You are on page 1of 2

Sallam

Muqodimah

Penghormatan....

Hadirin kaum muslimin rohimakumulloh....

Dina raraga mieling Maulud Nabi Muhammad S.A.W, mangga urang sadayana nyeueurkeun
Sholawat ka mantena, Jalaran luyu sareng pidawuh Alloh, dina Al Quran Al-Ahzaab: 56




Saestuna Alloh sinareng para Malaikat Sholawat k Nabi, Hei Jalma Jalma nu ariman maka
anjeun ge kudu Sholawat sareng ucapkeun salam panghormatan k anjeuna

Ditengetan ku urang sadayana, Upami Alloh miwarang Solat teu aya hiji ayat oge anu
nerangkaun Alloh ngalaksanakeun Solat, Upami Alloh miwarang puasa teu aya hiji ayat oge
anu nerangkaun Alloh ngalaksanakeun Puasa, namung naha Alloh miwarang Sholawat ka
Nabi, Alloh sareng Malaikat oge ngalakukeun Sholawat k Nabi. Berarti sosok sepertos
kumaha seorang Nabi sareng barokah naon upami urang ngalantunkeun Sholawat ka Nabi.

Hadirin kaum muslimin rohimakumulloh....

Diuningakeun dina hiji riwayat, tatkala Nabi Muhammad S.A.W Isro Miraj, tepang sareng
hiji malaikat dilangit ka Lima, wujud eta malaikat ngagaduhan 1000 panangan, dina tiap tiap
panangan ngagaduhan 1000 jari, Nabi Muhammad S.A.W naros ka eta Malaikat Yaa
Malaikat Alloh naon tugas anjeun ti Alloh dugi ka anjeun dipasihan wujud sapertos kitu ?,
Malaikat ngawaler Saestuna kami dipaparin tugas ku Alloh nyaeta ngetang tiap tetesan
hujan anu turun ti langit, ti awal hujan di lungsurkeun dugi ka alam dunya ieu di ancurkeun,
teu aya tiap tetes hujan anu teu ka etang sadayana ka etang ku kami
Rosululloh naros deui Cing perkara naon anu molal ka itung ku diri anjeun yaa Malaikat
Alloh ?
Malaikat ngawaler Aya hiji perkara anu moal ka itung ku kami yaa Rosululloh, nyaeta
barokah anu lungsur ti Alloh ka umat anjeun, saupami umat umat anjeun ngalantunkeun
Sholawat ka Anjeun sinareng ka Kulawargi Anjeung, maka Barokah Alloh anu lungsur ka
umat umat anu ngalantukeun Sholawat moal tiasa ka etang ku Kami

Hadirin kaum muslimin rohimakumulloh....

Abu dzar Al Ghifari naros ka Rosululloh : Yaa Rosululloh nukumaha ari Sholawat teh

Rosululloh ngawaler : Cukup Ucapkeun ku anjeun Allohummasolliala Syaidina Muhammad,


wa ala ali Syaidina Muhammad.
Salajeungna rosululloh ngadawuh: Ngan kade Abu Dzar Sholawat eta jadi mubah lamun
ngucapkeun ngan ka kami hungkul, maka kudu sapaket Sholawat eta ka Kami jeung ka
Kulawarga Kami.

Rupina teu seueur anu bade disaukeun, pribados cumarios dipayuneun para hadirin sanes ku
tiasa, mung ngiring ulubiung jalaran reueus ku ayana acara mieling Maulud Nabi Muhammad
S.A.W.

Bobot sapanon carang sapakan, mugia luntur galih leah manah para hadirin ngahapunten
kana sagala kalepatan sinareng kakaliruan pribados dina cumarios.

Kalayan ditutup ku dua...............................

Wasallam...

You might also like