You are on page 1of 3

Aya hiji putri raja di tatar Sunda nu geulis kawanti-wanti endah kabina-bina nu ngaranna

Dayang Sumbi, tapi hanjakal manehna diasingkeun ka leuweung alatan nandang panyakit
nu teu cageur-cageur, nu dianggap bisa ngabalukarkeun boborna wibawa jeung komara
sang Raja.

Dina sajeroning pangasingan, pikeun ngaleungitkeun kakesel, nya sapopoena sok


ngadon ninun di saung ranggonna Hiji mangsa keur anteng ninun, taropong paragi
ngasupkeun benang kana rentangan anyaman benang murag ka handapeun saung.
Kulantaran keur kagok digawe tambah hoream turun ti saung, Dayang Sumbi ngucap ka
sing saha bae nu daek mangnyokotkeun jeung nganteurkeun eta alat ka manehna, lamun
awewe rek dijadikeun dulur, mun lalaki rek dijadikeun salaki.. Nya harita aya anjing jalu nu
ngaran si Tumang nyokot eta alat jeung nganteurkeun ka Dayang Sumbi. Barang
mireungeuh yen nu nganteurkeun taropong teh mangrupa anjing jalu atuh kacida
ngagebegna ku alatan geus ragrag ucap nu keur elmu sunda mah ucap teh sarua jeung
sumpah nu teu meunang dibolaykeun.

Bari ngaheruk ku lantaran geus sumpah tea, nya kapaksa Dayang Sumbi kudu
ngalakonan kawin jeung anjing nu ngaran si Tumang, nepi ka boga budak lalaki nu kacida
kasepna nu dingaranan Sangkuriang. Sangkuriang ti orok nepi ka mangkat baleg,
salawasna diasuh jeung diaping ku Si Tumang, kamana Sangkuriang lumampah didinya si
Tumang ngintil marengan. Hiji mangsa Dayang Sumbi hayangeun pisan jantung mencek,
mani asa geus aya dina lentah, nya gancang nitah Sangkuriang sangkan moro mencek
jeung kudu kabawa jantungna. Tapi dadak dumadakan harita nepi ka sapoe jeput teu
panggih jeung sato naon-naon, sedeng waktu geus nyerelek maju ka burit. Sangkuriang
bingung ku lantaran can hasil nedunan kahayang nu jadi indung, Sangkuriang sieun nu jadi
indungna bendu mun mulang teu mawa hasil. Barang ret ka si Tumang nya timbul akalna,
terus si Tumang dipanah jeung dicokot jantungna, terus dibawa jeung dipasrahkeun ka
indungna. Ku Dayang Sumbi ditarima terus diasakan.

Dina sajeroning masak Dayang Sumbi ras inget ka si Tumang, anu saterusna
ditanyakeun ka Sangkuriang kamana si Tumang. Barang ditanya kitu Sangkuriang
ngabetem teu ngajawab, tapi sanggeus disedek, ahirna Sangkuriang wakca balaka, yen anu
eukeur dipasak ku Dayang Sumbi teh eta jajantungna si Tumang. Atuh dadak sakala
Dayang Sumbi ambek kacida sabab si Tumang the bapana Sangkuriang, bakat ku ambek
sinduk batok nu keur dipake masak harita ditakolkeun kana sirah Sangkuriang nepi ka
baloboran getih nu ngabalukarkeun sirahna pitak jeung terus diusir. Sangkuriang minggat
teu puguh arah tujuan kalunta - lunta asup leuweung kaluar leuweung naek gunung-turun
gunung, asup guha kaluar guha, nya bari ngelmu sakapan-paran.

Gancangna carita liwat welasan taun Sangkuriang tumuwuh jadi jajaka nu gagah kasep
tur luhung ku elmu, jembar ku pangabisa. Kersaning nu Maha Kawasa, hiji
mangsa panggih jeung Dayang Sumbi nu sacara lahir wujudna teu robah lir parawan
welasan taun geulis kabina-bina lir widadari ti kahiyangan, lantaran ngagem elmu awet jaya.
Duanana pada-pada teu wawuh pangrasana karek tepung munggaran harita. Barang
paamprok timbul tatali asih, pada-pada mentangkeun jamparing asih geugeut layeut lir gula
jeung peueut teu bisa dipisahkeun, nya terus patali jangji rek hirup babarengan ngawangun
rumahtangga ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salogak Hiji mangsa Dayang Sumbi keur
anteng nyiaran buuk Sangkuriang, katenjo aya pitak dina sirah Sangkuriang, harita Dayang
Sumbi ngagebeg sabab ras inget ka nu jadi anakna waktu keur leutik ditakol ku sinduk
persis palebah eta pitak. Nya gancang tatalepa tumanya ka Sangkuriang nalungtik
sajarahna eta pitak. Sanggeus dicaritakeun nu sabenerna atuh kacida reuwasna horeng eta
Sangkuriang teh anakna nu geus heubeul diteangan dianti-anti hayang kapanggih deui, atuh
gancang ku Dayang Sumbi dibejer-beaskeun yen sabenerna manehna teh indungna
kalayan menta ka Sangkuriang sangkan pamaksudan hayang hirup laki-rabi jeung manehna
dibolaykeun, sabab teu mungkin anak kawin ka indung.

Ngadenge caritaan Dayang Sumbi kitu Sangkuriang teu percaya, alesanana teu
mungkin wujud nu jadi indung bisa leuwih ngora tibatan dirina, Sangkuriang boga anggapan
yen caritaan kitu teh, sakadar alesan pikeun ngabolaykeun jangji pasini. Dayang Sumbi
terus ngajebejerbeaskeun ceuk paribasa nepi ka beak dengkak ngajelaskeun sangkan nu
jadi anak sadar jeung narima kana kanyataan nu tumiba, tapi Sangkuriang tetep teu percaya
jeung keukeuh maksa pikeun ngawujudkeun tali rarabi rumahtangga, malahan jadi
ngabuburu sagala hayang harita keneh dilaksanakeun. Mireungeuh kahayang Sangkuriang
kitu, Dayang Sumbi ngaheruk buntu laku beakeun jalan pikeun nyingkahan, harita timbul
akal
sangkan tali rarabi bisa dibatalkeun ku jalan nyanggupan pikeun kawin tapi aya sarat,
nyaeta Sangkuriang dina jero sapeuting kudu bisa ngabendung nyieun talaga gede jeung
parahu pikeun lalayaran madukeun kaasih, nu ceuk pikirna pamohalan eta sarat bisa
katedunan ku Sangkuriang.

Sangkuriang nyanggupan, kalayan gancang guragiru ngumpulkeun madia baladna


bangsa lelembut nu katelah Guriang Tujuh, nya prak migawe naon nu dipikahayang Dayang
Sumbi. Teu kungsi sapeuting eta pagaweaan ampir anggeus, atuh nempo kaayaan kitu
Dayang Sumbi kacida reuwasna, sabab sieun ku dosa. Dayang Sumbi terus sidakep situhu
tunggal mujasmedi, jumerit menta pituduh Nu Kawasa sangkan Sangkuriang teu bias
nganggeuskeun pagaweanana. Sangeus nampa pituduh, gura-giru Dayang Sumbi
ngerahkeun masyarakat di wewengkon eta sangkan ngebeberkeun jeung ngelebetkeun
boeh rarang nu didamaran ku obor nu nimbulkeun pantulan cahaya katingalina mangrupa
balebat tanda peuting rek ganti beurang, kitu oge ibu-ibu jeung para wanoja dikeprik
dimana-mana sangkan gancang babarengan narutu lisung tutunggulan.

Ku ayana cahaya jeung lisung tutunggulan, hayam jago jadi reang pating
kongkorongok. Mireungeuh kajadian kitu, Guriang Tujuh nu keur ngangsitkeun pagawean
kacida reuwaseun, atuh gancang kalabur ngalaleungit deui teu sanggup neruskeun sabab
sieun kabeurangan, nu balukarna naon nu jadi sarat ti Dayang Sumbi teu bias direngsekeun
ku Sangkuriang.
Ngarasa ditipu Sangkuriang kacida ambekna, parahu nu can rengse terus ditalapung nya
ragrag jadi Gunung Tangkuban parahu, tunggul - tunggul sesa nuar kai pikeun nyieun
parahu robah ngajadi Gunung Bukittunggul, sedengkeun tumpukan dahan, pangpang,
rerenteng jeung daun kai ngajadi Gunung Burangrang. Sangkuriang teu puas, anu
saterusna ngudag-ngudag Dayang Sumbi, ceuk sakaol sapanjang jaman tepi ka wanci
ayeuna Sangkuriang masih terus ngudag-ngudak Dayang Sumbi.

You might also like