINAH : (MANGJAWABKEUN) Sumuhun Aki, pasaran nu ical ta. Pasaran tilas ngagotong mayitna almarhumah Juragan Icih.

NINI IHOT : (MORONGOS KA MINAH) Naon Minah? Almarhumah ... almarhumah .... Juragan ... juragan .... Tukang rnten almarhumah? Lntah darat almarhumah? Tukang ngadagangkeun aww juragan? Tukang nyerot getih batur juragan? Yeuh Minah! Bisi teu nyaho, indung manh nepi ka hanteuna th alatan harta bandana ludes dirampid ku si kurang ajar. Si Karta jadi balangsak, si Junan jadi balangsak, si Inah jeung si Unn baruntak rumah tanggana, si Marno jadi glo. Kabh alatan si Icih, Si Kurdi, bisa jadi og jeung anjeun Madi.

AKI MADI : Ke, ieu th kumaha. Datang-datang disampakeun rajawisuna. Sabar heula Hot!

MINAH : (NWO-NWO) Enya Ni, ulah kitu. Da geuning mangkukna basa Almarhumah, ah Juragan ... ah ... enya Icih dicandak ka astana, meni sakitu ngaleutna nu ngajarajapkeun.

NINI IHOT : Tah nya ta pisan nu nyadarkeun kami th. Sihorng geuning kabh og geus lalolong. Geus teu bisa deui ngabdakeun mana nu bener jeung mana nu salah.

MINAH : Ni (PAUREUN) Ulah kitu Ni! Bisi aya cakcak bodas.

NINI IHOT : Kajeun teuing Minah, masing rk aya tok bodas og, teu sieun teu sing kami mah. Si Lurah deuih, meni asa nyolok mata buncelik. Hh Minah! Madi! Manh og nyaho meureun iraha baheula si Lurah datang ngalongok ka nu maot? Iraha? Basa aki nyanh maot (KA MINAH), basa indung nyanh. Terus basa si Unn katabrak karta api jeung loba-loba deui nu maot, can kungsi dilongok ku si Lurah, abong kna ka jelema miskin, jelema malarat. Naha ari ka si Icih teu sirikna dikerid jeung anak buahna.

AKI MADI : Ku naon ieu th? Jadi beuki bingung kuring mah.

NINI IHOT : Teu kudu bingung. Kami geus nyaho. Anjeun datang ka dieu th pasti rk neundeut piheuleut nunda picela.

AKI MADI : Ih teu pisan-pisan. Malah mah kuring th seja silaturahmi.

NINI IHOT : Ah teu percaya. Sabab sabenerna mah boh anjeun, si Icih, si Kurdi atawa si Lurah og teu aya bdana dina lebah dieu mah. Ngaruksak ....

AKI MADI : Hh Ihot! Ulah kabina-bina teuing nyarita th. Bisi tamiang meulit ka bitis.

NINI IHOT : Naon tamiang meulit ka bitis? Euweuh ... euweuh ....

AKI MADI : (AMARAHNA NAK) Hot! Teu beunang dipplingan anjeun mah. Da anjeun g sarua lebah lamokot ku dosa mah.

NINI IHOT : (BEUKI AMARAH) Naon dosa kuring?

AKI MADI : (NGAJLNG) Alus! .... anjeun inget knh ... saha nu dina waktu jaman kamerdikaan aww nu jadi langganan barudak bujang? Saha jelemana, aww nu katangkep di lembur urang nu jadi mata-mata Walanda?

NINI IHOT : Cukup!

AKI MADI : K heula. Saha nu sok ngabaruntakeun rumah tangga deungeun? Saha? (MINAH NYEMPOD, NUTUPAN CEULINA).

NINI IHOT : Cukup! Pitenah...! Kabh og pitenah! (MOLOTOT).

AKI MADI : Teu... teu bisa nyebutkeun pitenah. Sabab aya knh bukti sjn.

NINI IHOT : Mana?

AKI MADI : (NGARRT KA MINAH) Saha bapana nu sabenerna anak nyanh th? (MINAH NGARTIEUN KA NU DIMAKSUD KU AKI MADI, TERUS NUTUPAN CEULINA TEU KUAT NGADNGNASEDENGKEUN NINI IHOT BEUNGEUTNA JADI BEUKI BEUREUM).

NINI IHOT : Geus jemp Madi! (NYENTAK). Sabab kabh og teu leupas tina pagawan anjeun, Si Kurdi jeung Si Icih. Aranjeun kapan nu ngajual diri kuring ka Tuan Paksiong, nu cenah keur kapentingan perjoangan, lain kitu? Ayeuna anjeun rk mungkir? Aranjeun nu salah mah.

AKI MADI : Teu bisa! Anjeun nu salah mah.

NINI IHOT : Anjeun!

AKI MADI : Anjeun!

NINI IHOT : Anjeun!

AKI MADI : Anjeun!

NINI IHOT : Anjeueueueueueun...!!!

MINAH : Saruana ...!!! (AKI MADI JEUNG NINI IHOT JEMP. MINAH TERUS INDIT KA KAMAR BARI NYEGRUK CEURIK).

NINI IHOT : (SOLILOQUI) Kiwari kami geus kolot, umur geus tunggang gunung. Tapi najan kitu kaceuceub Kami mo lipur ku kerejutna kulit, mo laas ku bodasna buuk. Kacida teuing atuh da aranjeun mah nganyenyeri th. Kiwari kami boga karep, sammh nyawa ninggalkeun raga, kami hayang babakti heula.

AKI MADI : (RADA JEBI) Naon? Rk babakti ddngan th?

NINI IHOT : Enya bener! Naha kitu?

AKI MADI : Boga naon aya karep rk babakti th?

NINI IHOT : Teu boga nanaon. Tapi aya hat nu kiwari ceuk kami mah nu bogana, geus deukeut-deukeut kana beresih, sabab saeutik-saeutik kami mimiti deui ngajalankeun sagala tetekon agama.

AKI MADI : Alaaah... ulah waka adigung kakara sakitu mah. Ari itu naon? (NUNJUK KANA PASARAN) Meunang maok ta th, lin?

NINI IHOT : Oh ta. Kuring nyokot pasaran ta lantaran kairong mangpaatna leuwih ged batan madaratna. Jeung deui, ku jalan kieu sugan sarra nu ngadng jeung nyaho kana kajadian ieu bisa ngarti.

AKI MADI : (DI LUAR KADNG SORA INCUING). Ah Ihot, saha nu rk ngartina, sedengkeun kuring sorangan teu ngarti.

NINI IHOT : Bodo! Belet! Bodo katotoloyoh! (INCUING TERUS NGELAK) Cing Madi, tangara naon ta sora manuk th?

AKI MADI : Baheula mah ta sora th ciciren yn bakal aya nu maot. (RADA NYECELH) Tapi hanajakal kuring mah teu percaya kana tahayul.

NINI IHOT : Keun ba teu percaya og. Tapi tadi anjeun bieu nyebutkeun yn ta sora th ciciren bakal aya anu maot, lain kitu?

AKI MADI : Heueuh. Tapi, kuring teu percaya.

NINI IHOT : Minah! Minah ...! Saha di kampung urang nu gering parna? (MINAH TEU NGAJAWAB) Ah heueuh si Kurdi kapan nu gering parna th. Lain anjeun tadi tas ti si Kurdi, Madi?

AKI MADI : Enya! Naha naon kitu?

NINI IHOT : Moal salah deui, pasti si Kurdi nu dicabut nyawana ku Malaikat Ijroil th, nuturkeun pamajikanana. Alus, alus .... Pasti nyawana hs kaluar. Elok-elokan dina genggerong. Sukur ... sukur .... Malah kuduna mah diganggayong heula, ambh karasa nyerina. Bongan, nyawa lamokot ku dosa atuh.

AKI MADI : (NYECELEH) Kuring teu percaya saeutik-eutik acan kana ucapan anjeun. Ngacaprak. Yeuh Ihot bisi teu nyaho, jodo, pati, bagja, jeung cilaka lain manusa nu nangtukeun.

NINI IHOT : Rk percaya rk henteu kuma dinya. Moal maksa. Tapi kuring boga kayakinan pasti si Kurdi nu pah bieu th.

AKI MADI : Kuring teu percaya.

NINI IHOT : Kajeun, ceuk kami og teu percaya mah.

AKI MADI : Kuring teu percaya.

NINI IHOT : Madi, dngkeun! Upama isukan mayit si Kurdi rk dikuburkeun, ah, diruang. ta pasaran ku kami moal dibikeun.

AKI MADI : Naha?

NINI IHOT : Sabab si Kurdi teu boga hak pikeun mak ta pasaran.

AKI MADI : Naon sababna?

NINI IHOT : Sabab kami inget knh. Waktu balara ubyag arudunan keur nyieun pasaran, kapan si Kurdi jeung si Icih mah teu mr sapsr-psr acan. Malah mun teu salah mah, maranhna kapan nu

ngudagkeun anjing hrderna og. Atuh lalumpatan tah anu rk mnta sumbangan th. Ku kituna, si Kurdi mah teu boga hak pikeun mak pasaran ta, ngarti? Lian ti ta, ku ayana si Kurdi di alam dunya, kaayaan lembur jadi kacida ruksakna. Sabab nya manhna pisan nu ngadegkeun tempat palacuran, tempat man. Manhna nu mirucaan aya rnten. Jeung loba-loba deui kajahatan nu dipigawna. Jadi wajar upama kuring kieu peta th.

AKI MADI : Hot!

III

KEUR PANAS-PANASNA KU NU ADU RNYOM, TOROJOL ERUS DATANG MAKSUDNA RK NGABJAAN YN JURAGAN KURDI MAOT.

NINI IHOT : (NGETROK PANTO) Punten ...! (AKI MADI JEUNG NINI IHOT SILIH PELONG JEMPLING) Punten...! (NGETROK PANTO DEUI).

AKI MADI : (BARENG JEUNG NINI IHOT) Mangga...!

NINI IHOT : Sok asup w, da teu ditulakan. (KULUTRAK ERUS MUKA PANTO TERUS ASUP KA JERO).

AKI MADI : Geuning Erus. Hiap Rus ka jero!

NINI IHOT : Jang Erus? Sok diuk di dinya. (NUNJUK KANA KORSI).

AKI MADI : Tas ti mana, Rus? ERUS : (BARI NGASONGKEUN LEUNGEUN KA AKI MADI JEUNG KA NINI IHOT SASALAMAN) Ih apan tadi sareng Aki di nu tahlilan. Ari Aki mah teras mulih, abdi mah di ditu w ngemitan Juragan Kurdi,

da pikamelangeun. Upami teu ku urang nya ku saha deui da teu gaduheun putra. Ari wargi-wargina tararebih.

AKI MADI : Ari ayeuna kumaha?

ERUS : Sumuhun, euh.... (BINGUNG NYEBUTKEUNANA).

AKI MADI : Wales?

ERUS : Sans.

AKI MADI : Na naon atuh?

ERUS : Numawi.

AKI MADI : Numawi kumaha? Ih mani harars Erus mah. ERUS : (TUNGKUL TERUS NINGALI KA AKI MADI) Parantos ngantunkeun.

AKI MADI : Innalillahi wa innailaihirrojiuun.

NINI IHOT : Alhamdulillah....

AKI MADI : (BARENG JEUNG ERUS) Hah?! (OLOHOK).

NINI IHOT : Alhamdulillahirrobilalamiin....

AKI MADI : (NYENTAK) Hot!? Nanaonan ta th?

NINI IHOT : (TEU MALIR KANA OMONGAN AKI MADI) Sukuuuur...sukur.... Nya, Madi? Ceuk kami og, pasti Si Kurdi nu pah th. Moal nyalahan deui atuh da. (KA ERUS) Aya bja naon deui, Rus? ERUS : (KEUR BENGONG KAGEBAH TERUS CURINGHAK) Su...su...muhun aya knh....

NINI IHOT : Naon?

ERUS : Abdi th seja unjukan.... Tapi sateuacanna, abdi nyuhunkeun kaweningan galih Nini wirh abdi parantos ngalakukeun kasalahan.

NINI IHOT : (CURIGA) Oh rk menta pasaran, nya? Keur Si Kurdi? Moal... moal dibikeun. Kuring geus jangji ka diri sorangan, moal mikeun ta pasaran dipak ku Si Kurdi. Moal... moal.... Rujit kami mah....

AKI MADI : Hot! Ulah ka mana ba nyarita th. Anjeun teu kudu ngwa-ngwa teuing ka Kurdi th. Peupeuriheun keur hirup, cing atuh ari geus maot mah.

NINI IHOT : (KURAWEUD) Geus! Cukup Madi! Ti baheula og anjeun mah teu welh mangmeunangkeun Si Kurdi. Ka kami mah salah jeung salah w. Kitu salah, kieu salah. Ngan salah jeung salah w kuring mah. Abong kna ka adi tr.

AKI MADI : Enggeus! Bosen kuring mah ngadngna og.

NINI IHOT : Naha atuh?

ERUS : Ni... euh....

NINI IHOT : (NMPAS) Jang Erus, bjakeun nya engk ka ditu, teu aya kituh pasaran th.

ERUS : Su... sumuhun.... Sareng abdi th gaduh pisangemeun deui Ni.

NINI IHOT : Naon deui? (BINGUNG).

AKI MADI : Cing aya naon deui, Jang Erus?

NINI IHOT : Pok caritakeun. Tapi, upama rk mawa pasaran. Rk kumaha ba og moal dibikeun, ngarti?

ERUS : Ngartos.

NINI IHOT : Geura pok atuh!

ERUS : (MIMITI NYARITAKEUN) Kieu ieu th Nini. Basa dua sasih ka pengker, abdi ka dieu bad nyanggakeun serat, nanging Ninina teu aya, nuju ka srang. Minah sami teu aya, nuju ka padamelan.

NINI IHOT : (NMPAS) Surat ti saha?

AKI MADI : K sabar heula atuh, Hot.

ERUS : Serat ti Juragan Kurdi. (NINI IHOT KURAWEUD) Bad disimpen dina palupuh, dilebetkeun kana handapeun panto, sieun ical. Bad dipasihkeun ka tatangga, bilih dibuka. Da saur Juragan th, Omat ulah dikasasahakeun ieu surat teh, cenah. Ku abdi th dibantun deui w. Ari lami-lami, da seueur padamelan, lat w kana serat th kahihilapkeun, mut-emut tadi basa bad ngawartosan ka dieu, abdi ka rorompok heula ngabantun jkt. Na ari gorhl th aya serat tina saku. nggal w abdi th ka dieu.

NINI IHOT : Mana suratna?

ERUS : (NGUSIWEL KANA SAKUNA) Ieu! (DIBIKEUN KA NINI IHOT) NINI IHOT : (AMPLOP SURAT DIILIKAN TERUS DIBUKA NYOBA DIBACA, TEU KABACA) Minah...! Pangmacakeun surat (MINAH TEU NGAJAWAB) Minah...!

ERUS : Upami teu sawios-wios mah, cobi ku abdi dipangmacakeun (TERUS NYOBA DIBACA) Ih aksara serat gening. Teu tiasa aksara kieu mah. Cobi ku Aki.

AKI MADI : Ih boro-boro ti peuting, ti beurang og teu kuat ari maca th sok cirambay.

NINI IHOT : Minah! Minah...! Ih aya ku bandel anak-anakan th. (MINAH DATANG BARI BAKETUT) MINAH : Aya naon? (SANGGEUS NINGALI ERUS RAEUN) Euh... aya naon Ni?

NINI IHOT : Pangmacakeun surat! Tah diuk di dinya! (NUDUHKEUN KORSI GIGIREUN ERUS)

NINI IHOT : (BARI MIKEUN SURAT) Sing tarik macana. MINAH : (NGARRT HEULA KA ERUS TERUS IMUT BRAY SURAT DIBUKA) Kahatur Ihot di bumi. Ihot nu ku kuring kacida dipihormatna muga ku datangna ieu surat henteu ngajadikeun rengat hat. Ihot, geus aya kana dua bulanna kuring jeung pamajikan kuring mimiti tiktikbrek. Geringan. Ceuk rarasaan, kuring geus moal lila deui kumelendang di alam Pawenangan ieu. Ku kituna kuring boga karep sammh kuring maot, kuring hayang ngarasakeun heula nimatna meunang panghampura ti anjeun. Sabab dosa kuring ka anjeun th ceuk rarasaan mah bakal mapakan gunung Mahamru. Kacida pisan gedna. Mmang hanjakal, kuring sadar sanggeus sagala bak. Sanggeus umur ngan kari sakstan napas biola.

Harta bak dipak uubar. Anak baraya geus teu boga. Kuring ngan gulang-guling kadua Icih. Ihot, kuring miharep pisan, sangkan anjeun ngahampura sagala dosa-perdosa kuring. Duh Ihot. Kuring moal kuat nandangan seuneu naraka nu panasna sabagian geus karasa ku kuring ayeuna. Ngan sakitu pamnta ti kuring nu ged dosa. Kurdi NINI IHOT : (SANGGEUS TAMAT DIBACA NINI IHOT TUNGKUL SIMP)

AKI MADI : Hot? (KADENGE NINI IHOTNYERGRUK) Alhamdulillah....

NINI IHOT : Kurdi .... (TERUS CEURIK).

AKI MADI : Geus Ihot. Tong teuing dipak sedih. Anggur urang doakeun ku urang sangkan maranhna dihampura tina sagala dosana. Sabab kuring nyaho geus ampir opat bulan manhna ngamimitian deui ngajalankeun ibadah ka Pangran. Geus Ihot teu kudu sedih. (NINI IHOT BEUKI KAGAGAS). ERUS : (BARI ARAPAP-EUREUPEUP) Hapunten w Nini abdi. Wirh ta serat ku abdi parantos katlr-tlr.

AKI MADI : Keun wa Jang Erus, nu eunggeus mah. Da lain dihaja (NINI IHOT UNGGEUKUNGGEUKAN TANDA SATUJU KANA OMONGAN AKI MADI).

NI IHOT : Madi, Kang... Euh Kurdi ... Kurdi ... (BARI NYUSUTAN CIPANON NINI IHOT NGAJAJANTENG KNH)

You might also like