You are on page 1of 2

CANGKUDU UBAR LEMBUR

Cangkudu tumuwuh di dataran rendah nepi ka daerah pegunungan nu jangkungna 1.500


meter tina beungeut laut. Biasana jadi sorangan di leuweung atawa di kebon nu teu diurus. Aya oge
anu ngahaja dipelak sisi pager di pakarangan imah.
Cangkudu asli tutuwuhan Indonesia. Ngaran nasionalna mengkudu. Ngaran ilmiahna dina
basa latin. Morinda citrifolia. Urang Jawa nyebutna pace, kemudu atawa kudu. Ari ceuk urang
Madura mah Kodhuk.
Cangkudu mah jangkung tangkaina kurang leuwih 3-5 meter. Dauna papasangan pahareup-
hareup, wangunna panjang lenyod, warnana hejo beresih. Buahna lenyod, renjul, totol-totol, sarta
warnana hejo.
Daunna ngeunah pisan upama kun urang dipake campur sangu goreng atawa dikulub dijieun
lalab coel sambel. Buahna ngeunah oge dirujak bebek, dicampur jambu kulutuk tur bungbuahan
sejenna.
Cangkudu ngandung sawatara zat pikeun dijadikeun ubar, diantarana: morinda diol,
morindone, damnachantal, metal asetil, asam kapril, jeung soranyidiol.
Najan daunna rasa pait,tur buahna henteu ngeunah mun didahar langsung, cangkudu gede
mangpaatna pikeun ubar lembur (obat tradisional). Diantarana: ubar hipertensi (darah tinggi ), batuk,
rorombeheun, jeung rea-rea deui.
Ubar hipertensi carana: hiji buah cangkudu nu asak diperes diarah caina, sasendok madu,
dikocek sing rata, tuluy disaring. Sabada kitu diinum dua poe sakali.
Ubar batuk carana: cangkudu asak dicoelkeun kana uyah atawa cangkudu atah dirujak sing
lada .Didahar saukupna.
Ngaleungitkeun rorombeheun, carana: buah cangkudu nu meunang meulah dua,digosokkeun
kana suku nu rorombeheun sing walatra, antepkeun 5 nepi ka 10 menit.Beresihan make lamak
beresih meunang maseuhan ku cai haneut. Alusna mah dipigawe dimana urang rek sare. Hal ieu
bisa dilakukeun sababaraha kali, nepi ka suku lemes karasana.
Jawab pananya di handap !

1. Alusna dina di daerah kumaha cangkudu dipelak ?


2. Ku naon sababna lamun urang melak cangkudu teu kudu dirawat bener- bener ?
3. Asli tutuwuhan ti mana ari cangkudu ?
4. Naon mangpaatna cangkudu pikeun manusa ?
5. Ku hidep deskripsikeun ngeunaan tangkal cangkudu!

Eusian ieu kalimah ku cara milih kecap anu make rarangken hareup pa-anu disadiakeun

1. Ari boga ...... ulah hayang dicumponan ayeuna keneh.


2. Basa dibagi kadaharan barudak mani ........
3. Bapana Imron teh jadi ....... bank di Tasikmalaya.
4. Sundari katembong sedih basa reh ........ jeung sobat dalitna Mirna.
5. Naha bet tali teh bet ..... kieu.?
( pasea, pajeujeut, pagawe, paciweuh, pamaen, pamenta)

Cakraan dina aksara a,b,c jeung d di hareupeun jawaban nu bener!

1. Maneh mah pangedulan ari dititah ku ku kolot teh....Kecap pangedulan,babasanana nya eta...

a. hampang birit
b. beurat birit
c. bujur aseupan
d. bujur seeng.
2. Iraha maneh rek babalik piki teh? Babalik pikir hartina....

a. malikan deui mikir


b. insap
c. menta dihampura
d. ngahampura
3. Teu kitru kumaha,da hirup kuring mah heureun pakeun.Babasan heureun pakeun nya eta...

a. hese dahar
b. hese sare
c. hese nitah
d. hese hirup
4. Daerah nu kasohor hasil buahna aralus mah nya eta...

a. Indramayu
b. Banyumas
c. Cirebon
d. Sumedang
5. Hade paroman tur darehdeh ka saha bae ..Babasan na nya eta...

a. sopan santun
b. amis budi
c. elmu ajug
d. bodo alewoh

You might also like