You are on page 1of 14

DAFTAR EUSI

PIHATUR
DAFTAR EUSI
BUBUKA
A.Kesang Tukang
B.Maksad sareng tujuan kagiatan
EUSI LAPORAN
A.Jenis Kagiatan
B.Tempat Sareng Waktos Kagiatan
C. Patugas Kagiatan
D.Persiapan Kagiatan
E.Pelaksanaan Kagiatan
F.Kasulitan Sareng Hambatan
G.Hasil Kagiatan
1.Sejarah Kampung Naga
2.Posisi Geografis Kampung Naga
3.Peralatan Hirup Masrakat Kampung Naga
4.Sistem Perekonomian Kampung Naga
5.Sistem Kamasrakatan Kampung Naga
6.Sistem Bahasa
7.Sistem Pendidikan Sareng Elmu
8.Sistem Kapercayaan (Religi)
9.Kasenian
10.Sistem Bangunan/Arsitek
11.Sistem Politik
12.Sistem Hukum
H.Laporan Anggaran
I.Kesimpulan
J.Saran
PANUTUP
Panutup
Lampiran

BUBUKA
1. Kesang Tukang Kagiatan
Dina rangka kagiatan ngalaksanakeun tugas Basa Sunda anu ditugaskeun ka simkuring saparakanca
salaku siswa/siswi SMA NEGERI 15 GARUT. P akaitt sareng hal eta sim kuring salaku pelajar mandang
perlu diayakeum hiji kagiatan dimana siswa/siswi tiasa sosialisasi,dina kagitaan anu diselenggarakan SMA
NEGERI 15 GARUT.
Kanyataan na kiwari siswa/siswi kurang paham ngenaan bahasa,budaya sareng sagala anu pakait
sareng suku sunda,benten sareng jaman kapungkur.
Kurang pamahaman siswa/siswi ieu,panginteun akibat tina pangaruh modernisasi,budaya barat sareng
kaaluarna teknologi-teknologi anu canggih anu tiasa ngajanteunkeun siswa/siswi poho kana budaya
sorangan.
Kondisi ieu baris jadi akibat ngatif pikeun kapaayuna anu baris di sorang. Pahaman ngenaan
budaya,bahasa,terutami budaya sunda ieu kirang pisan akibatna siswa/siswi ieu teu uninga ngenaan
budayana sorangan.
Salah sahiji upaya pikeun nanggulangi parmasalahan diluhur ssimkuring saparakanca mandang
kagiatan anu dilaksanakeeun ku kelompok simkuring eta penting. Salian simkuring saparakanca tiasa terang
ngenan budaya,sejarah sareng nu sejenna oge tiasa diajar kumaha carana sosialisassi sareng nyarios ku bahsa
sunda jeung nerap keunana dina kahirupan sapopoe.

2. Maksad sareng Tujuan Kagiatan


Maksad sareng tujuan kagiatan ieu nyaeta:
a. Ngalaksanakeun Pancen anu dipasihkeun ka simkuring saparakanca.
b. Ningkatkeun kakompakan dina ngalaksanakeun pancen.
c. Ngarakeuteun tali silaturahmi dianatara sasama batur jeung kamasyrakat.
d. Mupuk rasa kakaluargaan anu baris jadi modal utama kanggo simkuring saparakanca pikeun
kapayuna anu baris di sorang.
e. Milari elmu sareng pangalaman dilingkungan masrakat terutmi diKampung Naga.
f. Nyiapkeun mental(Psikologis),sosial dina sosialisasi sareng lingkungan masyarakat.
g. Tiasa terang ngeenaan corak kabudayaan ,kapercayaaan, hukum, politik, bahasa,
perekonomian,kamasyarakatan sareng nu sanesna diKampung Naga.

EUSI LAPORAN
A. Jenis Kagiatan
Panalungtikan sareng milari informasi-informasi ngenaan sajarah, budaya,bahasakapercayaan,
pangetahuan sareng anu sanesna kasalah sahiji tempat terutami Kampung Naga.
B. Tempat Sareng Waktos Kagitan
Kagiatan ieu dilaksanakeun dina :
Dinten/Tanggal :Minggon,16 Oktober 2016
Waktos
:09:00-14:00
Tempat
:Kampung Naga
C. Patugas Panalungtikan
Kagiatan ieu dilaksanakeun ku sadaya patugas panalungtikan nyaeta kelompok 3.Panitia kagiatan
sakumaha dihandap ieu:
Pelindung : Allah swt.
Ketua
: Fitri Syifa R
Girang Serat : Shaila Insani Z
Bendahara : Sifa Rahmania
Sie.Acara : Indri Lestari
Sie.Transportasi : Cecep M.Nizar
Sie.Konsumsi : Amira Fuja N
Sie.Dokumentasi : Hazmi N.Fazri
D. Persiapan Kagiatan
Persiapan unggal seksi
a.Seksi Acara
Seksi Acara nyiapkeun patugas supados dina acara kagiatan,saderek nu sanesna tiasa kempel
sareng haladir dina prak kagiatanna.
b.Seksi Transportasi
Seksi Transportasi tugasna nyiapkeun kandaraan kanggo ka tempat tujuan acara kagiatan.
c.Seksi Konsumsi
Nyayogikeun tuangen sapertos timbel,tuangen hampang,cai aqua,sambel,orek tempe,lalab,goreng
daging,jeruk kanggo tuangan panutup.
d.Seksi Dokumentasi
Nyayogikeun camera kanggo ngadokumentasikeun acara kagiatan.
E. Pelaksanaan Kagiatan
Pelaksanaan acara kagiatan panalungktikan ieu dina dinten minggon,kaping 16 Oktober 2016,anu
tempatna di Kampung Naga,Tasikmalaya. Acara paberangkatan dikawitan ti tabuh 09:00 WIB ,sim
kuring saparakanca dugi ka tempat panalungtikan dina tabuh 10:20,sareng liren sakedap kanggo
dipoto.Simkuring saparakanca neraskeun kagiatan disarengan ku Aa Rendy Armady (pendamping
wisatawan anu sumping ka Kampung Naga ) .Dina kagiatan ieu,simkuring saparakanca lebet ka
perkampungan Kampung Naga ,sareng simkuring saparakanca oge teu hilap kanggo sosialisasi sareng
narosan ngenaan Kampung Naga ,teras simkuring saparakanca nyungkeun dipoto sasarengan.Kagiatan
di Kampung Naga rengse tabuh 12.00 WIB.Sagala aktivitas di Kampung Naga dirasa cekap wae
sakitu.Simkuring saparakanca neraskeun kanggo natepan dzuhur sareng tuang di salasahiji tempat
nyaeta di masjid anu aya di sisi jalan ,dugi ka rengse tabuh 13.00.Rengse kagiatan tabuh 14.00 tos di
Garut.

F. Kasulitan sareng Hambatan


Kasulitan sareng hambatan anu karaos ku kelompok 3 dina kagiatan panalungtikan Kampung
Naga ieu nyaeta sesahna ngempelkeun anggota kelompok ,tapi pas angkat mah darongkap sadayana .
G. Hasil Kagiatan
Hasil anu dilaksanakeun ku simkuring saparakanca teu lepas ti persiapan sateuacana,oge intruksi
ti Pak Nopi Sopandi nyaeta ngeunaan sajarah ,peralatan hirup warga Kampung Naga ,ilmu pangaweruh
sareng anu sanesna .Hasil wawancara simkuring kenging tambihan nyaeta jumlah anak tangga anu
bade ka Kampung Naga nyaeta aya 439.
Hasil kgiatan nu karangkum diantawisna:
1. Sajarah Kampung Naga
Kampung Naga teh mangrupi Kampung anu kasohor kamana-mana. Kampung Naga
mangrupikeun kampung alit ,anu masyarakatna taat ngalakonan sareng ngajagi tradisi.Nami Kampung
Naga mangrupikeun singkatan tina Kampung diNa Gawir.Nenek moyang Kampung Naga konon nyaeta
Eyang Singaparna anu makamna aya di leuweung palih kulon. Masyarakat di Kampung Naga miboga
tempat-tempat larangan nyaeta aya 2 leuweung larangan ,belah wetan sareng kulon , namina leuweng
larangan sareng leuweng kramat.Leuweng larangan mah selain teu kenging dilebetan ,nyandak awi anu
aya di hutan na oge teu kenging.Upami leuweng kramat mah ,di lebetana upami aya upacara adat sareng
ziarah,sabab di hutan kramat teh aya makam . Aya salasahiji bangunan anu dianggap kerammat nyaeta
Bumi Ageung . Bumi Ageung teh mangrupa tempat anu teu kenging dilebetan ku pengunjung, teu
kenging dipoto oge , kenging dilebetan na teh ku Kepala suku ,atanapi kuncen ,upami aya pelaksanaan
rutinitas upacara adat , Kumargi kitu Bumi eta teh di sebat karamat.Sabab leuweung larangan teu
kenging di lebetan ku masyarakat , nyaeta kanggo ngalestarikeun leuweng ,sabab mayoritas warga
Kampung Naga ngagunakeun kayu , boh kanggo hau atanapi karajinan.
2. Posisi Geografis Kampung Naga
Kampung naga teh ayana di wilayah Desa Neglasari,Kacamatan Salawu ,Kabupaten Tasikmalaya ,
Provinsi Jawa Barat . Lokasi Kampung Naga teu tebih ti jalan raya anu ngahubungkeun kota Garut
sareng kota Tasikmalaya . Kampung Naga aya di daerah anu subur . Batas wilayahna, di belah kulon
Kampung Naga di batasan ku leuweung karamat kusabab di leuweng eta aya makam karuhun
masyarakat Kampung Naga. Di beulah kidul dibatasan ku sawah-sawah. Di belah kaler sareng wetan
dibatasan ku wahangan Ciwulan anu sirah caina ti Gunung Cikuray.
3. Peralatan Hirup Masyarakat Kampung Naga
Masyarakat Kampung Naga mangrupikeun masyarakat anu masih ngagunakeun peralatan
sederhana, non teknologi , sakabeh bahan na oge tos disayogikeun ku alam. Kanggo masak masyarakat
Kampung Naga ngagunakeun hawu anu bahan bakarna hanes ku gas ,tapi ku suluh . Ngagarap sawah
oge teu ngagunakeun traktor, mung ngagunakeun pacul. Di Kampung Naga oge aya Bedug sareng
kohkol na , bedug anu aya di Kampung Naga etateh rai na , aya anu langkung ageung ti batan eta , mung
disimpen di Tasik. Di Kampung Naga oge teu aya anu namina listrik,lampu oge digentos ku damar, tv
warnana bodas hideung kusabab nganggo aki anu saayana.

4. Sistem Perekonomian Kampung Naga


Sistem perekonomian di Kampung Naga sami sareng sistem perekonomian di Kampung nu sanes.
Pidamelen nateh nyaeta janten petani ,aya pidamelen anu sanesna nyaeta ngadamel karajinan ,dagang
sareng ngukut ingon-ingon.
5. Sistem Kamasyarakatan
Masyarakat Kampung Naga masih reket ku budaya gotong royong,silih hormat, sareng
ngutamikeun kapentingan golongan tibatan kapentingan pribadi.
Lembaga pamarentahan ti Kampung Naga dibagi 2 nyaeta:
a. Lembaga pamarentahan Formal
1.RT
2.RW
3.Kudus (Kepala Dusun)
b. Lembaga Pamarentahan Nonformal
1.Kuncen
2.Punduh (sapertos perdana mentri)
3.Lebe
6. Sistem B ahasa
Dina komunikasi,warga Kampung Naga mayoritas ngagunakeun bahasa Sunda asli. Aya oge anu
nyariosna ku Bahasa Indonesia , nyaeta kanggo nyarengan wisatawan ti luar Jawa Barat.
7. Sistem Pendidikan Sareng Elmu Pangaweruh
Masyarakat Kampung Naga asli mah henteu nungtut elmu sabab nuturkeun ka nenek moyangna
zaman baheula.Masyarakat Kampung Naga anu ayeuna osok nungtut elmu mah eta teh tos aya
campuran ti warga luar . Masyarakat Kampung Naga nu ayeuna mah mayoritas sakolana ngan dugi ka
jenjang Sakola Dasar ,tapi aya oge anu neraskeun ka jenjang anu luhur , mung teu seueur.
8. Sistem Kapercayaan
Masyarakat Kampung Naga ngaku mayoritas agamana islam,tapi sakumaha masyarakat adat anu
sejena maranehna oge taat kana adat istiadat sareng kapercayaan nenek moyangna.
Kampung Naga disebat tempat anu sanget. Oge tempat-tempat sapertos makam Sembah
Eyang Singaparna , Bumi Ageung sareng masjid eta mangrupikeun tempat anu dianggap suci ku
masyarakat Kampung Naga .Upacara-upacara adat anu dilakukeun ku masyarakat Kampung Naga anu
kaleresan dina poean ageung islam nyaeta:
A. Bulan Muharam pikeun nyambut tahun baru Islam.
B. Bulan Maulud pikeun nyambut datangna poe kelahiran Nabi Muhammad saw.
C. Bulan Jumadil Akhir pikeun mieling pertengahan bulan hijriah.
D. Bulan Nisfu syaban pikeun nyambut datangna bulan suci Ramadhan.
E. Bulan Syawal pikeun nyambut datangna Idul Fitri.
F. Bulan Zulhijah pikeun nyambut datangna Idul Adha.

9. Kasenian
Di bidang kasenian masyarakat Kampung Naga ngayakeun hiji kasenian ti luar Kampung
Naga sapertos wayang golek ,dangdut,pencak silat,sareng kasenian anu sanesna anu
ngagunakeun waditra goong. Sedengkeun kasenian anu mangrupikeun warisan karuhun
masyarakat Kampung Naga nyaeta terbangan,angklung,beluk , sareng rengkong.

10.

11.

12.

Aya 3 pasang kasenian di Kampung Naga diantawisna:


a. Terbang sejat,dimaenkeun ku 6 jalmi sareng dilaksanakeun dina waktos upacara nikahan
atanapi khitanan massal.
b. Terbang gembrung , dimaenkeun ku 2 jalmi dugi ka teu di bates ,biasana dimaenkeun dina
waktos Takbiran Idul Fitri sareng Idul Adha sarta kamerdekaan RI . Alat ieu didamelna tina
kai.
c. Angklung, dimaenkeun ku 15 jalmi sareng dilaksanakeun dina waktos khitanan massal.
Sistem Bangunan /Arsitek
Bangunan-bangunan anu aya di Kampung Naga bentukna segitilu , kentengna ngangge
injuk ,sareng nyingharep ka kiblat. Jumlah bangunannana aya kirang langkung 113 bangunan , di
area 1,5 ha, anu diantarana 110 bumi warga , 1 tempat ibadah ,salian ti eta aya oge tempat
kanggo nyimpenan pare anu disebat Leuit. Bahan kanggo ngadamel bumi nyaeta bilik , kai ,awi
sareng sajabana. Teu ngagunakeun semen atanapi kesik. Sadaya bentuk , ukuran ,alat sareng
bahan bangunan sadayana sami,ieu nunjukeun ayana kasaimbangan sareng karukunan anu aya di
Kampung Naga.
Bentuk imah masyarakat Kampung Naga kedah panggung,bahan bumi tina kai atanapi awi.
Kenteng atanapi lalangit bumi oge kedah tina daun nipah ,ijuk ,sareng tehel bumina didamel tina
awi atanapi papan kai. Bumi kedah nyingharep ka kaler atanapi ka kidul sareng kedah rada
panjang ka belah kulon atanapi wetan. Bilikna oge kedah tina anyaman awi anu dianyam sasag.
Bumi teu kenging di cet , bahana oge teu kenging tina tembok,sok sanaos mampu.
Sistem Politik
Dina sistem politik di teken keun kana ngarengsekeun hiji masalah anu di pingpin ku
pupuhu adat nyaeta ku cara musyawarah dimana hasil anu kahontal mangrupikeun hasil
kasepakatan.
Sistem Hukum
Sapertos Kampung adat anu sanesna, masyarakat Kampung Naga miboga aturan hukum
nyalira anu henteu tertulis , tapi masyarakat Kampung Naga taat sareng patuh kana aturan eta .
Prinsip Kampung Naga anu dianut nyaeta larangan, wasiat ,sareng akibat. Sistem hukum di
Kampung Naga ngan ngandelkeun pamali.

H.Laporan Anggaran
Anggaran kagiatan ieu sumberna ti tiap patugas kagiatan. Unggal siswa dipungut anggaran
Rp 10.000 rupiah ku rincianana:
a. Mayar Pemandu
Rp 5.000/jalmi
b. Nyetak laporan
Rp 5.000/jalmi

I.Kasimpulan
Tina hasil pembahasan diluhur tiasa disimpulekun yen Kampung Naga salian ti narik perhatosan ku
kaunikan kabudayaanana , oge tiasa jadi icon kanggo masyarakat Kampung Naga khususna. Di kampung
naga teh aya adat istiadat patilasan nenek moyang,adat istiadat eta teh kedah tiasa dilestarikeun supados tiasa
teras janten daya tarik kanggo wisatawan lokal atanapi ti luar negri pikeun di jantenkeun bahan observasi.

J.Saran

PANUTUP
Alhamdulillah kagiatan ieu parantos kalaksanaekun sareng aya dina karahayuan. Kasuksesan sareng
kaberhasilan panalungtikan ieu teu lepas tina sumanget anggota kelompok sareng kerja kerasna . Mung
sakitu wae laporan anu tiasa didugikeun, simkuring saparakanca ngahaturkeun nuhun ka sadayana pihak anu
atos riung mungpulung dina acara ieu. Mugi-mugi acara ieu kenging ridho ti Allah swt.Aamiin.

Pupuhu,

Girang Serat

Fitri Syifa Ramadhanti

Shaila Insani Zahra

NIS:

NIS:

Uninga,
Guru Bidang Studi,

Pak Nopi Sopandi,S.Pd


NIP:

PIHATUR
Puji sinareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Allah SWT,lantaran ku rohmat mantena,
sim kuring saparaknca tiasa ngarengsekeun ieu laporan. Sholawat sinareng salam mugi mugi salamina tetep
kacurah limpahkeun ka junjunan alam wastana Nabi Muhammad SAW,teu hilap ka kulawargina,kasobatna
dugi ka urang sdayana salaku umat mantena.
Laporan ieu disusun kanggo nuntaskeun pancen Bapak Guru mata pelajaran Bahasa Sunda kelas XI
semester 1 tahun ajaran 2016.
Saleres leresna laporan ieu pasti aya uae kakirangan anu teu disangki ku simkuring saparakanca
kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun ieu laporan nyuhunkeun kritikan sareng saran,pikeun
nyampurnakeun ieu laporan kangge kapayuna.
Tungtung basa,simkuring saparakanca ngucapkeun hatur nuhun ka bapak guru anu parantos
ngabimbing simkuring saparakanca kana nyusunna ieu laporan.Oge simkuring saparakanca salaku anu
nyusun ieu laporan ngahareupkeun supados ieu laporan teh tiasa janten mangfaat kanggo urang
sadayana,sareng mudah-mudahan tiasa ngembangkeun keterampilan para siswa pikeun diajar basa sareng
sagala rupi anu aya pakaitna sareng budaya sunda.

Garut, 16 Oktober 2016

Penyusun

Lampiran

10

11

12

13

PANCEN BAHASA SUNDA


LAPORAN SABAB BUDAYA KAMPUNG NAGA

Disusun ku :Kelompok 3
Kelas :XI IPA 4
Amira Fuja Nawawi
Cecep Muhammad Nizar
Fitri Syifa Ramadhanti
Hazmi NF
Indri Lestari
Shaila Insani Zahra
Sifa Rahmania

SMA NEGERI 15 GARUT


Jln. Panawuan No.3a Telp.0262-224896 Tarogong Kidul

You might also like