You are on page 1of 2

HIJI DUNYA

Etti R.S.
Kuring hayang cicing di hiji dunya
dina kasatiaan laut jeung katiginan langit,
nu surti nampa cinyusu jeung kolomberan,
nu ayem kasaput mega jeung reueuk
antara ombak rohaka jeung hiliwir angin
saestuna aya geter angen-angen
ari mega hideung jeung gumilang bentang
tepung dina ringkang jeung kahayang

Kuring hayang cicing di hiji dunya


dina kaihlasan tur kaasih bumi;
nu nebarkeun sugrining binih tutuwuhan,
nu sadrah nadah sarwaning tapak
antara kuring jeung tutuwuhan
saestuna ukur nganti kaasih Pangeran
antara kuring jeung pirang-pirang tapak
tepung 'na pirang-pirang talajak
Kuring hayang cicing di hiji dunya
nu ngagumulungkeun bentang, ombak, jeung tapak
kuring hayang cicing di hiji dunya
samemeh nohonan panggupay Anjeunna
Bandung Kaler, Oktober 1999
Unsur-unsur Sajak

atinggal dina eusi na nu ngabogaan kahayang hirup nu leuwih alus dunya jeung akheratna.

u temana Soal pati kumatak kitu suasanana na ge kudu ngaharib-harib jeung pikaseudiheun
jeung masrahan hate ka gusti Alloh

na loba na kahayang, jadi imaji nu dipake nyaeta panenjo ku eta panyajak teh
mbang
angen nu dianggap simbul atawa lambang perasaan keur loba panghareupan
as/Wirahma
aris karasa upama eta sajak teh dibaca teu bari digalindeungkeun tapi alusna dibaca make rarasaan.
a : Katiten tina dipakena ungkara Kuring hayang cicing di hiji dunya . Kecap Hayang geus
ngawakilan hiji kaayaan anu loba kahayang tina panyajak teh, hayang hirup anu leuwih alus di
dunya anu netelakeun kana kahirupan akherat anu leuwis alus. Kitu deui ungkara Samemeh
nohonan panggupay Anjeunna. Kecap Samemeh nu dipake pikeun ngagambarkeun kahayang
hirup nu leuwih masrahkeun hate ka nu kaagungan gusti Alloh, unsur anu pangpeuntingna tina
hirup.
Sajak BAHASA SUNDA TENTANG Kaendahan/keindahan ALAM

Sagara dumadakan ramai


deburan ombak terseret angin
ka tengah samudera ta
keur di biwir basisir
jelema wa menari-nari

Sagara ngondang sehamparan gunung samudera


datanglah ti penjuru sagala
nempo kami menari
nyanghareupan ahir sodorkan cai
sabot awak bermandi peluh
tapi ulah suguhkan seudati*)
sabab manhna geus mati

Datang,
datanglah ti penjuru sagala
ramaikan sagara kami anu sepi
kalayan lagu anjeun anu sarat asih

You might also like