You are on page 1of 3

Hadirin Rohimakumulloh!

DINA ieu kasempetan, kuring ngajak sakumna jama’ah, hususna diri


khotib sorangan pikeun terus ngaronjatkeun katakwaan diri urang sadaya
ka Alloh SWT, nyaéta ku ngalobakeun amal ibadah bekel pikeun madep
Ilahi Robbul Jalil. Jeung ngalaksanakeun sagala rupa paréntah-Na ogé
ninggalkeun sagala rupa nu dicaram-Na.

Dawuh Alloh;

“….jeung maranéh kudu bebekelan, ari bekel anu panghadé-hadéna


nyaéta takwa. Ku kituna, maranéh kudu tarakwa, yeuh jalma-jalma nu
baroga pikiran!” (al-Baqoroh : 197)

Kaom muslimin Rohimakumulloh!

Urang kumalendang di ieu alam téh lain saukur keur mentingkeun urusan
dunya baranah wungkul sabab urusan ukhrowi éta kawilang penting.
Kahirupan dunya kawates ku umur jeung waktu, jeung dina mangsana
urang bakal balik ka alam nu langgeung anu teu kawates ku waktu.
Sakabéh amal urang sadaya salila jumeneng di dunya bakal dipénta
tanggung jawabna, sabab sagala rupa amal kiwari éta ngarupakeun
tabungan akhérat.

Kabagjaan di dunya éta bisa dihontal ku cara soson-soson urang digawé


tur hasilna bisa dirasakeun salila urang jumeneng, boh dina wanda harta
banda atawa anu saukur dirasakeun ku batin. Sawangsulna kabagjaan
akhérat éta teu nembrak kiwari, tapi bisa dihontal ku jalan ngaikhlaskeun
diri dina ibadah nu khusyu dina sholat jeung nyinglarkeun diri tina sagala
rupa nu dibenduan ku Alloh SWT.

Hadirin Sidang jum’ah Rohimakumulloh!

Nalika sora adzan geus kadéngé, ngalanglaeu pikeun ngagero manusa


nyumponan panimbalan Alloh. Upama sora adzan abus kana haté jalma
nu bener-bener iman, lep haténa téh bakal ngalenyap jeung sieun,
kasawang bari témbras sagala rupa kaagungan jeung kamahakawasaan
Alloh SWT. Antukna ku haté nu pepek ku rasa sieun jeung ikhlas,
manéhna bakal gura-giru nyumponan panggero ti Alloh, manéhna
nguculkeun sagala rupa urusan dunyana pikeun sujud madep ka Alloh
SWT.

Dawuh Alloh;

Padahal maranéhna henteu ditimbalan, salian ti supaya ibadah ka


Alloh, kalawan ikhlas ngalaksanakeun agama karana Mantenna jeung
nyingkahan lampah sasar, sarta ngadegkeun sholat, nyumponan zakat,
sabab éta téh agama nu lempeng. (al-Bayyinah : 5)
Bakal béda pisan jeung jalma-jalma nu jauh tina hidayah jeung taopék
Alloh SWT. Sora adzan téh ku maranéhna mah bakal dianggap sora nu
biasa, sora adzan nu ngalanglaeu saeutik ogé teu matak ngoét kana haténa
pikeun nyumponan panggero Alloh SWT. Teu bina ti omongan, asup kana
ceuli kénca kaluar tina ceuli beulah katuhu, bari teu aya pangaruh naon-
naonna saeutik ogé kana dirina. Ceulina geus torék ku panggero Alloh,
panon haténa geus lolong ku panggero adzan. Nya kitu pisan haténa jalma
nu geus nutup tina inayah jeung hidayah Alloh SWT.

”Sanggeus maranéhna, nya datang gantina, jalma-jalma nu


naringgalkeun sholat, jeung anu ngalajur hawa napsuna. Ku kituna
maranéhna bakal digebruskeun kana naraka Jahannam”. (Maryam :
59).

Jalma nu sombong, éta lain saukur ku némbongkeun harta pakaya, atawa


anu agul ku kalungguhan jeung sajabana. Tapi jalma nu teu daék
ngalaksanakeun sholat ogé bisa disebut jalma nu kawilang sombong.
Naha maké jeung kitu?

Apan Alloh nu parantos ngayugakeun diri manéhna tina sagumpal getih


jeung daging nepika jadi manusa, tapi manéhna mumul nedunan
panggero Alloh. ”Adegkeun ku maranéh sholat pikeun dzikir ka Kaula”.

Tina ayat tadi kapaham, urang sadaya diwajibkeun ku Alloh pikeun


ngadegkeun sholat téh kalayan tujuan éling ka Mantenna. Sabab ku sholat
urang sadaya satékah polah ngadeuheuskeun diri jeung éling ka
Mantenna, sholat éta mangrupakeun kawajiban pikeun hiji muslim.
”Jeung Kaula henteu nyiptakeun Jin jeung Manusa kajaba pikeun
nyembah ka Kaula”.

Dumasar kana ayat tadi, nya mangrupakeun kawajiban urang pikeun


babakti jeung nyembah téh saukur ka Alloh wungkul. Ku nyumponan
sholat lima waktu dina sapoé sapeutingna minangka ciri pangabdian
urang ka Alloh al-kholik.

Kaom muslimin Rohimakumulloh!

Kadang-kadang jalma nu henteu ngalaksanakeun sholat téh éta lain ku


alatan teu apal yén sholat téh tihangna agama. Malah bisa jadi dirina
nyaho yén sholat téh bisa negah tina kajahatan jeung kamungkaran.
Dawuh Alloh

”….. Satemenna sholat téh nyegah tina ngalampahkeun kajahatan jeung


kamungkaran, jeung saéstuna dzikir ka Alloh téh leuwih agung (tibatan
naon-naon). Jeung Alloh Maha Uninga kana saniskara nu ku maranéh
dilampahkeun”. (al-Ankabut : 45).

Dina hiji waktos Rosululloh Saw nalék ka para sahabatna;


Cik kumaha ceuk pamanggih maranéh, lamun téa mah di lawangeun
panto imah maranéh aya hiji walungan nu maranéh mandi dina saban
poéna lima kali. Naha bakal aya kénéh kokotor anu napel dina awak
maranéh? Para sahabat ngawaler, ”Tangtos baé moal aya, Ya
Rosululloh”. Rosul ngadawuh; ”Tah kitu misilna sholat lima waktu ogé,
ku sholat lima waktu Alloh mupus kasalahan”. (Mutafaq ’alaih).

Manusa mémang pinter, maranéhna bisa ngajadikeun waja nu tilelep, jadi


hiji kapal nu bisa ngangkut barang-barang nu beurat.

Maranéhna bisa ngajadikeun waja nu beurat jadi kapal nu bisa


kakalayangan hiber di jomantara. Tapi hanjakal loba anu teu pandé
syukur ka Alloh kana pirang-pirang ni’mat-Na, teu ngaluangkeun waktu
pikeun sujud sumerah ka Mantenna.

Barokallohu lî walakum fil qurânil ’azhîm. Wa nafa’ani wa iyyâkum


bimâ fîhi minal âyati wa dzikril hakîm. Aqûlu qoulî hâdza wa
astaghfirullôhal azhîma lî walakum. Innahû huwal ghofûrurrohîm.

Kaom muslimin Rohimakumulloh!

Jalma nu aya di luar Islam hamo wani ngancurkeun Islam bari terang-
terangan. Maranéhna kudu mikir panjang pikeun ngancurkeun masjid-
masjid tempat ibadahna kaom muslimin, tapi ku akalna nu bulus,
maranéhna nyiptakeun urang poho kana sholat, saperti play station jeung
sajabana. Apan nu disebut anak téh éta amanat ti Alloh, ngamomorékeun
amanat kaabus dosa, ku sabab kitu riksa jeung jaga nu jadi anak katut
kulawarga urang. Saperti dawuh Alloh. Qû anfusakum wa ahîkum nâron.
Riksa diri jeung kulawarga maranéh tina seuneu naraka.

Tina ayat tadi urang sadaya tiasa nyokot hiji palajaran, urang sadaya kudu
rempan jeung salempang lamun téa mah urang sadaya jaga jadi jalma nu
ngamomorékeun sholat. Urang sadaya kudu salawasna neneda ka Alloh
sangkan nu jadi anak incu urang sadaya jadi jalma nu bagja di dunya jeung
akhérat jaga, tetep ngadegkeun sholat, jeung miharep sangkan
maranéhna jaga ulah kaasup golongan jalma nu nuturkeun hawa
napsuna.

Hayu urang ronjatkeun ibadah sholat urang sadaya ku cara ngajak nu jadi
anak incu urang katut kulawarga sangkan urang sadaya meunang jangji
Alloh nyaéta kabagjaan di dunya jeung akhérat, sabab hadé jeung
goréngna nu jadi anak incu urang sadaya éta gumantung kana ikhtiar
urang sadaya nu jadi kolot dina ngatik jeung ngadidik maranéhna.

Mudah-mudahan urang kaom muslimin, salawasna ku alloh dipaparin


pituduh pikeun ngalaksanakeun sagala rupa nu diparéntahkeun ku
Mantenna jeung nyinglarkeun sagala rupa nu dipahing-Na. Amin.

You might also like