You are on page 1of 2

Sasakala Situ Bagendit :: Dongng

Jaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar, ceuk paribasana beungharna Nyi Randa th
stu lubak-libuk sagala boga. Kakayaanana bru di juru bro di panto.

ilustrasi: Mangle

ta Nyi Randa th katelahna Nyi Endit. Awakna


jangkung rada ngeusi tapi sorana cemprng. Mun
pareng nyarkan bujangna atawa barudak sok laklak
dasar bari sorana matak katorkan. Rupana henteu
geulis kitu w saperti urang lembur nu sjn kasebut
ngan ukur jajar pasar. Tapi lantaran perbawa
kabeungharanana, manhna asa panggeulisna di
lembur ta th. Sapopo gawna ngan ukur midang
nmbongkeun papakan jeung perhiasan emas berlian
anu sarwa alus. Kongkorong emasna saged nyr
digantelan ku liontin sagede jengkol. Beulang knca katuhu bari alina reunceum dina ramona.
Jaba ti ta antingna guntang-gantung beuki tambah gonjleng. Dahareunana, unggal po
ngajagrag dina mja. Iwal ti sangu jeung deungeunna dina mja sjn aya rupa-rupa
bangbuahan. ta kadaharan anu sakitu ngaleuyana th stu tara kasoro ku batur, sanajan di
imahna th aya nu babantu. Jadi sanajan loba dahareun g, Nyi Endit mah tara dak
barangbr ka batur. Tah najan paparntah kana gaw mah cerwd pisan ka bujang th ari
muruhan mah itungan pisan. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi Endit th katelah Nyi randa
medit. Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain ba karasa ku bujang-
bujangna tapi og karasa ku batur salemburna.
Nyi Endit mah tara dak campur jeung urang lembur da cenah sieun karebut harta
bendana, tara dak mr sumbangan keur nu miskin. Mun pareng aya nu baraman ngalanto
ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak, ngusir nitah jaun ulah asup ka buruan. Di
lembur ta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu malir ka tatangga, tara dak nulung ka
nu butuh tara dak nalang ka nu susah. Sapopona nu diriksa ditalingakeun th ngan ukur
harta bandana, sieun aya nu leungit sieun aya nu maling. Leuit nu ngajajar digembok
dikoncian, pakan ditumpuk-timpuk dilomarian, duit disumput-sumput dina handapeun
kasur.
Dina hiji po ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begng bari geus bongkok, mak
dudukuy samak geus rawing, lngkahna dibarengan iteuk, pakanana rudin kuleuheu. ta aki-
aki teu kanyahoan ti mana jolna ujug geus ngajengjen hareupeun panto bari pok uluk salam
ka nu boga imah. Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki
kamawantun nyuhungkeun sangu sakedik mah lapar aki th. Kitu pokna bari brek diuk
dina mpr.

Barang Nyi Endit ngadng aya nu pupuntenan bari rk mnta sangu, gancang ba mukakeun
panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari tutunjuk, pok ngagorowok Naon mnta sangu..
naha kami boga dahareun th beunang barangpnta kitu. Lapar... Usaha atuh lain baraman.
Nyi Endit pohara ambekna kadatangan aki-aki th. Lin ba tutunjuk ngusir tapi bari jeung
nyuntrungkeun aki-aki ti mpr ka buruan. Ka ditu indit montong datang ka dieu bari nitah
badegana ngusir aki-aki ti buruanana. Aki-aki teu bisa kumaha, terus ka luar ditungtun ku
tukang kebon. Hatena pohara nyerina ngadng babasan Nyi Endit anu kasar, ngusir asa
popohoan pisan. Barang geus kaluar ti buruan Nyi Endit, ta aki-aki th teu aya nu
nganyahoankeun kamana losna, tingal iteukna w nanceb diburuan Nyi Endit, poho mawa
meureun aki-aki th. Ambekna Nyi Endit acan leler, rt kana iteuk anu nanceb, srntng ba,
iteuk dicabut bari dibalangkeun ka jalan. Tapi anh bin ajaib, tina tapak iteuk dicecebkeun th
bet bijil cai mancer kaluhur. Beuki lila beuki ged ngaburial ti jero taneuh nepi ka ngagulidag
minuhan buruan.
Nyi Endit pohara reuwasanana, manhna gogorowokan ka bujang-bujangna nitah
nyocokan liang cai. Tapi cai lain ngorotan malah beuki ged, terus lebleban ngeueum sagala
nu aya kaasup imah jeung harta banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan mnta tulung bari teu
leupas ngagagandong harta emas berlianana. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabh
mupuas da bongan manhna g tara dak tutulung ka batur. Cai anu bijil tina iteuk aki-aki ta
beuki ged ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi Enditna
tembong ngangkleung di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gembolan barang-barangna.
Teu kungsi lila Nyi Endit teu tembong deui ngilu tilelep ka jero cai. ta cai nu terus
ngagulidag, beuki lila terus ngabalong ged pisan nepi ka jadi situ. ta situ nepi kiwari
katelah Situ Bagendit. Pernahna di wewengkon Kabupaten Garut. ( Sumber: Helins / Mangle
No. 2281)

You might also like