You are on page 1of 13

Kacaritakeun aya hiji karajaan,

katelah ngaranna Nagara Sokadana.


Karajaan anu kamashur mamur,
kawntar beunghar ka mana-mana,
ceuk paribasa mah ra ketan ra keton.
Ari rajana ngaran Prabu Dwakeswari.
Raja anu adil jeung bijaksana,
sarta nyaah ka sakabh rahayatna.
Enggoning ngajalankeun pamarntahanana,
Kangjeng Raja dibantuan ku hiji patih,
anu ngaranna Patih Lembu Jayng Pati.
Patih anu kakoncara percka loba kabisa,
pinter sarta asak tinimbanganana.
Anu matak dipikolot ku Kangjeng Raja.
Katambah-tambah kacida satia jeung satuhuna,
tara kacatur ngijing sila bngkok sembah.
Kacaritakeun Kangjeng Raja boga selir,
Tunjungsari nu asalna ti Balangbangan.
Keur geulis th had tata had basa deuih.
Nu matak kacida dipikaasihna ku Kangjeng Raja.
Komi deui basa nyaho Nyi Selir kakandungan mah.
Sabab Kangjeng Raja teu acan kagungan putra.
Boh ti pramswari, boh ti selir-selir sjnna.
Nyi Tunjungsari kacida pisan didama-damana,
lir nanggeuy endog beubeureumna.
Pramswari ngarasa timburu ka Tungjungsari.
Leuwih jauh ti ta, sieun kasilihkeun kaasih.
Ceuk pamikirna, lamun Tunjungsari boga anak,
geus moal henteu kanyaah Kangjeng Raja
bakal tamplok kabh ka Tunjungsari.
Malah bisa jadi anakna bakal jadi Raja Anom,
anu baris ngaganti Kangjeng Raja,
mangkon kaprabon di Nagara Sokadana.
Mangka harita kakandungan Nyi Tunjungsari
geus rk maju ka salapan bulan.
Ti dinya Pramswari nyieun rka perdaya,
pikeun nyingkirkeun Tunjungsari ti karaton.
Hiji mangsa Pramswari dodoni ka Kangjeng Raja,
pokna, Nun Kakang Prabu, awon nu kapiunjuk.
Pun Tunjungsari kagungan lampah teu uni,
cidra ka pangersa Kakang Prabu,
kapendak nuju bobogohan di enggon,
sareng hiji mantri anu ngaranna pun Panolih.

Bilih teu percanten mah seueur saksina og.


Kangjeng Raja henteu percanteneun.
Tuluy ba ngumpulkeun saksi-saksina,
sakumaha panuduhan Pramswari.
Kabh saksi nyaenyakeun carita Pramswari.
Ari sababna, kabh og anu jadi saksi,
geus meunang nyetlkeun Pramswari,
kudu nyarita kitu bari meunang bayaran.
Sabalikna lamun teu nurut ka Pramswari,
diancam baris dipocot tina kalungguhanana.
Pikeun leuwih ngayakinkeun Kangjeng Raja,
Pramswari ngadatangkeun Ajar Guna Wissa,
tukang tatapa sarta kaceluk luhur lmuna.
Lantaran geus sailon jeung Pramswari ta,
pok Ki Ajar nyarita, Awon nu kapiunjuk,
numutkeun sawangan sim abdi mah,
Nyi Tunjungsari parantos midua manah,
malih orok anu aya dina kandunganana og,
saleresna mah nya putra ti pun Panolih.
Ngadng omongan Ajar Guna Wissa kitu,
Kangjeng Raja kacida pisan ambekna.
Harita knh Tunjungsari jeung Panolih,
kudu dibawa ka leuweung sarta dihukum pati.
Kangjeng Raja nimbalan ka Patih Jayng Pati,
Cangkalak Si Tunjungsari jeung Si Panolih,
bawa ka leuweung sarta kudu dipahan di ditu.
Ayeuna knh tong diengkkeun deui.
Teukteuk ceulina sarta bawa pikeun bukti!
Gancangna ba Tunjungsari jeung Panolih,
dibanda bari digiringkeun ka leuweung.
Tapi ku lantaran Ki Patih apal ka nu saenyana,
yn Tunjungsari keuna pitenah pramswari,
duanana henteu nepi ka dihukum pati.
Tunjungsari disingkurkeun ka tempat anu buni.
Ari mantri Panolih dititah indit ti Sokadana.
Kabeneran deuih harita manggih mayit,
anu maot lantaran keuna ku sasalad,
ceulina diteukteuk disanggakeun ka Raja.
Bari dina kaayaan anu kacida prihatinna,
brol ba atuh Tunjungsari th ngalahirkeun.
Orokna lalaki, kasp nyepls Kangjeng Raja.
Ki Patih jeung pamajikanana ngalongok.

Orok th dipapangku jeung digalntoran,


ku Ki Patih jeung pamajikanana,
lantaran inget kana nasibna anu prihatin.
Terus ba ta orok th ku Ki Patih
dibr ngaran Radn Panji Lembu Wulung.
Anu katelah nnhna ba: Panji Wulung.
Panji Wulung kacida dipikanyaahna ku Ki Patih.
Mh saban waktu dilongokan jeung diasuh.
Ti leuleutik geus diajar rupa-rupa kabisa.
Ti peuting diajar nulis jeung maca lontar.
Ari ti beurang dilatih lmu olah kanuragan,
dibarengan ku dua pangiringna adi-lanceuk,
ngaranna Ki Janggala jeung Ki Janggali,
anu ngahaja meunang metakeun Ki Patih.
Panji Wulung og dilatih lmu kabedasan.
Bedas lantaran asak ku kabiasaan latihan,
lain ku jalan jamp pamak anu dipuasaan.
Panji Wulung kudu ngangkat timah jeung beusi,
unggal isuk ulah aya anu kalarung.
Sarta unggal po ta timah jeung beusi th,
beuratna kudu ditambahan saeutik-saeutik.
Pangaruhna katnjo kalawan ttla,
awak Panji Wulung jadi ngeusi jeung cangker,
sarta tanagana bedas hs babandinganana.
Sanggeus Panji Wulung nincak sawawa,
bbja ka Ki Patih nu jadi bapa angkatna,
yn manhna hayang ngalalana,
nangan luang jeung pangalaman,
sakumaha adatna nonoman alam harita.
Alus ayeuna Agus aya karep hayang ngalalana,
da mmang geus sakuduna og kitu lalaki mah.
Ulah kurung batok ngotok ngowo wa di lembur,
ambh pikiran terbuka jeung jembar panalar,
ceuk Ki Patih bari terus mr rupa-rupa pituah.
Tapi sammh Agus indit ngalalana,
Bapa hayang nguji heula kabedasan Agus,
ceuk Ki Patih deui dibarung ku imut deudeuh.
Panji Wulung kudu mentang gada beusi,
gada pusaka anu beuratna dua pikul.
Salian ti ta kudu mentang gondwa beusi,
anu gedna saged tangkal jamb.
Gada geus dijingjing ku Panji Wulung,
ditangtang-tngtng jiga nu hampangeun pisan.

Matak kagt kabh sakur anu ningali.


Ceg Panji Wulung kana gondwa beusi.
Gondwa geus kajungjungkeun gampang pisan.
Ceg kana panah beusi anu ged saged halu.
Tuluy dipentangkeun jauh pisan.
Surak kabh jalma anu naringali.
Ki Patih kacida pisan bungahna.
Ttla Panji Wulung tanagana bedas pisan.
Di Sokadana geus moal aya tandingna.
Geus meujeuhna lunta ninggalkeun lembur,
nangan luang jeung pangalaman anyar.
Kocapkeun Panji Wulung geus ngalalana,
lunta ti nagara dibarengan ku pangiring nu satia,
pangiring kembar Janggala reujeung Janggali.
Leumpang antar bari saruka bungah.
Mapay-mapay jalan, mipir-mipir pasir.
Sup ka leuweung ganggong sima gonggong.
Mapay jalan satapak paranti mileuweungan.
Tuluy reureuh handapeun tangkal kai badag.
Balakcrakan muka timbel bebekalan.
Keur kitu, torojol tilu jalma jarangkung ged.
Nyampeurkeun ka Panji Wulung saparakanca.
Karepna ark ngabgal anu keur lumampah,
sosorongot mnta barang babawaan Panji Wulung.
K heula, Paman, gampang masrahkeun
babawaan mah, ceuk Panji Wulung ka ta bgal.
Ayeuna mah urang pabedas-bedas tanaga.
Tuh, lamun itu catang bisa kaangkat ku Paman,
kuring seja nurut kana kahayang Paman.
Bgal-bgal asa ditangtang ku budak satepak.
Nyampeurkeun catang nu malang di jalan.
Tuluy dipanggul, tapi welh henteu kapanggul.
Malah kawiwirangan tangka prat-prt-prot hitut.
Catang dipanggul ku tilu bgal babarengan,
henteu bisa onggt-onggt acan ku tina beuratna.
Sok ayeuna jungjungkeun ku manh,
ku manh og tangtu moal bisa kaangkat!
Lurah bgal ngomong bengis ka Panji Wulung.
Ti dinya Panji Wulung manggul catang,
catang kajungjungkeun siga hampangeun pisan.
Lurah bgal anu ngaran Jayapati bluk nyuuh,
ngaku taluk ka Panji Wulung.

Kitu deui jeung dua baturna,


Kebo Manggala jeung Kebo Rarangin.
Seja milu ngalalana ka Panji Wulung,
ngitung lembur ngajajah milang kori.
20. Ayeuna Radn bad angkat ka mana?
Jayapati nanya ka Panji Wulung.
Kuring th hayang nangan luang
jeung pangarti, tmbal Panji Wulung.
Jayapati nyaritakeun yn teu jauh ti dinya,
aya patapan Ajar Guna Wissa,
resi nu katotol sakti manggulang-mangguling.
Anu matak loba anu guguru di dinya,
muridna datang ti mana ti mendi.
Panji Wulung ngadatangan patapan,
tuluy guguru ka Ki Ajar Guna Wissa.
Panji Wulung diajar rupa-rupa ajian,
ngawirid lmu kabedasan jeung kadugalan.
Beurang peuting mh taya reureuhna,
nepi ka sababaraha ajian apal cangkem.
Panji Wulung ngarasa kesel,
lantaran ngaji lmu bari teu jeung prakna.
Jadi henteu nyaho hasil tina diajarna.
Panji Wulung nepikeun ta hal ka Ki Ajar.
Ngadng kitu, Ki Ajar kacida ambekna.
Panji Wulung dicarkan laklak dasar,
disebut cucungah kumawani ka nu jadi guru.
Malah leuwih ti kitu, Ki Ajar anu barangasan,
nepi ka neunggeulna pisan ka Panji Wulung.
Tapi Panji Wulung henteu rngrot-rngrot.
Nnjo kitu, Ki Ajar beuki napsu ba.
Panji Wulung diteunggeul sirahna ku tongkat,
tapi kalah ka tongkatna anu potong.
Ngarasa dianiaya bari teu tuah teu dosa,
Panji Wulung og henteu cicingeun.
Jung nangtung pasang kuda-kuda,
der ba gelut patutunggulan jeung Ki Ajar.
Murid-murid Ki Ajar milu narajang,
bla ka nu jadi guru, ngoroyok Panji Wulung.
Nnjo kaayaan kitu, Janggala jeung Janggali,
Jayapati, Kebo Manggala, katut Kebo Rarangin,
maju ngabla ka dununganana, Panji Wulung.
Limaan dirempug ku jalma puluh-puluh,

tetep tagen henteu katmbong ripuh.


Malah murid-murid Ki Ajar loba anu kasoran,
teu kuat ngayonan Panji Wulung sabalad-balad.
Ki Ajar tarung patutunggulan ka Panji Wulung.
Mimitina ngadu tanaga, sarua kuat jeung bedasna.
Ti dinya ngadukeun pakarang gagamanana.
Ki Ajar mesat gobang, Panji Walung nyabut keris.
Ahirna Ki Ajar Guna Wissa nepi ka patina,
beuteungna budal-badil ditewek ku Panji Wulung.
Sanggeus guruna perlaya mah,
murid-muridna bubar katawuran,
baralik deui ka lemburna swang-swangan.
Panji Wulung neruskeun deui lalampahanana,
ngitung lembur ngajajah milang kori,
nangan luang jeung pangalaman anyar.
Janggala jeung Janggali henteu tinggal,
kitu deui Jayapati jeung dua baturna,
anu ayeuna beuki ajrih ba ka Panji Wulung.
Salila leumpang Janggala-Janggali cacarita,
yn saenyana Ajar Guna Wissa th,
resi anu sapongkol jeung Pramswari,
pikeun nyingkirkeun ibuna Panji Wulung.
Janggala buka rusiah ka Panji Wulung.
Anu sastuna, Radn th putra Raja Sokadana,
da ari Radn Patih mah mung rama pulung,
ceuk Janggala anu dihaminan ku Janggali.
Ngadng kitu, Panji Wulung kacida kagtna.
Barabat atuh Janggala nyaritakeun,
kajadian sawatara taun ka tukang di Sokadana.
Nyi Tunjungsari, ibuna Panji Wulung ta,
dipitnah ku Pramswari boga lampah srong,
bobogohan jeung hiji mantri ngaran Panolih.
Pramswari sapongkol jeung Ajar Guna Wissa,
nepi ka omonganana dipercaya ku Kangjeng Raja.
Ahirna Nyi Tunjungsari disingkurkeun ku Patih.
Panji Wulung nganuhunkeun ka Janggala,
anu geus muka rusiah lalakon hirupna.
Henteu karasa, Panji Wulung anjog ka basisir.
Di tengah laut katingali kapal cai labuh jangkar.
Teu lila aya sawatara kalasi turun tina sampan,
hanjat ka darat rk ngala cai nginum keur di kapal,
apan cai laut mah teu bisa dipak nginum.
Panji Wulung sabatur-batur milu kana sampan.

Terus haranjat kana kapal cai rk milu balayar.


Ka mana ba balayarna ta kapal cai ark milu.
Henteu puguh anu dijugjug da keur ngalalana.
Anu penting mah bisa meuntas lautan.
Ari anu boga kapal th urang Malayu Patani.
Umurna ngora knh, ngaranna Dang Bramani.
Marih knh turunan Raja-raja Bugis ti akina.
Dang Bramani amprok jeung Panji Wulung,
dunana ngarasa cop jeung lelembutanana,
tuluy ba sosobatan lir dulur pet ku hinis.
Ti dinya kapal cai maju deui ngambah sagara,
anjog ba ka Tanah Patani lembur Ki Dang.
Panji Wulung kacida dibagakeunana,
kacida disenangkeunana ku Dang Bramani.
Meunang sataun ngumbara di Patani,
Panji Wulung neruskeun deui lalampahanana,
Panji Wulung sabaladna indit ka Cempa,
Inditna dibarengan ku Dang Bramani,
anu embung paanggang jeung sobatna.
Dang Bramani jeung Panji Wulung,
geus kedal jangji ark terus babarengan,
ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak.
Datang ka Nagara Cempa,
Panji Wulung jeung batur-baturna,
lumampahna milemburan masisian.
Nepi ka hiji lembur anu singkur,
Panji Wulung bubujang di hiji tukang tani.
Molah sawah molah kebon dilakonan,
henteu tumarimpang bobolokot ku leutak.
Pagawanana nyugemakeun si tukang tani,
lantaram hasil tatannna cukul leuwih ti biasa.
Kacaritakeun dina hiji mangsa,
ta lembur diserang jeung diranjah ku bgal.
Urang lembur teu daya teu upaya,
ngayonan bgal anu jumlahna leuwih loba,
barengis sarta taya ras-rasan pisan.
Panji Wulung jeung Dang Bramani,
katut parapangiringna anu limaan ta,
merangan bgal nepi ka loba anu pah,
sawarh deui kalabur katawuran
Bgal anu nysa ngan kari tujuhan,
tujuhanana taraluk ka Panji Wulung,

sarta jangji rk satia satuhu ka Panji Wulung.


Sanggeus aya kana sataunna cicing di dinya,
Panji Wulung neruskeun deui lalampahanana.
Mapay-mapay leuweung geledegan.
Ayeuna mah anu leumpang th jadi lobaan,
da ditambahan ku urut bgal anu tujuhan ta.
Kabh ngarasa ajrih ka Panji Wulung.
Anjog ba ka hiji tegal upluk-aplak.
Ti kajauhan katnjo aya hiji aww,
anu keur dipaksa pirusa rk dirogahala
ku lalaki jangkung hideung kawas badawang.
Panji Wulung nyokot gondwa jeung panahna.
Si lalaki dipentang, keuna pisan kana tarangna.
Harita knh ngajungkel teu nyanggapulia.
Si aww disampeurkeun ku Panji Wulung.
ta aww ngagabrug ka Panji Wulung,
ceurik bungah geus leupas tina marabahaya.
Aww geulis keur meujeuhna rumaja putri.
Ku Panji Wulung ditalk pangna bisa aya di dinya.
Barabat atuh nu geulis nyaritakeun lalakonna.
Ari ngaranna anu sastu Putri Andayaningrat,
putri kadeudeuh Kangjeng Raja Cempa.
Nyi Putri dipaling ku Mantri Panglima Banggali,
mantri anu purah ngurus gajah di Cempa.
Mantri anu kacida dipercayana ku Kangjeng Raja,
bet henteu nyangka ahir-ahir boga lampah nirca.
Maling Nyi Putri ku cara rka perdaya.
Kocapkeun kaayaan di Nagara Cempa,
harita keur guyur jeung tagiwur,
Nyi Putri dibawa kabur ku Mantri Panglima.
nggal Kangjeng Raja ngmbarkeun sambara.
Saha-saha anu bisa meunangkeun deui Putri,
komo bari jeung mahan Mantri Panglima,
baris dikawinkeun ka Nyi Putri anu geulis,
sarta diangkat jadi Raja Anom di Cempa.
Jalma-jalma ubyag narangan Nyi Putri,
sakuliah nagara disaksrak taya nu kaliwat.
Aya mantri ngora ngaranna Andakasura,
Manhna manggihan Mantri Panglima Banggali,
geus jadi mayit ngajoprak di tegal sisi leuweung.
Andakasarura ngabohong ka Raja Cempa,
Mantri Panglima geus dipahan ku manhna.
Ari Nyi Putri cenah henteu kapanggih di dinya.

Raja Cempa jeung Pramswari kacida sedihna,


disangkana Putri Andayaningrat geus maot,
sarta dirogahala ku Mantri Panglima.
Panji Wulung ngutus Dang Bramani
pikeun ngirimkeun surat ka Raja Cempa.
Eusi suratna ntlakeun yn Nyi Putri salamet,
sarta ayeuna keur aya di jalan rk ka karaton.
Surat geus katampa sarta terus dibaca.
Kangjeng Raja bungah anu taya papadana,
nampa surat ti Panji Wulung.
Harita knh Kangjeng Raja nimbalan Patih,
mantri, katut paraponggawa lianna,
pikeun nyieun upacara mapag Nyi Putri.
Raja Cempa jeung pramswari kacida bungahna.
Panji Wulung dikawinkeun jeung Nyi Putri,
sarta harita kenh dijenengkeun Prabu Anom,
ngaranna diganti jadi Pangran Dwa Kusumah.
Ari Dang Bramani jadi Demang Urawan.
Der ngayakeun psta tujuh po tujuh peuting.
Tatabeuhan ngageder mh taya eureunna.
Jelema datang ti suklakna ti siklukna.
Kacaritakeun Mantri Andakasura anu julig.
Kanyahoan bohongna ku Kangjeng Raja,
anu ngaku-ngaku geus mahan Mantri Panglima,
sarta nyebutkeun Nyi Putri geus taya di kieuna.
Andakasura rk dihukum gantung di alun-alun.
Kangjeng Raja mnta timbangan Prabu Anom.
Andakasura dihampura ku Prabu Anom,
sarta dibbaskeun tina hukumanana,
asal dak enya-enya satia-satuhu kumawulana.
Tapi Mantri Andakasura kalah ka nyucud.
Ti peuting kabur ka Nagara Gilingwesi.
Mangadu ka Raja Gilingwesi anu majar sakti.
Raja Cempa geus jalir jangji pasang subaya.
Ka Raja Gilingwesi, Andakasura tetep ngaku,
yn manhna anu mahan Mantri Panglima,
tapi Nyi Putri kalah dikawinkeun jeung nu lian,
jeung jalma anu henteu puguh asal-usulna,
ari manhna cenah kalah diusir ti nagara.
Raja Gilingwesi anu katelah barangasan,
kasundut ku caritaan Mantri Andakasura,
anu salawasna ngagogorng Raja Cempa,

tapi bari ngalem muji-muji Raja Gilingwesi.


Lamun kitu mah Raja Cempa kudu diwarah!
ceuk Raja Gilingwesi bari ngagidir ambek.
Harita knh marntah Patih mepek balad,
pikeun ngarurug ka Nagara Cempa,
bari sakalian ngiwat Putri Andayaningrat.
Ngadng bja nagarana rk dirurug
ku Raja Gilingwesi anu majar sakti,
Raja Sepuh miris bari rada humar-hemir.
Sawios Ama mah calik-calik ba,
Raja Gilingwesi bad dipayunan ku sim abdi,
ceuk Prabu Anom ka Raja Sepuh.
Prabu Anom dibarengan ku Demang Urawan,
harita knh mepek balad di alun-alun.
Leugeudeut indit mapag musuh di palabuan.
Prajurit Cempa ngadago musuh di palabuan.
Teu lila daratang pasukan ti Gilingwesi.
Jlung-jleng tina parahu di sisi basisir.
Dipapag ku prajurit Cempa di darat.
Der perang campuh kacida ragotna.
Prajurit Cempa diluluguan ku Dang Bramani,
perangna taya kagimir taya karisi.
Pasukan Gilingwesi kattr loba nu pah.
Sawarh kalabur mubus ka leuweung.
Raja Gilingwesi lumpat ngabecir,
karepna ark kabur kana parahu.
Keur lumpat dipegat ku hiji mantri,
mantri nu keur kakaburan ti Gilingwesi.
Raja Gilingwesi ditewek beuteungna ku keris.
Raja Gilingwesi perlaya sapada harita.
Ngajoprak teu usik teu malik dina kikisik.
Prajurit Gilingwesi anu harirup knh,
serah bongkokan ka Sang Prabu Anom.
Mantri anu mahan Raja Gilingwesi,
ditalk ku Prabu Anom asal-usulna,
sarta pangna mahan ka Raja Gilingwesi.
ta mantri ngaranna anu sastu Sudarma,
keur kakaburan ti Nagara Gilingwesi,
lantaran henteu satuju kana lampah raja,
anu marntah karajaan sakarep ingsun.
Ngan wungkul mikiran kasenangan pribadi,
ari rahayatna hirup susah jeung loba kasieun.

Mantri Sudarma dibawa ka Karaton Cempa,


kitu deui jeung prajurit Gilingwesi nu geus taluk.
Sudarma diangkat jadi patih di Gilingwesi,
ngaranna diganti jadi Patih Kalana Suraludira,
minangka wawakil Raja Cempa di Gilingwesi.
Der atuh ngayakeun psta rongkah,
urang Cempa jeung urang Gilingwesi ngahiji,
suka-seuri suka-bungah psta babarengan.
Dina hiji mangsa, Raja Sepuh ngaraos,
yn anjeunna geus meujeuhna lirn jadi raja.
Nya kalungguhanana dipasrahkeun ka mantuna,
anu geus katulup sarta kauji wewesnna,
sarta katingali nyaahna ka sakumna rahayat.
Prabu Anom kapapancnan mangkon kaprabon,
ngaheuyeuk dayeuh di Karajaan Cempa,
katut sawatara nagara jeung darah bawahanana.
Gelarna anu anyar Adipati Dwa Kusumah.
Kocapkeun Patih Jayng Pati di Sokadana,
patih anu ngarorok Panji Wulung keur budak,
ayeuna geus boga anak lalaki sawawa,
ngaranna Radn Panji Pamekas.
Radn Panji dijadikeun anak kukut ku Raja,
lantaran Kangjeng Raja teu kagungan putra.
Malah digadangkeun baris ngagentos anjeunna,
jadi Prabu Anom di Nagara Sokadana.
49. Patih Jayng Pati inget ka Panji Wulung,
keur kitu torojol utusan ti Raja Cempa,
Demang Urawan katut Janggala Janggali.
Ngirimkeun surat ti Panji Wulung,
anu ayeuna geus mangku kaprabon di Cempa.
Sanggeus dibaca sarta dibaca eusina,
Ki Patih jeung pamajikanana kacida bungahna,
henteu nyangka saeutik-saeutik acan,
yn Raja Cempa anu anyar th Panji Wulung.
Kacaritakeun Sang Prabu Dwakeswari,
waktu keur moro ngobrol jeung Ki Patih.
Raja nyaritakeun yn geus sababaraha kali,
Nyi Tunjungsari datang dina impianana.
Patih meunang kasempetan had pikeun balaka,
yn saenyana Tunjungsari masih knh hirup.
Malah anakna, nya anak Raja Dwakeswari,
anu harita masih knh aya dina kandungan,
kiwari geus ngadeg raja di Nagara Cempa.

Barabat atuh Patih nyaritakeun lalakonna,


ti mimiti Tunjungsari diusir ti karaton,
lantaran dipitenah ku Pramswari,
nepi ka nampa surat ti Raja Cempa.
Raja bungah ngadng caritaan Patih kitu.
Timbul benduna ka Pramswari anu julig.
Harita knh Tunjungsari diala ka karaton,
sarta dijenengkeun jadi pramswari,
ngaranna diganti jadi Ratu Sekar Kancana.
Ari pramswari anu julig ta dipanjara.
Ki Patih dijurung ka Cempa ku Kangjeng Raja,
dititah ngala Raja Cempa katut pramswarina,
supaya bisa kabawa duanana ka Sokadana.
Ki Patih jeung pamajikanana katut pangiringna,
balayar ka Nagri Cempa nohonan timbalan Raja.
Kocapkeun geus balik deui ka Sokadana,
dibarengan ku Raja Cempa katut pramswarina.
Pikeun ngajalankeun pamarntahan sapopo,
dipercayakeun ka Patih katut sawatara mantri.
Tepi ka Sokadana rombongan ti Cempa
dipapag ku upacara anu kacida rongkahna.
Kangjeng Raja katut pramswari anyar ta,
nyacapkeun kasono jeung putra kadeudeuh,
Panji Wulung anu ayeuna geus jadi Raja Cempa.
Ti dinya Kangjeng Raja masrahkeun kaprabon.
Tuluy babadamian jeung Panji Wulung,
nya dipasrahkeun anak ka Radn Panji Pamekas,
minangka pamulang tarima kana kasatiaan Ki Patih.
Radn Panji diistrnan, gelarna Prabu Dwabrata.
Kocapkeun Mantri Andakasura anu julig,
nyaho Cempa ditinggalkeun ku rajana,
tuluy mangaruhan Patih katut mantri lianna,
sangkan nyingkirkeun Prabu Dwa Kusumah.
Mh sakabh pangeusi karaton kapangaruhan,
lantaran dibr duit jeung rupa-rupa hadiah,
iwal mantri kolot nu ngaran Ngabei Martadipura.
Ki Ngabei dicangkalak sarta dipanjara.
Kitu deui pangeusi karaton sjnna
anu teu dak biluk ka Ki Patih jeung Andakasura.
Prabu Dwa Kusumah jeung rombonganana,
tepi ka palabuan Nagara Cempa ti Sokadana,
dipapag ku pasukan Patih jeung Andakasura,

Rombongan Sang Prabu ditmbakan ti darat.


Keur kitu torojol kapal perang ti Gilingwesi,
mantuan Sang Prabu ngalawan anu merangan.
Pasukan Ki Patih jeung Andakasura teu tahan,
sawarh perlaya, sawarh deui serah bongkokan.
Ki Patih jeung Andakasura katangkep.
Minangka hukumanana keur Ki Patih,
diturunkeun pangkatna jadi mantri biasa,
lantaran sammhna kaitung ged jasana.
Lampahna anu cidra lantaran kaangsonan
ku Andakasura anu teu welh sirik pidik.
Ari Andakasura dibawa ka alun-alun,
tuluy dihukum gantung di dinya.
Mantri-mantri anu mantuan Andakasura,
dihukumanana luyu jeung kasalahanana.
Aya anu dipanjara, aya og anu dipocot.
Pikeun gaganti patih anu geus cidra,
Demang Urawan dijenengkeun jadi patih,
ngaranna katelah Arya Patih Surng Jurit.
Kuwu Palabuan anu nangkep buronan,
Ki Patih jeung Andakasura di basisir,
dibr tanah jeung ngabawah somahan.
Kitu deui mantri katut ponggawa nu satia,
kabh pada meunang hadiah ti Raja.
Sang Prabu Dwa Kusumah
tetep tumetep di Nagara Cempa,
dibarengan ku Arya Patih Surng Jurit,
henteu tinggal Janggala reujeung Janggali.
Kitu deui Jayapati jeung batur-baturna,
tetep satia satuhu ka Sang Prabu.
Ibu-ramana katut Patih Jayng Pati,
linggihna dikumakarepkeun ba,
sakapeung di Sokadana, sakapeung di Cempa.
(Diropea tina Wawacan Panji Wulung, RH Muhammad Musa)

You might also like