You are on page 1of 1

Assalamualaikum Wr. Wb.

Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiyai


walmursalin. Waala alihi washohbihi azmain. Amma badu. Ibu Guru
pangajar Basa Sunda anu ku sim kuring dipihormat, sareng
rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikacinta. Langkung tipayun,
hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka Allah SWT kulantaran
nimat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan
ieu. Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun
ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para
kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku
umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal alamin. Dina kasempetan
ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan
Penyalahgunaan narkotika dikalangan remaja. Narkotika dina dunia
medis nyaeta obat bius/penenang pasien anu rek di operasi, narkotika
teh mangrupa zat aditif anu ngabahayakeun jeung bisa nyieun
kacanduan,sarta karusakan otak jeung saraf motorik mun ku urang
dikonsumsi bisa nyabab keun kageloan, jeung anu parahna kamatian,
tapi lain hal na barudak ngora jaman kiwari mah ngagunakeun
narkotika keur nga-gaya hungkul, bari jeung teu apal kana
pibahayaeunnana istilah bahasa deungena mah drug is purpose for
freestyle . Anu ngagunakeu jeung ngedarkeun narkotika lamun
kapanggih ku polisi mah bisa penjara, teu lulus tes kasehatan,
dipiasing ku masyarakat, teu meunang pagawean jsb, numatak tong
hayang apal kana barang haram anu ngarana narkotika, jeun zat aditif
laina anu matak ngarusak kahirupan urang ayeuna jeung anu bakal
datang. Mening ayeuna mah mempeung urang ngora keneh urang
eusian ku diajar anu soson-soson, guna ngajungjung harkat jeun
martabat bangsa indonesia, sakali deui SAY NO TO DRUG, BUT ITS
SO SAD FOR YOUR LIFE. Mugi-mugi mangfaat keur kahirupan urang
sadayana, Sakitu anu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hapunten bilih
aya kalepatan sareng cariosan Nu teu merenah kanu manah hatur
nuhun kanu sadaya perhatosanana. Akhirul kalam Wabillahitaufik
walhidayah Wassalamualaikum wr.wb

You might also like