You are on page 1of 1

Kacang Nyegah Panyakit Jantung

Panyakit jantung mangrupa panyakit anu diakibatkeun 'pola hirup' jeung 'pola dahar' nu teu
sehat. Pola hirup jeung dahar nu teu merhatikeun unsur gizi jeung kasehatan, umumnya bisa
ngabalukarkeun panyakit beurat, kaasup panyakit jantung. contoh artikel bahasa sunda tentang
kesehatan kacang Kolesterus salasahiji unsur ngabahayakeun anu aya dina kadaharan, sarta
bisa ngadatangkeun panyakit jantung. Pikeun ngajauhkeun panyakit jantung, aya sababaraha
hal penting nu kudu diperhatikeun, diantarana bisa diubaran sacara tradisional ku kacang. Sok
sanajan tangtu bae teu cukup ngadaharan kacang. Pikeun nyinglar panyakit jantung nu raket
oge kaitanana jeung lemak dina awak urang, para ahli ngelingan sangkan urang rajin olahraga.
Pikeun anu awakna gendut, lian ti beurat nu matak ripuh kana gerak awak, resiko katerap
pernyakit jantungnya oge leuwih luhur tibatan anu awakna leutik. Hidep tangtu geus apal kana
rup rupa kacang anu aya di Indonesia. kayaning kacang tanah, kacang polong, kacang panjang,
jeung sajabana. malah ku loba lobana kacang di Indonesia, nurutkeun para ahli, aya
sababaraha tutuwuhan anu kaburu disebut kacang, padahal sabenerna mah teu kaasup
kulawarga kacang. Contona, kacang mede jeung kacang almond. Nurutkeun para hali botani,
eta teh teu kaasup kulawarga kacang. Jadi, nu kumaha atuh nu kaasup kana kulawarga kacang?
Kacang sacara basajan nurutkeun ahli borani, nya eta siki nu garing tur dibijilkeunana tina
kembang anu rupana jiga kukupu. Tapi sidik, kacang teh kaasup tuwuhan favorit di Indonesia.
Bisa jadi, kacang populer ku rasa nu bisa ka bala ka bale. Dikonsumsi ku saha bae, ti mimiti
cacah kuricakan nepi ka para gegeden. Soal rasa, urang geus pada apal. Tapi salian ti rasana nu
ni'mat jeung gurih, kacang oge memang mengandung mangpaatna pikeun kesehatan jantung.
Tina kacang sasiki, bisa ngahasilkeun protein, lemak, jeung karbohidrat anu lobana beda beda,
gumantung kana jenis kacangnya. Unggal 100 gram kacang tanah leuwih loba kadar lemakna
(47,7 gram) ti batan lemak kacang kadele anu ukur 18 gram. Tapi, kacang kadele leuwih loba
proteinna (35gram) tinimbang protein kacang tanah anu ngan ukur 30,4 gram. Kacang anu
pangsaeutikna ngandung lemak, nya eta kacang hejo (1 gram). Tapi kacang hejo teh rajana
karbohidrat (60 gram). Disusul ku karbohidrat kacang kadele 32 gram jeung kacang tanah 11
gram. Nurutkeun Dr. Penny Kris Etherton, ahli botani ti Universitas Peno State, nembrakkeun
pamanggihna, yen kacang kacangan bisa mantuan nurunkeun kadar panyakit jantung koroner.
Sabalikna pisan tina pamanggih umum salila ieu. Ceuk panalungtikanana, lamun urang
ngadahar kacang leuwih ti 5 ons dina jero saminggu, bisa nurunkeun kadar panyakit jantung
koroner antara 25-39%. Salian ti eta, kacang kacangan oge bisa miara keteg jantung jadi stabil,
angger gancangna dina kaayan normal tur matak nyehatkeun. Lemak dina kacang kacangan
oge kaasup "lemah tak jenuh" anu gede mangpaatna pikeun kasehatan jantung. Lian ti eta oge,
aya nu disebut "beta sitosferol", anu bisa nyegah panyakit jantung jeung kanker. panyakit sejen
anu bisa ditolak nyaeta kanker usus besar, prostat, jeung kanker payudara. Jadi, sagala oge
lamun didasaran ku elmu mah, lain ukur dikira kira atawa milu guyub jeung pamanggih
umum, bisa jadi anu tadina pikasieuneun teh bakal leuwih hade dipisobat tur leuwih gede
mangpaatna pikeun kahirupan urang.
Dicutat tina Majalah Mangle, no. 2019 kenging: NS

kkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkk
kkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkk
kkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkkk

You might also like