You are on page 1of 8

Kawih Sunda

Pengertian
Kakawihan asal kecapna tina kawih, nu hartina Rakitan basa sabangsa dangding nu
teu make patokan pupuh. Ngawih nya eta ngalagukeun kawih atawa sisindiran. Ieu
kabinangkitan teh ka asup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra
sampakan. Tapi nu boga kakawihan teh lain ngan ukur urang sunda wae, unggal seler
bangsa oge miboga kakawihan sewang-sewangan. Kakawihan ka asup sastra lisan,
sumebarna tatalepa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna
kakawihan sering disebut sastra balarea. Kakawihan lain ngan saukur dipake bari ulin,
tapi oge sok dipake bari digawe.

Ciri-Ciri
Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna sabagian tina ciri-ciri folklore
dipimilik oge ku kakawihan, di antarana:
a. Sumebar jeung diwariskeun sacara lisan;
b. Sifatna tradisional, nyebarna angger di antara kelompok tertentu;
c. Aya varian jeung versi, kajadian poho jeung interpolasi sok nimbulkeun bedana
teks. Ku kituna sakapeung teksna sok beda, wirahmana sarua. Atawa wirahmana
sarua, teksna nu beda;
d. Umumna anonym;
e. Miboga rumus jeung pola;
f. Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Danajaya, 1984).

Klasifikasi
Kakawihan bisa diklasifikasikeun dumasar fungsina, basana, waktu ngawihkeuna, oge
eusina.
Dumasar fungsi, kakawihan pikeun kaulinan, pikeun sumanget digawe, pikeun
mepende, oge pikeun protes social.
1. Kakawihan pikeun kaulinan:
Kakawihan nu dipake dina ngamimitian kaulinan di antarana: Cing Ciripit, dal del
Dol, jeung Hompimpah.
Kakawihan sapanjang kaulinan: Aanyaman, Ambil-ambilan, Ayang-ayang Gung,
Babagongan, Cingcangkeling, Eundeuk-eundeukan, jst.

2. Kakawihan pikeun numuwuhkeun sumanget digawe


Kakawihan pikeun numuwuhkeun sumanget digawe diantarana: Mars Siliwnagi,
Ngawuluku, jeung Ngagebahan Manuk.

3. Kakawihan pikeun mepende


Kakawihan pikeun mepende di antarana Nelengnengkung, Pat Lapat, jst.

4. Kakawihan pikeun protes sosial


Kakawihan pikeun protes sosial mangrupa gambaran protes kana hiji kaayaan dina
mangsa eta kakawihan dijieun, misalna: Ayang-ayang Gung, Bolu Bugem,
Dengkleung Dengdek, Prangpring, Tongtolang Nangka, Hatiku Jang Wawan, jeung
Eundeuk-eundeukan Lagoni.

Dumasar basana, aya nu eusina sagemblengna ngagunakeun basa Sunda jeung aya
anu campur jeung basa sejen. Misalna: Punten Mangga, pupujian, Si Jendil Adil, Slep
Dur, jeung Ula Elo Kembang.

Dumasar waktu, aya anu tadina sok dikawihkeun beurang atawa peuting oge aya anu
beurang jeung peuting. Contona: Kalongking jeuung Bulan Tok.

Dumasar wangun, teksna aya anu dialog jeung aya anu monolog.

1. Kakawihan wangun dialog di antarana: Ambil-ambilan, Baju Beureum, Bolu


Bugem, Cir Kupek, Gobang Kalima Gobang, Tongtolang Nangka, Eundeuk-
eundeukan Lagoni, jeung Wekwek Dor.

2. Kakawihan wangun monolog di antarana: Aanyaman, Ayang-ayang Gung,


babagongan, Cingcangkeling, Cing Ciripit, Gobang gocir, jst.

Dumasar eusi, kakawihan loba nu ngagambarkeun kaayaan masarakat Sunda dina


jamanna, magsa kakawihan diciptakeun. Eusi kakawihan loba nu ngagambarkeun
kahirupan masarakat Sunda dina mangsa kakawihan diciptakeun. Wibisana spk
(2000:387-396). Contona: Jung Jae, Ayang-ayang Gung, jst.

Tujuan
Ningkatkeun daya apresiasi seni masarakat ka kawih sunda pikeun ngangkat jati diri ti
kawih sunda sajajar jeung karya seni nu lainna.

Jenis-jenis
kawih tangtung
kawih panjang
kawih lalangunan
kawih bongbongkaso
kawih parerane
kawih sisindiran
kawih bwatuha
kawih babatranan
kawih porod eurih
kawih sasambatan
kawih igel-igelan

Conto Rumpaka
Kawih Modern
DUH INDUNG
(Cipt. Mang Koko)
Duh Indung, ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Heunteu weleh deudeuh mikanyaah, asih
Dimongmong jeung dititimang
Duh Indung, ngaping ngadama-dama anak
Ngamumule buah hate
Ngajungjung tur ngugung-ngugung
Anak dijieun puputon
Duh, Indung, Duh Indung
Timang titi ngamongmong anak
Duh, Indung, Duh Indung
Teu kendat ngadudua
Duh, Indung mun peuting ngajempling nyaring
Mun beurang lewang hariwang
Keukeuh heunteu jongjon ku puputon, gawe
Ngahehegar ngalelenjar
Duh, Indung peuting hariringan, nyaring
Lain hariring birahi
Ngeyong mepende puputon
Sieun anak heunteu tibra
Nlngnngkung
Nlngnngkung- nlngnngkung
Geura gede geura jangkung
Geura sakola ka Bandung
Geura makayakeun indung
Nlngnngkung- nlngnngkung
Geura gede geura jangkung
Geura bisa talang tulung
Ka bapa reujeung ka indung
Nlngnngkung- nlngnngkung
Geura gede geura jangkung
Geura sakola sing jucung
Manggih kapusing tong bingung
Nlngnngkung- nlngnngkung
Geura gede geura jangkung
Nagara kudu dijungjung
Dihormat dipunjung-punjung
Nilingningnang-nilingningnang
Ulah waka senang-senang
Diajar ulah kapalang
Kabh sualan sing beunang
Ku indung dipunjung-punjung
Ku bapa didama-dama
Reup deungdeung talaga tisuk
Reup sakeudeung nepi ka isuk

Bubuy Bulan
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe di sasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
Situ Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali Ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana

Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun janjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gadang jeung partentang taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia

Sariang Layung

Sariak layung di gunung


Hiber pasini patepung lawung
Teuteup jauh ngawang-wang nu di pigandrung
Duhngawang wang nu di pigandrung

Haredong meuhpeuy harideung


Jalan satapak rarambu leuweung
Kumalangkang renghapna nu di pitineung
Duhrenghapna nu di pi tineung

Surya surup layung hibar


Katanjakan sawangan di umbar
Geus ngolebat ieung, samar, samar
Hariring asihna katineung ngalalar

Angin tiis ti mumunggang


Kaitipan harewos kamelang
Tawis deudeuh ieung nu mamaranti
Sungkeman kaheman
Saranggeuy malati

Sangian : H.Koko Koswara


Rumpaka : Dedi Widiya giri
Laras : Pelog

Hareupeun Kaca
Hareupeun kaca ngajanteng salila-lila
Ruman alum gurat duka atra narembongan
Hareupeun Kaca sagala nu karandapan
Lalakon katukang-tukang nungtut dararatang

Reueuk rumeuk dina eunteung


Semu keueung semu nineung
Jiwa awaking nyarita
Jiga nu nganaha-naha

Duh ieung geuning, jiga nu nganaha-naha


Bejakeun deudeuh bejakeun
Rumasa geus katalimbang

Hareupeun kaca sagala nu karandapan


Lalakon ka tukang-tukang
Nungtut dararatang

Sangian : H.Koko Koswara


Rumpaka : Winarya art
Laras : Madenda

Kawih Klasik
Cang ucang angg

Cang ucang angg


Mulung muncang ka paranj
Digogog ku anjing ged
Anjing ged nu Pa Leb
Ari gog gog cungunguuuung

Hhotan

Hh hh hhotan
Bulu klk jambrosan
Nini-nini dagang ketan
Teu payu dicarkan

Ayang-ayang Gung

Ayang-ayang gung
Gung goongna ram
Mnak Ki Mas Tanu
Nu jadi wadana
Naha manh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung Kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorngan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong

Cingciripit

Cingciripit tulang bajing kacapit


Kacapit ku bulu pare
Bulu pare seuseukeutna
Jol Pa Dalang
Mawa wayang, jrekjreknong!

Ucang Angge
Cang ucang angge
Mulung muncang ka papangge
Digogog ku anjing gede
Anjing gede nu Pa Lebe
Ari gog, gog cungungung!
SAWALA PIKEUN NYUMPONAN
KOMPETISI NYARITA MEDAR
BAHAN KAWIH SUNDA

KELOMPOK SUBADRA
10. Fanny Rahmasari
12. Hanna Rahmawati
17. Michelle Putri D.
27. Nurhaliza Chairindah
30. Ranti Anbiya
34. Sabila Nilam S.

DINAS PENDIDIKAN KOTA BANDUNG


SEKOLAH MENENGAH PERTAMA NEGERI 20
JL. CENTEH NO.5
2015/2016

You might also like