You are on page 1of 5

Kang Sabri Leuleungiteun Kalangkang

Ku: Mamat Sasmita

Poe Saptu isuk isuk Kang Sabri geus saged, ti mimiti meresihan
motor, meresihan jeket, jeung bebekelan, enya mawa timbel. Poe ieu poe
Saptu, biasana sok marema, da pagawe pabrik sok loba nu baralik ka
lemburna.
Akang kahade anteurkeun heula si Sujang ka sakola
Heug. Geus mandi encan si Sujangna?
Enggeus, keur dibaju heula.
Satengah tujuh, Kang Sabri geus ngadius, bari ngabonceng anakna,
rek dianteur heula ka sakola.
Balikna mah leumpang we Sujang, tong hayang dijemput sagala,
pan ieu teh poe Saptu sok marema ojeg teh. Si Sujang unggeuk.
Enyaan we marema ojeg teh, nepi ka jam 10 teh Kang Sabri geus
narik opat balikan, malah aya nu rada onjoy sagala da menta di tarik ka
Sawah Gede, teu wudu mayarna rada gede. Kira-kira keur poe manceran,
aya budak awewe nu menta dianteurkeun, teu loba tatanya deui Kang
Sabri langsung nyanggupan. Motor dihirupan, budak awewe diuk di
tukang, geuleuyeung motor indit. Palebah jalan anu lenglang, budak
awewe ngagerewek, hayang eureun.
Eureun Kang! Kuring mah rek turun didieu weh. Puguh we Kang
Sabri kaget, motor dierem disakalikeun, motor meh mehan ngagaleong.
Kunaon Nyai, kapan jauh keneh
Embung, kuring mah kajeun leumpang weh
Naha Nyai?
Si Nyai bibirigidigan, bari nunjuk kana motor. Eta motor jeung awak
akang euweuh kalangkangan
Astagfirullah. Kang Sabri sababaraha kali istigfar, bari jeung rurat-
reret kana motor jeung awakna, enya geuning dirina teh euweuh
kalangkangan, padahal harita panas poe ereng-erengan. Sajongjongan
Kang Sabri ukur ngahuleng, bareuheudeun, teu ucap salemek-lemek acan.
Si Nyai anu tadi di bonceng geus leumpang miheulaan, malah siga nu
lumpat duka teuing sieuneun duka teuing kumaha pikiranana.
Awak Kang Sabri asa leuleus lir di pupul bayu, teu kuat nangtung,
manehna ngalungsar sisi jalan, atuh motor tetep ngabagug, pikiran
baluweng naha bet kieu.
Geus rada leler tina kareuwasna, jung nangtung, bari tetep alak ilik kana
dirina, teu poho nyabakan motor, enya euweuh kalangkangan.
Lahlahan motor dihirupkeun deui, hirup saperti biasa, euweuh
kakuranganana, terus ditumpakan, ngadius balik deui, bari nyemprung
tumpak motor pikiran uleng. Naha, kunaon ieu teh, leong motor
dipengkolkeun ka sakola si Sujang, sugan geus bubar sakolana, sakalian
rek dijemput. Enya barang nepi ka buruan sakola si Sujang keur
leumpang, bari cacamuilan ngadahar cilok Sujang, buru naek, urang
balik
Si Sujang atoheun nu aya, atuh buru buru ngajleng kana
pangboncengan, motor ngadius balik ka imah, sajajalan Kang Sabri teu
weleh rurat-reret ka jalan ningalian kalangkang, heueuh nu kaciri teh ngan
kalangkang awak si Sujang siga nu ngadaplok teu puguh , dina hatena
Kang Sabri sababaraha kali istigfar, paingan si Nyai nu tadi dianteurkeun
ngajleng embung dibonceng, da enya ningali kitu mah bet asa ningnang.
Sanepina ka imah, kang Sabri neundeun motor dinu iuh, dipipir
imah, atuh manehna langsung asup ka enggon, ngabebengkang awak
nangkarak bari panon ngaherang. Ti pipir imah kadenge pamajikanana
ngagorowok
Naha Sujang wayah kieu geus balik?
Kapan tereh da di jemput ku bapa
Kutan, maneh di jemput ku bapa, na bapa na kamana ayeuna?
Aya di jero
Ningali Kang Sabri nu ngabebengkang kitu, puguh we pamajikanana
reuwaseun.
Kunaon kang, gering?
Hemh.. ukur kitu kang Sabri ngawarona.
Teu lila ti harita Kang Sabri nguniang hudang Nyi, Akang deuk ka Pa
Mantri heula.
Deuk ka Pa Mantri wayah kieu, wayah kieu mah di Puskesmas
keneh atuh. Kunaon kang, gering? bari ngomong kitu teh leungeuna
ngaragamang kana tarang kang Sabri, nyampa bisi panas.
Ah henteu, ngan ieu awak asa lalungse bari dug ngedeng deui.
Ngopi atuh
Heueuh pang nyieunkeun atuh
Pamajikanana ngaleos kadapur make gula kawung atawa gula
bodas kang?
Gula bodas weh, ambih nyerep amisna
Bari ngararasakeun ngeunahna cikopi, Kang Sabri uleng mikiran
naha bet aing teu boga kalangkang, da rarasaanana mah euweuh nu
karasa, boh rieut, boh pegel linu atawa naon we nu kasebutna gering,
awak jagjag waringkas atuh pipikiran teu teu owah, ieu ge yeuh cai kopi
rasana sarua jeung cai kopi nu karasa kamari, atuh sora budak, sora si
Sujang sarua siga kamari teu beda dedengean, hiliwirna angin tina jandela
karasana sarua matak seger kana awak, atuh tetenjoan kitu keneh.
Beak cikopi sagelas karasa awak leuwih seger, Kang Sabri cengkat,
alak ilik kana beker, leuh lohor meh ahir, gura-giru ka cai, teu ka pancuran
siga biasana, wudu ukur di pipir caina tina kele, karasa tiis nyecep. Sholat
kalawan husu, ati gembleng pasrah ka Mantena, teu daya teu upaya
anging Allah nu kawasa, nyanggakeun kana kersaNa.
Kang geura dahar atuh bisi geringna katutuluyan. ceuk
pamajikanana ti dapur.
Di dapur dahareun geus nyampak, indungna si Sujang kaprak-
keprek keur ngakeul sangu, dina piring kaciri aya pais lele kaambeu
melenghir seungit surawungna, dahar teu pati mirasa, biasana mah ari
aya pais lele teh meh-mehan parebut jeung si Sujang, da pangabeuki
nurun ka bapa, sarua segutna kana pais lele teh.
Geuning ancin kang? Kang Sabri teu ngajawab, sanggeus kokocok
leungeun anggur melenyun udud.
Tuh timbel nu tadi ge aya keneh dina motor, can kacabak Ceuk
gerentes hatena naha aing mending ngomong ka indungna si Sujang kitu,
naha rek percayaeun manehna, ma enya ku aing kudu dituyun ka
hareupeun imah ngadon papanasan, naha moal matak era. beu. Beak
roko sabatang manehna ngagoledag deui.
Ari si Sujang kamana?
Cikeneh mah aya
Cik geroan sina kadieu pang meulikeun roko kituh!
Sujangkadieu, ieu bapa pang meulikeun roko!
Sabenerna mah lain hayang hayang teuing dipangmeulikeun roko,
nu puguh mah hayang nyaho naha si Sujang nyahoeun atawa henteu yen
awak jeung motor manehna euweuh kalangkangan.
Roko naon bapa jeung kaman meulina?
Roko keretek, ka warung Ua maneh.
Sujang, ari maneh geus bisa kana motor? Ditanya kitu teh si
Sujang ukur ngaheheh.
Eta atuhda tadi waktu di bonceng mani sakitu tipepereketna, ke
geus gede maneh kudu bisa, sahenteuna bisa nalangan bapa, bisi bapa
gering, ari tadi basa dibonceng teh genah?
Nya genah atuh Pa, ngararasakeun angin kana ceuli. Ngahiuk
Eta sugan teu rarat reret kana taneuh, titincakeun ban
Henteu. Peureum da.
Heueuh atuh ngan lamun geus gede heug mawa motor, kahade
kudu ningali jalan titincakan, jeung ulah peureum bisi ngagaleong.
Alhamdulillah, si Sujang teu nyahoeun, gerentes hatena.
Sholat asar jeung sholat magrib teh husu pisan, make jeung
ngaberebey cimata sagala, atuh ngadoa ge mani lila, anu biasana mah
cong-cong leos tea, harita mah kabeh sagala doa nu apal digerenteskeun.
Bada magrib leos indit ka imahna Pa Mantri, niat teh hayang
dipariksa we bisi aya nu aneh dina awak, sugan ari ku mantri kasehatan
mah kapanggih sabab sababna, rek balaka we, tibatan jadi bangbaluh, da
geus puguh ari ukur dipikiran ku sorangan mah euweuh hasilna. Jrut turun
ti imah teh make ngucap bismilah heula nu kacida tartibna, atuh
sapanajang jalan anu geus mimiti poek babacaan sabisa bisa.
Kabeneran Pa Mantri keur aya, malah kacirina mah kakara jol, da
siga can ucul-ucul, masih keneh make pakean saragem.
Aya naon Jang Sabri, asa sisinarieun ieu teh kitu teh bari sur-sor
silih asongkeun leungeun sasalaman, dina korsi sareretan Kang Sobri
ningali kalangkang leungeun sorangan, ngan can pati bleg kalangkang
aya riak-riak siga kalangkang kaca, ter hatena ngageter, degdegan.
Numawi ieu teh hoyong diparios, ieu awak asa lalungse, sareng ieu
dada asa gegeberan
Pa Mantri mariksa kalawan taliti. Ah teu nanaon geuning. Ari mawa
ojeg teh kudu make jeket anu kandel, komo mun jalan peuting mah, bisi
asup angin, jeung bisi dada karancang. Naon geuning disebutna teh paru
paru basah
Kang Sabri unggut unggutan, dijero hatena mulek, naha kudu
balaka, atawa entong, ah teu, teu kudu balaka, kapan bieu ge geus kaciri
kalangkang aing teh geus aya sok sanajan kakara kelemengna, siga
kalangkang kaca.
Tah bawa we obat ieu ceuk Pa Mantri bari mere sababaraha siki
pel.
Obat naon Bapa ieu teh?
Vitamin eta mah, ambih awak jagjag
Sanggeus babayar Kang Sabri amitan, teu poho uluk salam bari
sasalaman, panona ngareret kana kalangkang, enya aya ngan tetep siga
kalangkang kaca. Sigana Pa Mantri teu nelek-nelek kalangkang, da teu
openan, anggur kalahkah kaprak-keprek mereskeun tas wadah obat.
Palebah pengkolan jalan muru balik ka imah, kadenge adzan isya,
Kang Sabri teu terus mulang tapi mengkol ka masjid, dina hatena bari
sakalian rek manggihan Mama Jarkasih, geus lila tara munjungan. Datang
ka masjid pas keur komat, ngahaja asup teh dina sap kadua, salila sholat,
ati manteng ka Mantena, surat Alfatihah nu dibaca ku Mama Jarkasih,
karasa nyerep, dina sujud ka dua dina rakaat ahir, rada lila manteng
ngadua.
Sanggeus nu sejen nungtutan baralik ka imahna sewang sewangan,
Kang Sabri ngadeukeutan Mama Jarkasih, bari nyolongkrong ngasongkeun
leungeun ngajak sasalaman, kang Sabri ngareret kalangkang leungeunna
geus sabihari deui, bakating ku atoh langsung nubruk ka Mama Jarkasih,
ngeukeuweuk pananganana, bari jeung reumbay cimata, ceurik
ngagukguk. Puguh we Mama Jarkasih siga nu reuwaseun ningali kalakuan
Kang Sabri kitu teh.
Ke ke, kunaon Jang Sabri teh? Mama mah asa rareuwas ieu teh.
Kang Sabri teu balaka, naon nu sabenerna nu jadi bangbaluh hate, harita
nu kedal rumasa lur jeun ka kasepuhan, geus puguh ari ka kolot sorangan
mah da geus teu aya dikieuna duanana.
Sare teh peuting ieu mah teu tibra, Kang Sabri guling gasahan,
lamun seug kabeh salembur nyarahoeun, yen kalangkangna euweuh, beu
pimanaeun earna, pimanaeun matak helokna, sok sanajan sabenerna
ngarasa teu kaganggu, da awak mah cageur, beleger, atuh pipikiran
asana teh sarua teu kaganggu.
Isuk isuk, satutas solat subuh, Kang Sabri ngahaja neger negerkeun
awak ngadon kikiplik siga nu olah raga ngabatek awak, nu puguh mah
ngadagoan panon poe, hayang geura jentre ningali kalangkang. Panon
poe meletek ti beulah wetan ngempur cahayana, ting buricak tina sela
sela daun nu keur reumisan keneh, Kang Sabri muru kanu lega bari tetep
ulak ilik ningalian kalangkang.
Alhamdulillah, aya geuning kalangkang teh jeung jentre ayeuna
mah.
Ti lebak kadenge motor ngadudud, sihoreng baturna sasama tukang
ojeg.
Bri, kamari teh basa kuring nganteur panumpang ka lembur
peuntas, di ditu aya budak awewe keur hariweusweus majarkeun aya
tukang ojeg euweuh kalangkangan, waktu ditanya saha sahana, eta budak
teh ngan teu nyahoeun ngaranna ngan lamun disaruakeun jeung dedeg
pangadegna mah sigana didinya
Kang Sabri nempas Lah, lahuta teuing moal enya aya jalma
euweuh kalangkangan sagala. Tuh tingali apan sakitu jentrena, panjang
deuih, engke lamun tengah poe keur ereng erengan kalangkang kuring
jadi mondokan kitu teh bari nunjuk kana kalangkangna sorangan.

KUSNet Surabaya 6 Juni 2002


(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No. 2196 Nopember 2008)

You might also like