You are on page 1of 8

Nabi urang sarra,

Kangjeng Nabi anu mulya,


Muhammad jenenganana,
Arab Kurs nya bangsana.

2
Ramana Gusti Abdullah,
Ibuna Siti Aminah,
dibabarkeunana di Mekah,
wengi Senn taun Gajah.

3
Robiul awal bulanna,
tanggal k a-dua belasna,
April bulan mashina,
tanggal kadua-puluhna.

4
Ari bilangan taunna,
lima ratus cariosna,
tujuh puluh panambihna,
sareng sahiji punjulna.

5
Siti Aminah misaur,
waktos babarna kacatur,
ningal cahaya mani ngempur,
di bumina hurung mancur.

6
Parangina Kangjeng Nabi,
jatnika pinuh ku puji
pinter tur ged kawani,
sabar nyaah ka sasami.

7
Keur opat taun yuswana,
diberesihan manahna,
nabi dibeulah dadana,
malaikat nu meulahna.

8
Jibril kadua rncangna
Mikail jenenganana,
ngeusikeun kana manahna,
elmu hikmah sapinuhna.
9
Tuluy dada Kanjeng Nabi,
gancang dirapetkeun deui,
sarta teu ngaraos nyeri,
dicap ku Hotami Nabi.

10
Rama Nabi kacaturkeun
pupusna kacarioskeun
basa Nabi dibobotkeun
dua sasih kaunggelkeun

11
Kagenep taun yuswana
ditilar pupus ibuna
Nabi dirorok eyangna
Abdul Mutalib asmana

12
Kersana Rabbulalamin
Kangjeng Nabi nu prihatin
yuswa dalapan taun yakin
yangna mulih ka batin

13
Sabada wapat yangna
Nabi dirawat pamanna
Abi Talib kakasihna
sadrk teges ramana

14
Kangjng Nabi sering pisan
dicandak ka Nagara Sam
sok nyandak barang dagangan
di dinya th pajeng pisan

15
Kacatur di ta nagri
loba pandita Yahudi
sareng pandita Nasrani
nu tepang jeung Kangjeng Nabi

16
Sadayana sasauran
ieu jalmi mo nyalahan
pinabieun ahir jaman
Tort, Injil, geus ngiberan
17
Sipat Nabi panganggeusan
aya di anjeunna pisan
harita loba nu iman
ka Nabi ngangken panutan

18
Karesepna Kangjeng Nabi
ka Gusti Allah ngabakti
di Gunung Hira maranti,
ibadahna saban wengi.

19
Di dinya jol kasumpingan,
Jibril nu nurunkeun Kuran,
kalawan dawuh Pangran,
Nabi didamel utusan.

20
Harita yuswana Nabi,
patpuluh taun kawarti,
diutus ku Allah pasti,
ngmbarkeun agama suci.

21
Anu iman pangheulana,
Siti Khodijah garwana,
Abu Bakar kaduana
sohabat nu pangmulyana

22
Murangkalih nu nonoman,
anu pangheulana iman,
Sayidina Ali pisan,
ka Nabi sadrk misan.

23
Jeung ari jalma beulian,
anu pangheulana iman,
Sayid Bilal kaleresan,
anu jadi tukang adan.

24
Ari lolobana pisan
ka Nabi th ngamusuhan,
nganiaya ngajailan,
teu aya pisan ras-rasan.

25
Nuju tanggal tujuh likur,
bulan Rajab nu kacatur,
runut kaol nu kamashur
Kangjeng Nabi th disaur.

26
Dipapag ku malaikat,
nyandak burok nu kasebat,
leumpangna th cara kilat,
tutunggangan Nabi angkat.

27
Ti Mekah ka Baitul Maqdis,
teu lami-lami antawis,
ku jalmi henteu katawis,
Kersana Gusti nu Wacis.

28
Ti Batul Makdis terasna,
nak tangga saterusna,
miraj ta kasebatna,
ka langit Nabi sumpingna.

29
Tujuh langit sadayana,
sareng aras pangluhurna,
disumpingan sadayana,
katut surga-narakana.

30
Kangjeng Nabi ditimbalan,
ku Gusti Nu Sipat Rahman,
anjeunna kudu netepan,
solat muji ka Pangran.

31
Sadayana jalmi iman,
sami gaduh kawajiban,
solat nu lima giliran,
henteu meunang dikurangan.

32
Solat ta minangkana,
dina agama tihangna,
jalmi nu luput solatna,
nyata rubuh agamana.

33
Kapir Mekah kacaturkeun,
barang Nabi nyarioskeun,
miraj lain dimulyakan,
anggur pada nyeungseurikeun.

34
Pada hasud ngakalakeun,
ti dinya Allah ngersakeun,
Kangjeng Nabi dialihkeun,
ka Madinah disirnakeun.

35
Para sohabat pirang-pirang,
nu bumla milu iang,
milu ngalih saabrulan,
henteu pisan sumorang.

36
Tambih kamulyaan nabi,
di madinah asal sepi,
jadi ram ku nu ngaji,
muji ka Nu Maha Suci.

37
Sapuluh taun lamina,
di Madinah jumenengna,
agama Islam cahyana,
gumebyar ka mana-mana.

38
Ari mungguh Kangjeng Nabi,
nyaahna langkung ti misti,
ka umatna jaler istri,
leuwih ti sepuh pribadi.

39
Welas asih ka nu miskin,
sumawon ka budak yatim,
pada seubeuh ku paparin,
kadaharan jeung pisalin.

40
Akurna ka urang kampung,
calik satata ngariung,
tara angkuh jeung adigung,
sanajan ka urang gunung.

41
Ka nu nandang kasusahan,
gering jeung kapapatnan,
ngalayad sarta ngubaran,
ngajajapkeun ka kuburan.

42
Manis saur manis budi,
stu mustikaning jalmi,
sajagat mo mendak deui,
sa rupa jeung parangi.

43
Raray lir bulan purnama,
halisna lir katumbiri,
waos lir inten widuri,
salira harum wawangi.

44
stu kersaning Pangran,
lain seungit dimenyanan,
karinget pada nandan,
diparak seuseungitan.

45
Pirang-pirang mujijatna,
tawis kanabianana,
Kuran nu nomer hijina
mujijat nu pangmulyana.

46
Tangkal nu prang daunna,
disiram urut abdasna,
ngadadak loba buahna,
sarta hirup saterasna.

47
Domba nu banget kuruna,
sarta lalpt susuna,
diusap ku pananganna,
ngadadak juuh susuna

48
Dina hiji waktos deui,
sahabat bet kirang cai,
teras ba Kangjeng Nabi,
mundut cai anu kari

49
Cai ngan sakedt pisan,
stu kabh pada hran,
Nabi neuleumkeun panangan,
dumadak tuluy manceran.

50
Cai mancer loba pisan,
ka luar tina panangan,
sela-sela ramo pisan,
cukup keur jalma raan.

51
Ya Allah Nu Sipat Rohman,
abdi th iman ka Tuhan,
teu aya deui Pangran,
lain ti Allah Nu Hman.

52
Nu ngadamel bumi-alam,
rawuh jeung eusina pisan,
nu wajib diibadahan,
taya anu nyasamian.

53
Sareng abdi iman deui,
ka Muhammad Kangjeng Nabi,
yn ta utusan Gusti,
miwulang ka jalmi-jalmi.

54
Nu sipat kapercantenan,
wijaksana tur budiman,
bener wungkul sasauran,
lain saur kaheureuyan.

55
Hurmat urang ka anjeunna,
dina mangsa jumenengna,
sareng sabada wapatna,
stu teu aya bntenna.
56
Duh Gusti jungjunan abdi,
Sayidina Muhammad habibi,
pamugi salira nampi,
ka nu hina diri abdi.

57
Abdi umat ahir jaman,
anu banget panasaran,
hoyong tepang ngadeuheusan,
seja tumut serah badan.

You might also like