You are on page 1of 25

3

BAB II
BAHASAN
A. Carita Pantun
Carita pantun mangrupa hiji seni pintonan carita pitutur / lisan Sastra
Sunda bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi. Pantun dipidangkeun ku
saurang juru pantun nu oge maenkeun kacapi.
Ajip Rosidi (1966:1) netelakeun, yen nu dimaksud carita pantun nya eta
sarupanin sarita rekaan panjang anu dilalakonkeunana umumna alam Pajajaran
jeung alam behditueunana. Ilaharna pgelaran mantra lumangsung sapeuting
jeput ti mimiti bada Isa nepi ka wanci subuh. Carita pantun enya-enyana mah
media sastra snda buhun nu mangrupa manifestasi jiwa sunda baheula,
fungsina

nembongkeun

jiwa

jeung

kepercayaan

pakumbuhan

nu

ngahasilkeunana. Gunana di masyarakat, ceuk Tatang Sumarsono (1986 : 33),


dina mangsa katukang tukang mah pagelaram carita pantun teh lain ngan
ukur keur hiburan wungkul tapi dianggap pagelaran anu raket patalina jeung
kepercayaan, upama bae dina ngaruat, mere ngaran orok, sunatan.
Mitembeyan tandur, mungkas panen.
Bisa jadi eta anggapan teh kiwari ge masih keneh hirup lantaran carita
pantun dianggap sacral tea. Lian ti keur hiburan jeung kagiatan-kagiatan nu
raket patalina jeung kepercayaan, kiwari carita pantun jadi bahan
panalngtikan, lantaran ceuk Ajip Rosidi (1983 : 13), carita pantun gede
mangfaatna jeung kajembaran basa jeung sastra sunda. Malah keur widangwidang pangaweuruh sejenna kayaning : sajarah, antropologi, ethograpi,
kaparcayaan. Lian ti eta carita pantun baris mere katerangan ngeunaan
kahirupan-kahirupan urang sunda baheula, baris bisa mere bahan pikeun
ngayakeun rekonstruksi hirup kumbuh sunda buhun. Kulantaran gede
manfaatna tea, carita pantun tibeh ditu keneh ges dikumpulkeun, dibukukeun
jeung ditalungtik, Carita Pantun mangrupakeun hiji seni pintonan carita pitutur
atau lisan sastra Sunda kuna bari ditembangkeun sarta dipirig ku kacapi.
Pantun dipidangkeun ku saurang "juru pantun" nu oge maenkeun kacapi.
Carita pantun nyata carita Sunda buhun anu sok dipagelarkeun kalawan

dipirig mak kacapi. Jalma anu magelarkeun carita pantun disebutna Tukang
Pantung atawa Juru Pantun. Umumna umurna geus kolot sarta loba diantarana
anu lolong
Ayeuna mah kasenian pantun th geus mh tilem. Juru Pantun loba nu
geus pangsiun tina profsina. Pangna kitu lantaran ayeuna mah geus langka
anu nanggap. Sanajan kitu aya knh Juru Pantun anu ngeureuyeuh. Gentnggentng ulah potong cenah, sataun sakali mah aya knh anu sok manggung,
utamana dina acara ngaruat imah, ngaruat lembur, atawa dina rngs pann.
Ti taun 50-an ka ditu mah kasenian pantun th karasa tur katmbong
majuna. Mangsa harita mah kacida dipikaresepna ku masarakat patani
padsaan. Harita pantun raket patalina jeung tata kahirupan urang lembur.
Juru pantun boga kalungguhan minangka juru panerang di masarakat, mh
sarua jeung kalungguhan dalang wayang golk dina jaman ayeuna. Nu matak
juru pantun mah kudu jalma anu ngawasa kaparigelan jeung miboga
pangaweruh anu jembar.
Pantun th hiji wangun kasenian titinggal karuhun urang. Bda jeung
kasenian lianna, anu jadi lulugu dina pantun nyata karya sastrana anu
mangrupa leunjeuran lalakon atawa carita. Lalakon anu turun tumurun nepi
ka kiwari dina wujud lisan. Hanjakal ku generasi kiwari mah kurang
dipikaresep lantaran meureun karasana geus tinggaleun jaman, henteu
nyaritakeun kaayaan jaman kiwari. Padahal carita pantun th pituin milik
urang Sunda.
Magelarkeun carita pantun kudu dirojong ku sarana upacara, upamana
nyadiakeun parukuyan jeung parawanten.

Parukuyan

th

tempat

keur

meuleum menyan, ari parawanten nyata wadah tempat sasajn, kayaning:


kembang tujuh rupa, roko, eunteung, sisir, minyak, jsb.
Sammh magelarkeun carita, juru pantun sok meuleum menyan heula,
tuluy mapatkeun rajah pamuka dipirig mak kacapi. Eusina rajah nyata
menta idin ka karuhun atawa para dwa ngarah anu mantun jeung anu
nanggapna

salamt.

Rngs

ngarajah,

kakara

juru

pantun

ngalalakonkeuncarita. Pagelaran pantun bisa tepi ka sapeuting atawa dua


peuting jeput, lantaran umumna carita panjang.

Carita pantun umumna nyaritakeun Karajaan Pajajaran jeung Karajaan


Galuh.

Lamun

lalakon

geus

tamat,

sok dipungkas deui

ku

rajah,

disebutnarajah pamunah atawa rajah panutup. Galur carita pantun umumna


ngabogaan pola anu sarua, nyata: nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu keur
nangan lmu pangaweruh, di satengahing jalan meunang cocoba, tepung
jeung putri geulis, mulang deu ka karajaan sarta diangkat jadi raja. Carita
pantun

anu

kawentar

diantaran: Lutung

Kasarung, Ciung

Wanara,Mundinglaya di Kusumah, Badak Pamalang, jeung Nyai Sumur


Bandung.
Carita pantun atawa lalakon pantun nyata carita rkaan anu dilalakonkeun
ku juru pantun dina pagelaran ruatan (ritual) anu disebut mantun. Mantun
biasa dipirig ku kacapi sarta biasana dihaleuangkeun. Carita pantunbiasana
dipagelarkeun sapeuting jeput nepi ka tutug th dimimitian ti bada isa. Ukuran
carita pantun umumna paranjang. Malah aya lalakon nu kakara tamat ku tilu
peuting, saperti lalakon Badak Pamalang. Dumasar kana mdiana, carita
pantun gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu mr kesan pamohalan.
Carita pantun th kaasup sastra lisan. Turun tumurunna jeung sumebarna
tatalpa ku cara lisan. Munasabah upama dina kamekaranana timbul
sababaraha versi. Aya pantun Bogor, aya pantun Priangan, jeung pantun
Baduy.
Upama nilik kana eusina, carita pantun th umumna ngabogaan pola nu
sarua, nyata ngalalakonkeun lalampahan raja-raja atawa satria teureuh Prabu
Siliwangi, Raja Pajajaran, anu keur ngalegaan nagara anyar, atawa nangan
pijodoeun.
Ari pola jalan carita pantun umumna th kieu: Satria ngalalana, upamana
ba lantaran nangan putri pipramswarieun. Sapanjang ngalalana, loba
kajadian anu karandapan, saperti peperangan jeung musuh. Ahirna satria
Pajajaran th unggul perangna, tuluy ngadahup ka putri, sarta ngadeg raja.
Nilik kana alur caritana, aya dua golongan, nyata galur leunjeuran jeung
galur simpay. Galur leunjeuran nyata galur carita nu ngaleunjeur, lempeng.
Kapanggihna tina nitnan ruruntuyan kajadian dina unggal pisodeuna. Dina

pungkasan caritana, anu ngalalakon th henteu kacatur mulang deui ka nagara


asalna. Sabada nglhkeun sababaraha nagara th tuluy tumetep ngaheuyeuk
nagara patalukan nu pangahirna. Dina galur simpay, palaku utama th ahirna
bisa mulang deui ka nagara asalna sanggeus ngalalana meunang rupa-rupa
dodoja, cocoba, sarta pribadina beuki punjul.
Lalakon pantun nu kaasup golongan galur simpay th henteu ra. Contona:
pantun Ciung Wanara, Lutung Kasarung, jeung Mundinglaya di Kusumah.
Lalakon pantun anu leunjeuran caritana galur simpay th, umurna leuwih
kahot (batan anu caritana galur leunjeuran).
B. Papasingan carita pantun
Seni carita pantun dipidangkeun dina bua bentuk :
a. Pikeun hiburan :
Dina pidang hiburan, anu sok dicaritakeun teh gumantung ka carita
nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu naggap.
b. Pikeun ritual :
Sedangkeun dina pidang ritual, anu sok dicaritakeun teh
gumantung ka carita nu dikawasa ku juru pantun, atawa gumantung nu
naggap. Misalna, ruwatan, caritana sarua jeung dina pitonan wayang,
layaning Batara Kala, Kama Salah, atawa Murwakala.Pintonan pantun
biasana dipirigkeun kira jam 02.00-05.00. rajah dina pintonan ruwatan
leuwih panjang sarta katembong sakral batan dina pintonan hiburan nu
ilaharna dipintonkeun kira jam 20.00-04.00. najan dipidangkeun tujuan
hiburan pantun, pantun teu bisa kitu bae dianggap. Masyarakat Sunda
nganggap pantun teh masih mibanda watek sakral sarta sok dipatalikeun
jeung upacara ngamulyakeun karuhun. Ku kituna, pintonan pantun biasana
sok dibeungkeut dina struktur pintonan baku nu caritana museur ka
kahirupan raja-raja Sunda atawa carita masyarakat Sunda.

Sacara umum, pola pintonan pantun bisa diudar dina susunan


kie:
a) Nyadiakeun sasajen.
b) Ngukus menyan.
c) Rajah Pamunah.
d) Carita ti bubuka nepi ka panutup. Sarta
e) Ditutup ku Rajah Pamungkas.
Carita pantun umumna diwangun ku tilu bagian, nyaeta :
a) Rajah Pamuka.
b) Eusi carita. Jeung
c) Rajah Panutup.
Rajah pamuka guna pikeun sanduk-sanduk ka karuhun sangkah
salamet, boh nu mantun boh anu dipangmantunkeun, katut nu lalajona.
C. Sumebarna Carita Pantun
Carita pantun mangrupa hiji wanda seni nu kawilang geus kolot. Catetan
pangkolotna nu nyebutkeun ngeunaan pantun aya dina naskah kuna
Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian taun 1518nu nyebutkeun ngeunaan
carita pantun Langgalarang, Banyakcatra, jeung Siliwangi nu dipidangkeun ku
prepantun (juru pantun tea).
Kamekaran seni carita pantun salajengna dicirikeun ku nambahanana
carita-carita pantun nu ajenna dianggap luhung, kayaning carita Lutung
Kasarung, ciung Wanara, Mundinglaya Dikusumah, Dengdeng Pati Jaya
Perang,Ratu Bungsu Kamajaya, Sumur Bandung, Demung Kalangan, jsd. Di
Kanekes nu masyarakatna hirup di budaya kuna, seni pantun teh dalit pisan.
Anu ilaharna dipidangkeun dina ritual kaagamaan / adat diantarana
carita Langgasari Kolot, Langgasari Ngora, jeung Lutung Kasarung.

Kamekaran carita pantun geus nyatetkeun sababaraha urang juru pantun


anu kawentar dina mangsana. Di Cianjur misalna, aya R. Aria Cikondang
(abad ka-17) sarta Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka-19). Awal
abad ka-20, di Bandung aya Uce, sedengkeun dina panengahan abad ka-20, nu
kawentar teh Pantun Beton Wikatmana.
Salaku kasenian anu hirup di jaman Hindu nepi ka Islam, teu matak aheng
mun ungkara jeung ajaran ti juru pantun teh mangrupa campuran eta dua
jaman. Najan aya istighpar (Islam), istilah-istilah sarupaning Dewata,
Pohaci, para karuhun, buyut, jsb. Kasenian carita pantun nu mibanda
ciri budaya Sunda, utamana tina hal kapercayaan Sunda Kuna, ngajadikeun
carita Pantun beda hambalan jeung kasenian Sunda lainna. Pikeun urang
Sunda mah, pantun teh mangrupa media pikeun ngararasakeun deui
(panineungan) kana mangsa nanjungna kaadaban masyarakatna. Kiwari seni
pantun geus loba nu ninggalkeun. Juru pantun nu aya keneh teh geus kari
sababaraha urang.
D. Bagian-bagian carita pantun

Upama nilik kana wangunna, carita pantun th mangrupa wangun ugeran


(puisi). Di jerona diwangun ku sababaraha bagian; aya bagian rajah, bagian
dskripsi, bagian narasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah.
1. Rajah
Bagian rajah th biasana sok ditembangkeun ku juru pantun sammh
mangkat carita. Eusi rajah mangrupa sanduk-sanduk ka karuhun lantaran rk
ngamimitian mantun. Sanduk-sanduk th hartina mnta idin, mnta pangraksa
jeung pangriksa ti nu ngageugeuh ta lembur sangkan saralamet. Mnta
kasalamtan th lain keur nu dipangmantunkeun ba tapi kaasup nu mantun
jeung nu lalajo ta pantun.
Nilik eusina, rajah th lain mangrupa bagian tina carita. Tapi sanajan kitu,
mangrupa bagian penting dina pantun. Rajah mangrupa salah sahiji ciri utama
anu ngabdakeun carita pantun jeung seni (sastra) sjnna. Nu matak pantes
upama aya nu nyarita, lain carita pantun upama euweuh rajahan.

Rajah th salilana aya di bagian awal carita pantun. Aya nu panjang, aya
nu pondok deuih. Panjang-pondokna rajah jeung bda-bdana rajah henteu
gumantung kana carita nu dilalakonkeunana, tapi leuwih gumantung ka juru
pantunna. Sanajan caritana bda, upama dilalakonkeun ku juru pantun anu
sarua, bisa jadi rajahna og henteu bda.
Conto rajah pamuka dina carita pantun Lutung Kasarung:
Bul kukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papayung,
ka dwata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rk diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu bahayu,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang,
bisina nerus narutus,
bisina narajang alas,
da puguh galuring tutur,
ngembat papatan carita,
ti mendi papisinieun,
ti mana pacaritaeun,

10

teuteureuh ti kahiyangan,
ditandan cupu manik,
cupu manik astagina,
dituruban ku mandepun,
diteundeun di jalan ged,
ditunda ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,
ku nu terang bujaksana,
ku nu rancag di angen,
dibuka patinghaleuang,
nu mnta dilalakonkeun,
cag!
teundeun di handeuleum sieum,
tunda di hanjuang siang,
paranti nyokot ninggalkeun.
(Dicutat tina Panca Warna IIA)

2. Narasi
Bagian narasi atawa nyaritakeun, ditepikeun dina mangsa juru pantun
nyambungkeun hiji kajadian kana kajadian saterusna. Bda jeung rajah katut
Caturkeun ratu di manggung, carita di kahyangan. Guru Minda
kajadian dskripsi (papantunan), lebah bagian narasi mah henteu
kahyangan, anak dwata cikalna, titisan Guru Hyang Tunggal, seuweu batara
ditembangkeun. Tapi sanajan kitu angger ba dipirig ku kacapi najan ukur
di langit, ngabujangga di paradwata, kasp taya papadana, keur
digalantangkeun ba og.
meujeuhkeun
teguh
cangcut.
Conto
narasi dina
carita
pantun Lutung Kasarung :
Tuluy ngimpi kagungan bbn, sarupa jeung Sunan Ambu; ngalingling
ngadeuleu maling. Enggeus nganggo raksukan, salin jenengan kana Lutung
Kasarung; kasarung ku sadulur, kasimpang ku barayana.
Cedok nyembah, indit ngusap birit, angkat ngusap sinjang, bisi
kawiwirangan keur ngawula

11

3. Dskripsi
Bagian dskripsi nyata bagian anu ngagambarkeun tingkah paripolah
tokoh carita dina hiji kajadian, saperti putri dangdan, lngsr lumpat, satria
perang, satria ngapung, hayam diadu jeung sajabana. Salian ti ta, bagian
dskripsi th ngagambarkeun og pangrasa hate saperti sedih, ngangres,
ngenes, ambek, hareneg, jeung sajabana; sarta ngagambarkeun kaayaan.
Bagian dskripsi sok dihaleuangkeun ku juru pantun, nu matak sok disebut
og papantunan. Kaasup bagian nu pikaresepeun, lantaran umumna juru
pantun ngagunakeun gaya basa babandingan anu lucu tur karikatural pikeun
ngagambarkeun kajadian atawa kaayaanana.
Conto dskripsi dina pantun Lutung Kasarung, ngagambarkeun
kaayaan Purbasari sanggeus diborhan kler nahun ku Purbararang:
Ludak-ldok diborhan,
lain teu wuni boborh,
dipulasan kler nahun,
nu geulis ngadadak gorng,
hideung batan wadah teuleum,
bangbang awak batan gagak,
ngan sorotna henteu leungit,
sasemu knh jeung Ambu,
pakan jiga kiramay,
karmbong saburubutan,

12

salindang sariga rambang,


dibahan boboko buntung,
bawaeun linggih di gunung.
Deskripsi anu ngagambarkeun satria dangdan:
Toroptopan trptpan,
sacokot-cokotna meunang,
sabeulit mahi sagolk pangkk,
sacangkreud pageuh,
nyigihkeun calana panji,
sabuk dantun tali anyar,
keris buat mantalan sari,
gogodongna si julang anom,
disorn tungtungna ba,
kkwr dicind kembang,
panjangna sadeupa mideur,
susumping kembang jayanti
4. Dialog
Bagian dialog atawa paguneman nyata paguneman antara parapalakuna.
Sakumaha umumna dina karya sastra lianna, dialog th di antarana pikeun
ngagambarkeun watek atawa karakter palaku, ngalancarkeun jalan carita, sarta
nepikeun gagasan-gagasan. Contona:
a. Paguneman antara Purbararang jeung Purbasari dina pantun Lutung
Kasarung:
Adi, sia hayang hirup ta henteu?
Tth, teu kangkat, teu ngalangkungan mapalang. Mana hirup ku
Gustina, mana mawas ku Sang Widi, waluya ti kawasana, teu beunang
dipak kahayang kaembung; ing hal kari kumaha pangersakeun jeneng Si
Tth
Lamun sia hayang awt hirup, di ditu pienggoneun sia, di Gunung

13

b. Paguneman Purbararang jeung Lngsr


Ah, Mama Lngsr, baga teuing, iraha dongkap? Tmbalna Mama
Lngsr Jagong carang, Ratu Emas!
Jadi Mama Lngsr th kakara hol? Atuh sukur, Mama Lngsr boa tos
noong heula?
Aduh Ratu Emas, ulah tadah-tuduh kanu puguh, ulah ngangaranan ka
nu enya, palias teuing lamun teu tas noong
Nya sukur Mama Lngsr, lamun teu tas noong mah. Tapi lamun tas
noong, ulah pupulih ka batur, ulah cacarita ka tatangga, ari uar-uar mah kajeun
5. Monolog
Monolog th nyarita sorangan atawa nyarita dina jero hat. Contona
monolog Lutung Kasarung dina pantun Lutung Kasarung.

Karunya teuing ku Aki Panyumpit, gila ku ruksak, dideuleu pakuwon,


jeg lain enggon jalma. Rk neneda ka Sunan Ambu, ka Ambu neda pituduh,
ka Rama neda papatah, muga tulus nya pangjurung, muga laksana pangjiad;
6. Rajah Panutup
rk misalin Aki Panyumpit, peuting ieu (Tina Galuring Sastra, karya
Budi RT)
Puun Sapuuuun Hyang Prabu Wastu
Pangampura anu diseja
Boh bisi langkung nya saur
Boh bisi bah nya cark
Kami ngan darma mitutur

14

Lalakon dilalakonkeun
Puun Sapuuuun Hyang Suwargi
Sang Lumahing Nusa Larang
Sing langgeng di kasucian
Lumanggeng di Kahyangan
Ngahiji jeung Maha Suci
Nya Hyang Sda Niskala
Puuuun Sapuuuuuuuuuuuuun.

E. Conto carita pantun


Salah sahiji conto carita pantun nyaeta diantarana carita Ciung Wanara,
Lutung Kasarung Lutung Kasarung, Mundinglaya di Kusumah, Aria Munding
Jamparing, Banyakcatra, Badak Sangorah, Badak Singa, Bima Manggala,
Bima Wayang, Budak Manjor, Budug Basu atau Sri Sadana atawa Sulanjana,
Bujang Pangalasan, Burung Baok, Buyut Orenyeng, Dalima Wayang,
Demung Kalagan, Deugdeug Pati Jaya Perang atau Raden Deugdeug Pati
Jaya Perang Prabu Sandap Pakuan, Gajah Lumantung, Gantangan Wangi,
Hatur Wangi, Jaka Susuruh, Jalu Mantang, Jaya Mangkurat, Kembang
Panyarikan atau Pangeran Ratu Kembang Panyarikan, Kidang Panandri,
Kidang Pananjung, Kuda Gandar, Kuda Lalean, Kuda Malela, Kuda Wangi,
Langla Larang, Langga Sari, Langon Sari, Layung Kumendung, Liman Jaya
Mantri, Lutung Leutik atau Ratu Bungsu Karma Jaya, Malang Sari,
Manggung Kusuma, Matang Jaya, Munding Jalingan.

15

Conto Teks Carita Pantun Kembang Panyarikan


Asyhadu alla ilaha ilallah, wa asyhadu anna muham-madar rasulullah.
Sang pedah putri manik, sap kaen sang pada herang, nang manik geusan
tetep, sing araning menyan, sang limar putih ratna, cur kumancur pangabukti
kaula, kang wecan ku-ma ceuk Alloh, ka kawasa, ka pangeran, ka aulia
sanga... karo, ka rasulullah muhammad, sim jisim muhammad, sayi-dina
muhammad, Alloh huma soli ala sayidina, Alloh Alloh sayidina muhammad.
Ya Alloh, sim kuring ngaula pihatur, ngahaturkeun pangabakti, ka wa
dalem dingin, ka embah kuwu sangkan ci-rebon girang, nu asal embah
pangeran panjunan, jisim kuring kudu melek, piwarangan ki ayip, melek
papantunan nu digurit, taya lian, jisim kuring rek nyuhunkeun pitulungna,
supayadiparengan berekah salamet, tandang waras waluya, ieu nu rek digurit
papantunan, melek ti peuting, marteda ka gusti nu pasti, ka Alloh nu kawasa,
ieu maksud-maksad, ngahaturi pangabakti ka wa dalem dingin, sabadegana, ka
embah kuwu sangkan cirebon girang, nu asal embah pange-ran panjunan,
nuhunkeun idin, ieu dumeh caritaan, bakal ditukil, turunkeuneun ka incu
putra, kita mah nyuhunkeun widi, jisim kuring ngahaturkeun pangabakti,
saeutik-eutik-keun ge disuhunkeun, ka wa dalem dingin sunan purba, ka sunan
kalijaga, ka sang ratu dangiang, turunan widadari pa-tang puluh, tuakeun
dagang isun, ka pangeran jurus, ka sangiang ringgit, ka guna kusumah, ka
galuh adam babar bu-ana, ka sangiang rancasan, ka gending sanga gending,
sanggakeun hatur pangabakti simkuring.
Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga kemitan, windu ieu, taun ieu, bulan
ieu, poe ieu, peuting ieu, ngahaturkeun pangabakti.
Ngahaturkeun pangabakti, ka indung bumi, ka bapa langit, ka indung tilu,
ka bapa opat, ka papat pangeran, ka opat pangeran dasar bumi.
Ngahaturkeun pangabakti, ka nu boga taun dalapan, bulan duabelas.

16

Ngahaturkeun pangabakti deui, jisim kuring, ka nu pa-ra dedemit sadaya,


para dedemitbandung, nu cicing di tengah cai, di birit leuwi, di hulu dayeuh,
jisim kuring nuhun-keun deui, rek ngahaleur picatur, mapaykeun caritaan.
Sim kuring ngahatur pangabakti, ka para dedemit sadayana, teu diwijiwiji, saterasna hatur pangabakti, ka urang sawerga maniloka, ka para
bujangga, para dewata, para pohaci, para widadari, ka ibu, ka rama, nu aya di
sawarga maniloka, nuhunkeunwidi, sim kuring seja ngahaleur pitutur,
mapaykeun caritaan.
Saterasna hatur pangabakti, jisim kuring, ngahaturkeun pangabakti, ka
para wali, ka para nabi, para sahabat, ka para malaikat, ka para wali salapan,
ka sapuluh walinunggal.
Jisim kuring ngahaturkeun pangabakti, saeutik-eutikeun nu disuhunkeun,
mugi ulah janten kabenduan, margi dikota, bilih kurang jungkrang sareatna,
saratna, mugi kersa ngahampura, dumeh ieu, lain ngarajah, lain munah, dumeh
cariosan rek ditukil, pikeun pageto, turunkeuneun ka incu putu, ahirjaman,
sakitu pihaturna saeutik, jisim kuring, bilih luput nyebut, salah ngucap, mugi
kersa ngahampura, ka ituna, ka ieuna, ka sadayana bae, disuhunkeun
pitulungna, su-paya berekah salamet, waras waluya, gampang balik, ti laer
mandele, mustakil damel jati kaula, bisi deuleu papadang ati, ka ti pati samar,
cocokna cop ka ati, estuning estulah saeutik, aki soleh soteh, nu aran di jero
kurungan aing, sumebar papadang ati, laer barang, narowongan ka ati sun, ti
ka ret, sakaol cet recet, ingetan digurat-gurat, timu deui sing kuring, sing
kuring na tungtung biwir, sang karancang na tungtung letah, sang ratu...ratu
gumilang, rasa sajagat, diri sang ratu luhung, sajagat kabeh, saca maruih inten,
sarang tumeka ning badan, kandeg kalangsu, gunung timbal eleh, ka lawe laut,
tangkalna ngaheuleut, pepet ka heuleut, gunung raksa cakrabancana, uklah
sieuh beuteung ceurik, geus tueuk ceu-rik, geus pajeng munah bae, munahan
jeung nyebutkeun, hula ilahuma, ijrail, minkail, isropil, jabrail, isun ring kong
koncong, kiyen sadina mangku anggawa nur sakti, isun sakti, kawasa sakti,

17

tak tibakena ciancamaya, wadukan hulu, cit peujit, darma mangjantenkeun,


dipegateun jaman ratu maesa berhala, tipadaleman.
Bul putih ngaraning kukus, tampalirih ngaraning parukuyan, ratna
gumilang ngaraning menyan, kukus aing me-nyan putih, kang ngelun ka
manggung, ka sang rumuhun, ka guru putra hyang bayu, guriang tan
katingalan, nu lungguh di lingga wulung, nu herang di lingga omas, nu calik
dina lemah putih, putih aing jeung tarima, aing nginjeum ka sadang kasaktian,
keur naon eta diinjeum, da herang dijero raga, nu putih tunggaling aing, nya
aing nu tunggal putih.
Bul kukus aing ka handap, kahandapka sang nugrahan, ka basuka ka
basuki, ka betara kabetari, ka betara naga raja, ka betari naga danti,
pangmancatkeun aing ka sang windu-rarang, mangka terus ka nu ngasuh,
mangka datang ka nu wenang, ngenta widi ti nu sakti, mun salah benerkeun
aing, mun bener asuhan aing, ku pohaci windurarang, cacap pangkat disalin
deui.
Iring-iring bukit jati, gunung rompang candra lentang, susukan tanjakan
bankjaran kembang, nunjang ka bukit bu-rangrang, nyanghulu ka gunung
guruh, cacap pangkat disalin deui.
Ahung ku sang rarawana, rawana huriping beurang, tilu pangkat majar
ahung, ahung lungguh tanpa buana, aci bumi, aci buana, aci tumang balang
paksa, nya sia mah nya nurmaya, ret ka manggung, ret nangkuban, nu hejo
awaking, neut malik ti luhur, teu kenging kaluluhuran, teu kenging
kalelengkahan, awaking nu seda sakti, awaking nu seda leuwih, dungkuk aing
dungkuk sang yuga, sang yuga sang racik seda, nya sia mah nya nurmaya, ret
ka manggung, hurung batan kanjut ruyung.
Mambrang batan candradita, putih batankembang pacing, ti pakuan renta
danti, siliwangi nya pakuan, siliwangi ti pakuan limbangjaya.
Kocap, cihaliwung nunjang ngidul, cisadane nunjang ngaler, nunjang ka
bukit burangrang, nyanghulu ka gunung guruh, ci peucang ka tebeh wetan, ti

18

tengah cirancamaya, pamuruyan gajah putih, kiruh ti hilir ti girang, ti tengah


cinembarang herang, gunung manik mandala tiga kapanten, eusina dewata
dua, dua sarerah sagala, keur meujeuh nu ngukus muja, nya kudu make
parawanten, make dicokotan deui, ditibakeunna ka tarekate dunia, dalem tapa
tarekate nya dunia dalem tapa seuweu ratu nu lalembut, lembut batan me-rang
buuk, badag batan merang henca, nu lembut mah seu-weu ratu, nu badag
seuweu kaula, sup asup kana parungpung buuk, didamaran tengah poe,
parandene teu kadeuleu, sang ku paeh oray buana, ti manggung, sup asup ka
pusereun agung, aya di manggung, sang ku paeh oray buana ti handap, aya di
handap, neukteuk beuheung rawana, kula teh megat-keun apus, kumendeng
megat jalan kumarintang, bisina mada-madawi, da aing mada-madawi, tes
manetes, maya mas, maya lenggang kancana, aing nu nangtung si nguwungngu-wung, si dengdang si ngawang-ngawang, dingaran sumangga wenang,
nya aing si anggawenang, ratu patanjala seda, aing nu wisesa di buana
pancatengah, basa nyusuk cihaliwung, basa mengkong cisadane, ngababakan
di jambudipa, ngadu-dukuh di jambuluwuk, sang batara susuk tunggal, nya
aing katelahna, sang batara susuk tunggal.
Neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sang ratu teja
gelangan, cacap pangkat disalin deui.
Ahung buta kasundulan, ahung buta kasunian, hol bumi, hol langit, hol
manusa, hol setan, manusa lawas, setan lawas, pada sirna, salamet ta kula
mipir baribis, ulah sindang barang geusan, cacap pangkat disalin deui.
Ahung guruh limanputih lalakina, ahung guru sang seda malela, ahung
guru sang seda tunggal, sang tunggal sang rajah punah, sang punah sang
darma jati, tanah lemah tukuh bumi, tukuh buana, dat musna sirna, ilang tanpa
ka-rana, mulya kara-kara ista, ora bayane, cacap pangkat disalin deui.
Ahung guru pucuk hyang bayu, sang pamunahing rajah, hyang nu seda
mah puguh bae, maha mulya, pangmu-nahkeun aing itu, pangmunahkeun aing
ieu, hyang wisesa, ratu wisesa, aing nu wisesa di buana pancatengah, langit

19

munah, bumi munah, ka punah kapara wisesa, kawisesa ku awaking,


sumuwuh pamunah ratu, ngabalungbung tampa puhun, cacap pangkat disalin
deui.
Hurip nu ngarajah, mangka hurip nu dilalakonkeun, hurip jaya di buana,
hurip jaya di kurungan, asup sukma bayu ka kurunganana, hurip jaya di buana,
hurip jaya di kurungan, kantun neda mulus rahayuna, sadayana, marteda ka nu
kawasa, agung kula nya paralun,neda panjang pangam-pura, cacap pangkat
disalin deui.
Raden Panji arummangu, raden palawiru, raden kian santang, isun jaluk
sora sia, sunda becik, sunda ngawih, sunda babut, iku teka gustine raratu
galuh, cacap pangkat disalin deui.
Kun paya kun, babu awah, bapa adam, usik nyaring sari nu kasih, neut
hudang sarinu rarang, kula mung neda ngaapal, pangaitkeun aing kacapi,
mangkana tanghi ti peuting, mangkana hudang ti beurang, mana usik ku
pamilih, mana hudang ku tarima, mangka harus batan calung, mangka ngear
batan gangsa, roh betan kaula, ngaler-ngetan sora nu reh, sora daek jeung
kacapi, nya kacapi nya awaking.
Agung kula nya peralun, neda panjang da pangampura.
Caturkeun, urang cuang caritakeun, cuang diajar mupulihkeun nu bihari,
mopoyakeun nu baheula, diguratkeun, diguritkeun, kana pucuk gebang
pondok lontar, ecekan guguluntungan, sabeulit tamba pamali, sakecap tamba
buagan, tamba lebur pituturan, tambailang kalagian, bising aya jurig anu
nyiliwuri, bising aya setan anu ngewa-ngewa, tamba sepi nu di bumi, tamba
rehe nu dibale, tamba euwah-euwah da-tang, palias kula ngadatangkeun mah,
da teu nerus narutus, narajang alas, da puguh lungguhing galuring pantun,
ngahudang ngaraga wayang, ngembat papatan caritana nu ba-heula, neda
agung kaula nya paralun, neda panjang pangam-pura, bakalan kajenggut tuang
kukuncung,

kajambak

tuang

paparas,

kacokot

tuang

jojompong,

20

kahudangkeun tihang panggung, kakipaskeun taken wayang, ti mendi


picaritaeun, ti citeres, ti kahiangan, citeres ti kahiangan.
Cupu dicupuan deui, diwadahan ku cupu manik, eh.. astagina, dituruban
ku mandepun, ditilaman ku sarat tangan, sok teundeun di handeuleum sieup,
tunda eta di hanjuang siang, paranti neundeun carita.
Nyokot bari ninggalkeun, palias ditunda dinya, diteundeun di jalan gede,
handapeun caringinkurung, dibuka ku nu maliwat, gebyar, ku nu sakti tan
kabudi, ku nu seda tan kabuka, ku nu bisa ngabujangga, nu rancage di
angenna, weruh-weruh wijaksana, suksila raja betara, agung kula nya paralun,
neda panjang da pangampura, eusina mustika jalma, tambahan ti citeresan, ti
citeres, ti kahiangan, di ngaran panji haleuang, pating derengdeng, pating
haleuang, nu menta dilalakonkeunana, eusina putra patutan, putra patimu
jeung ratu.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah wetan, watekna mah bising
perang tampa sangkan, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka
tampa laranganana.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kidul, watekna mah bilih
perang tampa puhun, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka
tampa laranganana.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah kaler, watekna mah bilih
perang tampa seler, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa
laranganana.
Palias kula munnyaturkeun menak ti sabeulah luhur, watekna mah bilih
perang tampa pulur, merangan geger landesan, niat kaula megatkeun ka tampa
laranganana.
Palias kula mun nyaturkeun menak ti sabeulah handap, watekna mah bilih
perang tampa sadap, merangan geger landesan, megatkeun kaula ka tampa
laranganana.

21

Seja kula rek diajar, nyukcruk seuweu ratu nu bahayu, rek mapaykeun
seuweu raja nu baheula, anu tuhu urang caturkeun,anu gelar urang caritakeun,
pan luput kula ba-yuan, mun salah kula pagahan, mun bener kula asuhan,
pindingan, neda agung nya paralun, neda panjang pangampura, ka sadaya
nubakal dicarioskeun.
Salian ti ratu kulon, lamun kulon kadi katon.
Tanjak barat ka pajajaran, nu ngujur dina pangambung, nu salat dina
pangucap, nu ngancik dina panitih, seler patih ranggalawe, nu calik dina
panitih, nu seler ti ranggalawe, nu tirih ti siliwangi, pencaring ti
mundingwangi, pencaring ti mundingwangi, diseuweuan da ratu agung, nu
agung di gunung bubut, nu muter di karantenan, nu calik di gajah depa,
pangcalikanana ku kuningan, kuningan direka munding, tambaga direka kuda,
emas direkakeun gajah, panjangna sadeupa mider, direkakeun gajah depa,
eukeurna kumpul mungpulung, sacekan sareanana.
Ngariung para nu jangkung, ngajajar
Ujaring cinarios, lampah ratu kembang panyarikan, "mas ratu!, nam buruburu urang bisi kalepasan, cundukkeun ka ratu, sebakeun ka nu jadi raja".
"Kakang bakal sim kuringmah, ti tadi ge moal daek cunduk ka ratu, moal
daek seba ka raja, sebab lengoh ka-lempohan, kadar mawa puyuh sahiji,
ngerakeun ku deu-ngeun-deungeun, wirang temen ku deungeun-deungeun,
tinimbang ka ratu, terus ka raja, urang cuang pulang deui bae, ka nagara
urang."
"Beu..ana kitu, temen maneh hayang mawa, naon nu dibawa?"
"Kakang bakal sim kuring mah, daek-daek dicunduk-keun ka ratu,
disebakeun ka menak, ulah peuting, ulah beu-rang peuting ge mangga, lamun
mawa anjung-anjung wesi jimat, eusinamunding bulu hiris, kuda bulu landak,
embe bulu songket, kalicangket jangjang mayang, papatong jang-jang salaka,

22

jeung bokor salongo, eta kaula daek, lamun mawa barang eta, cunduk ka ratu
seba ka menak..mangga."
"Beu..payung agung gelang gading, ari ngucap sok sembarangan, di mendi
atuh nu kitu ayana?, si kakang sapanjang namgtung bumi, nunjang
lemah..kakara ngadenge, anjung wesi bagbagan wesi jimat."
"Inggih duka ayana mah dimana..kakang bakal, da kaula ge teu terang,
ngan bae numutkeun ari aya ngaranna mah, kudu aya banda barangna."
"Bener ceuk pangucap mah gampang, biwir handap jeung nu luhur, tapi nu
enya di endi ayana eta?, perkara jimat anjung wesi bagbagan wesi."
"Teu langkung sakumaha pangersa sampean, kakang bakal, lamun bae
keresa maha, mangga ilari,teu kersa mah sawios, mangga urang cuang pulang
deui bae, ka nagara urang."
Ditinimbang ku raden, "tinimbang kami teu tepung deui jeung ratu, teu
tepang deui jeung raja, kajeun teuing te-lat di jalanan.
Peklamun maneh tetela, hayang dibelakeun ku si ka-kang, mangka daek
ngantian di dieu, di mega malang!"
"Inggih..mangga kakang bakal, kula ngantosan, ulah samarganing
taun..bulan, najan windu kula moal welwh ngantos, di dieu di mega malang."
"Pek ulah undur kalayuan, ulah leumpang kalayatan, yen kakana teu acan
datang, cirining teu acan hasil pamak-sadan."
"Inggih mangga kang bakal, kula sanggem ngantosan", "tutug timus perele
panteg, kakang ayeuna widian..bayi, sar-ta dungakeun."
"Mangga..rek angkat, muga-muga salamet sampean nu angkat, nu
dikantun kula, muga-muga diparinan salamet, sarta muga-muga sing laksana
paneda, sing hasil nya pa-maksadan."
Kacarios ratukembang panyarikan, gadang ngantun-keun saderek, payung
agung gelang gading, di mega malang.

23

"Permisi mas ratu", "mangga launan..leuleuyan, sam-pean kang bakal".


Kacarios, ratu kembang panyarikan, ti mega malang, kolear..., kolear...,
kolear..., kamana nya ragrag?, kacarios buana pancatengah kaliwat, bening
kesit mudunna, paralak, kolear..., gejlig.
Ka mana raden nya mudun?, kacarios mudunna raden, ka nagara buana
larang, handapeun buana tengah, kuda ramenantak gajah ramenantak, nu
kasebat.
Sasumpingna raden ka nagara buanan larang, langlang-lingling, kumis
baplang sangga dulang, jalma nu taya ka-inggis karisi, taya karempan taya
kasieun, ratu kembang pa-nyarikan.
"Adi..kuda ramenantak!, gajah ramenantak!, dewek datang teu dihormat
adi!"
"Ieung..pangampura..lanceuk, pamugi-mugi hampura, kana kaluput-lepat
kula, bagea sampean!", "neda adi!", "Tas ti mana sampean?", rek ka
mana..raka?
"Dewek nu matak ka dieu datang, rek namyakeun kamaneh, coba-coba
dewek menta anjung wesi, bagbagan we-si, eusina kuda bulu landak, munding
bulu hiris.
Embe bulu songket, kalicangket jangjang wayang, papatong jangjang
salaka, jeung bokor salongo, sok..lamun gableg, sia serahkeun ka dewek,
lamun teu gableg, ancur lemburna, bebas nagara disambut, diwuluku
digagacek diurus ku dewek!.
"Ieung..raka ari sampean, sok ngaget-ngaget ka kula, bujeng-bujeng kula
ngagaduhan nu kitu, ngaranna ge kula kakara nyaho, anjung wesi bagbag
jimat."
"Sok adi serahkeun ka dewek, ulah bobad ula goro, serahkeunadi!"

24

"Inggih kula teu ngagaduhan, bilih sampean teu percanteun mah, mangga
ilari di patempatan kula, goletrak teu aya naon-naon."
"Maneh diperih pati, dipalar modar ku dewek, ayeuna luput teu bisa
nyerenkeun buktina, anjung wesi bagbagan wesi, menta beja di mana nu aya,
bejakeun ka awak sok!"
"Ieung..kaula nu matak ge teu ngadenge-denge, bejana nu bogaeun."
"Sok bejakeun ka dewek!, ulah bohong ulah bobad, ramenantek!, lamun
teu mere barangna, teu mere bejana, ancur leburna, bebas nagarana disambut,
diwuluku digagacek, diurus ku dewek!"
"Ieung..inggih kula mah, da teu ngadenge-denge beja-na."
"Piraku adi?, sok bejakeun ka dewek..sok!"
Kuda ramenantak gajah ramenantak, bakating ku sieun, dumeh aya
ponggawa kitu petana, kapaksa.
"Ieung..raka!, tapi sampean poma-poma, lamun sampe bisa laksana, ulah
bebeja meunang kabar ti awak."
"Moal adi!, sok bejakeun!, sok! sok!"
"Kula ari terang mah henteu, ngan ngadenge beja wungkul, eta nubogaeun
anjung wesi, bagbagan wesi jimat saeusina, kajaba di nagara buananyungcung,
kasebat nu bo-gana, kasebat tumenggung rangga walian..raka."
"La-la-la..ari buana nyungcung, lebah mendi adi?", "ieu handapeun buana
kula, salapis deui", "beu..naha handapeun negara maneh, aya deui buana?"
"Inggih ceuk beja mah aya, hiji nagara galendor, anu gaduhna enjang
buana, kaduana buana nyuncung, nu gaduh-na tumenggung rangga walian."
"Ceuk beja di dieu nu boga?", "enggih leres..raka, ngan sampean upami
datang ka sampe bisa, eta nyandak jimat, peupeujeuh ulah bebeja, yen
meunang beja ti awak".

25

"Na hade..adi?", "aduh..sing heman, sebab eta tu-menggung rangga


walian, kocapna gagah, teuas tulang liat kulit, totosa bojana kulit, alamat sieun
dirurug nagara ku-la..raka!"
"Beu..kitu adi?", "enggih..leres", "ayeuna dewek permisi adi!", "rek ka
mana raka?, alon heula masing tetela, masing nyata", "dewek rek ka nagara
buana nyungcung.. adi!"
"Inggih leres alon heula, tapi eta perkara di nagara buana nyungcung,
tumenggung rangga walian, tohaga perkawis nu jaga negara, pagerna ge
paripaos lain awi,lain kayu, lain batu, lain waja, lain beusi", "kutan? ku naon
pagerna..adi?".
"Kacarita kupara ponggawa bae, saputer karaton nyi-ger, matana lir mata
simeut, sadaya pada batoton, nyandak pedang jeung tumbak, gada racak,
nyiger saputer karaton, sampean kinten-kinten sanggup?"
"Jah..sagala sapira sipil!", "lian ti eta aya deui raka!", "naon adi?",
"kacarios aya oray laki, sagede catang kalapa, sampean moal sieun?",
"ah..sapala-sapira-sipil!","aya deui raka!", "naon adi?", "tiwuan ge sagede
hayam bibit, sampean kinten-kintenna moal sieun?", "ah..sapala-sapira-sipil!",
"aya deui raka!", "naon adi!", "waliwis putih sagede tampir, sampean moal
sieun?", "sapala-apira-sipil!", "lian ti dinya aya deui raka!", "naon adi!",
"hileud sagede gulungan kasur!, sampean moal sieun?", "ah..sapala-sapirasipil!", "aya deui raka!", "naon adi?", "kacaraios ietuk jimat kabuyutan,
ngagolang di tengah jalan!", "sapala-sapira-sipil!", "aya deui raka!", "naon
adi!", "kampaan beusi ngahalangan jalan, nutup muka ku manehna, sampean
kira-kira bisa ngarepeh-keunnana?", "ah..sapala-sapira-sipil!"
"Tah ku kituna raka, lamun sanggem sampean, jeung eta perkawis nu
jagana, ponggawa saputer karaton, sakuriling bangking, pada nyandak
pakarang, sampean moal si-eun..raka?"

26

"Ah..sapala-sapira-sipil!", ceuk kuda ramenantak, jero atina,"beu..ieu


jalma, kitu sipil kieu sipil, kumaha carana, atawakumaha ieu jalma
kanyahona?", aneh kuda ramenan-tak.
"Aya deui adi?", "enggeus sakaterang kula sakitu, cek bejana bae, da kula
terang mah henteu", "ah..ayeuna dewek permisi..adi!", "rek ka mana
sampean?", "rek ka buana nyungcung!", "inggih..mangga raka, tapi pomapoma upama sampe dugi ka hasilna, ulah nyebatkeun meunang beja ti
awak..raka!", "moal adi!", "sebaba kula sieun dirurug, ku urang nagara buana
nyungcung, anu katelah rangga walian", "moal adi!"
Kacarios, ratu kembang panyarikan, tutug timus parele panteg, meunang
kabar beja, ti kuda ramenantak gajah rame-nantak, lajeng matek ajian panerus
bumi, dilalarkeun kalimahna, byar.
Ngemplang narawangan, copong molongpong, siga anu mere jalan ka
handap, ti nagara buana rarang, lajeng raden teh mudun, ti buana rarang,
kolear..., kolear...
Kacarios, nyorang ka nagara galendor, nu gaduhna enjang buana.
"Wah..ieu ponggawa endi?, ka wani-waningambah ka nagara dieu, kapan
kula kabawah perentah, ku tumenggung rangga walian..gih, aya terus kalakuan
pan balik!, kon ba-lik!"
Kacarios teu diitung najan buta sagedena, bakat kesit, ratu kembang
panyarikan mudunna, disepak buta, jeblag!, blak nangkarak, lajeng raden
mudun terus, kolear...
"Wakadalah..ponggawa,

kan

maksa-maksa,

maksa-maksa

temene

sabodo..ponggawa!"
Kacarios raden, launa mudun terus, kolear..., kolear..., gemblung.
Datang kanagara, kasebat nagara buana nyngcung, handapeun nagara,
nagara buana pancatengah.

27

Raden rut-ret ningali, kulon wetan, kaler kidul, barang ningali ka karaton,
nyata wadya bala ponggawa, saputer karaton nyiger, matana lir mata simeut
bae, pada batoton, nyangking keris, nyandak pedang reujeung tumbak, jeung
gadana.
"Beu..tetela nyata, teu salah cek beja..yeuh!", teu ana paran solonong, oray
sagede catang kalapa!", "o-o-lakada-lah", "kok! kok!", "teu salah ceuk beja,
oray sagede catang kalapa!"
Raden sanggeus patepang jeung oray, ditonjok oray, jebot!, goletak modar,
"wah teu sapira kadigjayaanana oray!"
Aya welis sagede tampir, riab cekot, riab, riab, riab..., ditampiling welis,
jeblag!, goletak mati, "wah teu sapira kadigjayaan!"
Aya tiwuan sagede-gede hayam bibit, ngong!, ngong!, diteunggeul ku
peureup, jebot!, goletak modar, "tiwuan teu sapira mati!"

You might also like