Tarjamah Al Quran Suroh Al

You might also like

You are on page 1of 1

Tarjamah Al Quran suroh Al-Anam ayat 114-117

Abdi nyalindung ka Gusti Allah tina godaan syetan anu di


rajam
Kalayan asmaNa Allah Nu Maha Murah NuMaha Asih
114.Naha kaula pantes nyiar hakim anu salian Allah,
padahal Anjeun-Na anu geus nurunkeun kitab
(Quran) ka andika kalawan geus diwincik ? Jeung
jalma-jalma anu ku Kami dipaparin kitab nyarahoeun
yen eta (Quran) teh diturunkeun ti Pangeran maneh
kalawan hak. Ku sabab eta poma maneh ulah kaasup
ti antara jalma-jalma anu mangmang.
115.Jeung geus sampurna kalimah Pangeran maneh
kalawan bener jeung adil. Teu aya nu bisa ngarobah
kalimah-kalimah-Na, jeung Anjeun-Na
Nu Maha
Ngadangu, Nu maha Uninga.
116.Jeung upama maneh nurut ka kalolobaannana
jelema ieu di bumi, tanwande maranehna bakal
nyasarkeun maneh tina jalan Allah, karana taya lian
nu diturut ku maranehna teh salian ti sangkaansangkaan wungkul, jeung maranehna teh taya lian
ngan tukang bohong wungkul.
117.Saenyana Pangeran maneh anu langkung uninga ka
jalma-jalma anu sasar tina jalan Anjeun-Na, jeung
Anjeun-Na langkung uninga ka jalma-jalma anu
meunang pituduh.
Tarjamah Al Quran suroh Ibrohim ayat 7
7. Jeung sing inget nalika Pangeran maraneh cumeluk
Saestuna upama maraneh muji syukur , tanwande
Kami baris nambahan (kurnia) ka maraneh, jeung
upama maraneh kufur, nya saenyana siksaan kami
kacida peurihna.

You might also like