You are on page 1of 12

MODUL PANGAJARAN

BASA SUNDA
Ngatik jeung Nalungtik Budaya Sunda

Nama Lengkap :

....................................

Kelas

....................................

Sekolah

SMA Al-Aziz Islamic Boarding School

PANGAJARAN 4
NULIS SURAT

1. KOMPETENSI DASAR
Nulis Wangun Surat
2. MATERI POKOK
Wangun Surat
3. INDIKATOR

Bisa mikawanoh wangun surat

Bisa nulis salam bubuka surat anu hade

Bisa nulis bubuka surat anu bener dina basa anu sopan

Bisa nepikeun maksud surat kalawan jentre

Bisa nulis surat kalawan maksud anu gembleng

Bisa nulis surat pribadi kalawan wangun anu umum

Bisa nulis panutup surat kalawan hade jeung sopan

Bisa ngagunakeun basa Sunda anu merenah

Bisa menerleun surat pribadi anu babaturan


4. BAHAN AJAR
NULIS SURAT
Mikaweruh Perkara Surat
Unggal jalma tangtu geus padaapal kana wangun surat. Ti jaman baheula nepi ka kiwari surat
geus jadi alat komunikasi kawilang penting pikeun unggal jalma, boh pikeun kapentingan pribadi boh
kapentingan instansi atawa organisasi.
Pikeun urang salaku murid, kawilang penting miboga wawasan jeung kamaheran nulis surat.
Hiji waktu urang tangtu merlukeun nulis surat, upamana ka indung, ka bapa, ka guru, ka lanceuk, ka
adi, ka babaturan, ka sobat, ka kabogoh jeung sajabana.
Ngayakeun hubungan komunikasi ngaliwatan surat memang teu gampang, urang dipiharep
bisa nepikeun pesen ngaliwatan basa tulis anu logis, jelas, singget, basajan, jeung sistematis. Komo
deui lamun surat nu dijieunna ku hiji instansi atawa organisasi.
Sawatara hal penting nu perlu diperhatikeun ku urang dina hiji surat, di antarana: 1) saha nu
ngirimna, 2) saha nu ditujuna atawa nu dikirimna, jeung 3) naon eusina.
Dumasar kana kapentingan jeung pangirimna, surat bisa dikelompokkeun jadi:
1) Surat pribadi, nyata surat nu ditujukeun ka salah saurang jalma kayaning babaturan,
kulawarga, sobat, kabogoh, jeung sajabana.
2) Surat dines, nyata surat resmi nu ditulis ka hiji lembaga, organisasi, instansi pamarntah
atawa swasta.
Geura ilikan contona ieu di handap!
Conto surat pribadi keur ka saluhureun.

Bandung, 25 Maret 2012


Kahatur
Mang Ohim
di
Sumedang
Assalamualaikum warrahmatullahi wabarakaatuh.
Mugia

Emang

sareng

Embi

aya

dina

panangtayungan

Allah

Subhanahuataala Aamiin. Alhamdulillah, abdi og dina danget ieu mah nuju


sehat walafiat.
Mang, dibujeng nggalna wa. Bilih Emang deudeupeun, abdi, minggu
payun sareng rerencangan teu cios nepangan Emang ka Sumedang ta th.
Margi minggu payun di sakola aya kagiatan Bakti Sosial ka Panti Asuhan
Budiasih. Rupina engk deui wa ka Sumedang mah dina waktos anu sanes.
Upami tos jinek waktosna, tangtos ku abdi sateuacana diseratan deui ka Emang.
Ku teu ciosna abdi sareng rrncangan mios ka Sumedang, mugi teu
ngajantenkeun Emang renghat manah. Pangapunten anu kasuhun.
Sakitu anu kapihatur. Hatur salam ti Apa sareng Ibu.
Wasalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.
Baktos Abdi,
Rina Mulyani

ORGANISASI SISWA INTRA SEKOLAH


SMA ISLAM NURUL HUDA
Nomer : 007/NH/OSIS/II/2012
Lamp

:-

Hal

: Uleman rapat

Sipat

: Penting

Kahatur
Sdrk. ndah Salawasna (Siswa Kls. XI)
di
Lembang
Sareng hormat,
Hatur uninga, kanggo ngareuah-reuah miling Po Basa Indung Sa-dunia,
OSIS SMAI Nurul Huda bad ngayakeun kagiatan lomba maca Sajak Sunda antar
SMA sa-Kacamatan, kumargi kitu, peryogi diayakeun babadantenan antawis
pengurus.
ta gempungan th bad dilaksanakeun :
dinten: Senn
kaping

: 13 Pebruari 2012

tabuh : 13.00 15.00


tempat

: Ruang OSIS SMAI Nurul Huda

Ku margi ta acara kawilang pentingna, mugi Sadrk kersa sumping dina


waktosna. Langkung tipayun ngahaturkeun nuhun kana perhatosanana.

Pupuhu OSIS

Conto Surat Resmi

PEMERINTAH KOTA CIMAHI


DINAS PENDIDIKAN
OSIS SMK NEGERI 3 CIMAHI
BIDANG
STUDI
PARIWISATA

KEAHLIAN

SENI,

KERAJINAN,

DAN

Jl. Sukarasa No. 136 Cimahi Utara Telp/Fax (022)


6628404
==========================================================
=====================
Cimahi, 12 Februari 2016
No
: 10/OSIS SMKN 3/ III/ 2009
Lampiran :
Hal
: Uleman
Kahatur : Rengrengan Pangurus OSIS SMKN 3 Cimahi
di
Tempat
Assalammualaikum .
Tumali sareng ayana sababaraha hal anu bade dipadungdengkeun dina raraga
mayunan acara ngareuah-reuah miemut milangkala Poean Kamerdikaan Republik
Indonesia anu ka-63 kanggo tingkat SMKN 3 Cimahi. Pangurus OSIS SMKN 3
Ciamahi ngulem parawargi kanca mitra Rengrengan Pangurus OSIS SMKN 3
Cimahi kanggo hadir dina :
Dinten
Waktos
Kaping
Tempat

:
:
:
:

Ahad
12.00 dugi ka rengse
15 Maret 2010
Kelas XII Tata Busana 1

Jalaran kacida pentingna acara kasebat di luhur, ku kituna pamugi sadayana tiasa
sumping tepat waktos.
Kana sagala rupi pangdeudeulna, sim kuring ngahaturkeun rebu nuhun laksa keti
kabingahan
Pupuhu OSIS SMKN 3 Cimahi

Juru Serat OSIS SMKN 3


Cimahi

Gustaman Kartasasmita
Kania Gumati

B. SOAL-SOAL LATIHAN
I.

PILIHAN GANDA
Jawab pananya di handap ku cara milih jawaban A, B, C, D atawa E
anu dianggap ku hidep pangbenerna!
1. Surat anu dikirimkeun ti salah saurang keur sobatna atawa babaturanana
disebut surat
A. dines
D. resi
B. resmi
E. pribadi
C. nota
2.
Dipadungdengkeun dina raraga. Kecap Dipadungdengkeun dina conto
surat Ngandung harti
A. Dipaseakeun
D. Diropea
B. Dimasalahkeun
E. Diriksa
C. Dipikiran
3. Basa anu digunakeun dina surat resmi mah biasana basa
A. lemes
D. isarat
B. sopan
E. lemes keur sorangan
C. loma
4. Bedana surat pribadi jeung surat dines nyaeta
A. teu make kop jeung nomer
C. teu make salam bubuka
surat
D. dikirimkeun ti instansi
B. teu make titimangsa
E. ditandatangan ku kepala

5. Ciri-ciri surat resmi nyaeta


A. romantis
B. make kop surat, nomer, lampiran, prihal
C. make kop surat, nomer, jeung eusi
D. tujuan, titimangsa, panutup surat
E. eusi surat ditujukeun ka instansi
6 . Ngaran lembaga atawa ngaran instansi dina surat remi disebut
A. kop surat
B. lampiran
C. alamat surat
D. perihal
E. panutup surat
II.

PANCEN
1. Jieun kalimah bubuka pikeun surat pribadi anu ditujukeun pikeun rama sareng ibu
hidep parkawis kumaha kaayanana hideup salami sakola di SMA Al-Aziz IBS !
.
.
.
.
2. Tulis rupa-rupa salam bubuka dina surat pribadi
.
.
.
.
3. Tulis kalimah panutup surat pribadi anu ditujukeun pikeun babaturan hidep!
.
.
.
.
4. Jieun surat pribadi pikeun babaturan anu baheula sakelas waktu di SMP anu
ayeuna sakola di kota sejen anu temana bebas!
.
.
.
.
.
.
.
.
5. Jieun surat pribadi pikeun ka kolot hidep anu eusina ngabejaan yen hidep ayeuna
geus mimiti asup sakola deui sarta boga babaturan anyar anu balageur.
.
.

.
.
.
.

6. Jieun surat resmi pikeun ngondang sakola sjn anu isina yn SMA Al-Aziz bakalan
ngayakeun lomba hafalan Al-Quran 30 juz
...................................................................................................................................
........................................................................
Standar Ketuntasan
Belajar Minimal (SKBM)

Peunteun

Paraf Guru

PANGAJARAN 5
MACA SAJAK

1. KOMPETENSI DASAR
Maca Puisi
2. MATERI POKOK
Sajak
3. INDIKATOR

Bisa
Bisa
Bisa
Bisa

maca sajak kalwan lafal jeung lentong sarta ekspresi anu luyu
maca sajak kalawan sikep anu hade
ngajentrekeun tehnik maca sajak
ngomean cara maca sajak anu can luyu

4. BAHAN AJAR MACA SAJAK SUNDA

DOA
Dina jempling peuting
ayat-ayat Alloh dihiberkeun
dilepaskeun tina jeruji iblis
mangsa diri ling
Ya Alloh
kakiatan nu dipiharep
pikeun meruhkeun katelengesan
jaman nubeuki ngabarungsinang
mmh diri tepung jeung udagan
Peuting beuki jempling

doa-doa ngeus diburakeun


laju ngalayang ngambah jomantara
sugan anjog ka sidrotul muntaha
Cihayam, 1997
Dicutat tina Mangl No. 1678/1998

PRIANGAN KURING
(Eti RS.)
Deudeuh enung
Salira bet ngungun ba
Bangun gaduh liwung katugenah
Lir lodaya keuna pitapak
Deudeuh eulis
Soca th ilang liuhna
Kantun citresna nu ngalmbrh
Taya kendatna
Maseuhan harigu eumeur
Balas katiup angin telenges
Jungjunan
Geura tampi ieu kaheman ti raga nu hapa
Nu tumuwuh ti bihari
Susuganan nagenkeun tihang kabedang
Pikeun tameng mun danawa
Ngadon ngalalana
Watesan Sajak
Sajak th nyata karya sastra wangun ugeran (piuisi) anu teu pati kauger ku patokan-patokan, nu matak sok
disebut og sajak bbas. Bbas didinya, tangtuna og rlatif. Upama dibandingkeun jeung guguritan, anu ditulis
dina wangun pupuh, jelas sajak mah leuwih bbas. Sajak henteu kauger ku jumlah padalisan dina sapadana,
jumlah engang dina unggal padana, atawa sora tungtung dina unggal padalisan.
Sajak kauger ku diksi jeung wirahma (nu matak henteu disebut wangun lancaran).
Wirahma, ciri utama anu ngabdakeun wangun ugeran jeung wangun lancaran, karasa nonjol dina sajak; bisa jadi
lantaran ugeran-ugeran sjnna, saperti nu aya dina pupuh, henteu dipak.
Dina kagiatan maca, neuleuman, ngararasakeun, jeung ngajn teks (aprsiasi) sajak th kudu dipilampah
kalawan daria, sabab ieu kagiatan th kawilang nu pangutamana. ta kagiatan th bisa dibagi deui jadi tilu rupa,
nyata (1) ngaguar teori sastra, (2) ngaguar esey, jeung kritik sastra, sarta (3) ngaguar sajarah sastra.
Cara kahiji, nyata kagiatan nalungtik kumaha wangun sajak, kumaha fungsina, jeung kumaha
pangalaman-pangalaman sastrawan nu dideudeul ku rupa-rupa karya sastra nurutkeun pamanggih atawa analisis
para ahli teori sastra. Cara kadua, nyata kagiatan ngaguar karangan-karangan atawa esey anu aya patalina jeung
karya sastra (sajak), nu medar ngeunaan had jeung gorngna ta sajak. Cara katilu, nyata kagiatan ngaguar

kamekaran sastra (sajak) ti mimiti gelar nepi ka kiwari, boh lobana karya sastra nu gelar, ajn sastrana, boh tokoh
nu kalibet dina kamekaranana.
Perkara anu diaprsiasi dina sajak nyata ngawengku struktur jero: tma, rasa, nada, jeung amanat.
Sedengkeun struktur luar sajak ngawengku: diksi (pilihan kecap), imaji (implengan), kecap nyata (kecap nu
miboga harti nu tangtu), majas (gaya basa), jeung ritme/irama. ta unsur-unsur nu aya dina sajak jeung karya
sastra sjnna baris duguar dina pedaran anu husu engk di handap. Ngan pikeun conto, ngeunaan tma sajak nu
di luhur rk dipidangkeun leuwih ti heula sangkan ttla.
Tma nyata inti tangtungan atawa inti ageman anu sipatna abstrak, dipageuhan dina racikan karangan
rkaan pikeun ngayakinkeun nu maca; bisa jadi ku pengarang ditembrakkeun (ditulis), tapi mimindengna mah
implisit. Tma th jadi pameungkeut sagemblengna carita, atawa muncul tina carita sagemblengna. Ku lantaran
karangan th mimindengna implisit, kudu dicindeukkeun ku nu maracana. Dina sajak Priangan Kuring bisa
dicindeukkeun yn lembur matuh banjar karang pamidangan panyajak th geuning keur gering, anu dirogahala ku
paneka jaman. Padahal tanah Priangan nu digambarkeunana th sakitu subur mamurna jeung hjo lmbok.
Wangun Sajak
Ditilik dina wangunna, sajak th aya rupa-rupa. Paling saeutik bisa dibagi tilu bagian, nyata sejak pik,
sajak lirik, jeung sajak dramatik.
a. Sajak pik
Sajak pik nyata sajak anu sipatna ngadadarkeun hiji carita atawa kajadian, sarta bisaana eusina th
ngawangun carita kapahlawanan, boh pahlawanan, boh pahlawan anu aya patalina jeung legnda, kapercayaan,
boh anu aya patalina jeung sajarah.
b. Sajak Lirik
Sajak lirik nyata sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna, atawa ngebrehkeun pikiran jeung rasa pribadi
panyajakna. Sipatna leuwih subjektif batan sajak pik. Dina sajak lirik panyajak henteu ngadongeng atawa
nyaritakeun, tapi ngbrhkeun, nuliskeun sakur anu kapikir jeung karasa waktu harita.
Iskandar wassid (1982:76) ntlakeun yn puisi lirik nyata puisi anu eusina mudalkeun rasaning ati,
bingbang rasa jeung pikiran. Monolog, nyorangan, bangun jauh panineungan. Ku lantaran ngayun emosi, jadi
halon wirahmana, sada nu ngahariring.
c. Sajak Dramatik
Sajak dramatik, ngbrhkeun hiji kaayaan, suasana, atawa hiji kajadian anu dibrhkeun ku tokoh anu
dipilih ku panyajakna. Sikep anu aya dina sajak dramatik, nyata sikep tokoh anu dipilih ku panyajak, lain sikep
panyajakna sorangan. Sikep tokoh bisa kagambar tina monolog panjang ngeunaan hiji kajadian, atawa suasana
kritis nu keur disanghareupan.
Sajak dramatik kaasup salah sahiji wangun sajak anu kalwan objektip ngagambarkeun kalakuan hiji jalma,
boh ku laku lampah, obrolan, boh ku monolog nepi ka bisa ngagambarkeun carita atawa kajadian nu tangtu
(Aminudin, 1987:135)
Kumpulan Sajak jeung Pangarangna
Kumpulan sajak nu geus dibukukeun, di antarana wa: Lalaki di Tegal Pati ( Sayudi, 1963), Ombak Laut
Kidul (Rahmat M Sas Karana, 1966), Jant Arkidam (Ajip Rosidi, 1967), Surat kayas ( Surahman R.M.), Katiga
(Yayat Hendayana, 1975), Nu Ngarongheap Mangsa Surup ( Eddy D Iskandar, 1975),lalaki langit (Yuniarso
Ridwan, 1979), Tepung di Bandung (Rahmat M Sas Karana, 1979), Jagat alit (Godi Suwarna, 1979) Nu Mahal ti
Batan Inten (Yus Rusyana, 1980), Surat Panjang ti Cijulang(Rahmat M Sas Karana, 1983), Waruga Garba(Eddy
D Iskandar, 1984), surat-surat Kaliwat ( Godi Suwarna, 1983), Sajak-sajak Cilauteureum (Taufik Faturohman,
1983, Jamparing (Etty R. S, Kalakay Mega ( Soni Farid maulana, 1992), Kasidah Langit (Eddy D Iskandar,
1992), Blues Kr Lauk (Godi Suwarna, 1992), Urang Naon di Cinaon (Wahyu Wibisana, 1992, Kalakay Budah
(Yous Hamdan, 1995).

AKI JEUNG BALON


beurat teuing lengkah aki ngukur jalan
kota bandung geus biasa ku aki mah dilengkahan
dibaturan ku sobat ngaran rancatan
kakapalan kukudaan tarompet henteu tinggaleun
geus biasa unggal poe ka unggal budak nawarkeun
ujang, eulis, yeuh tingali barang aki
geura galeuh keur ameng engke di bumi
aki! Abdi mah da hoyong balon
deudeuh teuing kasep di aki mah henteu aya
niupna ge aki mah geus teu kawasa
ripuh teuing da kedah nganggo tanaga
ari aki sakieu nya kakolotan
mending oge kasep ieu kokoleceran
lamun angina muterna teh aduh ku lelet pisan
resep teuing engke ameng lulumpatan
aki! Ka dieu ! ketang da abdi mah moal meuli
ulah kitu kasep bet abong ka aki-aki
ceuk sepuh mah kasep ngaheureuyan teh pamali
hiji dua lengkahna teuing ku beurat
aya hate milu lewang paur umurna bret pegat
teuing di mana si aki tetep nya matuh
boa dina iuh tanjung atawa dipayung layung
ngan nu nyata kulitna asak ku poe
aki, mun ngajoprak sisi jalan saha teuing anu nulungan
aki, mun ngajoprak di jambatan di mana nya pamatuhan
aki, mun umur pegat di jalan saha anu ngarawatan
aki! aki! rek ka mana lamun panon poe sare
(Dicutat tina Sipatahoenan, Nopember 1960)

KANDAGA KECAP
Rancatan, alat paragi nanggung

Galeuh,lemesna tina meuli


Lelet, muterna kerep jeung gancang
Matuh, cicing

5. Soal-soal latihan
awab saluyu jeung parentah !
1. Naon nu ngarangsang (ngamotivasi) ka panyajak tepi ka manehna ngedalkeun
pangalamanana dina katilu sajak diluhur?

...............................................
..............................................................................................................
2. Kumaha pamanggih panyajak basa manehna nenjo jeung nyaksian aki-aki anu
dagang balon dina saja Aki-aki jeung Balon?

............................................
..............................................................................................................
3. Amanat naon anu ditepikeun ku panyajak ka urang dina 3 sajak diluhur ?

............................................
..............................................................................................................
4. Ku naon dina sajak kalimahna tara pati kaharti atawa malibir?

............................................
..............................................................................................................
5. Naha rancatan dina sajak Aki jeung Balon ku panyajak disebut sobat?

............................................
.............................................................................................................
6. jieun sajak anu temana bebas anu ngagambarkeun kaayaan hidep ayeuna !
.....................................................................................................................................
.......................................................................................................................................
.......................................................................................................................................
................
Standar Ketuntasan Belajar
Minimal (SKBM)

Peunteun

Paraf Guru

You might also like