You are on page 1of 5

Dongeng Sunda: Si Kabayan Moro Uncal

Isuk knh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran po ta rayahat rk moro uncal.
Urang kampung geus saraged, mak calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkng,
bedog panjang nyolgrng. Sawarh marawa tumbak. Anjing ragg geus hayangeun geura
ngudag boroan ka leuweung.
Nnjo batur saraged th Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manhna mah ngallk, mak
sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manhna mah kalah mawa pso raut.
Keur naon mawa pso raut, Kabayan? tatanggana nanya.
Keur nyisit uncal, jawabna.
Nu rk moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragg ti kulon, ti kalr, ti wtan.
Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manh. Manhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari
tatanggahan, nangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, Pegaat!
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol th ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Ck pangirana uncal th saged anak emb. Nu matak barang
nnjo sato nu siga kuda bari tandukan th, ngan trkl w manhna nak kana tangkal jambu.
Teu bisa luhur nakna th da kagok ku sarung. Manhna nangkod kana dahan panghandapna,
sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal th lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku
tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari ditnjo
horng tanduk uncal th meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang
ngalsotkeun tandukna. Kadng ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna,
uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan
beuki geumpeur, sepa taya getihan.
Tuluuuuung.tuluuunngg., ieu aing ditubruk uncal! Si Kabayan gegeroan mnta tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nnjo uncal abrug-abrugahn th, teu antaparah deui
belewer w ditumbak. Uncal ngajngjh. Jekok-jekok pada ngadkan tepi ka rubuhna. Uncal
ngajoprak. Si Kabayan g ngalungsar gigireunana bari rnghap ranjug.
Nu ngariung uncal hlokeun.
Kumaha ditwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., Ah gampang. Uncal mengpengan ka
handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wh tandukna ku
sarung . Tuh geuning sarungna og tepi ka rangsak saroh. Geus karungkup mah teu hs, kari
marieuskeun w tandukna.
Sarra gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji th nyrngh w bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.
(Tina Gapura Basa Jilid 2, Karya Drs. Hidayat Suryalaga, spk.)
Sumber: https://djadja.wordpress.com/2013/08/22/dongeng-sunda-si-kabayan-moro-uncal/
Kantor Cabang Tasikmalaya
Jl. R.E. Martadinata No. 260
Tasikmalaya
Tel. (0265) 327987, 327811
Fax. (0265) 331346
Status Kantor: Cabang III
Si Kabayan Meuleum Lauk :: Dongeng
Ku bapana. Si Kabayan dititah masantrn di hiji lembur nu rada mencil. Masih knh tradisonal
pasantrnna th. Sarna di kobong ngampar samak jeung sababaraha urang baturna. Daharna
sangu liwet. Ngaliwetna reremenna mah sorangan-sorangan, tapi sakapeung mah babarengan.
Mun ngaliwetna dihijikeun sangu liwetna ditamplokeun kana ccmph nu diamparan daun cau,
terus didalahar babarengan.

Deungeun sanguna saaya-aya. Mun tas balik mah teu hs, dan dibekelan ku kolotna, surundng,
kr lauk, jeung sajabana. Mun teu boga deungeun sangu, Si Kabayan sok nyair di solokan leutik
nu teu jauh di kobongna sakalian bari nangan suluh keur ngaliwet, kawantu jaman baheula mah
teu usum minyak tanah atawa LPG. Mun nyair, sakapeung teu beubeunangan, sakapeung mah
meunang berenyit, ll, hurang, belut, jeung lauk nu palid ti balong.

Hiji mangsa, waktu isuk-isuk nyair di solokan, Si kabayan meunang anak lauk emas saged
indung leungeun dua siki. Atuh atoheun pisan. Laukna diteundeun buni pisan, bisi dihakan
ucing. Si Kabayan ngaliwet, sanggeus asak teu terus meuleum lauk.

Moal waka dibeuleum bisi babaturan mnta, engk uing moal kabagan, ceuk hatna. Atuh
baturna dalahar, Si Kabayan mah kalah ka kekedengan.

Can hayang dahar, teu ngarareunah awak, pokna waktu ditanya kubabaturanana.

Rngs dalahar babaturanana kalaluar ti kobong rk arulin, Si Kabayan hudang, terus muru
hawu. Ngan seuneuna geus pareum, geus euweuh ruhayan, malah hareupeun hawuna dihsan
ucing. Ku Si kabayan ucingna digebah, tuluy mirun seuneu, suluhna tapas. Sanggeus tapasna
ruhay, anak lauk emas dibeuleum. Bari ngadagoan beuleum lauk asak, Si Kabayan ngala cngk
ti pipir kobong, dirndos make uyah dina cot.

Geus kitu, ngeduk liwet tina kastrol, diwadahan kana piring sng. Si Kabayan muru hawu,
leungeun katuhuna nanggeuy piring sng, leungeun kencana nyekel cot. Barang diteang,
tapasna geus pareum kawntu tapasna ngan hiji, malah geus ampir jadi lebu. Atuh beuleum laukna
th kurumuy, hideung jeung pinuh lebu, geus teu mangrupa lauk. Ku Si Kabayan dikorhan.
Kacida pisan heraneunana, sabab beuleum laukna th ata tilu.

Ti mana hiji deui? Tadi mah meuleumna ngan dua. Babaturan pohoeun kitu? Ah, milik mah
timana wa, ceuk Si kabayan dina hatna.

Si Kabayan nyait beuluem anak lauk emas hiji, diasaan , enya lauk, lauk nu hiji beak, Si
Kabayan nyait deui lauk nu hiji deui. Diasaan heula, bener lauk. Si Kabayan nuluykeun deui
daharna sangu liwetna, mani ngalimed. Ku sabab lapar knh, Si Kabayan nyiuk deui sangu,
terus nyait beuleum lauk nu katilu. Waktu diasaan, Si kabyan nyengir, sabab rasana haseum
jeung bau. Ucing bangkawarah, pokna gegelendeng, los ka cai, kekemuna leuwih ti sapuluh
kali. *** (AG, diropa tina carita Si Kabayan nu asalna ti Banten / Galura)

You might also like