You are on page 1of 3

Assalamualaikum wr.

wb

Sampurasun nu kasuhun ka pupuhu SMPN 27 Bandung, pupuhu Dinas Pendidikan, komite


sakola, guru-guru SMP 27 Bandung, bagea ka siswa-siswi SMP 27 Bandung, ibu miwah bapak,
saderek sadayana, kum ka dulur-dulur nu pengkuh mitra baraya nu satia kana basa jeung
budaya sunda.

Sateuacana sumangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha
Agung anu parantos maparin kasehatan sareng kakiatan ka urang sadaya. Alhamdulillah ku
jalaran nikmat ti manten-Na dina danget ieu urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat dina
raraga Paturay Tineung Kelas IX SMP 27 Bandung.

Sholawat sinareng salam, urang sanggakeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW. , ka para
kulawargana, para sohabatna, kalih urang salaku umatna. Amin.

Langkung tipayun simkuring seja nyanggakeun pangwilujeng, rehna siswa-siswi kelas XII
parantos lulus Ujian Nasional taun 2017.

Sateuacana, didieun aya sababaraha rupi acara. Simkuring bade medarkeun heula runtuyan
acarana diantawisna:

1. Bubuka

2. Mapag Pupuhu

3. Aosan Ayat Suci Al-Quran

4. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMAN 1 Sumedang

5. Laporan ti pupuhu panata calagara

6. Laporan ti pupuhu OSIS

7. Pidangan tarian (mangrupi tari merak ti wawakil siswi kelas IX SMP 27 Bandung

8. Kedal lisan ti wawakil kelas IX

9. Pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda SMP 27 Bandung

10. Kedal lisan ti pupuhu sakola

11. Pidangan lagu ti Paduan Suara SMP 27 Bandung

12. Kedal lisan ti komite sakola


13. Kedal lisan ti Dinas Pendidikan

14. Pidangan upacara adat prosesi paturay tineung kelas IX

15. Doa

16. Pidangan kasenian gondang

17. SMANSA Award

18. Bewara siswa/siswi berprestasi

19. Pembagian STTB

20. Panutup

Supados teu nyangkolong kana waktos, sumangga urang kawitan wae ieu acara ku aosan
basmallah sasarengan. Bismillahirrahmanirrahim.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, salajengna hayu urang nyakseni mangrupi pidangan
prosesi mapag pupuhu SMAN 1 Sumedang miwah rengrengan. Mangga dilajengkeun ku
panumbu catur kasenian.

Hadirin, salajengna hayu urang sami-sami regepkeun aosan ayat suci Al-Quran anu seja
didugikeun ku saderk ka saderekdihaturanan.

Nincak kana acara nu kaopat. Urang nyakseni mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMP 27
Bandung

Salajengna nyaeta laporan ti pupuhu panata calagara. Ka saderek..dihaturanan.

Lajeng, acara nu kagenep nyaeta laporan ti pupuhu OSIS. Ka saderekdihaturan.

Nincak kana acara nu katujuh, hayu urang sami-sami nyakseni mangrupi pidangan tari merak ti
wawakil siswi kelas IX SMP 27 BANDUNG.

Salajengna, acara nu kadalapan nyaeta kedal lisan ti wawakil kelas XII. Ka saderekdihaturanan.

Lajeng, acara nu kasalapan nyaeta mangrupi pidangan seni angklung ti Lingkung Seni Sunda
SMP 27 Bandung. Wilujeng nyakseni.

Salajengna, acara nu kasapuluh kedal lisan ti pupuhu sakola. Bapak Drs. H Masduki Heryana
M.M anu ku simkuring dipihormat dihaturanan.
Nincak kana acara nu kasabelas mangrupi pidangan lagu ti paduan suara SMP 27 Bandung.
Wilujeng nyakseni.

Salajengna, acara nu kaduabelas kedal lisan ti komite sakola. Bapak anu ku simkuring
dipihormat dihaturanan.

Salajengna, acara nu katilubelas kedal lisan ti pupuhu Dinas Pendidikan. Bapak anu ku
simkuring dipihormat dihaturanan.

Ayeuna urang nincak kana acara puncak, mangrupi pidangan upacara adat prosesi paturay
tineung kelas XII. Mangga dilajengkeun ku panumbu catur kasenian.

Lajeng, acara nu kalimabelas nyaeta doa. Ka saderek..dihaturan kanggo mingpin doa.

Salajengna, acara nu kagenepbelas mangrupi pidangan kasenian gondang. Hayu urang sami-
sami nyakseni.

Nincak kana acara nu katujuhbelas nyaeta SMANSA Award. Naon atuh SMANSA Award teh?

Acara nu salajengna nyaeta beware siswa/siswi berprestasi.

Lajeng, acara nu kasalapanbelas, hayu urang nyakseni kelas XII dibaragi STTB.

Ibu miwah bapak anu ku simkuring dipihormat. Runtuyan acara parantos dilaksanakeun. Mugi-
mugi ieu acara teh aya mangpaatna. Rupina ieu acara teh urang pungkas wae, simkuring
Hanifah Alshofa Nurul Aini sareng Deden Kurnia Syam neda dihapunten samudaya kalepatan.
Hatur nuhun kana perhatosannana. Mangga urang tutup ku aosan hamdallah sasarengan.
Alhamdulillahirabbilalamin.Wassalamualaikum wr.wb

You might also like