You are on page 1of 4

Kuya Jeung Monyet Ngala Nangka

Kacaturkeun... Aya Sakadang Kuya jeng Sakadang Monyet. Eta Kuya jeung monyet teh
estuning nyobat dalit pisan.
Hiji peuting, Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet sarar di sisi leuwi, dina tangkal kiara.
Sakadang Monyt sar dina dahan anu panghandapna. Ari Sakadang Kuya sar dina sela-sela akar
kiara. Henteu pajauh. Maksudna sangkan bisa ngobrol mmh sar. Atawa bisa silihgeuingkeun mun
aya nanaon. Ari dug, ari ker duanana sar tibra.
Tengah peuting, Sakadang Monyt nyaring. Tuluy ngageroan Sakadang Kuya.
Sakadang Kuya, ieuh, Sakadang Kuya! Hudang sakeudeung!
Aya naon Sakadang Monyt?
Uing ngimpi manggih tangkal nangka, buahna mani leubeut.
Di mana?
Di tengah leuweung. Tapi dina impian th dituduhkeun lebah-lebahna og.
Keun isukan urang tang. Ayeuna mah urang sar deui w da peuting knh! ceuk
Sakadang Kuya.
Ngadng jawaban kitu, Sakadang Monyt sar deui. Meni dug-ker. Ari Sakadang Kuya mah
rada hs kana sar deuina th. Keur kitu, kadng Jang Ony ngalindur. Cenah, Ah, isukan mah
rk ngala nangka. Diala ku sorangan, da Sakadang Kuya mah teu bisaeun nak. Didahar kabh ku
sorangan, Sakadang Kuya mah ku uing moal dibr.
Ngadng kitu, Sakadang Kuya ngahuleng, mikiran caritaan Sakadang Monyt. Tuluy
nangan akal, sangkan teu kalicikan ku Sakadang Monyt. Sanajan lila ulengna, tapi teu burung
kapanggih og. Geus kitu mah, reup ba Sakadang Kuya th sar deui.
Isuk-isuk, wanci carangcang tihang, Sakadang Monyt geus hudang. Jrut turun tina dahan
tempat sarna. Tuluy ba ngaguyah-guyah ngahudangkeun Sakadang Kuya.
Yeuh, Sakadang Kuya, hudang! Hudang, huy! Hayu urang nang nangka ta! ceuk
Sakadang Monyt.
Sakadang Kuya hudang, nololkeun sirahna, pok ngomong, K atuh Sakadang Monyt,
ayeuna mah isuk knh!
Ih, engk mah bisi kaburu diala ku batur!
Apal henteu jalanna?
Ih, puguh w, da dina impian th dituduhkeun lebah-lebahna.
Hayu atuh!
Bring ta dua sobat anyar th indit ka jero leuweung. Inditna teu bisa gancang, sabab
Sakadang Kuya mah leumpangna boyot. Kira-kira wanci pecat sawed, kakara nepi ka nu dituju. Enya
w, henteu salah impian Sakadang Monyt th. Di dinya aya tangkal nangka saged beuteung
munding. Buahna leubeut tinggarayot dina dahan-dahanna.
Sok-sok atuh geura nak, ulah ngahuhuleng ba! ceuk Sakadang Kuya ka Sakadang
Monyt.
K heula, gampang nak mah. Ngan uing th teu nyaho, kumaha carana ngabdakeun
nangka anu geus asak jeung nangka anu atah knh, ceuk Sakadang Monyt.
Sakadang Kuya seuri leutik ngadng omongan Sakadang Monyt kitu th. Asa manggih
jalan pikeun metakeun akalna, anu meunang mikiran tadi peuting. Gampang atuh ngabdakeunana
mah. Ditepakan w. Lamun sorana plk-plk-plk, tandana ta nangka geus asak. Lamun sorana
pluk-pluk-pluk, hartina atah knh, ceuk Sakadang Kuya.
Henteu talangk deui, trkl Sakadang Monyt nak kana tangkal nangka. Gugurayangan.
Ceuk pikirna, Si Kuya mah rk dibr anu aratah ba, ari anu arasakna keur uing, rk didahar di
luhur ku sorangan. Terus nepakan nangka anu ngagarayot. Anu sorana plek-plek-plek dirawatan ku
manhna. Ari anu sorana pluk-pluk-pluk mah dipuragkeun bari ngajorowok, Tah, Uya, mr nangka.
Pk w dahar ku sorangan. Lamun hayang nu asak, nak ka dieu! cenah.
Sakadang Monyt tuluy ngagorogotan nangka dina luhur tangkal. Leungeunna, sungutna,
malah sukuna og pinuh ku geutah. Ari sababna, nangka anu didaharna th nangka atah. Sakadang
Monyt teu nyahoeun, saenyana nangka asak mah lamun ditepakan th sorana ngagepluk, lain
ngageplk.
Aha euning Huya, angkra th atrah, ceuk Sakadang Monyt, ngomongna teu bnts,
lantaran biwirna rapet ku geutah nangka. Sakadang Kuya teu nmbalan.
Ari rt Sakadang Monyt ningali ka handap, katmbong Sakadang Kuya keur ngalimed ba
ngadaharan nangka asak. Karonng jeung seungit deuih. Malah nangka th ampir bak, tinggal
jaramina jeung sikina anu balatak di sabudeureunana.
Sakadang Monyt kacida kagtna. Geus teg ba boga rasa yn manhna geus kabelejog ku
Sakadang Kuya. Buru-buru manhna tuturubun nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
Emh, Sakadang Kuya mah teungteuingeun, nangka asak didahar ku sorangan, ceuk
Sakadang Monyt.
Apan ieu og pamr ti Sakadang Monyt, da uing mah teu bisa nak, tmbal Sakadang
Kuya.
Cing atuh uing ngasaan nangka asak, da anu didahar ku uing mah nangka atah!
Tah, aya sanyamplung deui! ceuk Sakadang Kuya.
Nangka anu sanyamplung th dicokot ku Sakadang Monyt, tuluy didahar. Enya w ngeunah,
amis kareueut. Sakadang Monyt gantung teureuyeun. Mnta deui ka Sakadang Kuya, puguh da geus
bak.
Sakadang Kuya mah kawas lain jeung sohib ba! ceuk Sakadang Monyt bari jamedud.
Tuluy lumpat, trkl nak kana tatangkalan, indit ninggalkeun Sakadang Kuya. Sakadang Monyt
th pundung tayohna mah.
Sanggeus kitu mah, Sakadang Kuya og balik deui ka tempat asalna. Leumpangna beuki
ngaddod ba, lantaran beuteungna seubeuh teuing ku nangka.
Gajah Jeung Sireum

Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun gajah. Keur rame
ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna teh, teu antaparah deui, leye-leye bae
ditincakan, bongan cenah make ngaliud di jajalaneun.

Atuh lain ratus deui, tapi aya rebuna sireum anu paeh teh. Barang raja sireum ningal baladna rea
nu paeh, kacida ambekna, tuluy susumbar, Eh Sakadang Gajah, sato nu telenges, nu teu boga
ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun pamales ti kami.

Ulah adigung asa aing. Engke di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding jeung kami! Walon
gajah bari seuri, Rek ngajago Sakadang Sireum teh? Lamun enyaan, heg ku kami didagoan! Di
mana hayang perang teh?

Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan! gancang, gajah nuluykeun
deui lampahna. Ari raja sireum teu talangke deui, tuluy bae nabeuh tangara, ngumpulkeun kabeh
baladna.

Teu sabaraha lila, balad sireum teh geus nakleuk di tegalan. Ceuk Raja sireum, Eh balad kami
kabeh! Di Jumaah Kaliwon kaula rek perang tnding jeung Sakadang Gajah, tuh handapeun
tangkal waru nu itu! Ku sabab eta, kaula menta ka aranjeun sakabeh ulah sisingeun, kudu pada
digarawe.

Sarerea kudu nyieun lombang sing gede pikeun piruang. Nya palebah waru nu itu kudu nyieun
piruang teh. Prak geura digarawe ti ayeuna. Tapi kade jukutna mah ulah ruksak, kudu angger bae
kawas ayeuna.

Dikorowot ti jero bae, taneuhna engke sesakeun, tuh kira sakandel papan beunang Sakadang
Manusa, ka luhurna mah. Balad sireum saur manuk, kabeh pada jangji rek pada suhud
digarawe, sarta pada sanggup anggeus dina waktu tujuh poe.

Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poe piruang teh geus beres. Ti luhurna teu
katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu buatan par ahli nerus bumi.

Barang nepi kana waktuna, kana poe Jumaah Kaliwon tea, subuh keneh Raja Sireum geus
ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngetan. Saksi-saksi geus karumpul, nyaeta:
Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyet.

Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wetan maju ka kulon, nyampeurkeun Raja
Sireum. Jauh keneh oge Raja Sireum geus celuk-celuk nangtang ka Sakadang Gajah, Gancang
ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poe tujuh peuting,
geus sadia bakal maehan sampean.

Lamun enya sampean sakti, gancang geura rontok kami! Barang gajah ngadenge panangtang
Raja Sireum kitu, jol suruwuk bae narajang. Tapi cilaka, teu kungsi nepi, da awakna kaburu
tigebrus manten kana piruang, sukuna tipitek.
Sakadang Gajah adug-adugan meakeun tanaga hayang kaluar tina piruang, tapi weleh teu bisa.
Tungtungna beak tanaga ngajoprak teu bisa walakaya. Ceuk raja Sireum ka balad-baladna, pek
ayeuna geura hanca ku aranjeun eta sato telenges teh!

Balad sireum nu reana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur awak Sakadang
Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum. ampuuunampuuun! Sakadang Gajah tulung-
tulungan menta ampun.

Manehna taluk tarima eleh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa sireum. Ti dinya
riwayatna, aya paribasa Sireum oge ditincak-tincak teuing mah sok ngalawan. Atuh lamun aya
nu suten, jempol anu jadi perlambang gajah, eleh ku cinggir anu jadi perlambang sireum.

You might also like