You are on page 1of 4

LUTUNG KASARUNG

Kacaturkeun di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti prameswari Niti Suwari
kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbandah,
nu katilu Purbadwata, nu kaopat Purbakanca, nu kalima Purbamanik, nu kagenep
Purbaleuwih, nu katujuh Purbasari.

Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun bad tatapa di leuweung. Nu
dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara th Purbasari lain Purbararang,
putra cikalna.

Prabu Tapa Ageung : Anaking, Bapa th geus ngarasa kolot, kulantaran kitu Bapa rk tatapa
di leuweung. Tuluy gaganti Bapa th anu ngolah ieu nagara nyata Purbasari.
Purbararang : Tapi Pa? Naha lain abdi anu ngagentos Bapa th? Lain abdi th budak anu
pangkolotna?

Prabu Tapa Ageung : Bapa milih Purbasari kusabab Purbasari th bangun pisabareun,
pibageureun, leuwih ti nu sjn. Kusabab kitu Bapa leuwih percaya ka Purbasari dina ngolah
ieu nagara. Pokona mah ieu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa dirobah deui

* Tuluy Prabu Tapa Ageung indit tatapa ka leuweung.

Purbasari : Teu bisa kitu! Kuring teu narima! Kuring salaku budak cikal ngarasa dihina
jeung asa ditincak hulu ku adi bungsu sorangan. Pokona kuring nu bakal ngolah ieu nagara.
Purbasari, manh indit!!!

* Purbasari diusir ti Karaton jeung dipiceun ka Gunung Cupu. Kacaturkeun di Kahyangan,


Guruminda putra dwata cikalna, titisan Gurian Tunggal ngimpn gaduh garwa anu sarupa
jeung Sunan Ambu.

Guruminda : Ambu, abdi bieu ngimpn gaduh garwa anu sarupa jeung Ambu.
Sunan Ambu : Jung geura tangan pijodoeun hidep anu sarupa jeung Ambu. Tapi ulah
torojongan, anggo heula ieu raksukan Lutung!!!

* Janggelek Guruminda rupa jadi lutung katelah Lutung Kasarung. Kocap deui di nagara
Pasir Batang. Niti Suwari ngersakeun hayang tuang daging lutung. Tuluy nitah Aki
Panyumpit pikeun nangan lutung ka leuweung.

Niti Suwari : Lngsr! Kuring th haying dahar daging lutung.


Aki Panyumpit : Mangga juragan.
* Di leuweung
Aki Panyumpit : Ka mana nya lutung th? Meni ka sepi euweuh sasatoan pisan ieu leuwung
th?

* Aki Panyumpit geus pegat pangharepan. Barang rk muang, dina tangkal peundeuy bet
kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Barang rk disumpit, lutung th nyoara.

Guruminda : Eh, Aki bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring th rk ngaku bapa pulung ka Aki.
Hayang betah di dunya, hayang nyaho nu ngaranna karaton.
Aki Panyumpit : Ih bisa ngomong lutung th! Heg atuh ari kitu mah, sok geura turun!

* Lutung Kasarung dibawa ka Karaton. Tapi barang rk dipeuncit, taya pakarang anu teurak,
teu bisa dirogahala.
Niti Suwari : Aya naon Lngsr, asa rariweuh katingalina!
Aki Panyumpit : Ieu lutung meni ka hs dipeuncitna, na kumaha atuh ieu th Juragan?
Niti Suwari : Pasrahkeun w ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.

* Eta lutung th dipasrahkeun ka Purbararang. Purbararang keur ngagembrong ninun barang


Lutung Kasarung nyampeurkeun. Tuluy koloprak th taropong Purbararang murag ka kolong
Bal.

Purbararang : Cing lutung, pangnyokotkeun taropoong di kolong Bal!

* Tuluy ta taropong th dicokot. Ari brwk th dibebekeun jadi lima, sor disodorkeun ka
Purbararang.

Purbararang : Jurig lutung! Taropong Aing sabogoh-bogoh dibebekeun! Lngsr! Teu sudi
Kuring mah, anteurkeun Si Lutung ka Purbasari di leuweung!

* Tuluy Lutung dianteurkeun ku Aki Panyumpit ka Purbasari di leuweung.


* Sateupina lutung kasarung ka leweung..

Aki Panyumpit : Neng, ieu lutung pamasihan Purbararang kanggo pibujangeun


Purbasari : Eh, Lngsr, geuning si Tth th aya knh adilna, sanajan lutung og teu
kunanaon, tamba keueung di leuweung. Hatur nuhun bjakeun ka si Tth.
Aki Panyumpit : Mangga Nng.

* Caturkeun di sisi leuweung, Purbasari ngagolr dina palupuh sabebek, di hateup welit
sajalon. Lutung Kasarung ngangres ninggal kaayaan putri anu sangsara.

Guruminda : Deudeuh teuing Putri th nalangsa pisan. Kuring rk neneda ka Sunan Ambu,
neda sapaat para Bujangga, niat misalin meungpeung Purbasari sar knh.

* Raksukan digedogkeun, bray baranang siga bntang, kakaspan Guruminda kahiangan,


Panejanan tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggleg karatonna leuwih agrng ti nagara.
Tempas sar Purbasari jadi kasur tujuh tumpang, disimbut sutra Banggala, disumpal ku
benang emas. Janggelek Guruminda jadi lutung deui.

Purbasari : Ya Allah, naha jadi karaton ano agrng leuweung th? Alhamdulillah ieu
kanikmatan th meni ka ajaib.

* Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara Pasir


Batang. Purbararang tambah sirik. Rupa-rupa akal dikotktak, sangkan aya alesan keur
ngarah Purbasari.

Purbararang : Awas manh Purbasari! Urang bakal ngancurkeun sagalana!

* Rupa-rupa kol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-


loba samping, pageulis-geulis rupa. Tapi rahayat jeung jaksa mutus teu welh Purbasari nu
unggul. Tungtungna Purbararang ngajak pakasp-kasp beubeureuh. Sakasp-kaspna lutung
moal nglhkeun sagorng-gorngnana manusa.

Purbararang : Purbasari, ayeuna manh bakal lh kusabab beubeureuh kuring mah manusa
ari manh mah beubeureuhna ngan lutung!

* Purbasari ngan bisa cicing rumasa lh, tenggekna kari saketokeung di teukteuk. Tuluy
Lutung Kasarung ngagedogkeun raksukanana, baranyay hurung janggelek jadi Guruminda
deui.

Purbararang : Indrajaya, pahan ta lutung jadi-jadian, beubeureuh si Purbasari!


Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanna.
Indrajaya : Ku Aing pahan sia!

* Dina ahirna, Purbasari ngadeg Ratu di nagara Pasir Batang jadi prameswari Guruminda. Ari
Purbararang jadi pangangon. Indrajaya dihukum jadi pangarit. Nagara Pasir Batang jadi maju
dina pamarntahan Purbasari jeung Guruminda.
DRAMA SUNDA
LUTUNG KASARUNG

Disusun ku : Regu 4
Ketua : Dini Yulianti
Wakil Ketua : Shinta Vitaloka
Sekretaris : Fifa Luviana
Anggota : 1. Ina Ismaya
2. Nova Pratama
3. Andri Febriana
4. M. Herpan
5. Toto Wiparta

SMPN 6 MAJALENGKA
Jl. Raya Cikasarung No. 57 Majalengka
2017-2018

You might also like