You are on page 1of 5

Acara sungkeman

prolog

Ngawitan
Bismillahirrohmanirrohim.
Kalayan nyebat Asma Pangran, Dzat anu Mahawelas tur Mahaasih. Seja kaula
ngawitan kalayan widi Gusti Nu Mahasuci ngalangkungan jalan jatukrami.
Dina ngawitan ngambah ngabaladah sagaraning kahirupan, teu pisan-pisan
urang samudayana anu sami kersa sumping, kalayan ridho lillahi taala
ngagebregkeun jiad pangdua kasadaya calon alumni . Ngalangkungan duana
Rasululloh SAW. Mangga urang aos sasarengan :
Bismillah .
Baarokallohu laka wabaroka alaika wa jamaa bainakuma fi khoiir
(Mugia kabarokahan sareng kasinugrahaan Alloh tumetep euntreup, nyanding
mipir ngabanding, lamokot geugeut ka hidep sadaya, sareng pamudah-
mudahan hidep sadaya diwidian ku Alloh th sinanding jeung kasaan, amin).
Mangga ka perwakilan calon alumnus, geura lumampah nyaketan kana
pangkonan ibu jeung bapak
Kasp, Geulis.
Heup eureunkeun lengkah anjeun duaan dipayuneun ibu bapak. Teuteup
kalawan geugeut pameunteu marantenna. Sawang ku hidep duaan ka alam ka
tukang anu jauh narawangan. Pk patepungkeun paneuteup ajeun jeung
paneutep ibu bapa. Bayangkeun ku hidep yn dina satts getih anu
ngalmprh, sahgak nafas anu ngadami dina angen. Pk rarasakeun ku hidep
ratugna jajantung, rnghap ranjugna rarasaan. Tamperkeun dina sirah, seuseup
ngaliwatan napas lalaunan singreup alon-alon, kalayan rarasakeun yn hidep
th keur nyeuseup kanyaah jeung kahmanna ibu bapa.
Prak, mangga ujang-nyai. Kasp Geulis, geura nyaluuh kana lahunan indung
jeung bapak.
Sammh hidep duaan barang pnta kanu jadi indung jeung bapak, pk
haturananan heula tawis rasa tumarima ngalangkungan basa ka anjeuna.
Kalayan dimimitian ku keretegna manah. Uningakeun kanu janten ibu, kieu
unina

Siswa putra:
Ibu bapa, dina danget ieu kalayan sungkeman disaksni ku kadang wargi anu
hadir di dieu, hakkatna disaksni ku Alloh SWT, langkung tipayun abdi seja
ngahaturkeun rebu nuhun laksa ketik kabingahan kana kasaan anu parantos
dipaparinkeun ka abdi. Abdi jelas kahutangan ku ibu jeung bapak, ti kawit abdi
didieu sampe ayeuna bade kaluar tangtos kapayahan anu langkung-langkung.
Siang kalayan wengi ibu jeung bapak teu welh sumujud ka Rabbul Izzati,
tumamprak ka Gusti Alloh neneda palay dipaparin putra-putri anu sampurna
salamet, waluya sapuratina.
Kasawang ku abdi kasusah ibu sinareng bapak.

Ibu bapak, mugia dina danget ieu, wanci kiwari abdi ngsto tina lelembutan
abdi anu pangjero-jerona, tina mamaras manah anu sadasar-dasarna abdi neda
hampura tida samudaya dosa perdosa. Tinangtos dosa abdi anu janten anak
murid moal katang seueurna. Abdi yakin sanajan sakumaha benduna, ibu
lautan hampura jembar manah tiasa ngahapunten ka abdi.

Ibu:
Deudeuh teuing kasp, geulis anaking saleresna kasedih dina danget ieu lain
kusabab kapusingna indung kanu jadi anak. Keun sagala kasalahan anu geus
dipilampah kuhidep dina waktu anu ka tukang-tukang ku ibu jeung bapak
dihampura. Naning anu ngalantarankeun sedih dina danget ieu th nyata
kabeurat hat indung kanu jadi anak. Asa kamari aranjeuna di didik teh.

Bapak guru:

"Anaking Anak Bapa"


Cunduk kana waktu nu tangtu, Ninggang mangsa nu utama,
Tilu taun katukang hidep rampak ragem nyungsi harti
Kiwari ngabeurat sangga, lulus taya kuciwana
Anaking ayeuna kari bungahna
Hampura bapa salaku guru, tilu taun pagilinggisik
Tangtu loba hal nu matak nyinggung kana hate
Loba tingkah jeung paripolah nu pasti teu saluyu jeung kahayang hidep
Bisi kajiwir, kaciwit, kapoyok, kahina, kasinggung, katajong, kapopohokeun,
kaantep, jeung rea deui nu matak ngagurat dina hate
Ayeuna bapa meredih pangampura ti hidep sadayana
Sing clik putih clak herang ulah aya gantar kakaitan papada urang
Siling lubarkeun kasalahan nu karasa nu teu karasa
Nu kahaja jeung nu teu kahaja
Ayeuna aranjeun rek miang ninggalkeun ieu sakola
Ninggalkeun bapa jeung katineungna, tangtu bapa bakal leungiteun
Leungiteun ku seurina, ku ceurikna, ku ogoana, jeung rea deui katineung
Wayahna taun ieu hidep moal dijajap ku kawih bapa
Moal ditungtun ku leungeun bapa, moal dihias ku mangrupa-rupa karya
Moal direnceng-renceng siga lanceuk hidep bareto
Peupeujeuh tong ngarasa kuciwa tur sedih
Lain pilih kasih, lain teu malire kahayang
Justru bapa kacida hayangna, ningali payung kuning hurung ngempur
Lir jorelat kingkilaban ngabiur di luhur panggung marakbak hibar kancana
Keur nyaangan seuweu siwi anu tutas nyiar luang
Ngan dalah dikumaha da ayeuna situasina beda
Sing gede hate, kusabab aya hiji nu pasti marengan hidep
Nu sarua karandapan ku lanceuk hidep bareto nyaeta:
PANGJAJAP DO'A BAPA PASTI MARENGAN SALAWASNA

Kieu kasep.geulis anaking


Bagea anaking bagea poe ieu kabungah bapak miwah ibu sadaya tembus ka
langit katujuh, parat ka congka rasa .rehna hidep sakola ges rengse.
Jalan panjang nu baris di sorang geus nampeu di hareupeun hidepbral geura
miang, dimimitian ku ngucapkeu bismilah, bari dibarengan ku niat hate
nu beresih tur suci.

Omat anaking ..
Hahalang jeung tantangan.tapi sok sanajan kitu..omat hideup ulah
geumpeur jeung galindeur.malah mah kudu jadi pecut pikeun ngudag
sarta ngahontal cita-cita. Lamun hidep tetep panceg istiqomah di jalan
allah ,,,,,,,,,,,,,insa allah bakal sanggup nyanghareupanana.

Kasep..geulis anaking
Pamungkas samemeh hideup ngalengkah .ninggalkeun ieu
sakola..peupeujeuh hidep kudu yakin yen ilmu anu di pimilik ku hidep the
bakal bisa nangtukeun luhur handapna darajat hideup ..
Bral .geura miang kubapa miwah ibu di duakeun ..
Ya allah ya robbi
Abdi titip ieu murangkalih ..mugia aranjeuna dina nyiar elmu jeung
panemu sing aya dina mungguh allah , mulia dina pandanngan papada manusa
.amin.
Kasepgeulis anaking
Sok ngdeug heula.geura teuteup raray bapa sareng ibu nu parantos
ngadidik sareng ngaping hidep salami 3 taundibarengan ku hate
jumerit ka allah kalayan nyuhunkeun bdi hapunten tina sagala dosa.
Sok duaan sungkem ka bapak sareng ka ibu..

Siswa:

Bapakibu hapunten abdi. Abdi rumaos seueur nyesahkeun , rumaos


seueur ngadamel kalepatan. Sok ngeselkeun .
Rumaos tara tumat kana parentah bapa sareng ibu .
Salami 3 taun abdi dididik, di aping ku bapak sareng ibu..
Dinten ieu abdi sareng rerencangan bade permios, seja ngantunkeun ieu sakola
.. Duakeun abdi sadaya supados tiasa na hasil cita-cita.
.....
Bapak:

bagea anaking ku bapa sareng ibu teu weleh di hampura sadaya


kalepatan hideup bapak sareng ibu guru ngan ukur ngajurung ku dua bral
hideup geura miang..geura tandang
makalang.

Sumanggga ngadeg deui . Ayeuna uranng teraskeun kana acara

narator:
kasep geulis jimat anaking
Dinten ieu bapak miwah ibu guru
Bade ngaleupas hidep sacara resmi ku symbol ngalungkeun medali

Kasepgeulis jimat anaking


Jejeg panceg 3 Taun lamina
Ngarandapan suka jeung duka
Di asih, di asuh, ku bapak sareng ibu guru
Kiwari cunduk waktuna
Mungkas lalakon sakola di

Bral hideup geura miang ..


Geura hontal cita cita
Sumangga urang ngaos dua sasarengan
Bismillahirrohmanirohim
Bismikatawakaltualallahlahaola walakuata illabillahil
aliyil adzim..
Bral..bral . Miang

You might also like