You are on page 1of 5

DRAMA BAHASA SUNDA

KELOMPOK 6

Akhmad Alif
Inda Robayani W
N. Angelina
Syam Galang
Ulfah Marifat
Yoga Prambudi

KELAS
XI IPA 3
LALAKON

Akhmad Alif : Bencong jeung perawat


Inda Robayani W : Narator
N. Angelina : Siti
Syam Galang : Dudung
Ulfah Marifat : Neneng
Yoga Prambudi : Pak Asep

JUDUL : Embung Deui


EMBUNG DEUI!

Narator : Dina poe eta Siti, Neneng, jeung Dudung angkat ka sakola sasarengan

Dudung : Eh! Enggal atuh tos jam 7 yeuh, engke telat deui!
Siti : Tah si Neneng meni lami nalikeun tali sapatuna, Enggal atuh Ti,
engkee dicarekan ku Bapa deui
Neneng : Nya ih, da ieu oge tos enggal! (ngiket tali sapatuna)

Narator : Maranehna indit ka sakola ngagunakeun motor. Tapi teu lila motor
Dudung mogok dijalan

Dudung : Ah ieu motor kunaon deui atuh, meni mogok wae (turun dina eta motor)

Narator : Neneng oge eureun ningali motor Dudung nu mogok

Neneng : Dung, teu kunanaon? (ngajorowok)

Narator : Teu lila aya nu nyamperkeun Dudung terus ngobrol jeung Dudung

Bencong : Hey! Eta motorna kunaon? Bade di bantosan ku abdi?


Dudung : Enya, motor abdi mgok, duka ku naon. Bade ngabantosan? (teu ningali
orangna)
Bencong : (ngadeukeutan) enya, abdi bade ngabantosan da. (suarana lembut)
Dudung : Heuleuh bencong! Kaditu siah,gelo geus tong bantuan bisa ku sorangan
da. Kaditu! Kaditu!
Bencong : Hih sombong siah rek dibantuan the! (Logatna lalaki galak)
Dudung : Hente kedah, tiasa nyalira da, nuhun ah, tos kaditu! Kaditu!(sieuneun)
Bencong : Eh, menta duit heula mah, mana?
Dudung : Duit naon? Teu aya ah
Bencong : Buru ih! Pirage duit
Dudung : Nya geus, ieu. Kaditu! Kaditu!
Bencong : Nuhun nya. (bari nyolek si Dudung)
Dudung : Alah amitamit yaAllah

Narator : Neneng jeung Siti seuseurian ningali dudung nu digoda ku bencong. Teu
lila motor Dudung geus bener deui, tuluy dilanjutkeun deui jalan ka
sakola. Bakating ku lila, maranehna jadi telat datang ka sakola. Pas
nyampe sakola maranehna dihukum dititah milahan sampah organik jeung
anorganik

Siti : Atuhlah, dageleh atu sampah teh, maenya dihukumna kieu


Neneng : Nya da kumaha deui atuh, garagrana si Dudung tah
Dudung : naon nyalahkeun abdi, aranjeun teu ngabantuan abdi, malah asik we
ngobrol duaan
Siti : Tapi kan, lamun teu mogok ma moal dihukum kieu atuh Dung!
Neneng : Atos ah atos! Hayu bereskeun meh bisa asup ka kelas.
Narator : Maranehna ahirna beres ngerjakeun hukuman ti sakola. Saatosna
maraehna asup ka kelas. Pas geus dikelas maranehna ngucapkeun salam
ka guru nu nembe lebet, da pas maranehna datang guruna oge nembe
lebet. Pas guru eta lebet, siswa nu aya dikelas kabingungan da lain guru nu
biasana

Siti : Eh! Guru anyar tuh!


Neneng : Wah! Kasep geuning
Pak Asep : Wilujeng Enjing sadayana! Inun kabar? Luen inun? Tak celurit tak Ye
Dudung : Aneh guru teh! Maenya ngomongna Bahasa Campursari kitu! (ngabisik
ka Siti)
Siti : Wah! Curiga ieu mah euy!
Pak Asep : Ayeuna urang diajar naon? (Logat batak)
Sadaya : Bahasa Sunda Pak
Pak Asep : Nama abdi Asep. Oh enya ayeuna urang diajar cara ngajieun tarasi nya
Neneng : Guru naon ieu? Maenya we ngajieun tarasi mah, marukanna diajar Tata
Boga meureun
Siti : Heueuh, maenya aya guru baru kieu
Pak Asep : Ngajieun tarasi anu utamana nyaeta dijieun tina cai kalapa nu di
campurkeun taneuh jeung garem saeutik sarta udang nu geus busuk!
Paham? Aya nu ditroskeun?
Dudung : Naha ngajelaskeun tarasi pak?
Pak Asep : Suka suka bapa atuh! Kan didieu Bapa guruna
Neneg : Lah? Naha kitu si bapa teh (ngomong sorangan)
Siti : Oh enya. Bapa teh lulusan ti mana pa?
Pak Asep : Abdi lulusan ti Universitas Ampah Kota. Terang kan?
Dudung : Punten pa! Ampah Kota teh dimana nya? Abdi mah teu pernah ngadangu
Pak Asep : Maenya teu nyaho? Eta kota nu terkenal pisan!
Dudung : Di pulau mana pa Gunung nya. hahaha
Siti : Boa-boa teu aya deui. hahaha
Pak Asep : Lamun bapa ngomong aya, nya aya atuh! Maraneh nantang ka bapa?!
Dudung : Heunteu pa, kan naros ka bapa eta mah
Pak Asep : Sae, sae! Eh ulang sakali deui?
Dudung : Abdi kan naros ka bapa
Pak Asep : Cobi ulang sakali deui?
Sadaya : Abdi kan naros pa!!!!!
Pak Asep : Wah! Maraneh wani ka bapa? Kieu-kieu oge bapa mah dulu Raja di
Ampah Kota nya!
Dudung : Ampun pa!!!!!!
Neneng : Teu percanten ah pa!
Pak Asep : Maraneh kudu nyaho! Bapa pernah jadi Raja anu bisa ngajamin
kanyamannana
Neneng : Lamun pernah jadii raja, naha ayeuna jadi guru pa?
Pak Asep : Muhun, kan alih profesi ah, bosen jadi raja wae
Neneng : Naha kunaon pa?
Pak Asep : Bapa teu sanggup, maenya tiap hari makannana seueur wae
Siti : Aduh! Ieu nyaan guru atawa sanes sih? (ngabisik ka Neneng)
Neneg : Suut! Tong kitu engke kadangu ku si bapa, engke dihukum deui
Pak Asep : Heh! Aya nu ngomongkeun Bapa nya? Kieukieu oge Bapa boga Indra ka
10
Neneng : Indra ka 10? Kenging timana pa?
Dudung : Muhun pa, naha tiasa?
Pak Asep : Enya atuh, kan di pasar aya Dua Las Limaan
Siti : Beuki aneh wae ieu guru, maenya we aya indra ka 10 di pasar ma
(ngomong sorangan)
Neneng : Moal aya atuh pa, indra ka 10 di pasar ma
Pak Asep : Nya aya atuh, buktina Bapa boga kan?

Narator : Pas maranehna keur debat di kelas, Teu lila aya nu datang Bapa-bapa ka
kelas
Perawat : Punten! Abdi ti pihak Rumah Sakit Jiwa, milarian jalmi anu kabur ka dieu,
aya heunteu?

Narator : Sadaya siswa nunjuk ka Pa Asep

Dudung : Eta pa! Jigana mah eta jalmi nu ku bapa pilarian, soalna Pa Asep mah
ngajarna jauh tina materi nu biasana
Perawat : Nah! Maneh ditangkap! Hayu ngilu jeung abdi!
Pak Asep : Heunteu pa! da abdi ma teu gelo, maenya abdi kudu ninggalkeun siswa nu
diajar ku abdi ieu?
Perawat : Tong ngalawan! Hayu ngilu jeung abdi! (narik tangan Pa Asep)
Pak Asep : Dadah hwa haha..ha..ha..ha..haaaaaaaaaa
Perawat : Sakali deui punten. Punten pisan ieu kajadian ngaganggu!
Assalamualaikum
Sadaya : Waalaikumsalam

Narator : Sadaya siswa ribut

Dudung : Adeuh, bener kan eta guru teh gelo!


Neneng : Enya, bener eta guru teh gelo
Siti : Pantesan ngomongna kitu, maenya we guru bahasa Sunda nerangkeun
cara ngajieun tarasi mah
Neneng : Enya ih, dasar Nu Gelo!

Narator : Kajadian ieu oge jadi heboh sasakolaeun

You might also like