You are on page 1of 10

NGARAN/ FILOSOFI TUTUWUHAN NU SOK DIPAKE DINA UPACARA JEUNG

KAJADIAN ANU KARANDAPAN DI TATAR SUNDA


Ku: Drs. Hidayat Suryadilaga. Rinéka Budaya Sunda. (Bandung: Geger
Sunten, 1997)

1. Daun Seureuh
Dipake meh dina saban aya acara/upacara. Nu pangecesna dina acara nyeureuhan
atawa ngalamar (tina kecap ngalemar) jeung dina upacara ngeuyeuk seureuh.
Daun seureuh dilambangkeun tina kaayaan reureuhna napsu. Upama geus boga batur
hirup geus boga salaki atawa pamajikan, eta ngandung harti geus pada reureuh henteu
ngabarungsinang neangan nu teu karuhan.
Seureuh oge lambang kaasih antara pamajikan jeung salaki anu salawasana haneut
hareuyheuy, pinuh ku cinta-asih.
Seureuh cadikan (aya tangkayan keneh)) jadi lambang ngayangna kulawarga. Eta sababna
sok digunakeun dina upacara ngeuyeuk seureuh; sarta daunna teu meunang dipetik. Jadi
tanda ngahijina dua kulawarga.
2. Daun Hanjuang
Daun hanjuang sok digunakeun dina acara ngeuyeuk seureuh, ngaras (ngawasuh dampal
sampean indung jeung bapa), dibuat, jsb.
Dima'naan yen sapanjang urang ngahanju, tegesna sapanjang aya keneh napas,
urang kudu boga kahayang. Tangkal hanjuang sok dipake wates antara kotakan sawah
atawa rorogan kebon. Hanjuang dima'naan yen jelema teh kudu nyaho wates wangen
deuih. Gusti Alloh kalintang benduna ka jelema anu hirupna henteu terang wates.
Hanjuang ngalambangkeun oge prilaku hirup manusa di pawenarigan. Ieu
kagambarkeun dina sastra lisan Sunda: "Teundeun di handeuleum (s)hieum, tunda di
hanjuang siang, paragi nyokot ninggalkeun ",anu bisa dihartikeun diteundeun dina angen-
angen (pakarepan), tapi ditunda/ditetelakeun dina tingkah laku kahirupan sapopoe.
3. Daun Handeuleum
Sok digunakeun dina upacara ngalokat (ngaberesihan raga sukma hiji jelema, ieu
teh kabiasaan kolot baheula). Kecap handeuleum, ngandung gambaran kaayaan nu
samar, nu teu nembrak, nu gaib. Dilambangkeun kana angen-angen, cita-cita, idea,
alam harepan.
Babasan "teundeun di handeuleum (s)hieum" dima'naan diteundeun dina alam idea (dina
alam cipta, itikad).
4. Daun Puring
Digunakeun dina acara ngeuyeuk seureuh, tingkeban, ngaruat.
Dikiratabasaan (kira-kira nyata) tina Mpu = guru ; ring = kuring. Tegesna sajatina guru
nu nyampak di kuring. Ieu teh ngandung siloka sajatining diri, Lambangna: guru batin,
disebat oge nurani (B.Ind: kata hati), anu sering ngageuing ngajakan eling. Ceuk para
sepuh: " Tong ngajugjug dukun nu jauh, neang pandita nu anggang, nyungsi resi
anu tebih, mending oge saliksik diri pribadi, tanya ka awak sorangan". Tah ieu
ungkara teh tuduh yen hirup kudu muhit kana gerentes nurani diri pribadi, anu tara
salingkuh, brukbrak sagala nembrak.
5. Daun Mamangkokan
Sok digunakeun dina upacara tingkeban (tujuh bulan), jeung ngaras. Ku lantaran wangun
daunna anu unik, dianggap ngandung siloka nu namprakkeun dampal leungeun.
Dihartian yen mungguhing manusa kudu bisa nampi nuhun, bisa sukuran kana
sagala rupa pangasih Gusti, nampi bagja tumarima kana rahmat kumia ti Nu Maha Welas
Asih.
6. Daun Salam
Digunakeun dina upacara ngeuyeuk seureuh, ngaras, jeung salametan.

1
Dimanaan, salamet dunya aherat, salamet lahir jeung batin. Hirup dipiasih ku Nu Gaib,
dipiheman ku nu gelar, Ditangtayungan ku Anu Agung.

7. Daun Pandan
Digunakeun dina rampe, dina siraman panganten, jste. Ngandung siloka
paneneda sangkan lahir luyu jeung batin.
Tekad luyu jeung ucap katut lampahna. Mangka "Sapadan" manusa jeung
kamanusaanana. Daun pandan ngora Lambangna: tina subur ma'mur kerta raharja.
8. Daun Jawer Kotok
Digunakeun dina palakiah nu ngalahirkeun. tujuh bulan, jeung ngaruat.
Ngandung siloka masing jauh balai anggang pancabaya. Masing bisa ngubaran diri
pribadi, ngaraksa-ngariksa diri sorangan. Ulah kotokeun, rarang-rorong teu apal jalan
timana miang jeung ka mana nya mulang.
9. Daun Tanjung
Digunakeun dina upacara ngaras jeung sok dikawihkeun dina papantunan pajar teh:
dina iuh-iuh tanjung, dina kalangkang katapang.
Babasan dina iuh-iuh tanjung, eta ngandung siloka yen hirup urang aya dina
pangauban anu Maha Agung.
1 O. Daun Katapang
Digunakeun dina upacara ngaras jeung ngaruat jelema. Silokana/ nggambarkeun:
kahayang pancaindra. Hayang hirup jeung raharjana, jeung suka-bungahna. Babasan
dina kalangkang katapang dihartian yen urang hirup salawasna dikalangkangan ku
kahayang .
11.Daun Pacing
Digunakeun dina upacara ngaras, mitembeyan, jeung ngaruat lembur.
-
Ngandung siloka yen ari jelema kudu nempat kudu cicing dina tugasna masing-
masing. Dina rumah tangga mah salaki jeung pamajikan teh pada boga hak
jeung kawajiban, ulah pacorok garapan. Salaki jadi pamingpin rumah tangga. Nu jadi
pamajikan ngaraksa-ngariksa kasucian jeung katengtreman rumah tanggana.
12.Daun Sereh
Digunakeun dina upacara ngaras, ngeuyeuk seureuh (sambara badag), jste. Ngandung
siloka paneneda muga masing tereh laksana, rumah tangga anu sakinah, mawadah wa
rohmah. Nya gumelar babasan "ngarendekeh tanding sereh, ngarandakah tanding
manjah", tegesna harepan sangkan tereh laksana jadi kulawarga anu jembar tur
raharja.
13.Daun Buntiris
Digunakeun dina upacara nu nujuh bulan, ngalahirkeun jeung nyieun imah.
Silokana/ nggambarkeun: nyaeta muga nyecep nyerep dina angen, muga tiis dingin
paripurna. Ulah panas ngabarungsinang. Masing bisa nengtremkeun anu nyirekem lebah
angen, anu ngecewis jeroning ati nu hurung ngahuru jero jajantung.
14.Daun Kibeusi
Digunakeun dina upacara ngaras, nyukuran budak, jeung sunatan (keur kebon alas).
Lambangna: unggal manusa kudu mibanda jati diri anu tangguh, teguh tur pengkuh. Wiji
wesi kapribadianana.
15.Daun Kelewih
Biasa digunakeun dina upacara siram panganten, nujuh bulan, jeung ngaruat.

2
Silokana/ nggambarkeun: paneneda muga pinarengan aya dina parejekian, subur
mamur, jeung lineuwih lahir batinna.
16.Daun Koneng Temen
Bisa oge , ku beuti konengna. Nu sok digunakeun biasana koneng temen. Dipake dina
acara nyiraman panganten (boboreh ), tujuh bulan, ngalahirkeun, jste.
Silokana/ nggambarkeun: paneneda muga hirup hurip binarung ku kahonengan
(rasa deudeuh anu kacida lelebna). Ngan dung siloka cinta asih anu temen tinemenan
sarta dijauhkeun tina sagala rupa kasakit.
17.Daun Caringin
Digunakeun dina nyieun kebon alas, balandongan (tuwuhan), ngaras, jste.
-

Silokana/ nggambarkeun: ari hirup kudu jadi pamungpungan dulur, ngauban ka kadang
warga. Kudu jadi indung lembur, bapa nagara. Tegesna tempat panyalindungan
jeung panyaranduan balarea.
18.Daun Cau Sakompet
Biasana dina upacara ngeuyeuk seureuh, sasajen, ngaras, jste.
Silokana/ nggambarkeun: ari hirup u1ah sok ngahompet daunkeun. Tegesna upama
aya kasalahan ulah sok bari mamawa ka kolot atawa ka baraya. Ceuk babasan mah ulah
sok mapay ka puhu.
19.Daun Tiwu Hideung
Dipake dina nyieun kebon alas, malah tiwuna sok dipake rancatan dina upacara
ngeuyeuk seureuh, nyaeta pikeun ngagotong sarung nu dipake ngabungkus baju
panganten ti tempat upacara ka kamar panganten.
Silokana/ nggambarkeun: panunuhun sangkan hirup-hurip pinuh ku kabagjaan, lambat-
lambut, panjang punjung pinuh ku kagumbiraan. Abadi dina amisna sajatining rumah
tangga. Kitu deui tiwu nu sok dipake upacara teh nyaeta tiwu koneng jeung tiwu hejo, ieu
oge ngandung harti paneneda sangkan hirup-hurip dibarengan ku "mamanisna".
20.Daun Waregu
Digunakeun dina upacara ngaras, ngaruat imah, jeung ngaruat jelema.
Silokana/ nggambarkeun: paneneda sangkan weweg warugana. Teguh pancuh, teteg
panceg kuat raga sukmana. Sehat lahir batinna.
21.Daun Kamuning
Digunakeun dina "tuwuhan" keur ngahias babalandongan, ngaras, dipelak di
kuburan.
Silokana/ nggambarkeun: tina harepan sangkan hirup panjang punjung, dipiasih lahir
batin, seungit ngaranna, sumirat komarana, tur nanjung panjang punjung.
22. Daun Dalima
Digunakeun pikeun tuwuhan (hiasan babalandongan). Buahna digunakeun dina acara
tujuh bu1an pikeun nyieun rujak kanistren.
Lambang pangharepan muga henteu kakurangan ku raja-kaya, mangka loba harta banda,
geusan bekel hirup.
23. Daun Jukut Palias
Digunakeun dina ngaruat, ngalokat, palakiah nu keur kakandungan, ngaras, jeung
salametan imah.
Silokana/ nggambarkeun: panunuhun sangkan dijauhkeun tina balai lahir batin,
tebih tina gawe wisaya nu lian. Nya gelar babasn: "palias istan, ulah kabawa ku
sakaba-kaba, palias dijauhkeun tina gogoda siluman jeung sileman"
24. Daun Malati
Digunakeun dina upacara ngaras, siraman panganten, jeung tujuh bulan. Bisa oge
kembangna nu mindeng digunakeun dina upacara kawinan, jeung nyekar (nadran).

3
Silokana/ nggambarkeun: hirup kudu jadi pikaresepeun batur, masing seungit
ngadalingding. Kajeun leutik tapi suci beresih, nyacas bodas lambang beresihna rasa.
Kitu deui mangka nyaho kana wanci nu mustari kana mangsa nu utama. Aya babasan:
"malati Iingsir ku wanci, campaka Iigar mangsana", dihartikeun sagala rupa oge aya
mangsana, puguh waktuna tur aya nu marengkeunana.
25.Daun Wijayakusumah
Digunakeun dina tuwuhan, ngaruat imah jeung ngaras.
Silokana/ nggambarkeun: tina pangharepan muga ngarandapan hirup nu hurip
dibarengan ku meunang harkat darajat anu utama.

26.Daun Awi

Digunakaeun dina nyieun sawen di sawah, tutuwuhan di babalandongan’ Kalam-kalan pikeun


nyieun tangtang-angin (leupeut ketan nu bungkusna ku daun awi, juru tilu  bacang).
Siloka manusa kudu apal ka wiwitan ngajadi.
27. Daun Waluh Gede.
Dipake dina upacara tujuh bulan, atawa pindah imah dipake nuruban gentong
(pabeasan), Biasa oge nu digunakeun teh buahna; upamana dina upacara ngeuyeuk
seureuh.
Silokana/ nggambarkeun: paneneda mugi pinanggih jeung kawaluyaan lahir batin.
28.Daun Kawung
Digunakeun dina nyawen di sawah, sasajen, jeung tuwuhan di babalandongan. Bisa oge
lain daunna tapi ganduan gula kawungna,
Silokana/ nggambarkeun: kudu inget ka karuhun ka luluhur nu ngagelarkeun urang.
Carana ku ngadungakeun sangkan aranj eunna kengingbrahmat-kurnia Ilahi Robbi di
alam kalanggengan.
29.Daun Bako
Pangpangna nu geus jadi bako, bisa tampang, mole, surutu, jste.
Dihartian yen urang sarerea bakal mulang ka alam kalanggengan (alam baqa).
Tadina aya jentulna (roko, surutu, bako) ana geus dibeuleum mah nu nyesa kari lebuna
(lambang raga badag jasmani) da ari haseupna (rohna, jisim) mah geus jadi gaib saperti
haseup.
30.Daun Kalapa Ngora/ janur
Digunakeun pikeun tuwuhan dibabalandongan, jeung hiasan.
Silokana/ nggambarkeun: pinuh harepan jeung kagumbiraan, mapag poe nu bakal
datang.
31.Daun Eurih
Digunakeun dina rupa-rupa pa1akiah, pangpangna di nu keur kakandungan. Sok diteundeun
dina palang dada, atawa daun panto.
Silokana/ nggambarkeun: sangkan manusa kuat dina nyanghareupan kaprihatinan.
32.Daun Ganas
Digunakeun dina palakiah. Upama aya nu kakandungan biasana ganas sok dicakraan ku apu
ditapelkeun dina panto
Silokana/ nggambarkeun: panolak bahla, bisi aya panggawe nu rek deleka.
33.Daun Asem Ngora
Biasa sok dipake dina sambara nu tingkeban (tujuh bulan).
Silokana/ nggambarkeun: yen hirup kudu pinuh ku sumanget jeung muga-muga dipaparin
kajayaan.
4
34.Daun Kelor
Sok dipake dina palakiah nu ngaruat, ngalokat atawa miceun "paelmuan ". Angeun daun
kelor digunakeun dina salametan Syeh Abdul Kadir Jaelani. Jeung sok dipake
ngabengker nu tulangna potong (spalk). Kitu deui papaganana sok dipake ngubaran nu
lemah saraf.
Lambang panolak bahla sangkan teu keuna ku reka perdaya nu rek nyilakakeun. Jeung
pikeun nyuparkeun elmu nu teu hade.
35.Daun Mutiara
Digunakeun dina upacara ngaras jeung hiasan di imah.
Silokana/ nggambarkeun: muga hirup masing panggih jeung mutiara kamanusaan.
36.Daun Kadaka
Sok aya nu make dina nyawen di huma. Teu jadi halangan upama dipake dina tuwuhan di
balandongan.
Silokana/ nggambarkeun: paneneda muga hirup pinanggih jeung kabagjaan nu terus
nambahan. Masing bisa hirup silih pihapekeun diri.
37. Daun Solasih
Dipelakna di kuburan. Siki solasih sok dipake rurujakan dina nu tujuh bulan.
Silokana/ nggambarkeun: peneneda muga loba anu asih. Dipikanyaah ku nu hirup
jeung dipiasih ku nu gaib.
38.Daun Paku Haji
Sok aya nu ngagagunakeun pikeun sawen di huma, atawa dina tuwuhan di balandongan
jeung dipelak jadi ciri wates lembur.
Silokana/ nggambarkeun: boga maksud rek mageuhan kawibawaan, atawa jadi diri
mikareueus ka lemah caina.
39.Daun Sadagori
Bisa digunakeun dina tuwuhan di balandongan, atawa dipelak di wates lembur.
Silokana/ nggambarkeun: masing nyaah ka nu leutik.
40.Daun Suji
Digunakeun dina tuwuhan di balandongan, ngaruat, ngalokat, ngaras, jeung sawen di
sawah. Dipelakna di kuburan. Bisa dirucat tina asal kecap su = hade, alus + Ji (jiv  jiva 
jiwa ). Jadi suji dihartikeun ari hirup kudu hade jiwa. Sok dipake dina boboreh jeung palakiah
Siloka hirup kudu kuat lahir batin, tur manggpaat keur balarea,
41.Daun Kiurat
Sok dipake dina boboreh jeung palakiah.
Silokana/ nggambarkeun: hirup kudu kuat lahir batin, tur mangpaat keur balarea.
42.Dawegan Kalapa Hejo
Biasa digunakeun dina sasajen, tuwuhan di balandongan, jste.
Silokana/ nggambarkeun: pangharepan sangkan pinuh ku kabagjaan lahir batin.
Jadi siloka rasa katumarimaan ka indung ka bapa, ka luluhur , ka karuhun anu
ngagelarkeun urang.
43.Dawegan Kalapa Gading
Biasa digunakeun dina sasajen jeung tuwuhan di balandongan.
Silokana/ nggambarkeun: peneda sangkan hirup nanjung panjang-punjung.
44.Dawegan Kalapa Beureum
Basa disadiakeun dina paiakiah jeung tuwuhan di balandongan.
Silokana/ nggambarkeun: hirup kudu ngagedur sumanget hirup.
45.Kalapa Kokorompong (Kalapa Burung)

5
Sok digunakeun dina palakiah.
Silokana/ nggambarkeun: yen hirup ulah burung, kosong gapong kokorompong. Miskin ku
elmu tuna kabisa, nu kitu leungit kamanusaanana.
46.Kalapa Samanggar
Digunakeun dina tuwuhan di balandongan.
Silokana/ nggambarkeun: hirup kudu ngaruntuy jeung dulur, ngaranggeuy jeung
baraya. U1ah pegat silaturahmi.
47.Sintung Kalapa
Digunakeun pikeun nyeungeut menyan atawa wadah sasajen.
Silokana/ nggambarkeun: papadang hirup, kudu bisa silih caangan.
48.Cengkir Kalapa
Dina palakiah.
Lambangna: paneneda muga boga anak (turunan) anu soleh/ solehah tur mangpaat
hirupna.

49.Danas (Ganas) Anu Aya Keneh Kukuncungna


Digunakeun dina ngaras jeung tuwuhan di balandongan. Sok aya nu make dina waktu
nanyaan (ngalamar), dihijikeun sawadah jeung bubuahan sejenna.
Silokana/ nggambarkeun: yen hirup kudu boga kahormatan diri.
50.Sawo
Sok aya nu ngagunakeun dina upacara ngalamar
Silokana/ nggambarkeun: yen (muga-muga) istri oge geus panceg maksud rek hirup
ngahiji jeung nu ngalamar.
51.Salak
Sok aya nu ngagunakeun dina upacara ngalamar.
Silokana/ nggambarkeun: yen pihak lalaki geus pageuh maksud rek hirup ngahiji
jeung nu dilamarna.
52.Kadongdong
Kaasup nu dipahing ulah digunakeun dina upacara ngalamar. Tapi sok dipake dina nyieun
rujak kanistren, dina upacara tujuh bulan nu kakandungan.
Silokana/ nggambarkeun: yen hirup ulah sok juwet hate.
53.Honje
Sok dipake dina upacara tujuh bulan nu kakandungan, dijieun rujak kanistren,
Lambangna: tumarima kana takdir diri, kadar awak. Nampi nuhun kana ridoning Alloh
SWT.
54.Loa
Boh daunna boh buahna, digunakeun pikeun palakiah
Silokana/ nggambarkeun: pangarep-ngarep, sugan pareng jadi maksudana.
55.Cau Emas
Digunakeun dina sasajen, jeung kebon alas
Lambangna: harepan muga-muga pinanggih jeung hirup nu mulya.
56.Cau Raja
Digunakeun dina sasajen,jeung dina ngalamar.
Lambangna: harepan muga-muga hirup sing pinanggih jeung kalungguhan anu utama .
57.Cau Bagja
Digunakeun dina kebon alas budak sunatan.

6
Lambangna: harepan muga-muga pinanggih jeung gede bagja.
58.Cau Kulutuk (Manggala)
Digunakeun dina rurujakan/ kanistren.
Lambangna: pieunteungeun yen hirup ulah alus di luar tapi di jero loba halangan harungan.
59.Cikur
Boh daunna boh beutina. Dipake keur sasajen jeung palakiah.
Silokana/ nggambarkeun: ari jadi jelema kudu bisa sukuran (mengucap syukur
senantiasa)
60.Jahe
Sok dipake palakiah, boboreh nu ngalahirkeun.
Silokana/ nggambarkeun: kudu bisa silih jampe hate, silih dorong sumanget.
61.Laja
Sok dipake sasajen, palakiah, atawa boboreh.
Silokana/ nggambarkeun: kudu boga niat ngahaja rek silih pihapekeun hirup. Silih
ubaran dina nyanghareupan katunggaraan.

62.Panglay
Boh daunna boh beutina. Sok dipake palakiah, boboreh.
Silokana/ nggambarkeun: muga jauh tina wisaya anu rek deleka, jauh tina bancang
pakewuh, anggang tina pancabaya, panolak reka perdaya anu arek niat deleka.
63.Jaringao
Boh daunna bob beutina sok dipake palakiah jeung boboreh.
Silokana/ nggambarkeun: panunuhun sangkan dijauhkeun tina wisaya anu jolna ti
cai, ti kayu ti batu tijalan pasampangan.
64.Mayang Jambe
Digunakeun dina upacara ngalokat, ngaruat, siraman panganten, tuwuhan di balandongan,
jste.
Silokana/ nggambarkeun: yen ari jadi jelema kudu boga maksud haying hade/
silaturahmi jeung jadi siloka yen sugri (semua) mahluk (manusa) bakal mulang ka nu
gaib (inalillahi wa inna ilaihi rojiu'un).
 Lambangna: salira istri.
 Lambangna: kakulawargaan nu beres roes.
 Lambangna: hirup teh mimiti ti alam nyumput (rahim) Iaju gelar (mayang
mekar), jadi sawawa (jambe ngora), jadi kolot (jambe kolot), mulang ka kubur (jadi
jebug).

65.Jambe Samanggar
Dipake dina upacara ngeuyeuk seureuh jeung dina tuwuhan di balandongan.
Silokana/ nggambarkeun: kudu akur duduluran, kudu bade babarayaan. Sanajan
aya dulur nu miskin (jambe koneng) tetep bae da katalian ku getih. Ceuk paribasa mah
"buruk-buruk papan jati, kudu tetep silih pikanyaah.
66.Pare Geugeusan
Digunakeun dina hajat lembur jeung ngeuyeuk seureuh
Paneneda sangkan henteu kakurangan ku pangan. Ngelingan yen urang teh aya
ranggeuyan kakulawargaan, aya indung bapa, aya karuhun anu mimiti muuhan jadi
turunan. Jeung nya pare pisan nu jadi sumber dahareun manusa.
67.Hoe/ Kembang Hoe
Sok dipake dina upacara nyawen di huma, atawa dina palakiah.

7
Silokana/ nggambarkeun: masing panjang jeujeujeuhan. Leuleus jeujeur liat pakang.
Hirup teh kauger ku waktu.
68.Kembang Tarate
Kembangna atawa daunna, biasa digunakeun palakiah.
Silokana/ nggambarkeun: masing bisa ngigelan hirup. Sanajan di tengah-tengah hirup nu
campuh kiruh, urang kudu tetep beresih, teu milu kotor.
69.Buah Kalayar
Dina babasan atawa dina palakiah.
Ulah hade di luar goreng di jero. Ulah hiri dengki atawa nipu.
70.Buah Manggu
Dina babasan atawa dina palakiah.
Silokana/ nggambarkeun: ari jadi jelema kudu sarua antara tekad jeung ucap
lampahna.
71.Kembang Jaksi (Kembang Pandan)
Sok dipake dina palakiah.
Silokana/ nggambarkeun: ulah sok rayungan, midua hate.

72.Kembang Eros Bodas


Dipake dina sasajen, dina siraman panganten, budak sunat.
Silokana/ nggambarkeun: kaikhlasan hate. Kaweningan batin.
73.Kembang Eros Beureum
Dipake dina saasajen, siraman, nyekar.
Silokana/ nggambarkeun: daya juang. Lambang kanyaah.
74.Kembang Campaka Koneng (Sumarsana)
Dipake dina sasajen, palakiah, siraman.
Silokana/ nggambarkeun: kaluhungan budi, lambang kaagungan.
75.Kembang Campaka Bodas
Dipake dina rampe, sasajen, siraman, palakiah.
Silokana/ nggambarkeun: kaluhungan karuhun. Turunan ti jelema anu utama.
76.Kembang Kananga
Dipake dina rampe, sasajen, siraman, nyekar.
Siloka silih seungitan jeung papada manusa. Muga-muga dipieling salilana.
77.Kembang Pacar
Digunakeun dina sasajen, siraman, nyekar.
Silokana/ nggambarkeun: silih ajenan jeung papada mahluk. Lambang kagumbiraan.
Nu kudu dipieling teh kahadeanana.
78.Kembang Malati
Digunakeun dina sasajen, siraman, upacara mapag, nadran, jste.
Silokana/ nggambarkeun: kaweningan hate, kasucian, kaikhlasan, kagumbiraan, jeung
panghormatan.
79.Kembang Gambir
Digunakeun dina sasajen, siraman, mapag tamu, jeung palakiah. Silokana/
nggambarkeun: kagumbiraan.
80.Ki Apu (Kayapu, Kayambang)

8
Tutuwuhan nu jadina di cai. Lambangna: hirup nu ngangkleung dina kersaning Alloh
Ta'alla.
Arti kecap nu sering dipake:
1. Bahla = bahaya, balai, celaka.
2. Ngaruat = salametan pikeun nolak bahla; diruat = disalametkeun; salametan barang
anyar/ jelema, sangkan awet kapakena, genah dipibandana, panjang umurna, pendekna
salamet dunya akherat; salametan imah anyar atawa anak tunggal.
3. Palakiah = numpeng pikeun nolak bahla; ngajauhan balai supaya salamet; akal tarekah
supaya maksud tinekanan, tapi mindengna teu matak kaharti, contona: tangkal teu daek
buahan, kudu dikadekan jeung dicarekan.
4. Ngalokat = mandi ku cai kembang keur miceun geugeuleuh, supaya jadi jelema kinasihan.
5. Rajah = doa/ jampe nu dilagukeun, supaya salamet lahir batin, salamet nu
ngalakukeunana, salamet nu nanggapna; ngarajah = menta izin ti dewa dewi; jampe/
jangjawokan (lih. ucapan ucapan Bileam, Bil. 22-23)
6. Jampe = ucapan-ucapan nu ngandung tanaga gaib pikeun ngaleungitkeun panyakit,
nyingkahan bahaya, ngusir lelembut, jste.
7. Boreh = ngabalur; make ubar; parem nu seungit.

Arti kecap nu sering dipake:


1. Bahla = bahaya, balai, celaka.
2. Ngaruat = salametan pikeun nolak bahla; diruat = disalametkeun; salametan barang
anyar/ jelema, sangkan awet kapakena, genah dipibandana, panjang umurna, pendekna
salamet dunya akherat; salametan imah anyar atawa anak tunggal.
3. Palakiah = numpeng pikeun nolak bahla; ngajauhan balai supaya salamet; akal tarekah
supaya maksud tinekanan, tapi mindengna teu matak kaharti, contona: tangkal teu daek
buahan, kudu dikadekan jeung dicarekan.
4. Ngalokat = mandi ku cai kembang keur miceun geugeuleuh, supaya jadi jelema kinasihan.
5. Rajah = doa/ jampe nu dilagukeun, supaya salamet lahir batin, salamet nu
ngalakukeunana, salamet nu nanggapna; ngarajah = menta izin ti dewa dewi; jampe/
jangjawokan (lih. ucapan ucapan Bileam, Bil. 22-23)
6. Jampe = ucapan-ucapan nu ngandung tanaga gaib pikeun ngaleungitkeun panyakit,
nyingkahan bahaya, ngusir lelembut, jste.
7. Boreh = ngabalur; make ubar; parem nu seungit.

Arti kecap nu sering dipake:


1. Bahla = bahaya, balai, celaka.
2. Ngaruat = salametan pikeun nolak bahla; diruat = disalametkeun; salametan barang
anyar/ jelema, sangkan awet kapakena, genah dipibandana, panjang umurna, pendekna
salamet dunya akherat; salametan imah anyar atawa anak tunggal.
3. Palakiah = numpeng pikeun nolak bahla; ngajauhan balai supaya salamet; akal tarekah
supaya maksud tinekanan, tapi mindengna teu matak kaharti, contona: tangkal teu daek
buahan, kudu dikadekan jeung dicarekan.
4. Ngalokat = mandi ku cai kembang keur miceun geugeuleuh, supaya jadi jelema kinasihan.
5. Rajah = doa/ jampe nu dilagukeun, supaya salamet lahir batin, salamet nu
ngalakukeunana, salamet nu nanggapna; ngarajah = menta izin ti dewa dewi; jampe/
jangjawokan (lih. ucapan ucapan Bileam, Bil. 22-23)

9
6. Jampe = ucapan-ucapan nu ngandung tanaga gaib pikeun ngaleungitkeun panyakit,
nyingkahan bahaya, ngusir lelembut, jste.
7. Boreh = ngabalur; make ubar; parem nu seungit.

10

You might also like