You are on page 1of 5

Bobin Beureum

Breh bobbin ulaweran ku gincu beureum. Gincuna ngabyabah. Ucrat –acret deuih. Teuing kulamokot
eta bobbin. Sigana operator mesin jumbo teu kaburueun beberes tayohna atawa bisa jadi kadupak basa
ngadenge hoang sora sirineu, tandaning gawe lekasan Da et we gening, solobong buleud tina palastik rada
buntet bari ceulian mani pabalatak teu puguh nyangirah.Aya nu nyagigir. Smalah aya nu nepi ka mesin
cepengan sorangan, mesin biming. Tayohna na mah sanggeus kadupak, ngagorolong ka lebah dieu.

Keur kabagean sip tilu, sip malem, sorangan the. Ti jam sapuluh peuting nepi jam genep isuk- isuk.
Keur nungtungna malah. Pareng peuting panungtungan sip tilu. Poe saptu, malem minggu. Puguh we rada
lendeng sirah, meunang genep peuting tuluy melek. Tapi da angger we heran. Ningali bobbin ulaweran ku
gincu, bari patulayah mah. Nu sasarina pulas hejo teh, ku gincu mah bobbin teh bleg we beureum getih.

Da kalah Ngajengjen, ngajeten sajongjongan nyanghareupan mesin jumbo. Padahal biasana sanggeus
aya di hareupeun mesin cepengan sok buru-buru ucul-ucul. Maksud the ngalaan heula jeket nu teu weleh
dipapake ari pareng gawe peuting. Digantungkeun dina kapstok nu dijieun tina behel, lebah tihang
pangiloan bim atawa beunang. Sakalian neundeun bebkelan ti imah nu geus maranti: mih instan, kopi.
Karak gap kana buku laporan, nagcek beubeunangan babaturan nu digawe sip memehna sip siang atawa
galecok heila ngobrol jeung nu diaplus geus birat. Sigana ka rohang pangetokan kartu absensi, ngaliwatan
ka lebah mesin tinun AJL nu aya di tengah-tengah antara chiller jeung mesin sizing. Puguh moal
panggihna teh, da sorangan mah ti lebah pangetoakn absensi the sok liwat ka palebha chiller heula, tuluy
sup kana lulurung antara WC jeung pangumbahan sisir mesin tinun. Karak bras ka mesin sorangan.

Enya sigana barudak nu diaplus, buru-burubalik, da isukan kudu asup deui isuk-isuk. Da lagu oversip,
ganti gawe jadi gawe beurang. Tapi ketang, ningali dudukan mesin biming kosong jeung bim-bim ti
mesin sizing geus ngabaragug dian tempatna mah, sidik barudak diaplus sari-sari “ngagawean”. Embung
ripuh, naekkeun deui bim nu di eusi benang. Tuluy kudu ngabetotan ka hareup mesin, tuluy kudu nyucuk
deui.
Kalah hantem ngajenjen sorangan teh, ningali operator mesin jumbo nu meresan deui bobbin nu
balatak tea. Meresihan gincu beureum nu ulaweran tea. Ngan ujug-ujug ti belah kidul, ti lebah mesin
sizing aya nu gegeroan, “Euy, moal ditaekkeun iyeu teh. Kalah cicing wae.” Dilieuk the mas Tarmo keur
nyekelan katrol, paranti maekkeun bim kana dudukan mesin. Ti tukangna, Teh Mimin ngagulitikeun bim-
bim nu sagede-gede duaaeun beuteung munding. Di sina ngadekeutan katrol.

“Hayu” ngan kelu kitu. Bari pikiran panasaran keneh ku naon bobin babalatak, jeung gincu beureum
ulaweran. Jolad-jolad nyampeurkeun Teh Mimin jeung Mas Tarmo, operator mesin sizing. Nu daan keur
ngulawitkeun kawat badag kana ceuli bim. “Cing ku sayah mas, naekkena,” ceuk sorangan ka Mas
Tarmo.

“Yeuh,” cenah, bari nyasongkeun panyekeul katrol. Rongkong, gap kana panyeukeulan. Tombol
“UP” dipencet, jurungkunung bim ngajungjung ka luhur. Meh-mehan adek kana beusi nu jadi track na
katrol. Tombol “forward” dipencet. Geleser katrol mawa bim, muru dudukana di hareup. Lebah dudukan
kahiji, buru-buru tombol “fordown” di pencet. Gebru, bim teh ninggan dudukana. Pas. Mani eundeur
rarasan.

Karak ge rek ngalaan kawat tea, Teh Mimin nanyakeun patner sorangan, Kang Nanang. :duka ka
mana. Kasiangan panginten teh,” engab sakitu minangka ngawolan teh. Da jeung enyana teu pati apal, ku
naon patner teu asup gawe. Ongkoh rada jauh imahna, ti pabrik teh. Bari jeung tadi the teu kapikiran,
bakating tungkulkeun ka urusan bobin nu ulaweran ku gincu beureum tea sigana, nepi ka lat poho ka
patner sorangan. Enya das ok duaan ari mesin nu baradag ngajagaan na teh. Sanggeus dalapan dudukan
tea geus kaeusian ku bim-bim sizing, ret-ret mukaan lakban wates paneukteukan dina bim kahiji. Tuluy
ka hareup mesin. Di dinya geus silih sangigir sisir kerep beusi, nu kuduna di eusian hiji-hiji ku beunang
nu di betot tea. Luhureun sisir, ngagebray lampu neon panjang. Ngebrak sabudeureun luhur mesin.
Nyaangan sisir jeung beunang sangkan asup hiji-hiji bubuhan geus biasa, benang arasup kana saban
lolongkrang antara sisir kerep tea. Beres, ka tukang deui. Metot deui tung-tung benang nu di lakbanan
dina bim nu aya di dudukan nu kadua.karak creb, meunang sasisir. Rentang-rentang kang nanang
baranggawe. Topina beureum switerna pula skulawu. Dina taktana kantong leutik, nyampay. Di eusi
bebekelan ti imahna. Sangu di bungkus keretas minyak, didengeunaan ku endog ceplok. Geus deket, pok
we kang nanang sasadu,” Sori jang kabeurangan. Eta di imah, si bungsu hareeng. Kalah hayoh akang the
ngagugulung budak, da indungna apan keur sip siang.

“Geus kitu mah soal bobin jeung kang nanang anu ka pohokeun, bakating ku katungkulkeun ku gawe
ripuh. Eta tuda rudet pisan di gawe. Meusmeus datang tanda pegat ti sizing, meusmeus jebol lantaran aya
beunang pegat ti anggalna, nepi ka nabrak sisir di hareup .
Puguh we duaan teh paciweh, piligenti antar nu nyambung benang jeung nalingakeun jalanna benang di
hareup. Teu karasa ku ripuh mah jol jam dua deui we. Poho di kalapar, eta ku bakat bangga-banggana.

“Kang abdi istirahat ti payun enya. Teu kiat yeuh…” bebeja rek istirahat ti heula. Da gentian teu
meunang istirahat babareungan. Da mun seug ka panggih istirahat bareng, bari pagawean keur rea, tangtu
ngawakwak atuh kapala regu teh. Beak koredas, dicarekan ana ge.

“Rek di mana ngagoler teh, jang? Ulah ka kantin luar nya

… jauh teuing. “Muhun. Eta we abdi mah palih dinya, caket mesin tinun WJL…”

“ Enya seug atuh. Ku Akang, ke digeuingkeun nyan. Jam tilu.” “Muhun, Kang.”

Dina itugan teh, sorangan keur ngakleung dina angkot hejo muru ka kosan pi pamajikaneun.
Teu kaburu balik iyeu ti pabrik teh, barang nampa sms ti manehna, bebeja kasakit maag kronisna
kambuh deui. Puguh di bibejaan kitu, sornagn hariwang. Kumaha onam, da inget manehna
ngekos sorangan. Taya nu maturan. Nu matak, dina itungan teh, pareng bubaran pabrik, barang
clak ngangkot. Naju pulas endog asin, calana bulao dongker masih dipapake.

Poe mentrang mentoring, moreret panas, rada bayungyang. Bubuhan bubaran pabrik sip
hiji, jam dua pas. Mani siga sabaraha deupa panonpoe dina angkot. Ari di hareup, supir ngora,
kira-kira sed saeutik jeung sorangan mah umurmna teh. Pakokot sarua, kira-kira 35 taunan
umurna mah aya. Buukna jabrig rada cawigwig. Unggut-unggutan sajeroning nyupiran. Da
ngadon ngagembrung nyetel music rock sajajan teh. Ditarikeun pilegenti “Don’t Cry” ti Guns’n
Roses jeung “The Unforgiven” ti Metalica, tapi lantaran pikiran keur kalang kabut.. kitu mah
lain ngeunah eta lalaguan teh, sabalikna malah nyiksa ka sorangan mah. Matak tuluy seseblakan,
salempang ari ras ka pamajikaneun. Jeung deuih, eta mani tarik-tarik deui nyetel lalaguan, kuriak
matak ka torekan ceuli. Ari ngajalankeu mobil na siga nu teu eun-eunan . mani siga ditaker
satarikna gas teh. Aya logak te sirikna dina durarud. Teu dihiding. Komo palenah nu datar, teu
sirikna aping-apengan. Rek hiber, rek hiber ceuk babasaanana. Lenyap deui., lenyap deui iyeu
hate. Jeungpipamajikaneun mami angger bae kapibeungeut. Siga tuluy-tuluyan nyangkoyot dina
kongkolak panon. Teu daek nyingka. Emh, mugu-mugi we teu kunanaon, taya nanaon.
Mangkaning, cenah nepi teu bisa cengkat-cengkat acan mun panyakitna kambuh teh.

Lebah simpang tilu angkot angger nyebrut, sangkilang rek nyanghareupan peretelon. Taya
basa ngenduran gas kawasna, supir teh. Ngan katigali seap, motor bebek rek nyiap, kencaneun
angkot. Nuturkeun. Siet-siet rek nyusul. Na atuh dina simpang pisan, angkot mengkol
nyakalikeun, motor gigireun kenca siga nu di peteskeun. Neumbag pisan kana lebah panto
angkot. Gebrug cenah, sorana halus. Lenyap, seblak. Jajantung asa coplok. Dina itungan teh
sorangan nu diuk dina bujur mobil, tangka ngajedak kana kaca, tuluy diampulkeun deuih. Ari
gap kana sirah lebah tukang, beueus. Ari ret, breh bobin hejo nu lamokot ku ginu beureun.
Corowok nu tulung-tulungan. Melas-melis, pikarunyaen. “Tulung-tulung…” Nyah nemta
korejat. Jajantung mutuh deg-degan. Moal kitu mu tadi nu dina impian kababawa. Tapi sidik
dedengean nyaan, lain riwan. Jung nangtung, najan bari rada lulungu jeung di dadaligdeugan,
maksakeun hudang. Gigisik. Babatek. Miceun baruruteun. Gap kana HP, jam tilu kurang
saparapat. Sora nu tulung-tulungan asa mingkin tarik kapireng. Tembres kadengena. Lieuk ka
ditu, ka kulonkeun, ka lebah mesin tinun WJL nu geus lila teu dijalankeun. Puguh meredong,
poek. Teu katingali nanaon, lieuk ka watenkeun, ka lebah mesin sorangan. Gebeg …Alloh nu
Agung …Kang nanang keur oseh-osehan antara rol luhur jeung bim paranti nampung benang
tina bim-bim nu aya di tukangen mesin. Ka ditu ka dieu awakna teh kabeto.

Teu sirikna notog-notogeun maneh sorangan muru. Nu pangheulana, mencet tombol “stop”.
Reg mesin eureun kang nanang aduh-aduhan, haharegungan. Awakna paselang ti antara safety
bar bu aya di luhur mesin, nu kuduna aya di harepeun mesin ngajaga sangkan buru-buru pareum
mesin teh mun dideketkeun, atawa dijungjungkeun ka luhur eta palang pengaman.

Barang ningali awakna, ya Alloh, meh rampal lengen katuhuna. Meh asup ka seret nepi siku
na, kana rol mesin. Tina lebi kelekna nu awek-awekan, merejih getih. Kawasna bakating ku
tarik-tarikna silih betot jeung bim nu tension-na dua ratusan kilo teh. Kitu deui suku kencana
milu ka gulung kana ulekan bim nu muter dina as. Calana saragam lebah suku kencana sarua
geus rawek. Teuing kumaha getih beureum ucrat-acret kana bim. Milu muter jeung ulekan bim.
Warna benang nu nyacas bodas, campur jeung beureum getihna kang nanang. Pangalo. Teu kuat
lila. Panon ranyay. Bobin-bobin hejo nu lamokot ku gincu beureum gugulutukan. Gorolong ka
ditu gorolong ka dieu. Reup weh..***
Unsur-unsur dongeng:

Palaku: Mas Tarmo

Teh Mimin

Kang Nanang

Tempat: Pabrik

Angkot

You might also like