You are on page 1of 4

Assalamualaikum Wr Wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji


sinareng syukur ka illahirabbi nu mana kalayan
hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa
kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat
walafiat.
Ibu guru anu dipihormat ku sim kuring jeung
rerencangan sadayana.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun
sakumaha pentingna hirup sehat kanggo urang
sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib
ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun
urang sadaya tiasa ngajaga tina sagala panyakit.
Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola
hirup sehat kanggo kapayunna di kawitan ti
ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun. Anna
dhofatu minal iman. Nu hartosna : Kabersihan
teh sabagian tina Iman
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad
sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim
anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami
urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu
bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas
alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu
suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina
bersihna jeung sucina urang sareng lingkungan di
sakitar urang.
Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang
kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge
milu bersih. Kabersihan teh aya marupi-rupi
macemna, nyaeta aya
bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih
rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup
kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma amin.
Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup
sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa
leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas
tur Maha Asih.
Ibu guru anu dipihormat ku sim kuring jeung
rerencangan sadayana.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur,
pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang
entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang
merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammualaikum Wr. Wb.


Kabersihan
(Biantara)
( Diajengkeun pikeun nyumponan salah sahiji
pancen mata pelajaran basa Sunda ti kersana, Ibu
Azizah Masithoh, S.Pd )

Anggota Kelompok:
Azka Amalina
Lia Kamilah
Mazaya Aulia A
Suci Ayu Nilam S
Kelas:
IX-B

SMPN 3 Rancaekek
Jalan Teratai Raya
Taun Ajaran 2013-2014

You might also like