You are on page 1of 2

BIANTARA MAULID NABI

Assalamu alaikum warahmatullahi wabarakatuh Girang pangAajen kalih hadirin


sadaya nu dipihormat' Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun puji ka
zat illahi robbi,sagala puja ka allah azza wajjala,Rehna dina danget ayena urang
tiasa patepung lawung paaamprok jonghok dina kaayan sehat wal'afiat.
Shalawat miwah salam mugia salawasna disanggakeun ka jungjungan urang
sadaya nyaeta pamimpin ka hiji,saurang jendral jeung imam ageung,pahlawan
revolusi islam nyaeta Nabiyyana warosullana Muhammad SAW,teu hilap ka
kulawargana,sohabatna, tabiit- tabiatna sareng urang sadaya salaku umatna.
Bapak/Ibu nu ku simkuring pihormat sareng konco- konco nu ku simkuring
pikanyaah' Dupi jejer biantara nu bade didugikeun ayeuna nyaeta "MAULID NABI
MUHAMMAD SAW" mudah2an ku sabab wasilahna urang ngagungken maulid
nabi.mudah2an kenging syafa at ti kangjeng nabi.di aku umatna ku kangjeng
nabi.sakumaha dauhan kangjen nabi:MAN ADZOMA MAULIDII KUNTU SYAFII'AN
LAHU YAUMAL QIAMAT.sing saha jalma ngagungken kana dina poe dilahirken na
kaula maka ku kaula eta jalma bakal di syafa atan di poe kiamat. sakumaha nu
parantos uninga yen dina bulan Rabiul awal teh aya perkawis brolna nabi
Muhammad SAW.Nabi Muhammad lahir kadunya dina kayaan yatim,ramana
pupus dina umur 5 bulan,waktu orok disusuan ku saurang awewe nyaeta
Halimatu sya'diyahnepi ka umur lima taun,tuluy anjena oge sok diajakan dagang
ku eyangna nu namina Abdul muthalib.Dina umur 40 taun anjena diangkat jadi
nabi sareng di pasihan tugas nyebarkeun agama islam. Dina nyebarkeun agama
islam,anjena sok di jahatan wae lamun bade ceramah agama islam ku kaum
yahudi atau Qurai's.Diantarana Abu Jahal,Abu jahal teresep ka Muhammad sabab
ajarana beda jeung manehna.Najan dijahatan wae oge nabi Muhammad terus
merjuangkeun sareng nyebarkeun agama islam ti mekkah nepi ka madinah (ari
urang mah boro-boro di jahatan di poyokan oge maen hantem wae..bener
teu..???.Muhammad oge teu nyalira nyebarkeunna,tapi di bantuan ku para
sahabatna nyaeta Abu bakar assidik,Usman bin affan,Umar bin khatab,sareng Ali
bin Abi thalib anu satia ngabantuan nepi ka nabi Muhammad wafat dina umur 63
taun. Bapak/Ibu guru nu kusimkuring pi hormat sareng konco - konco nu ku
simkuring pikanyaah.. Nabi Muhammad ngagaduhan sifat anu sae nyaeta 1.Tiasa
dipercanten (amanah),2.Pinter (fatanah) ,3.Nepikeun(tabligh), sareng nu ka
opatna bener/jujur (siddiq).Opat sifat eta kudu diturutan ku urang sadaya
sangkan tiasa hirup tenang/bungah,kumargi Rosulullah the nyaeta suri tauladan

nu sae. Rupina,biantara ti simkuring cekap sakitu,hapunten boh bilih aya kecap


anu salah,simkuring nyuhunkeun di hampura. Lamun ay acai kembang,tangtu
urang tiasa mandi,lamun umur urang sadaya panjang,engke - engke paamprok
deui.. Wassalamu alaikum warohmatullahi wabarakatuh

You might also like