You are on page 1of 4

Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet

Dina hiji poe Sakadang Kuya keur neangan kadaharan, tapi ti isuk mula tacan manggih
nanaon. Ngahaeut ka tengah poe, manehna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha
da teu bisa naek. Kulantaran kitu, tuluy manehna bebeja ka Sakadang Monyet, menta tulung.
Omongna Sakadang Monyet, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa
naek, cing tulungan pangalakeun, engke paparon

Hade, tembal Sakadang Monyet. Di mana?

Tuluy maranehna arindit babarengan ka tempat tangkal cau tea. Sakadang Monyet, tuluy naek,
metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan. Sakadang Kuya mah teu dibere sapotong-potong acan,
atuh bati cumeplak we neureuyan ciduh.

Sakadang Monyet, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon ceuk Sakadang Kuya
ngagorowok.

Tapi Sakadang Monyet teu malire, jongjon bae metikan jeung ngadaharan, kalahkah maledogan ku
cangkangna.

Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.

Dina hiji poe Sakadang Kuya indit ka kebon Juru tani, ngala cabe nu geus arasak, warnana
bareureum. Ngala genep nu galede, ketembongna bangun aramis pisan. Manehna indit nepungan
Sakadang Monyet. Biwirna dipulas ku pucuk daun jati supaya beureum, tuluy cupak capek, cuplak
ceplak, cara nu geus barang dahar geunah.

Ditanya ku Sakadang Monyet, Sakadang Kuya, maneh teh keur ngahadar naon? Cik uing menta!
Tembal Sakadang Kuya, ah, ulah ngaganggu, uing teh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti
Dewata. Kakara uing mah barang dahar nimat kieu.

Cing ngasaan saeutik, uing lapar pisan. Sakadang Monyet lumah lameh menta ngarah dipikarunya.

Keur naon make mere ka maneh, kapan bareto ge maneh teu mere cau ka kami, padahal eta teh
milik kami?

Hampura bae atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa
paparin Dewata! omongna deui lengas lengis.

Nya ari maksa-maksa teuing mah top bae,tuh cokot deukeut tangkal caringin itu! tapi ulah
dibeakeun kabeh, sesakeun keur kami saparona.

Sakadang Monyet pihara atoheunna, gancang lumpat rek nyokot buah loa paparin Dewata tea.
Lantaran tabeatna hawek jeung sarakah manehna embung nyesakeun. Kabeh dibawa lumpat, di
tengah jalan raus raus bae didahar, nepi ka beak. Ari beak. Adug lajer, jejeritan awahing ku lada
jeung panas.

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatena bareto.
Si Kabayan Ngala Tutut

Ck Ninina, Kabayan ulah hs beurang teuing, euweuh pisan gaw sia mah,
ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.

Ck Si Kabayan, Ka mana ngalana?

Ck ninina, Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang


ngagaru geura.

Los Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katmbong tututna loba,
lantaran caina hrang, jadi katmbong kabh. Tututna pating goltak. Tapi barang diteges-teges ku
Si Kabayan katmbong kalangkang langit dina cai. Manhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu
jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero soth kalangkang langit. Ck Si
Kabayan dina jero pikirna, Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana ta tutut
th? Lamun nepi ka teu beunang, aing ra teuing ku Nini. Tapi ta tutut th sok dialaan ku jalma. Ah,
dk dileugeutan ba ku aing.

Geus kitu mah Si Kabayan los ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyr,
dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dk ti kajauhan ba ngala tutuna moal deukeut-deukeut
sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut mh sapo jeput, tapi teu aya
beubeunanganana, ngan ukur hiji dua ba. Kitu og lain beunang ku leugeut, beunang soth lantaran
ku kabeneran ba. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang.
Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah ta leugeut th teu
dakeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala
salam, srh jeung konng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng ba, tuluy disusul ku ninina ka
sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Ck ninina, Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?

Ck Si Kabayan, Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katmbong
langit.

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Ck Si Kabayan, Heheh l da dt.


Si Kabayan Ngala Nangka

Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. Nu kolot ngala nangka th,


Kabayan! Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorn bedog rk ngala
nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu
geus kolot hiji tur ged pisan. Tuluy wa diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

Wah, moal kaduga yeuh mawana, pikir Si Kabayan th. Tuluy w nangka th
ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung wa balik ti heula, da geus kolot ieuh! ceuk Si Kabayan
th nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

Kabayan, meunang ngala nangka th?

Komo w meunang mah, nya ged nya kolot, tmbal Si Kabayan.

Mana atuh ayeuna nangkana? Mitohana nanya.

Har, naha can datang kitu? Apan tadi th dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan
th.

Ari manh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan! Mitoha Si
Kabayan keuheuleun pisan.

Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik, ceuk Si Kabayan bari ngalos.
Buhaya Jeung Peucang
Sakadang Buhaya keur moyan di sisi walungan. Jol sakadang Peucang.

Rk naon Sakdang Peucang ka dieu? Rk maling cai, nya? Di leuweung euweuh cai. Da
halodo banget.

Jawab Peucang, Kuring mah tara nginum deui cai walungan. Komo ayeuna keur saat. Nya
teu ngeunah nya kiruh. Ayeuna mah nginum th cai kalapa. Nya beresih nya ngeunah.
Amis.

Rk naon atuh kadieu? ck Buhaya.

Omong Peucang, Tadina mah rk ngalalajoan kulit sampan. Resep ting gareret, hrang.
Komo mun katojo ku panonpo. Euweuh ba nu kulitna alus saperti kulit sampan. Ngan
geuning bet kotor. Pinuh ku leutak.

Omong Buhaya, Walungan saat. Kuring teu bisa teuteuleuman pikeun meresihan
tonggong.

Emh, lebar. Kulit saalus-alus jadi kotor. Kumaha mun diberesihan ku kuring ceuk Peucang.

Nya sukur ba ari daek mah, jawab Buhaya, kumaha caranya?, ceuk Buhaya keneh

Kulit tonggong sampan dikumbah ku kuring. Tapi caina kudu anu beresih. Tuh di tengah!,
ceuk Peucang

Pek atuh. Geura luncat kana tonggong kaula. Ceuk Buhaya

Jleng Peucang luncat kana tonggong Buhaya.

Buhaya ngojay ka tengah walungan.

Clom Sakadang Peucang nganclomkeun sukuna kana cai. Tonggong Buhaya dicakaran ku
Peucang. Selang-selamg tina cacakar Sakadang Peucang th regot-regot nginum.

Sanggeus rada lila nyakaranana, jeung geus seubeuheun nginumna, Peucang ngomong,Tah,
geus beresih ayeun mah. Yu ka sisi deui. Isukan kuring ka dieu deui. Kudu unggal po
diberesihanana kulit sampan th. Ulah sina kotor. Lebar ku alusna.

Heug ari dak mah. Isuk ka dieu deui. Ditungguan di dieu,ceuk Buhaya th.
Sanggeus nepi ka sisi, gajleng Peucang luncat ka darat. Bari ngomong dina hatna. Nuhun
Sakadang Buhaya. Sampan bodo. Mun teu bodo mah. Kuring moal seubeuh nginum. Dak-
dak pak paeh ku halabhab.

You might also like