You are on page 1of 1

CALUNG TARAWANGSA

Tarawangsa th mh sabangsa rbab atawa piul. Waditra kst anu gunana pikeun nambahan
mamanis laras hiji lagu. Tarawangsa g sarua mak kawat jeung pangst.

Tarawangsa dijieun tina kai anu sakurilingna ditutup kalawan rkp. Ngan di hareup, di bagian
tengah, aya liang, kira-kira ukuran 7 X 7 cm. Aya beuheungan wh, panjangna kira-kira 45 cm.
Bdana jeung rebab, tarawangsa mah wangunna pasagi. Kitu deui pangstna og bda.

Tarawangsa mah pangstna lain tina kenur, tapi tina injuk nu dillsang ku arpus atawa menyan.
Kasenian tarawangsa nu aya di wewengkon Tasikmalaya ra bda jeung tarawangsa di darah sjn.
Tarawangsa nu aya di kampung Cigelap, Cibalong, Tasikmalaya sok diadumaniskeun jeung waditra
sjnna umumna lagu buhun anu geus moal dipikawanoh ku barudak ayeuna.

Aya lagu anu teu meunang sagawayah ditembangkeun, nyaeta lagu Ayun jeung lagu Pangungsi. Ieu
lagu dianggap sakral. Ditembangkeunna ngan dina upacara anu tangtu, upamana dina ngaruat pann,
ampih par, jsb. Ari lalguan nu sjnna kayaning Pingping Konng, Sangray Muncang, Cipinang,
Manuk Hjo atawa mulang, sok ditembangkeun dina acara hajat nyunatan atawa ngawinkeun.

Calungna og bda jeung calung nu ilahar. Henteu bisa dijingjing da masangna ditalian, ngajjr, dina
raraga kai. Mh kawas arumba, ngan ieu mah ditalian. Di wewengkon sjn mah nu kitu th disebutna
calung rntng.

Ceuk katerangan kokolot di Cigelap, kasenian tarawangsa th geus dipikawanoh ti bh ditu knh.
Aya nu nyebutkeun kira-kira ti abad ka-12. Basa anu dipak dina lalaguanna og apan basa Sunda
buhun.

Sanajan kaasup kasenian buhun, calung Tarawangsa ti Cigelap hirup knh tepi ka kiwari. Sok aya
knh nu nanggap di lembur-lembur sabudeureun Tasik. Dina taun 60-an tepi ka 70-an mah ieu
kasenian th dipikaresep pisan ku masarakat.

You might also like