Abdi nyalindung ka Gusti Allah tina godaan syetan anu di
rajam Kalayan asmaNa Allah Nu Maha Murah NuMaha Asih 114.Naha kaula pantes nyiar hakim anu salian Allah, padahal Anjeun-Na anu geus nurunkeun kitab (Quran) ka andika kalawan geus diwincik ? Jeung jalma-jalma anu ku Kami dipaparin kitab nyarahoeun yen eta (Quran) teh diturunkeun ti Pangeran maneh kalawan hak. Ku sabab eta poma maneh ulah kaasup ti antara jalma-jalma anu mangmang. 115.Jeung geus sampurna kalimah Pangeran maneh kalawan bener jeung adil. Teu aya nu bisa ngarobah kalimah-kalimah-Na, jeung Anjeun-Na Nu Maha Ngadangu, Nu maha Uninga. 116.Jeung upama maneh nurut ka kalolobaannana jelema ieu di bumi, tanwande maranehna bakal nyasarkeun maneh tina jalan Allah, karana taya lian nu diturut ku maranehna teh salian ti sangkaansangkaan wungkul, jeung maranehna teh taya lian ngan tukang bohong wungkul. 117.Saenyana Pangeran maneh anu langkung uninga ka jalma-jalma anu sasar tina jalan Anjeun-Na, jeung Anjeun-Na langkung uninga ka jalma-jalma anu meunang pituduh. Tarjamah Al Quran suroh Ibrohim ayat 7 7. Jeung sing inget nalika Pangeran maraneh cumeluk Saestuna upama maraneh muji syukur , tanwande Kami baris nambahan (kurnia) ka maraneh, jeung upama maraneh kufur, nya saenyana siksaan kami kacida peurihna.