You are on page 1of 6

Seuwaka Dharma

Diakses 30 Juli 2016

Rabu, 21 April 2010

Seuwaka Dharma

Ini kawih panyaraman/ Pikawiheun ubar keueung/ Ngarana pangwereg darma/


Hawakaneun sang sisya/ Nu huning sewakadarma.

Anaking mulah mo yat-yatna/ Reungeu sabda sang pandita/ Ingetkeun hayuwa lali/
Teher nging ngenak-ngenak rasa/ Ngarana ngapakeun tali

Ingetkeun na dasa sila/ Iseueuskeun na panca sakit/ Iyan ta ningkahkeun raga/


Mayahkeun sarira/ Ngalekaskeun suku tangan

Suku milang awak urang/ Lamun salah lengkah/ Eta matak urang papa/ Leungeun
lamun salah cokot/ Eta matak urang papa/ Ceuli lamu salah denge/ Eta matak urang
papa/ Panon lamun salah jeueung/ Eta matak urang papa/ Irung lamun salah ambeu/
Eta matak urang papa/ Sungut lamun salah hakan salah inum/ Manguni salah nu
sabda/ Lamun sabda teutuhu/ Lamun lain sabda jati/ Lamuna hamo rahayu/ Lamun tiis
bawana/ Eta nu disalahkeun/ Nu maka papa kalesa/ Sanyarah na angen-angen.

Sapamilang pengeusi raga/ Nu dipiawak sarira/ Eta nu matakak malalat/ Eta nu ngindit
ngarampid/ Nu maanan kana kawah.

Lamun salah di kreti/ Hala hedap hala tineung/ Hiri dengki kasakalih/ Makeya neluh
ngaracun/ Ngagunaan mijaheutan/ Sakara ning hedap dusta/ Mati-mating na wong
sadu/ Ja barya hanteu dosa/ Sinengguh inyana dusta.

..

1
Utun anaking sumangir/ Mulah mo yatna-yatna/ Anaking sewa sogata/ Ayeuna datang
ka mangsa/ Ketepi ma sandi pati/ Datang ka salaka hurip/ Kajeueung kingkila/ Anggeus
awas na kapramanaan/ Kadenge antag-antagan/ Kingkila buyut dek mangkat/ Nu dek
ninggalkeun kahanan.

Dora sanggeus dibukakeun / Jalan anggeus dicaangan / Mulah sawah geuning bijil /
Sora dora larangan / Samecat sanghyang atma / Sadeuri sanghyang hurip / Lungga
sanghyang premana/Moksah aci wisesa/Maka ti sarira/Anggeus di ranti kurungan

Lunyay betan demas pindah/ Betan kunang-kunang leumpang/ Kadi kuwung-kuwung


metu/ Betan panah ka luhur/ Betan sekar pamujaan/ Betan katumbiri jadi/ Kadi bulan
ngagantaran/ Betan panonpoe sabijilna

Hanteu nu diheureuyanan/ Na musuh anggeus kalalar/ Kaliwat reya nu kawah/


Anggeus kaleumpangan/ Kapungkur batu kacakup/ Sang Yama tesa sumembah/
Nyeueung atma ngalalar/ Katon sakti di nyimbah wasa dora/ Kala magahan jalan kana
kasorgaan.

Tuluy nyorang beunang nyayu/ Tajur pinang/ Kumara sinar hanjuang/ Sasipat mata
handeuleum/ Salaput beuheung tatali kayu widuri/ Manyara deung kembang bulan/
Wera tumpang wera lancer/ Kembang soka kapuracata/ Kembang tere rane/ Jahe
singungu hanoja/ Dilem padma putih/ Mendadaki kembang susun/ Kembang menur
kembang bunga pala/ Dara puspa kembang puspa gading/ Malati kembang huru kajut/
Kembang dongdoman/ Kembang teleng bunga hireng/ Kasumba deung
kapuracata/Deung kembang jaman katilu/ Ki saruni keling kembang cina janaraya

Geura salin papakeyan/ Panganggo yeuh boeh rampes/ Ragala boeh larang/ Disasarah
pipinggir taluki renggi/ Rawito waya sinbur sinyaja/ Disebutkan jamar tali katela/
Dikeris rusa malela.

2
Beuteung reueus ku sakitu/ Bogoh ku nyeuseupan inya/ Nyeuseup sarining kembang/
Udana bangbara tunggul/ Seyahna bangbara kumbang/ Paktisori jaga ma di dewa/
Engang deung tiwwan/ Sireupeun deung teuweul kaak/ Seyahna ku sorana/ Sada haja-
haja nu becet

Kapisarengseng kapicengceng/ Kapiroel kapigimba/ Kapicengcang kapibarung indung


singgul/ Larina karasana/ Kasidi sabwana magawa hayu/ Sedahan marepehan ti
kayanangan.

Lamun barta di tihang beusi/ Ditelar ku purasani/ Dipamikulan ku malela/ Dilayeusan


teja putih/ Diwilahan tambaha sukla/ Dihateupan ku salaka/ Dituruban ku pirak kapas.

Dililinggaan ku manik/ Diukir ditiru kembang/ Mitumpang meru kacana/ Diukir


dinanangankeun/ Kaluhur naga palayu/ Kateyoh naga puranteng/ Ditengah naga
patengteng/ Merak ngigel dipuncakna/ Eunteup gawa until saka/ Dipiwastan demas
kolot/ Disareyan ku panamar/ Dijeujeutan demas ngora/ Ditatapkan cundiga/ Dibalay
kadi kapintas/ Dipipinggir rustalisan.

Anggeus uga kalambar/ Diuk dipalangka demas/ Saraga beunang ngalukis/ Dikasuran
kamogiti/ Dikasangan boeh larang/ Kulambuna lungsir keling.

Nanggapan sada canang/ Sada gangsa tumpang kembang/ Sada kumbang tarawangsa
ngeuik/ Sada titilaring bumi/ Sada tatabeuhan jawa/ Sada gobeng direksa calintuh di
anjung/ Sada handaru kacapi langa/ Sada keruk sagung.

Beuteung bogoh ku sakitu/ Tapak sapu beres keneh/ Barentik marat nimurkeun/ Manah
pupus ku tikukur/ Manah saar ku titiran/ Maryagat ku tapak jalak/ Dyawuran kembang
ungra/ Misanak jati rupa/ Kalumbi lungsi dewangga/ Beunang nyulam ku haremas.

3
Anggeus salin papakeyan/ Rampes beunang babasahan/ Titip linyih huis damis/ Dadar
lesang/ Haji pantes listuhayu/ Mahardika ngalagena/ Durgahena maragancayan

Anggeus mulih jati rupa/ Muliya teja madilah/ Kaminyar teu kapademan/ Sakitu eta
byaktana/ Nu tuhu mangun hayu/ Laksana miguna tapa/ Nuturkeun saur nu tuhu/
Mapay sabda nu bisa/ Kena tutur kawastwanana.

Tembey datangna prabeda/ Nu ngagogoda bancana/ Datang pwah wedadara/ Deungeun


pwah widadari.

...

Anaking sanghyang atma/ Ulah tadi teuing eureun/ Sugan aya kamalinaan/ Sugan
kabawa jeueung/ Sugan kabawa ku denge/ Tutur tutur aja lali/ Inget-inget haywa lupa/
Kena ku panyasarkeun/ Sanembal

sanghyang atma/Samapun teuteuleu amat/ Da ing can lamuning daek/ Ja nyaho inya
naraka/ Ja ngagawa tresna keneh.

Nu nyarek henteu didenge/ Nu migi teu dipitineung/ Tonggoy kana pilaloan/ Mo lipi
dina husireun/ Mawa na tineung sorangan/ Malikan katumbiri/ Malikan katumbiri/
Tuluy kana kuwung-kuwung/ Nyaleket di panonpoe/ Naglalar ka teja mentrang/
Nojerkeun batu pratiwi/ Ngarapet taraje demas.

Datang ka wekasina sabda kasuniya/ Lawan taya heuleut/ Beurang lawan wengi/ Datang
ka bwah tingkah/ Eta kasorgaan/ Jawawuwa tingkah papa sangsaraan/ Liwat sadu
undak ti inya/ Datang kana manarawang/ Katenjo para dewata/ Gunung Kendan
Medang Menir/ Palungguhan para batara.

4
Di timur Batara Isora/ Kahyangan pirak putih/ Tihangna perak di ukir/ Bahana pirak
sagala/ Dihateupan pirak cina/ Dituruban ku pirak/ Dililinggaan ku manik/ Disareyan
pirak malaka/ Didingding ku pirak keling.

Imah manik dikarancang/ Warnanan ukir-ukiran/ Direka ditiru kembang/ Kahanan


Hyang Isora/ Husireun nu ngawerati/ Dinya kasorgaanana

Ti kaler Batara Wisnu/ Kahyangan miru hireng/ Tihangna beusi diukir/ Bahana beusi
sagala/ Dihateupan beusi cina/ Disarean ku malela/ Didingdingan ku beusi kuning/
Lilinggana beusi panamar/ Diukir bahana manik dikaranycang/ Warnana ukir-ukiran/
Diukir ditiru kembang/ Kahanan Batara Wisnu/ Husireun nu rampes twah/ Dinya
kasorgaanana

Anaking sanghyang atma/ Manah cunduk mo dyajak/ Manah mo di undang/Nu tuhur


teher laksana/ Teher herang tineung/ Manah cunduk kana panuhun/ Manah datang
kana tangkal/ Manah nepi kana jati/ Manah deukeut kana anggeus/Datang ka ambu ka
ayah.

Suka tanpa balik duka/ Wareg tanpa balik lapar/ Hurup tanpa balik pati/ Sorga tanpa
balik papa/ Hayu tanpa balik hala/ Nohan tanpa balig wogan/ Moksa leupas tanpa balik
wulan

Twatwag ka jati niskala/ Luput ti para dewata/ Leupas ti sanghyang/ Tan hana kara/
Lenyep anyara cintya/ Kena rampes tanpa denge/ Kena suwung tanpa wastu/ Ka nu
lengis tanpa kahanan/ Deung alitan/ Hanteu pati dipiganal/ Hanteu kasampak di luput/
Hanteu pabaur/ Hanteu dingeunah dicandu teka/ Hanteu barayana hanteu deungeun/
Sarwa tunggal wisesa

5
Nu maca inya/ Ulah dipipanaswasan/ Reungeukeun teher rasakeun/ Picarek teher
turutan pun/ Atma milang sinurat ring merega/ Paying beunang numpi/ Di Gunung
Kumbang pun/ Barur Ni Teja Putu Bancana/ Tilas sandi ti Jenggi/ Pangwedar beunang
buyut Ni Darwit pun

Sangakwakwana mahala ka ing/ Lempurang dening sasaur/ Uraceuk loter/ Kadinya


lacakeun yuyu cina/ Carita bisi kurang wuhana/ Leuwih longana

Lamun batri sasanga mancal luhur ma/ Ya tanpa milih tan sinungan pun/ Sambat aing
nama Siwaya/ Da ngemis gamut wirahana pati/ Pantang panting sarasoti/ Nanu hamas
haba jaja pun/ Kuta Wawatan, Cag (***)

Disadur oleh : Agus Setia Permana

Dari : Wahyu Wibisana, Buku Lima abad Sastra Sunda, Sebuah Antologi, Jilid I - Juni
2000, Saleh Sanasasmita dkk, Sewaka Darma 1987

Diposkan oleh Agus Setia Permana

You might also like