You are on page 1of 3

KARAJAAN PULO MAJETI

Para mitra…..

Sigana sadayana kantos ngadangu situs karamat Pulo Majeti anu aya di wewengkon
Dayeuh Banjar. Ieu tempat téh sering dianggo ku pamujaan ku jalma – jalma anu baluweng
ku jalan kahirupan. Neda pitulung ti Bangsa Onom téh dipercanten pisan ngungkulan
bangbaluh hirupna.

Pulo Majeti anu dikulibeng ku Rawa Onom téh, katelah tempat ngumpulna para
lelembut, sarta masih keneh di puhit ku jalma-jalma nu pondok akal. Aya anu hoyong
beunghar, hoyong naék pangkat, hoyong di pikanyaah ku dunungan jeung sajabana.
Numutkeun katerang kuncén nu nelah Bapak Omod almarhum, nu sarumping téh ti mana-
mana, unggal dinten teu weléh aya boh ti Banjar, Ciamis, Tasik, Cirebon, Banten, malah aya
ogé anu ti alas peuntas.

Para mitra…..

Naon….jeung saha ari Onom téh? Kieu numutkeun ujaring carita mah….

Kacatur Ki Selang Kuning ti Karajaan Galuh nampi pancén ti sang Prabu Raksa Buana
pikeun ngalegaan wilayah ku cara muka lahan anyar nyaéta Pulo Majeti. Ki Patih tumaros ka
raja “leuweung palih mana atanapi reuma mana anu ka galih ku dampal gusti….?”

Kanjeng raja mésem pok ngawaler. “lain leuweung lain reuma anu ka pikir ku kaula
mah, tapi tanah ranca anu masih kawengku ku Galuh nya éta Pulo Majeti. Saenyana éta
daerah téh lain ngan hiji Pulo wungkul tapi aya tujuh nya éta : Pulo Tulang, Pulo Sireum, Pulo
Séro, Pulo Handiwung, Pulo Emas, jeung Pulo Wadana. Pulo Majeti kaitung pulo nu
panglegana. Ayeuna kaula meredih ka andika, sangkan nagri séjén nyarahoeun yén Pulo
Majeti téh bawahan Galuh. Prak geura wangun ku andika, sukur-sukur mun andika bisa
ngawangun pulo-pulo sejenna! Andika bakal dijenengkeun jadi wawakil kaula. Buktikeun yén
Galuh téh lega ku ambahanana! Kaharti, Ki Patih?”

“Kahartos pisan, Gusti. Sim kuring seja tumut babakti ka dampal gusti. Tong boroning
lara, dalah dugi ka nemahan pati ogé, seja tumut ka salira, Gusti!” walon Ki Patih.

Dina waktos anu singget, Pulo Majeti jeung sabudeureunana jadi ramé. Rahayat
mimiti pelak cokél di tanah darat. Ari patali marga ti Pulo Majeti, ti pulo ka pulo
ngagunakeun rakit atawa parahu. Dina tepang taun anu munggaran gé hasil tani mucekil tur
bisa dikumpulkeun baktikeuneun ka Galuh.
Teu karasa, Patih Selang Kuning anu sasatna jadi raja, geus sapuluh taun ngurus Pulo
Majeti jeung sabudeureunana kalawan ayem tengtrem tur saruka bungah.

Dina hiji mangsa, Patih Selang Kuning ngumpulkeun kulawargana pikeun


ngabadamikeun hal nu ceuk emutanana kacida penting sarta pok cumarita.

“Ana dipikir-pikir, karugi-rugi urang hirup di ieu tempat bari ngan jadi éréhan nagara
séjén. Ceuk kaula mah kieu péta téh teu kudu lana, teu kudu salawasna. Leuwih hadé mah
urang misahkeun diri waé ti Galuh, sakalian émbarkeun ka luar Pulo Majeti yén ayeuna mah
urang téh geus ngadeg karajaan anu mandiri, lain éréhan galuh.” Ceuk Patih Selang Kuning.

Ibu ramana katut garwana, Nyi Mas Gandawati ngawawadian yén kitu péta téh bakal
ngabalukarkeun teu hadé sarta mawa mamala. Tapi dasar napsu nu keur ngaberung hayang
jadi raja, amarah jadi raja sagala naséhat taya nu metu. ”Hirup jeung huripna karajaan Pulo
Majeti aya dina dampal leungeun kaula.” Pokna.

Caturkeun Prabu Raksa Buana nampi wartos ti mantri luar ngeunaan kaayaan Pulo
Majeti. Saterasna, sabada asak tinimbangan anjeunna téh rék nganjang ka karajaan Pulo
Majeti salaku dulur jeung tatangga nagara. Poé éta kénéh aleutan raja galuh ngajugjug Pulo
Majeti dina wanci panonpoe geus condong cunduk ka nu dijugjug.

“Enyaan geuning tohaga karajaan Pulo Majeti téh, tétéla rahayatna soméah
daréhdéh, pajuritna rancingeus jeung parigel,” gerentes kanjeng raja.

“Saurkeun ka Kanjeng Raja aya kaula kitu, Kanjeng Prabu ti Galuh!” saur Prabu Raksa
Buana ka salah saurang prajurit.

Demi sang Prabu Selang Kuning nguping aya Prabu Galuh téh manahna tagiwur, ujug-
ujug jorojoy boga sangkaan goréng. “Boa-boa rék ngarurug Pulo Majeti nu meunang hésé
béléké ku aing diwangun”. Ceuk pikirna.

Teu tata pasini deui Prabu Selang Kuning ngojengkang ka kamer pasepen. Pikiranana
ngacacang kamana-mana. “Kumaha pipétaeun? Naha rék diantep? Beu, deudeuh teuing
rahayat Pulo Majeti! Sabalikna mun kaula ngalawan pamohalan kana wanina, kaula kudu adu
hareupan jeung Prabu Galuh anu geus sakitu gede jasana ka kaula. Aahhh..!” ki Selang
Kuning ngarahuh.

Prabu Selang Kuning nyandak cai kana bokor emas, saenggeus di parancahan, tuluy di
képrét-képrét. Teu sawatara lila...geleger...geleger...sora guludug kawas ngahaja rék meulah
lemah, burinyay...jelegér...jelegér...alam jadi poék mongkléng buta rata. Buana Pulo Majeti
lir anu dituruban ku mega hideung, kingkilaban pangburinyay, guludug patingjelegur, bumi
asa génjlong.

Saenggeus sawatara waktu, alam caang deui, tapi di éta tempat jadi réhé combrék,
padahal asal namah dayeuh anu sakitu raména. Karajaan anu sakitu tohagana jeung sakabéh
pangeusina ngariles...tilem... kaayan jadi mulang ka alam méméh di wangun jadi tempat nu
geueuman tur hara-haraeun. Cenah Prabu Selang Kuning, Ratu Gandawati, Patih Kalintu
Udara, rahayat sakumna, katut ngarana tilem...jadi Onom nu dugi ka kiwari sering di sambat
jeung di puhit ku nu masih percaya.........................

Caaaaaaag....................ach................Wallohualam bilmurrodi.............................

You might also like