You are on page 1of 8

SASAKALA SITU BAGENDIT

Di wewengkon Garut aya situ anu ngaranna kawentar ka mana-mana, nyata Situ Bagendit.
Ck sasakala mah, ta Situ Bagendit th asal-muasalna kieu:

Baheula, aya hiji randa beunghar katelahna Nyi Endit. Ieu th saenyana mah nnhna, da
ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manhna th kacida pisan kumedna.

Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana th. Salian ti pakacar-pakacarna mah, tara aya
nu larsup ka imahna. stuning lain babasan ta mah hirup nyorangan th. Ngahaja
mencilkeun manh, ngababakan di tengah pasawahan anu upluk-aplak. Maksudna taya lian,
ku bawaning embung campur jeung batur, da sieun kasoro ta.

Kacaturkeun keur usum pann, di ditu di dieu ceuyah dibaruat. Ka sawah Nyi Endit og ra
nu gacong. Ari rngs dibuat jeung sanggeus parna dikaleuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi
Endit nyieun sidekah. Ngondang leb jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku
sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy
diondang ngariung tumpeng. Atuh anu ngariung th nepi ka ratusna. Tapi sadia tumpengna
teu sabaraha, nepi ka ngan sakotap g geus brs, bari tingkartap knh.

Keur meujeuhna balakcrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku


pribumi teu ditari teu ditakon. Nya pok aki-aki th walh yn teu kawawa lapar, sugan aya sih
piwelas. Ana gantawang th Nyi Endit bet nyarkan, nyk-sk-nykskkeun, pajarkeun th
taya kara, teu ngahutang gaw, mnta bagian. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah
nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun w.

Aki-aki indit bari jumarigjeug, bangun teu nangan. Mmh indit manhna ngomong kieu,
Sagala g boh ka nu had boh ka nu gorng, moal taya wawalesna.

Ngomong kitu th kasaksian ku sakur nu aya di dinya. Sarngsna nu dalahar tuluy amit rk
baralik. Kakara g patinglalos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero, Caah! Caah!
cenah.

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan leb w pakarangan Nyi Endit th geus
kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina
ba. Nyi Endit og nya kitu, niat rk nyingkiran cai, tapi barang kaluar pisan ti imahna, cai
th nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum mh
laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu welh-welh sasambat
mnta tulung Tapi taya nu nulungan, da batur g sarua ripuhna. Nyi Endit ngalelep. Beuki
lila, cai th beuki ged ba. Nepi ka jadi situna, ngeueum sakabh pakaya Nyi Bagendit.
SASAKALA SITU BAGENDIT

DI wewengkon Garut aya talaga nu ngaranna kawentar ka mana-mana, nya ta Talaga


Bagendit. Kacida kajojona th. Saban po Ahad tawa po pakanci ramna th luar biasa. Ti
nu deukeut ti nu jauh jelema th mungguh merul nu rk ngadon sukan-sukan, babakuna
lalayaran.

Ck sasakala mah, ck dongng nu sok didongngkeun deui, ta Talaga Bagendit asal


muasalna kieu: Baheula, geus rbuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi
Endit. Ieu th saenyana mah nnhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit.

Manhna th kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti
pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. stuning lain babasan ta mah hirup
nyorangan th. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit th mmang jalma nunggul
pinang, geus teu kadang teu warga, hirupna th stuning nunggelis.

Ari beungharna ta mah ttla. Bh kebonna bh sawahna, imahna g panggedna di


salembur ta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manh, ngababakan di tengah
pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lian, ku bawaning embung campur jeung
babaturan, da sieun kasoro ta. Teu kitu mah atuh moal disebut medit. Kacaturkeun keur
usum pann.

Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit g ra nu gacong. Ari sarngs
dibuat jeung sanggeus parna di ka leuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun
sedekah ngondang leb jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu
ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung
tumpeng.

Atuh nu ngariung th nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan
sakotap geus brs bari tingkartap knh. Keur meujeuhna balakcrakan, solongkrong aya
aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon, nya pok aki-aki walh,
yn teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang th Nyi Endit bet nyarkan,
nyklk-nyklkkeun, pajarkeun th taya kara, teu ngahutang gaw, mnta bagan..

Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.
Aki-aki indit bari jumarigjeung, bangun teu nangan. Mmh indit manhna ngomong kieu,
Sagala g boh ka nu had boh ka nu gorng, moal taya wawalesna. Ngomongna kitu th
bari kasaksian ku sakur nu aya di dinya.

Sarngsna, nu dalahar tuluy amit rk baralik. Kakara g pating lalos, rug-reg ngarandeg,
sabab aya nu tinggarero: Caah! Caah! cenah. Henteu kanyahoan ti mana datangna cai,
ngan leb ba pakarangan Nyi Endit th geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma
geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina ba.

Nyi Endit g nya kitu, niat rk nyingkirkeun cai, tapi barang rk kaluar ti imahna, cai th nepi
ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum mh laput. Nyi
Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu welh-welh sasambat mnta
tulung. Tapi henteu kungsi lila jep ba jemp, sihorng geus tikerelep. Imahna g geus teu
tmbong.

Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus
salin rupa jadi talaga, anu nepi ka ayeuna disebut Talaga Bagendit ta.
GUNUNG GUNTUR

Ari asalna eta gunung, disebutna lain Gunung Guntur atawa Gunung Agung, tapi Gunung
Kutu ngaranna. Waktu Sunan Ranggalawe, tepi Gunung Kutu ngaranna. Waktu Sunan
Ranggalawe, jeneng ratu di Timbanganten, nagarana di Korobokan, kagungan saderek istri
hiji, jenenganana Maharaja Inten Dewata; eta teh rakana Sunan Ranggalawe anu saibu
sarama.

Ari eta Maharaja Inten Dewata, henteu kersa calik di nagara, kersana midusin bae, ngan aya
saurang anu ngiring ka Maharaja Inten Dewata, pangasuhna lalaki enggeus kolot kacida,
ngaranna Batara Rambut Putih. Kacarios Sunan Ranggalawe, keur dideuheusan ku para
mantra, ponggawa jeung para abdi-abdi kabeh papatih unjukan.

Jisim abdi mendak pisitueun teu kinten pisan saena, ku emutan, upami geus didamelan situ
teh, tegalan sadayana tangtos seep dianggo sawah. Ari nu kagungan eta pisitueun, Raka
Gusti, Maharaja Inten Dewata.

Sunan Ranggalawe ngadawuh

Gampang, lamun kitu mah.

Lajeng miwarang hiji mantra, dawuhannana

Maneh, ayeuna kudu leumpang ngadeuheusan ka Aceuk, dipiwarang ku aing, nyuhunkeun


eta pisitueun bade ditambak, dijieun situ, sabab rea pihasileunana. Los, maneh geura
leumpang.

Kacaturkeun eta mantra ka bumi Maharaja Inten Dewata, cong nyembah, bari gek diuk.
Mariksa Maharaja Inten Dewata ka eta mantra

Dipiwarang naon ku Gusti maneh.

Mantri unjukan

Abdi dipiwarang ku rai gamparan manawi terang manah, eta pisitueun disuhunkeun bade
didambel situ.

Wangsulna Maharaja Inten Dewata.

Unjukeun ka gusti maneh, eta pisituen hamo dihaturkeun, sabab aing euweuh deui nya
kabetah ditanah Korobokan teh, ngan di dieu pisan. Lamun eta dijieun situ, tangtu kakeum
lembur aing. Los, mantra geura balik.

Ti dinya mantra tuluy wangsul

Barang dating ka nagara, tuluy diunjukkeun sadayana, sadawuhan Maharaja Inten Dewata;
dawuhan Sunan Ranggalawe.
Kajeun ari teu dilelerkeun mah.

Heubeul ti heubeul, rea abdi-abdi nu laleutik arunjukan ku maneh, haying didamel situ,
supaya abdi-abdi baroga sawah kabeh.

Kacarios Sunan Ranggalawe, dua tilu kali miwarangan neda eta pisitueun, henteu bae
dilelerkeun ku rakana, henteu tiasa maksa Sunan Ranggalawe, tina sabab isin ku raka. Aya
sahiji mantra nu pangkolotna, unjukan ka Sunan Ranggalawe.

Abdi mah heran ku Gusti, henteu nyaah ka abdi, abdi anu laksa rebu, bet ajrih ku raka istri,
ari pamiraos jisim abdi, Gusti teh jeneng Ratu ti TImbanganten, teu aya nu leuwih ageing ti
Gamparan, sanajan raka oge kaereh kajiwa bumi ku Gamparan. Naha Gamparan beunang
dihalang-halang, lamun kitu mah di Timbanganten teh aya ratu 2, hiji istri hiji pameget.

Sunan Ranggalawe sanggeus ngadangu piunjukna mantra, langkung-langkung benduna,


ngaraos yen eta sapihatur mantra, lajeng ngadawuh.

Ayeuna kumpulkeun abdi-abdi kabeh, pada marawa caul reujeung parabot nu rek nyitu poe
ayeuna, urang tambak.

Abdi-abdi, sanggeus meunang timbalan, sumawonna anu ngadenge, nu teu ngadenge oge
nyueung nu marawa pacul jeung pangali, jelema rewu laksa budal ti lemburna, jeung
nuturkeun ka baturna nu loba. Kacarios Sunan Ranggalawe angkat kuanjeun, barang sumping
ka pisitueun, tuluy nimbalan, saurna.

Geura prak geura pigawe.

Gancaning carita, eta situ anggeus ditambakna. Malah-malah caina enggeus leber ka lembur,
Maharaja Inten Dewata kaliwat ngenes manahna, kusabab raina nganggo sawenang-wenang.
Maharaja Inten Dewata asup ka bumi, nyandak kekemben hiji. Lajeng angkat ngajugjug ka
sahiji gunung leutik, anu deukeut ka Gunung Kutu katelah ayeuna gunung putri, sabab
dianggo eureun ku Putri Maharaja Inten Dewata.

Sanggeus aso lajeng ngadawuh ka Batara Rambut Putih

Ayeuna, aki nyieun jolang eukeur wadah cai jeung nyokot taneuh sakeupeul, aing deuk naek
ka Gunung Kutu.

Matur Batara Rambut Putih.

Gusti, rek ngersakeun naon angkat ka Gunung Kutu ?

Nyaur deui Maharaja Inten Dewata.

Tau dek naon-naon, aing mah ngan haying nyaho bae ti eta luhur Gunung.

Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang sarta dieusian cai jeung taneuh sakeupeul. Lajeng
Maharaja Inten Dewata naeh ka Gunung Kutu. Sasumpingna ka Puncak eta gunung, tuluy
taneuh sakeupeul diawur-awur dina luhur gunung reujeung cai anu sajolang tea dibahekeun.
Sanggeus dibahekeun, Maharaja Inten Dewata lungsur ti luhur Gunung Kutu ka Gunung
Putri. Batara Rambut Putih henteu tinggal. Pada harita keneh poek mongkleng buta rata di
Tanah Timbanganten.

Henteu lila jumegar dina Pucuk Gunung Kutu, seuneu ninggang kana imah, loba jelema nu
paraeh, sato hewan pararaeh, imah kahuru; liwat saking ruksakna nagara Karobokan, kalabur
sakira-kira teu katepi ku seuneu jeung ku batu. Gunung Kutu beuki gede seuneuna, beuki
loba batuna nu kaluar, malah gunung anu antel ka Gunung Kutu pada obah Kabeh.

Dina waktu harita, jalma-jalman menak, kuring, sakalangkung pisan sarusaheunana, tina
manggih bahla sakitu gedena, dina jero opat puluh poe, opat puluh peuting, henteu
ngingetkeun kana salamet, ingetanana anu araya, saperti kiamat bae, tina ninggal sakitu
poharana loba pisan karuksakanana. Malah dina waktu harita, abdi-abdi nu henteu katinggang
urug, kalaburna masing-masing nu ngetan, ngulon, ngaler, ngidul, geus teu ngurus raja
bandana, saperti nu kabu ka Bandung, ka Cianjur, ka Karawang jeung sejen nagara; eta rea
pisan nu teu baralik deui ka nagara Korobokan. Tuluy bae ngumbara, nepi ka turun tumurun
ka anak incuna; ari nagara timbanganten mah, ngan dijieun itung-itung nagara pusaka bae,
turunan tikaruhunna.

Sunan Ranggalawe enggeus ngaraos salirana balai sakitu gedema, tangtu ti rakana, ti
Maharaja Inten Dewata datangna. Enggal kaluar Sunan Ranggalawe ti nagara Korobokan,
dek neangan rakana Maharaja Inten Dewata. Ngajugjug ka Gunung Putri, katingali Maharaja
Inten Dewata ngadeg dina batu. Sunan Ranggalawe gagancangan moro ka rakana. Sanggeus
patepang, Sunan Ranggalawe ngarangkul kana sampeanana, tobat sarta nangis, neda
dihampura sagala kalepanana. Tuluy dihampura ku Maharaja Inten Dewata. Tanda geus
dihampura, seuneu anu hurung pareum, sora anu pating beledug repeh, batu anu cara hujan
datangna tina luhur gunnung leungit kabeh. Sanggeus kitu, Sunan Ranggalawe matur ka
rakana.

Sumangga, Aceuk, ayeuna urang mulih ka Nagara.

Maharaja Inten Dewata nyaur.

Aceuk mo balik deui ka Nagara, deuk nurutkeun kahayang ati bae, jeung baring supagi ieu
gunung jadi deui cara kieu petana, nyebut bae ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara Rambut
Putih, salamet, mo aya kitu kieu masih jadi oge.

Maharaja Inten Dewata jeung Batara Rambut Putih sanggeus sasauran Musna tipayuneun
Sunan Ranggalawe; henteu kacarios ka mana angkatna atawa dimana calikna.

Sanggeus Mharaja Inten Dewata musna, Sunan Ranggalawe mulih ka nagara Korobokan.
Tapi Sunan Ranggalawe, sasumpingna ka Nagara, henteu weleh nyandang sesah, tina sabab
abdi-abdina ampir seep sadayana; salianna tina katindih ku urug, nyaeta pada kalalabur
kabeh, parindah ka sejen nagara, ka sejen tempat. Jadi di nagara Korobokan roncong teu aya
jelema, sumawosna sasatoan, kuda, munding, embe, domba, atawa hayam, seep paraeh
katinggang ku urug. Ti wates eta, gunung kutu dilandih ngaranna, sawareh anu nyebut
gunung agung, sawaerh deui anu nyebut Gunung Guntur.
Ari gunung leutik, Urut Sunan Ranggalawe tobat ka rakana, katelah nepi ka ayeuna ngaranna
Gunung Putri. Ari situ, anu disituan ku Sunan Ranggalawe, katelah ngaranna Situ Taman, di
Timbanganten.

Salebeting carita, jalma nu paeh mangsa harita, katinggang ku batu, kakubur taneuh jeung
keusik, jeung katinggang seuneu, reana aya sawelas rewu, ari rupa sato hewan tujuh rewu. Ari
Nagara Korobokan jeung kampong-kampungna, anu katutup ku taneuh jeung ku batu, nu
katelah ayeuna Tegal Urug. Ari Nagara Timbanganten nyaeta dialihkeun ka Tarogong; eta
nagara pusaka ti jaman baheula.

You might also like