You are on page 1of 3

Nama : Mega Lestari

Kelas : XI. KA 2
Conto Carpon Sunda
GIRIMIS TEU BA RAAT
Ku Dian Hndrayana
Asa geus peuting pisan. Girimis can ba raat. Basa lilir th, karrt adi kuring keur
ngajanteng deukeut jandla. Hordngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah
laluasa nyawang ka luar. Leungeun katuhuna ba nyampay kana sarigsig. Najan teu pati
caang, cahaya lampu ti tebh buruan wasa ntlakeun yn adi kuring keur alum ngungun.
Ti peuting kamari knh, adi kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas
kitu. Utamana mun mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manhna sok ngajanteng
deukeut jandla, nyawang ka luar. Kituna th sok bari ngembeng cimata.
Hiji mangsa mah kungsi dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna th majar keur
ningali Apa.
Hawatos Apa kahujanan di buruan, omongna.
Emh.
Diteuteup deui, manhna bangun enya nu keur betah nyawang ka buruan nu majar Apa keur
ngajanteng lebah dinya. Sok lila kituna th. ta ba, mmh girimis raat mah, bangunna cadu
teuing kudu gancang lugay tina deukeut jandla geusan muru pangsaran.
Ari peuting ayeuna, adi kuring geus ngajanteng deui deukeut jandla. Lebah pipina
katmbong ba aya nu ngagurilap ssa cimata nu ngamalir taya reureuhna.
Girimis di luar can knh ba raat.
Pirajeuneun kuring turun tina pangsaran. Tuluy ngadeukeutan muru manhna. Sarrtan g
laju katangn, lebah juru panonna aya knh ssa cimata, ngeyembeng bangun nu ngadago
limpas.
Ti mangkukna mula, teu kalis ku dibeberah jeung dililipur, ngungunna th bangun nu taya
anggeusna. Tuda enya, sarra g taya nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar th. Teu
gering teu lungs ieuh, Apa bangun lah dipundut ku Nu Kagungan. Bari calik keur ngariung
balakcrakan satutas sambang Magrib, Apa rubuh ngarumpuyuk. Kungsi neuteup ka sarra
mmh enya nilar sabada ngucapkeun lapad Alloh.
Lah!

Diteuteup deui th, adi kuring anteng ba mencrong ka buruan. Ti tatadi g da teu sing aya
sasaha ari lain tangkal jambu jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti tebh buruan
teu caang teuing g, puguh sidik taya sasaha atawa sugan aya nu ngadon ngulampreng
rumingkang.
Hawatos Apa kahujanan di buruan, omongna deui.
Ema nu kitu th deuih. Ti saprak Apa mulih ta, Ema mah taya pisan kabragan. Mh saban
waktu Ema kudu wa bedah cimata. Tuga g Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna pisan.
Malahan Ema ku anjeun bangun enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh. Lailahaillalloh
Bet temahna, Ema
Sok rajeun katmbong numpi ngalangeu di kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum
dahar, walonna th can hararayang atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring
geus dalahar atawa acan?
Leuh!
Di luar, girimis kalah asa beuki kerep. Sawarh mah sawr pisan kana kaca jandla. Sora
sahna bet sada-sada talatah Apa ti kaanggangan, Masing leket bebekelan ibadah keur
bawaeun mulang
Ari dirrt, adi kuring kalah ka enya ngagukguk, cimatana limpas cara cihujan di luar nu
murubut sanggeus bah ti luhur langit.
Ku naon Apa teu keresaeun lebet ka bumi? cenahna th.
Disrangkeun ka buruan, cara tadi da puguh taya sasaha.
Kalah girimis beuki lila beuki kerep wa. Adi kuring anteng knh ngajanteng deukeut
jandla. Leugeunna beuki pageuh ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki
rosa wa. Sakapeung tmbong obah taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.
Teu lila tina kituna, manhna malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.
Ku naon Apa teu disina lebet? tuluyna th.
Kari kuring nu bati hmeng. Disrangkeun deui ka buruan, angger taya sasaha. Sanggeus
ngaleupaskeun leungeunna tina sarigsig, ngan deregdeg ba manhna ngejat ka luar ti kamar
bari tuluy nelenyeng muru panto hareup.
Basa dituturkeun gagancangan, bet srog th horng Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa
geus ti tatadi Ema ngajantengna th. Pannona tmbong semu carindul. Cimatana ba
gugurilapan katojo ku cahaya lampu ti tebh buruan.

Sajongjongan mah anteng ba neuteup ka kuring.


Pangnyandakeun paying di pengker kanggo Apa, tuluyna th semu dareuda.
Basa diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa ngabedahkeun deui cimatana. Geus kitu mah, ngan
segruk wa Ema muru korsi di rohangan tengah tuluy nyaluuh bari nginghak.
Harita pisan deuih adi kuring ceurikna bedah sapisan. Girimis mah duka iraha raatna.

You might also like