You are on page 1of 1

Durma

Di mamana penjajah pada marudah


Lantaran dikiritik
Ku ahli nagara yn ta lampah jahat
Tatapi kalah mudigdig
Ambek-ambekan
Dasar nu buta-tuli
Beuki bengis adatna teu suda-suda
Dasar nu kasar budi
Ngagawkeun jalma
Henteu jeung kira-kira
Anu teu nurut dibui
Nandang siksaan
Kejem teu aya tanding
Nu kalabur stu teu aya kendatna
Tina banget kanyeri
Ngan stu hanjakal
Karunya nu katwak
Ra nu nemahan pati
Mugia Pangran
Ngarapeskeun Si Dolim

Dicutat tina Serat Kanayagan sareng Rumpaka


17 Pupuh Sunda
yasana: Mang Koko & Patah Nataprawira
Yayasan Cangkurileung 2005

You might also like