You are on page 1of 3

Dwi Sartika

(Bandung, 4 Dsmber 1884 - Tasikmalaya, 11 Sptmber 1947),


inohong Sunda dina widang atikan jeung kabinangkitan kaom istri.
Diaku salaku Pahlawan Nasional ku Pamarntah RI taun 1966.
Babad salira
Dwi Sartika lahir ti kulawarga mnak Sunda, Nyi Radn Rajapermas
jeung Radn Somanagara. Najan ngarempak adat kabaheulaan,
ramana keukeuh nyakolakeun Dwi Sartika, malah ka sakola
Walanda pisan. Sapupus ramana, Dwi Sartika dirorok ku uwana
(lanceuk ibuna), nu jeneng patih di Cicalngka. Ti uwama anjeunna
meunang atikan kasundaan, sedengkeun wawasan kabudayaan
Kulon beunang pangwuruk istri Asistn Rsidn.
Bakat pangatik
Ti leuleutik, Dwi Sartika geus nmbongkeun bakat pangatik jeung
kakeyeng kana kamajuan. Bari ulin di pipir gedong kapatihan,
anjeunna sok sasakolaan, ngajar baca tulis, malah ngajarkeun basa
Walanda, ka barudak anak babu, juru masak, jongos, kusir, jeung
pangebon kapatihan. Minangka borna, nyata papan bilik kandang
karta, nulis mak areng, sabakna sesemplkan kentng.
Harita th ukur Dwi Sartika kakara sapuluh taunan, Cicalngka
geunjleung alatan barudak badga kapatihan barisaeun baca tulis
jeung sababaraha kecap basa Walanda. Geunjleung, sabab jaman
harita mah teu loba anak cacah boga kabisa kitu, komo beunang
ngajar budak aww.

Mangkat rumaja
Nalika geus rumaja, Dwi Sartika mulang deui ka ibuna di Bandung.
Jiwana anu beuki sawawa, terus ngagiring anjeunna kana
ngawujudkeun angen-angenna. Hal ieu karojong ku watek pamanna,
Bupati Martanagara, pamanna pituin, nu mmang boga kereteg nu
sarua. Ngan, pamanna teu kitu ba bisa ngawujudkeun kahayang
alona, sabab adat jaman harita nganggap aww teu perlu sakola,
cukup ku bisa migaw naon rupa nu bisa pikeun ngawulaan salaki.
Tina ku sumanget jeung keyengna, tungtungna Dwi Sartika bisa
ngayakinkeun pamanna, sangkan diwidian ngadegkeun sakola istri.

Nikah
Taun 1906, Dwi Sartika nikah ka Radn Agah Suriawinata, saurang
nonoman nu sapikir sahaluan, sajiwa sacita-cita, guru di Sakola
Karang Pamulang, nu harita jadi Sakola Latihan Guru.
Ngadegkeun sakola
Tanggal 16 Januari 1904, Dwi Sartika muka Sakola Istri munggaran
sa-Indonsia. Murid-muridna angkatan munggaran aya 20 urang,
migunakeun rohangan pandopo kabupatn Bandung.
Sataun ti harita, 1905, sakolana nambahan kelas, sahingga
merlukeun pindah ka Ciguriang. Lulusanana mimiti kaluar taun
1909, ngabuktikeun ka bangsa urang yn aww taya bdana jeung
lalaki, bisa nampa pangajaran modl Kulon. Taun 1910, sakolana
diropa migunakeun harta banda pribadina sahingga bisa
nyumponan sarat-sarat sakolaan formal.
Taun-taun salajengna di sawatara Tatar Sunda mitembeyan jlug-jleg
sakola istri, utamana dikokolakeun ku sababaraha istri Sunda nu
saangen-angen jeung Dwi Sartika. Taun 1912 geus aya salapan
Sakola Istri di kota-kota kabupatn (satengahna ti julmah kota
kabupatn sa-Pasundan). Dina umur anu kasapuluh, taun 1914,
ngaran sakolana diganti jadi Sakola Kautamaan Istri. Kota-kota
kabupatn Tatar Sunda nu can boga Sakola Kautamaan Istri kari
tilu/opat deui. Malah meuntas heula ka Bukittinggi, Sakola
Kautamaan Istri diadegkeun ku Encik Rama Salh. Tatar Sunda
kakara lengkep miboga Sakola Kautamaan Istri di unggal kota
kabupatn dina taun 1920, katambah ku sababaraha nu ngadeg di
kota kawadanaan.

Bulan Sptmber 1929, Dwi Sartika nyieun pangling-ngling


sakolana nu geus ngadeg salila 25 taun, sarta sakolana ganti ngaran
jadi Sakola Radn Dwi. Kana giatna dina ngamajukeun rahayat,
utamana kaom istri, Dwi Sartika diganjar bintang jasa ku
pamarntah Hindia-Walanda.

You might also like