You are on page 1of 3

SEMPALAN JEUNG TINGKESAN NOVEL BARUANG KANU NGARORA

Pangarang : D.K Ardiwinata


Pamedal : Rahmat Cijulang
Taun Medal : 1914
Kandelna : 148 Kaca

Sempalan :

Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka


bengong, bet jadi geulis kabina-bina. Bijil cahaya meni
mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto
mah can bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina,
“Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka
Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”
Cék Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?”
Walon Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya
kekemben
“Cing ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha
pangaosna
“Eta mah teu kirang deui Rp.25, mésérna ogé Rp.22,5
“Beu naha mahal-mahal teuing? Teu kenging Rp.15.
“Teu kenging, Lis, mésérna ogétebih kénéh. Sareng ieu
embi ngabantun lélépan lucu pisanm pantes dianggo ku
Elis. Geura anggo dina jariji.”
“Tidak bisa, Lis belinya saja masih jauh. Ini juga membawa cincin yang lucu, pantas dipakai
oleh Elis. Coba pakai di jari.”
“Tuluy, ninggang kana réma anu sakitu manisna. Geura tingali éta berlianna mani enyut,
cahayana kuwung-kuwungan. Mirah delima anu di tengah sakitu lucuna, manis siga amis,
kulit konéng kasipuh ku watang emas, mani ngagempur.”
Cék Nyi Rapiah, “Edas, Embi mah ku tiasa mapantes téh. Sabaraha ieu téh pangaosna
“Ari pangaosna mah Rp.25, dan berlianna enya ogé lalembut, tapi aralus, teu aya nu paut;
mirah delimana oge bangsana saé.
“Ah mahal teuing, Embi, teu gaduh artosna; ongkoh ari ali mah goréng-goréng ogé, geus
gaduh. Ngan éta baé samping, kuring meuli hiji, lamun dipaparinkeun Rp.20.”
Mangga baé Lis dimurahkeun, étang-étang ngahaturkeun sawaréh; ka nu sanés mah moal
dihaturkeun. Ari éta lélépan, upami palay mah mangga baé montong digaleuh.”
“Montong digaleuh kumaha? Méré?”
“Enya ngahaturanan.
“Ah, Embi mah sok ngabobodo, kawas ka budak.”
“Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba rék dagang bari ngemban dawuhan
Aom Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami Nyai keresa wawawuhan sareng anjeunna,
mangga éta lélépén ngahaturanan. Da saenyana mah éta téh kagunganana, lain dagangan
Nyi Rapiah sajongjonan mah ngahuleng baé, teu ngajawab. Geus kitu pok ngomong, “Saha
Embi ari Aom Usman téh?”.
“Ah Nyai mah mamamdaluan, piraku teu uninga, kapan putrana Juragan Demang
“His, Kuring mah daék lolong teu acan tepang. Ari jenenganana mah nya sok nguping baé.
“Naha da itu mah uningaeun ka Nya”
“Pantes baé, da pameget mah sok anclongan”
Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potret Aom Usman tina pésak baju kutang; sor
disodorkeun ka Nyi Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi rapiah
ditampanan bari imut, tuluy diilikan didangdak déngdék. Ngomong jero atina “Emh, sok komo
teuing buktina, potretna sakieu kasepna, surup jadi putra menak. Nya ieu lalaki nu matak
ngagegelokeun awewe teh.”
Dari situ Nyi Dampi mengambil Potret Aom Kusman dari saku kutang, lalu diserahkan kepada
Nyi Rapiah, sambil larak-lirik ke belakang takut ada yang mengawasi. Oleh nyi Rapiah diterima
sambil tersenyum lalu dilihat dengan seksama. Berbicara dalam hatinya
Pikir Nyi Rapiah mimiti gedag rek kabengbat ku nu kasep. Kalau tidak takut oleh orang tua,
dan sudah punya kekasih, sepertinya akan nekad.
Ceuk Nyi Dampi, “Kumaha, Lis, cocog?”
Nyi Rapiah seuri bari nyodorkeun deui potret ka Nyi Dampi.
“Kumaha, Lis kinten-kintenna?”
“Emh, Embi lain bangbang lain pacing, lain campaka kuduna.”
Nyi Dampi seuri bari nungkupan sungut, sarta tuluy ngomong, “Wah, Elis, na kudu kumaha?
Rasa Embi mah geus aduna pisan, nu geulis ka nu kasep.”
“Ih lain ki kituna Embi, ngan kitu wae, Embi langkung uninga, kapan kuring rek lakian.
Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes. Bongan teu
tibareto, da ku abah oge moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan eta ari menak
ka somah teh sok nyecepo, ngarurujit. Ayeunamah lajeungkeun bae, sugan jaga di aherat
tepang sukma padasukma. Ari ieu lelepan lain teu nuhun, ngan kuring risi bisi kauninga ku
sepuh sae haturkeun deui bae.
Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi dampi pahibut
nyumputkeun potret, sieuneun kaperego ku Nyi Haji. Cek Nyi Haji, “Naon nu rek dibeuli teh,
Nyai?”
“Omong Nyi Dampi, “Ieu putra teh palay sinjang,pangaosna Rp.20.”
“Pek bae deui.”
Samping dicikot ku Nyi Rapiah, tuluy dibayar ka Nyi Haji, ingdungna Nyi Rapiah. Kontan.
Kain diambil oleh Nyi Rapiah, lalu dibayar ke Nyi Haji, mamanya Nyi rapiah. Kontan.
Nyi Dampi amit, tuluy balik gura-gitu, lantaran atoh dumeh nampa ladang samping, batina
gede.

Tingkesan :
Baruang ka nu ngarora nyaritakeun atawa ngalalakonkeun Ujang Kusen, Nyi Rapiah,
jeung Aom Usman. Dina jaman menak sok sewang-sewangan, Aom Usman hayangeun pisan
ka Nyi Rapiah, tapi geus jadi pamajikan Ujang Kusen. Ku sabab hirup dikota loba godaan nana
Ujang Kusen mawa Nyi Rapiah hirup di lereng gunung, Aom Usman nitah agan ali anu tukang
pukul pajajaran datang ka imah Ujang Kusen anu digunung sangkan Nyi Rapiah di dekeutan,
tuluy Nyi Rapiah di bawa ka kota, kusabab Nyi Rapiah ge ngarasa teu betah hirup di gunung,
Nyi Rapiah ge ngilu ka agan ali.
Timimiti kawin Ujang Kusen jeung Nyi Rapiah geus silih bogoh pisan, tapi kaayaan
Ujang Kusen anu ngan saukur rakyat biasa teu bisa mere leuwih ka Nyi Rapiah, nepika Nyi
Rapiah pirak jeung Ujang Kusen. Ujang Kusen sabar ningali pamajikan na di goda ku Aom
Usman.
Aom Usman anu eunggeus megatkeun Nyi Rapiah jeung Ujang Kusen, tuluy Nyi
Rapiah di wayuh, Aom Usman kawin deui jeung nu sadarajat jeung manehna nyaeta Agan
Suriningrat, lantaran kolot Aom Usman teu satuju lamun Aom Usman teu kawin jeung anu
sadarajat. Ari si Ujang Kusen prustasi lantaran ninggali Nyi Rapiah dikawin ku Aom Usman,
Ujang Kusen tidinya sok gunta-ganti pamajikan, lantaran ngarasa eweuh nu leuwih ti Nyi
Rapiah, Ujang Kusen sok judi, mabok, pokonamah beda jeung Ujang Kusen basa jadi salaki Nyi
Rapiah, ahirna Ujang Kusen dibuang ka Surabaya kusabab dituding maling duit, duit eta teh
dipake jang judi deui.

You might also like