You are on page 1of 18

Naskah Drama Juragan Hajat

Nyi Esih keur moé-moékeun seuseuhan. Jang Kéméd rék indit ngabéca
Jang Kéméd : “esih, akang rék ngabéca. Bisi aya nu nanyakeun, béjakeun keur dines. Kadé ati-ati di
imah ....!”
Nyi Esih : “enya kang .... Kadé balikna tong beurang teuing. Nyai butuh duit!”
Jang Kéméd : “nya enya atuh, ke Geus hasil mah akang ge balik, Kumaha milik wé.”
Nyi Esih : “Lain kumaha milik ... kumaha milik! Ulah jiga kamari, balik magrib teu mawa duit
sapérak-pérak acan
Jang Kéméd : “enya da kamari mah muatan nge euweuh! Ti isuk nungguan muatan, euweuh saurang-
urang acan. Aya éta gé saurang, teu ditarik ku akang mah. Jelema teu boga pikiran. Teu kira-
kira tuda, ngan ukur rék méré 1.200.000 rébu!”
Nyi Esih : “Euleuh-euleuh 1.200.000 teu ditarik? Na akang téh olo-olo teuing!
Jang Kéméd : “Lain olo-olo! Da jauh nyai ka dubai! Bisa waé ku akang ditarik, ngan balik ngabéca—bisa-
bisa suku akang tinggal sajeungkal ....!”
Nyi Esih : “. Diajak nyarita bener-bener—kalah ngacapruk ka mana waé. Ieuh, lain heureuy nyai mah
nyaan butuh duit!”
Jang Kéméd : “Beu ... teu kaharti akang mah. Ti mimiti ku akang dikawin, nepi ka ayeuna, anger wé nyai
mah butuh ku duit. Dasar teu insap-insap!”
Nyi Esih : “Aéh-aéh éta si akang, nyai mah ménta duit téh keur mayar hutang. Da akang mah teu
nyaho, nu nagih hutang mani rabul.!”
Jang Kéméd :. Alus loba hutang mah, cirina loba nu mercaya!”
Nyi Esih : Dasar jelema Kandel kulit beungeut!
Jang Kéméd : “Alus atuh kandel kulit beungeut mah. Tibatan kulit beungeut ipis ... disibeungeutan dua
kali gé béak beungeut akang, tinggal rorongkong ....!
Nyi Esih : “Emhh, tobat akangtobat, ampun gusti ....!
Jang Kéméd : “Akang nu tobat mah. Unggal rekindit nambangan, geus riweuh ku urusan nu nagih hutang
....”
Nyi Esih : “Ari embung ditagih mah—naha atuh akang sok unjak-anjuk?”
Jang Kéméd : “Da akang mah nganjuk sotéh bakat ku butuh tempo, lain hayang ditagih. Kabina-bina
teuing jelema téh. Jaba nganjukeun jaba nagih. Teu gableg kaéra pisan ....”
Nyi Esih : “Aéh-aéh akang téh lieur,?”
Jang Kéméd : “Atuda enya, asa kabina-bina teuing akang mah. Unggal rék indit ngabéca, kudu wé ribut
heula soal hutang. Jadi lieur akang mah. Saha waé nu nagih hutang téh Esih?”
Nyi Esih : “Loba! Si Edoh, Kang Rustam, Aki Oji, Ceu Kénoh. Malah Aki Oji mah ngabring jeung
anak-incuna nagihna téh ... da ku akang dianjukan kabéh!”
Jang Kéméd : “Emh! Geus kieu wéh esih: sakur nu nagih datangan ku nyai. Béjaan kabéh ... isuk
pabeubeurang ... didagoan ku akang di dieu!”
Nyi Esih : “Tah kitu atuh. Éta ngarana lalaki tanggung jawab. Jadi, isukan rék dibayar kabéh,?”
Jang Kéméd : “Lain! Akang rék ngamuk! rék berjuang dirempug nu nagih. Tempo ké hasilna: naha akang
nu gugur atawa nu nagih nu ngagolér.”
Nyi Esih : “aéh-aéh kalah ngacapruk! Cik atuh da téh lalaki. Mikir atuh ... usaha!”
Jang Kéméd : “enya ieu gé kapan akang rék usaha. Rék ngabéca! Ngan ku maneh diajak paséa.”
Nyi Esih : “Maksud akang mah néangan usaha séjén. Ulah ngandelkeun tina ngabéca wungkul. Kana
naon wé. Kawas batur mélaan anak-pamajikan téh—nepi ka tohtohan banting tulang!”
Jang Kéméd : “Oh ... jadi akang téh kudu banting tulang? Heug! Kumpulkeun ku maneh tulang-tulang
sing loba. Ku akang rék diabanting-banting. Sakmanehn ku maneh, ngarah kadeuleu enya-
enya yén akang banting tulang!”
Nyi Esih : “Gandéng ari akang rék iraha balégna jadi jelema téh?”
Jang Kéméd : “Atuda lieur akang mah!”
Nyi Esih : “akang nu lieur mah. Bigung kumaha mayaran hutang!”
Jang Kéméd : “Lah, naha maké bingung-bingung teuing. Soal mayar hutang mah teu kudu jadi pikiran.
Tuh Si Omod, tatangga urang. Kamari manéhna kakara ngajual motor, payu opat juta
satengah.”
Nyi Esih : “Terus kumaha?”
Jang Kéméd : “Na, maké kumaha? Antep wé, motor ... motor manéhna. Dijual ku manéhna. Rék naon
urang kudu pipilueun? Éra tempo... sing mikir atuh ....!”
Nyi Esih : “Emhh ... tobat Gusti ... batur gé seueur nu gaduh salaki ka tukang béca, tapi da teu aya nu
wureu siga salaki abdi. Mugi-mugi abdi dipasihan kakiatan!”
Jang Kéméd : “Geus Esih ... akang rék nambangan!”
Nyi Esih : “enya jig’’
Jang Kéméd ngaléos, Nyi Esih ngaheruk ngomong sorangan
Nyi Esih : “Emh ... kieu rasana ari jadi jelema leutik. Diudag-udag kasusah. Cik atuh parapamingpin
sing enyaan mélaan rakyat leutik téh. Ulah paribasana wé mélaan rakyat leutik, ari nu
sarenang nu di luhur wungkul ....”

Jang Kéméd asup deui


Jang Kéméd : “Esih! Enyaan ieu mah dodoja téh, lamun kurang-kurangna kuat iman mah—akang téh bisa
gélo ngadadak.”
Nyi Esih : “Aya naon ... cenah rék ngabéca?”
Jang Kéméd : “Ngabéca ... ngabéca naonlah! Rék kumaha akang ngabéca ... sadel bécana euweuh! Aya nu
ngalaan. Saha mahlukna nu teu gableg rarasaan téh nya!”
Nyi Esih : “Si Uju nu ngabongkar sadel béca mah!”
Jang Kéméd : “Si Uju?”
Nyi Esih : “Enya. Dititah ku nyai!”
Jang Kéméd : “Astagpirullah .... Emh tobaaat Gusti ... batur gé seueur nu gaduh bojo, tapi da teu aya nu
weureu siga pun bojo. Mugi-mugi abdi dipasihan kakiatan. Ari éling henteu ?... nanaonan
nitah ngalaan sadel béca ... dikamanakeun ayeuna sadelna?!”
Nyi Esih : “Ah, da nyai mah kapépéd. Butuh duit. Dijual ka tukang loak—genep rébu! Si Uju ku akang
dibéré sarébu.”
Jang Kéméd : “Emh ... tobaaat gusti! Cik atuh Esih ... kabina-bina teuing maneh téh ....!”
Nyi Esih : “Lain kabina-bina teuing. Na akang teu nyaho? pejeuh butuh duit keur bayaran sakola
budak! Akang narima surat ti sakolana—Si ujang téh geus tilu bulan can bayaran.”
Jang Kéméd : “mender namah ulah ngagugu teuing kahayang ti sakolan atuh! Ieuh, budak sakola téh capé.
Ti imah kudu leumpang, datang ka sakola kudu diajar, kudu ngapalkeun, kudu ujian. Geus
sakitu capéna téh hayoh deuih kudu mayar. Kuduna mah dibébaskeun barudak téh tina biaya
pendidikan, ari hayang maju mah!”
Nyi Esih : “teuing lah!”
Jang Kéméd : “Atuda enyaan. Kahayang téh urusan bayaran sakola budak mah teu kudu nepi ka ngajual
sadel. Cik atuh nyai téh da kolot. Sing bijaksana ...!”
Nyi Esih : “Bijaksana? ... bijaksana naon! Ari teu bayaran mah—Si ujang bisa dieureunkeun ti
sakolana!”
Jang Kéméd : “enya... matak naon si datang ka sakola Siujang. Ngadep ka guruna! Pok nyarita ‘Bapa ...
kana sagala pelajaran anu tos dipasihkeun ka pun anak—abdi ngahaturkeun rébu nuhun. Abdi
mah moal tiasa males budi ku bayaran sakola. Anging Gusti nu tiasa ngawales mah ....!”
Nyi Esih : “Emh si akang! Ari sakira-kirana embung tanggung jawab mah—naha atuh bet boga
budak?”
Jang Kéméd : “Haaar ... soal budak mah lain salah akang! Akang mah lalaki!”
Nyi Esih : “Euleuh ... euleuh .... Jadi salah nyai nyah?!”
Jang Kéméd : “Nya enya! Boga budak mah salah awéwé Tempo wé asal-usul budak. Kapan asalna mah
tinyai. Akang mah lalaki ... ngan sakadar usul.”
Nyi Esih : “teuing ah!”
Jang Kéméd : “Atuda kesel akang mah. Geus atuh kira-kira teu kabiayaan mah sina eureun heula
sakolana—budak téh. Ké geus boga duit—sina sakola deui.”
Nyi Esih : “enya kang ... diengké-engké mah kaburu kolot teuing budakna gé. Meungpeung ngora
sakola mah. Geus kaburu kolot mah boro-boro bisa diajar.”
Jang Kéméd : “Ah teu kitu ... soal nungtut élmu mah teu diwatesanan ku umur tempo. Ari sumangetna
gedé mah—kajeun geus kolot gé bisa waé. Tuh buktina Abah Uca. Umur geus 70 taun. Ari
sumangetna ngedur kénéh mah ... teu burung wé ... boga budak.”
Nyi Esih : “Eéh ... aéh eta si jurig!”
Jang Kéméd : “Is ... teu bisa, ! Di mana aya jurig ngabéca ....!”
Nyi Esih : “Gandéng lah kang kieu maksud nyai mah... peupeuriheun akang teu bisa maca ... buta héjo
....”
Jang Kéméd : “Lain buta héjo ... buta hurup kituh!”
Nyi Esih : “enya éta maksud akang gé buta hurup! Cik atuh ... anak mah hayang sakola. Mun bisa mah
kawas anak batur ... nepi ka lulus ... nepi ka boga ijabah ....!”
Jang Kéméd : “Lain ijabah atuh ... ijasah!”
Nyi Esih : “Lah, sarua wé nyabutna mah. Rék ijabah rék ijasah, éta mah kumaha kaiklasan urang.”
Jang Kéméd : “Nya ... da maneh nu ngacapruk mah lain akang ....!”
Nyi Esih : “Keuheul atuda akang mah. Komo lamun kawas batur nyakolakeun budak téh nepi ka
sakola luhur. Nepi ka jadi sujana.”
Jang Kéméd : “Eleuh ... euleuh éta Si Esih ....”
Nyi Esih : “Keuheul nyai mah ... geusayeuna mah gera indit ngabeca!”
Jang Kéméd : “Éta ku keukeuh ... akang mah teu ngartos. Ari émutan Esih téh kumaha? Badé ngabéca
kumaha atuh ... kapanan sadel bécana ogé parantos diical ku salira.”
Nyi Esih : “Atuh teu janten masalah, Kang ... sadel béca teu aya mah gentos waé ku jojodog.”
Jang Kéméd : “Éta émutan dugikeun ka dinya. Ngabéca nganggé jojodog? Kacipta meureun ... kayungyun
... abdi disarebat nu gélo ku batur ... tukang béca gélo.”
Nyi esih : “Atuh kumaha Kang upami anu diical téh ulah sadel bécana wungkul ... sakantenan wé
sareng bécana. Margi abdi butuh kanggo mayar hutang tilas maneh.”
Jang Kéméd : “Tiasa waé, namung upami bécana teu aya, naha abdi kedah narik penumpang nganggé
naon? Naha kedah di gagandong? Kinten-kintena Ayi Esih téga neuleu akang ngagagandong
penumpang ka ditu ka dieu?”
Nyi Esih : “Gandéng lah kang. Kacida boga salaki téh. Dasar jelema atah adol ... keur beungeut siga
panakol bedug téh ....”
Jang Kéméd : “Éééh ... éta beungeut salaki disaruakeun jeung panakol bedug.”
Nyi Esih : “Da enya akang atuh....!”
Jang Kéméd : “Heug ... tapi inget esih, lamun beungeut akang siga panakol bedug, maneh bedugna. Atuh
mun kitu mah Si ujang téh hasil ngadulag?”
Nyi Esih : “nya da akang mah ngomong téh ka mana waé .... Ieuh, nyaho kuring téh keur
susah!”
Jang Kéméd : “Heueuh montong mikiran waé kasusah. Bangblaskeun! Sing janglar! Tuh kawas babaturan
akang, Si Sahro. Sangsarana leuwih ti urang. Budak reuay salima-lima. Hutang saabreg-
abreg. Tapi jelemana teu nguluwut. Gumbira wé ka ditu ka dieu ogé teu weléh seuri. Nyaho
nyaho maot wéh TBC.”
Nyi Esih : “Astagpirullahaladim ... ieuh, pangpangna anu jadi pikiran akang téh Si ujang.
Lamunnepikeun ka si ujang dieureunkeun sakolana, rék kumaha budak téh ka hareupna!”
Kemed : Ah kumaha engke we. Maung ge teu sakola teu weleh hirup. Teu eleh ku sarjana.
Sok wani tarohan, akang mah. Maung adukeun jeung sarjana. Akang tarohan, meunang
maung, manehh.
Esih : Dasar jelema weureu maneh mah. Diajak nyarita sabener-bener kalah ka
ngacaprak.
Dasar atah adol.
Kemed : Heueuh enggeus atuh. Ulah mikiran wae kasusah, moal aya tungtungna.
(EDOH PUPUNTENAN)
Edoh : Punten.
Kemed : Tah, esih. Tuh, aya semah tuh.
Esih : (REUWAS) Boa-boa anu rek nagih hutang.
Kemed : Tenang, kuring tanggung jawab. Sampeurkeun. Sampeurkeun.
(ESIH NYAMPEURKEUN)
Kemed ngaharewos Esih, bisi nanyakeun kuring bejakeun keur euweuh.
Esih : Har, euweuh ka mana kapan manehna ge aya di dinya.
Kemed : Heueuh iyeu mah ngabobodo.
Edoh : Punten.
Esih : Teu aya, ngabobodo.
Kemed : Eeh, lain kitu atuh. Heug sampeurkeun. Sina asup. Sina asup.
Esih : eleuh kitu .
Kemed : Kajeun teuing nu nagih ge. Rek diwarah ku kuring mah.
Edoh : Punten.
Esih : Sok asup. Rek diwarah ku kuring mah.
Kemed : Esih, lain kitu atuh. Heug sampeurkeun. Bade aya peryogi naon kituh.
Esih : Peryogi artos we kanggo mayar sametan.
Kemed : lain ka kuring. Itu ka semah, sena asup.’’
Edoh : ( asup) assalamu’alaikum
Esih/kemed : Wa’alaikum salam .
Kemed : aeh, sugan teh semah saha . gening silaing nyi edoh
Edoh : enya kang.
Kemed : tas timana euy?
Edoh : ngahaja weh ka dieu
Esih : ngahaja ceunah ...
Kemed : ngahaja aya perlu naon?
Edoh :ieu entog
Kemed : entog cenah esih
Esih :entog jeung naon edoh? sing bener sok nyarita
Edoh : kieu ceu maksud kuring teh , kuring teh keur meunang ka susah . maksud kuring teh
rek menta tulung
Kemed : ieu mah nyaan yeuh beda kereteg esih , aya kasusah naon kitu edoh?
Edoh : eta budak kuring teh rek ujian, cek guru na moal waka bisa milu ujian lamun can
lunas heula duit bayaran
Kemed : nya ceuk kuring ge beuki dekeut kereteg teh. Trus rek kumaha Edoh ?
Edoh : tah maksud kuring teh, sugan we kabeneran akang keur aya duit kuring rek ngajual
entog beuli ku akang 50.000 wae kang, keur bayaran sakola budak.
Esih : ( nyekek kemed ngajiwir) tah kadenge....kadenge ku ceuli akang. Dengekeun. Batur
mah ngabelaan anak teh nepika ngajual entog dengekeun manehh picontoeun yeuh.
Edoh : atuh da lamun nepika ereun sakola nateh rek kumaha budak kahareupna.
Esih : ( ngajiwir deui ) tah dengekeun manehh
Kemed : ( ka Edoh ) da maneh mimitina make jeung ngadon menta tulung kadieu sagala.
Edoh : keur mayaran sakola budak kang.
Kemed : Heueuh mantak naon ulah waka dijual. Ieu bawa ka sakola budak silaing. Pok
nyarita ka guru na, sing sopan “ Bapa, perkawis bayaran sakola pun anak sasih ieu moal tiasa ku artos
bade ku entog” Kituh. “atuh sasih payun mah bade ku marmut” kuring mah yakin guru mah
bijaksana.
Esih : aeh aeh, akang teh kunaon kalah ka ngahereuykeun, eta teh jelema nu keur butuh
lamun rek nulungan sing puguh.
Edoh : enya tulungan atuh kang
Kemed : aeh aeh, yeuh kuring lain teu hayang nulungan jeung bayara budak bae kudu
nepikeun ka ngajual sadeul beca. Jeung dina boga duit nage moal waka pake nulungan maneh.
Mening pake meuli sadel beca.
Edoh : Aduh, piraku akang tega ka kuring.
Esih : Enya tulungan atuh, akang. Tulungan.
Kemed : Aeh-aeh. Heug, Esih, kuring rek usaha neangan duit. Ke lamun geus meunang moal
waka meuli sadel beca. (NYOKOT ENTONG TI LEUNGEUN EDOH) Iyeu entog ku kuring rek
dibeuli, rek dipake sadel beca. Na maneh tega kitu nempo kuring ngaboseh bari ngadiukan
entog?
Edoh : Kumaha atuh, nya. Cik atuh, kang, pangusahakeun. Sugan atuh akang boga
kawawuhan nu butuheun entog.
Kemed : Enggeus kiyeu we ari sakira-kirana perlu pisan mah. Aya tuh anu sok meulian entog.
Edoh : Saha, kang?
Kemed : Pa Sumardi. Bawa tuh ka Pa Sumardi.
Edoh : Pa Sumardi mana, kang?
Kemed : Nu matak kuring ge teu nyaho. Sugan maneh nyaho Sumardi, Esih.
Esih : Nya, akang mah ceuk kuring ge montong diheureuykeun, Kacida-cida teuing.
(KA EDOH) Kieu, Nyi. Eta entong jual we ka Pa Sungkono.
Edoh : Ke, Pa Sungkono mana deui, ceu?
Esih : Pa Sungkono manya teu apal.
Edoh : Heu, nu mana, asa teu wawuh.
Esih : Har ari nyai bet nanyakeun ka euceu, teuing atuh.
Edoh : Aing mah. Hanas ku kuring teu dibawa ka Pa Sukimin.
Kemed : Saha?
Edoh : Pa Sukimin.
Kemed : Heueuh enggeus jig bawa weka Pa Sukimin,.
Edoh : Heueuh da geus maot, kang.
Kemed : Yeuh, nyi. Menta tulung ka kuring mah sarua weh jeung silih jenggut jeung nu
dugul.
Edoh : Da maksud kuring mah rek ngajual entong, kang. Lain rek ngajenggut nu dugul.
Esih : Deudeuh teuing, nyai. Jung, nyai Geura teangan jelema dugul. Tuluy ku nyai teh
jenggutan. Didu’akeun ku euceu mah sing hasil.
Kemed : Naon iyeu teh, urusan teh jadi pabaliut jeung nu dugul. Eta mah bieu paribasa. Ah,
kitu weh, jang Edoh. Hampura, moal meuli.
Edoh : Aduh, sing karunya atuh, kang, ka kuring.
Kemed : Aeh-aeh, ari maneh teu karunya kitu ka kuring.
Edoh : Sedih kuring mah, kang.
Kemed : Ih, sarua we kuring ge keur sedih. Naha teu katingali beungeut kuring keur sedih.
Edoh : Kuring mah meni hayang ceurik, kang.
Kemed : Har, sarua we kuring ge hayang ceurik. Dagoan we sakeudeung deui kuring ceurik.
Edoh : kuring mah meni asa hayang jejeritan, kang.Kumaha atuh, nya?
Esih : Hampura wae atuh, nyi.
Edoh : Sami-sami, ceu.
Kemed nempo entog
Kemed : Tuh modol di mana wae. Make dibabawa ka dieu.
Edoh : Enya kuring ge menta dihampura. Tah ari geus silih hampura mah pan bangblas.
Ayeuna sok beuli entog kuring.
Kemed : Aeh-aeh, yeuh, bisi silaing teu percaya, hayu urang bareng ka pengadilan. kuring
mah wani disumpah, moal meuli entog.
Esih : Aeh-aeh, ceuk aing oge, yeuh, montong diheureuykeun.
Kemed : Tuda kesel. Keur mah diudag-udag nu nagih, der ayeuna diudag-udag entog.
Esih : Hampura we atuh, nyi entog, da lain teu hayang meuli Edoh.
Kemed : Esih, tibalik atuh. Hampura we, nyi.
Edoh : Teu nanaon, kang. Atuh kuring pamit we nya, kang.
Kemed : Heueuh, jug ah.
Edoh : Ceu, hayu ah.
Esih : Hayu wae euceu mah, naha.
Kemed : Aeh-aeh, Esih, rek naon make nunutur si entog? (EDOH KALUAR.) Aya-aya wae
dodoja teh keur kieu teh.

BABAK 2
( Oneh manggih foto awewe ditanggungan peyeum)
Oneh : awas manehh ojo ..wawanianan ka awewe sejen , awas mun wani balik ka imah (
UMBAK AMBEK SORANGAN)
Inoh : Assalamu’alaikum wr.wb
Oneh : Waalaikum salam wr.wb , gening nyai Inoh, tas timana nyai? Atanapi nyai bade
kamana ?
Inoh : ngahaja wae kadieu ceu, ari kang ojo aya ?
Oneh : can balik biasa keur dines dagang peyeum . aya naon kitu nyai ?
Inoh : yeuh euceu. Tadi kuring tas ti kota . papanggih kang ojo keur leumpang duaan
jalan-jalan jeung awewe.
Oneh : jalan-jalan jeung wewe? Nyaan, nyai ?
Inoh : piraku kuring ngabohong . sumpah na ge daek turun harga SPP. Nyaan euceu
Oneh : padahal mah ngawakilan euceu mun baledog ku batu tongasa-asa
Inoh : da kahalangan ku tukang cedol . piraku teu puguh-puguh kuring kudu maledog
tukang cendol, pokonamah awewe nateh make baju hejo. Leumpang oge mani di tatangkeup (
ngangkat leungeun)
Oneh :eta mah di angkat atuh nyai
Inoh : enya mani di tatangkeup ( nyapertikeun nangkeup)
Oneh : Dasar lalaki ateul , puguh eceu teh keur keheul , tadi peuting teh manggihan potret
awewe dina tanggungan peuyeum. Nyelap dina tanggungan peuyeum . cing iyeu lain potret awewe
nu jalan-jalan jeung si ojo teh ?
Inoh : Euh iyeu mah potret ucing atuh euceu.
Oneh : Aeh Salah. Iyeu meureunan. Iyeu lain nyai?
Inoh : Tah iyeu euceu. Bener.
Oneh : Euh, manehh, nurustunjung maneh ojo. Ati-ati manehh. Tempokeun. Lain darah
Garut mun kuring teu bisa ngalabrak lalaki nu ngarana Ojo.
Inoh : Yeuh, euceu, ari ceuk kuring mah tong make dipikiran teuing. Naon da awewena ge
kitu geuning … geulis.
Oneh : Nya heueuh, nyai. Matak si Ojo bogoheun oge.
Inoh : Euceu, iyeu mah lain pedah di hareupeun euceu, nya. Enya ge geulis,dibandingkeun
jeung euceu mah, emh jauh … geulis itu.
Oneh : Ati-ati manehh Ojo. Dikeremus ku aing.
Inoh : Ulah, ceu, ulah diantep. Atuh kuring bade permiis we nya ceu .
Oneh : Iyeu teh permiis atuh nyai, permisi panginten.
Inoh : Enya, permisi. Iyeu potret ucing euceu ?Euceu mah meni rajin ngempelkeun potret
ucing.
Oneh : Is lain nu euceu, nyai. Iyeu teh nu budak euceu si odang. Da teuing atuh nyai,aneh.
Karesepna teh ngumpulkeun gambar sasatoan. Malah karesepna mah ngumpulkeun
gambar monyet
Inoh : Euleuh, meni aneh atuh.
Oneh : Duka teuing, nyai. Da ditanya ku euceu teh. Lamun geus gede hayang jadi naon?
“Hayang jadi Hanoman.” cenah.
Inoh : Emh, euceu. Mugi-mugi sing dikobul.
Oneh : Hatur nuhun, nyai.
Inoh : Sami-sami.
Oneh : Mangga.
(INOH KALUAR. AYA SAPU DIRAWEL BARI NGALIWAT.)
Oneh : Gusti, aing mah. Ati-ati manehh Ojo. Dasar teu sapopoho hiji. Nurus tunjung tah.
Lamun
datang ku aing dikerewes. Cirikeun manehh. Uh, aing mah, ka mana deuih si Ojo teh nya.
Lamun aya, emh, pokona mah.

(INOH ASUP.)
Inoh : Ceu.
Oneh : Aya naon nyai?
Inoh : Poho iyeu teh. Puguh sapu kabawa.
Oneh : Ah kalem weh atuh nyai lain cik sombong sapu mah loba
Inoh : awon ceu tong sombong , nya tos atuh Mangga nyah ceu.
(SILIH TANGKEUP. SUN PIPI)
Oneh : Naha atuh? Gusti. Si Ojo nu kitu-kitu teuing Lamun datang manehh Ojo, awas
dikerewes ku aing mah. Na teu sieun maneh teh ku aing iyeu sakieu gedena kiyeu?
Ampun. Gusti nu agung. Si Ojo bisa salingkuh kitu. Kurang naon aing teh nya?
(OJODATANG) Tah datang manehh. Tos ti mana Ojo?
Ojo : Na make nanya geus ti mana sagala? Biasa we atuh ngider dagang peuyeum.
Meunangmusibah puguh ge akang teh, Oneh.
Oneh : Musibah naon?
Ojo : Heueuh tadi beurang. akang teh keur leumpang weh bari nanggung. Ari jalan keur
leutik teh mudun deuih jaba leueur. Di hareupeun akang aya aki-aki keur ngungkug leumpang .
kuring ti sereuleu labuh . tanggungan peyeum ngagaleong . jebrod ngababuk tonggong aki-aki anu
keur leumpang tea. Peuyeum bahe, aki-aki tikusruk tigebrus ka susukan.
Oneh : puas manehh, doraka ti kuring , ti pamajikan tah.
Ojo : akang mah puguh bingung mikiran aki-aki nu ti kusrukna oneh.
Oneh : kajeun teuing, naha kuring kudu sedih ? naha kuring samarukna kuring rek miluu
mikiran aki-aki nuti gebrus kanu susukan?
Ojo : enya tapi aki-aki nu tikusruk nateh abah maneh oneh
Oneh : hah ? abah? Eta teh abah kuring
Ojo : heueuh da teu nyaho atuh sugan teh lain abah. Ku kuring ge di punten-punten sina
nyingkirmerean jalan , kalah nyungkug wae leumpang. Kumaha atuh da geus nasib
Oneh : teu ku nanaon si abah na ?
Ojo : henteu ngan ka paehan wungkul, tapi da teu lila tadi oge hudang deui
Oneh : maneh mah lain jelema sugan? Indit manehh, menta hampura
Ojo : enggeus harita keneh ge kuring teh acong-acongan menta di hampura . kalah kah
nonjok tempo. Leuheung mun nonjok hungkul da abah maneh mah bari murang-maring . peuyeum
tina tanggungan di alung-alung keun ka susukan.
Oneh : Eta teh yeuh wawales ka jelema nu doraka ti pamajikan.
Ojo : ari maneh doraka naon ari akang?
Oneh : ari tadi manehh di kota jalan-jalan jeung saha ?
Ojo : naon iyeu teh ? teu ngarti
Oneh : geus ayeuna mah entong pura-pura . akang teh jalan-jalan di kota jeung awewe,
awewe nateh make baju hejo
Ojo : lain bulao?
Oneh : oh jadi kitu
Ojo : eh henteu karah teu rumasa , bari ge ceuk saha maneh teh? Tong sok ngadenge
omongan teu pararuguh. Fitnah tempo , fitnah teh lebih kejam dari perkebunan.
Oneh : cik jawab yeuh , ari iyeu potret saha? ( rek galuarkeun foto tina kutang)
Ojo :aduh oneh ari maneh gagabah nunda potret dina kotak pos
Oneh : montong gabodor manehh , ieu potret saha?
Ojo : Potret jelema atuh oneh
Oneh : kuring ge nyaho iyeu teh potret jelema . ngan saha jelema na ? saha?
Ojo : teuing atuh teu nyaho , eta maneh meunang potret ti mana bari nage
Oneh : kuring manggihan tinu tanggungan peyeum , saha ieu saha?
Ojo : oh heueuh oneh, inget ayeuna mah .akang teh keur dagang peuyeum aya ibu-ibu
milihan peuyeum .dina leungeun na nyenyekel potret. Tah mereun keur milihan kitu potret teh
ragrag kana tanggungan peuyeum.
Oneh : montong ngabohong ! maenya aya nu dek meuli peuyeum bari mamawa potret
sagala.potret saha manehh kang ngaku
Ojo : kieu atuh oneh , kuring rek terus terang ayeuna mah. Kuring teh rek dagang
peuyeum hese payu . saminggu ka tukang akang teh datang ka dukun ‘’ceuk dukun lamun hayang
payu dina tanggungan peuyeum kudu di tundaan potret awewe. Kabeneran akang teh manggihan
potret awewe, teundeun weh ku akang teh din tanggungan peuyeum . kitu tah bisik hayang nyaho
mah
Oneh : ari kitumah lain potret kuring wae simpen dina tanggungan peuyeum pan kuring ge
awewe, ojo awewe
Ojo : enggeus ku kuring ge di cobaan potret maneh dina tanggungan peuyeum, heueuh
wae isukan na peuyeum buruk kabeh
Oneh : gusti mani kabina kabina teuing maneh ojo, emang na kuring teh ragi. Kudu na oge
akang nu buruk ti heula mah , geningan mang taun-taun ku kuring di keukeupan teu buruk. Jung
tutur keun tuh kaditu bae da kuring mah geus kolot jaba goreng patut . itu mah ngora keneh jaba
geulis jiga bentang pilem, nikita willy.
Ojo : oh nikita willy . kabogoh si diego michel . kuring mah apal pisan
Oneh : gandeng manehh los los nyaritakeun riwayat hirup batur, kuring ge nyaho maneh
teh sok masang togel da eta meren nya butuh keur bobogohan
Ojo : ari maneh sok ngacapruk kamana wae oneh,
Oneh : ah da enya manehh maneh mah sok masang togel
Ojo : iraha? iraha aing sok menang oneh ?
Oneh : yeuh aing ge nyaho ojo, nyaho manehh maneh teh sok jeung si entuy anu biwir na
jeding manehh .
Ojo : oneh maneh teh gagabah kumaha lamun kadengeeun...
Oneh : ari maneh ngomong naon ?
Ojo : kumaha lamun kadengeeun dulurna ? si entuy teh kitu-kitu ge dulur na mah
jarareneng. Adi na wae jadi dosen
Oneh : Lain manehh kuring ge nyaho. Adina mah yeuh si Warja tukang tahu. Maenya aya
dosen ider-ideran kanu sapedah bari mamawa blek tahu. Bejakeun tuh ka si Entuy, teu
sieun kuring mah, lamun ngamuk dicakar tah.
Ojo : Ari maneh nanaonan, Oneh, gagabah rek nyakar tukang tahu.
Oneh : Tuda kuring mah kaduhung daek ka maneh teh.
Ojo : maneh mah ngacapruk we ngomong teh.
Oneh : Tuda geuleuh. Asa katipu kuring mah boga salaki ka maneh.
Ojo : Nipu naon ari kuring, Oneh?
Oneh : Har, teu karasa nya. Bareto ka abah ngaku-ngaku dokterandes. Geuning
buktina tukang peuyeum. Make ngaku-ngaku wawuh deukeut jeung Aliando syarif sagala. Hanas
aing diwawuhkeun ka Aliando. Emh, karek nyaho ayeuna kuring mah eta mah si
Eman manehh, tukang meri. Paingan aing teh boga curiga, maenya pamain pelm na sakuna
metet ku endog meri. Maneh mah tega nipu ka kuring, tega, Ojo.
Ojo : Ah, Oneh, kuring mah nipu soteh pedah weh harita abah nipu tiheula ka kuring.
Oneh : Nipu naon manehh ari abah?
Ojo : Heueuh manehh. Harita abah make ngaku-ngaku lanceukna Oma Irama. Make
ngaku boga rombongan orkes sagala rupa. Geuning buktina ngan tukang gula batok.
Oneh : Ngahina manehh ka abah, ngahina? Ati-ati manehh, Ojo. Abah mah loba baladna
tukang gula wungkul. maneh teh teu sieun dikoroyok ku tukang gula?
Ojo : Oneh, jangan mengancam begitu atuh. Yeuh, dengekeun. Tukang peuyeum
juga banyak baladnya. Ingat manehh Oneh kalau sampai tukang gula batok berani macam-
macam sama tukang peuyeum pasukan peuyeum tidak akan tinggal diam, Oneh.
Kalau sampai peuyeum dan gula bentrok, ini bisa mengakibatkan terjadinya kolek
atuh, Oneh.
Oneh : Gandeng manehh jurig. Ngobrol jeung maneh mah pidorakaeun wungkul.
Salingkuh beuki,
judi togel komo. Sebel kuring mah. (ENCUY ASUP.)
Encuy : Punten.
Ojo : Aya semah itu, Oneh.
Oneh : Mun nu sok masang togel mah, iyeuh, jalema teu baleg. Komo bandarna jelema teu
eling tah.
Ojo : Aeh-aeh, menggeus heula, aya semah, era.
Encuy : Punten.
Ojo : Mangga.
Encuy : Asalamualaikum.
Ojo : Waalaikumsalam.
Oneh : Lamun kuring jadi pamarentah, dibasmi tah ku kuring jurig togel.
Ojo : Aeh-aeh, si Oneh, meuggeus heula aya semah, era. (KA ENCUY) Punten we, cep, ah.
Encuy : Teu sawios, kang. Abdi nu punten mah, tos ngaganggu.
Oneh : Ah, henteu, encep. Upami salingkuh, bobogohan deui, sareng masang judi togel eta
mah leres ngaganggu.
Ojo : Oneh, meunggeus heula. Maneh teh kumaha. (KA ENCUY) Dupi encep teh …?
Encuy : Abdi? Abdi nepangkeun, wasta abdi Encuy.
Oneh : Iyeu semah usir sina balik.
Ojo : Kunaon ari maneh, Oneh?
Oneh : Maenya aya semah ngarana Encuy.
Ojo : Ari maneh sugan teh naon. Atuh keun bae naha da ngaran-ngaran batur. maneh
mah bet jadi urusan.
Oneh : Atuh da geuleuh. Naon Encuy.
Ojo : maneh mah teu pararuguh pisan. (KA ENCUY) Ari encep kunaon atuh bet Encuy?
Maksad abdi teh aya peryogi naon, cep?
Encuy : Eu, kiyeu kang abdi teh, bade tumaros. Manawi uninga pun lanceuk wastana
teh Suroto.
Ojo : Tuh, Ojo, lanceuk na mah alus Suroto. Naha adina beut Encuy?
Encuy :Da sadidintenna mah anjeuna teh sok disebatna teh Pa Oot Suroto.
Ojo : Oot? Tah Oneh, sugan maneh apal ka ngaran Oot.
Oneh : Nyaho pisan atuh, Ojo. Oot teh lemesna tina nginum. Abdi hanaang, teu kiat
hoyong oot.
Ojo : Eueut eta mah Oneh. maneh teh tong dihereykeun wae atuh.
Oneh : Ke... ke..., dupi dedegan teh kumaha, cep, raka teh?
Encuy :Da dedeganna mah, jangkung hideung, dikaca soca, kumisan.
Oneh : Ooh, eta mah teu tebih bumina ti dieu, Encep. Kinten-kinten saratus meter,
ngetan we. Buminateh cet hejo, di payunennateh aya tangkal jambu aer.
Encuy :Namung leres jangkung hideung?
Oneh : Henteu, pendek lintuh.
Encuy :Dikaca soca, kumisan?
Oneh : Ah, henteu.
Encuy :Namung namina mah leres Pa Oot Suroto?
Oneh : Sanes, MahEdoh.
Encuy :Har.
Ojo : Icih!
Oneh : Cobian we atuh tepangan, Encep. Susuganan anjeuna teh keursaeun digentos
jenengaanna janten Oot Suroto.
Ojo : Lamun lain pamajikan manehh, dipekprek ku kuring. Duh punten we, cep, teu
terang lah.
Encuy :Da jelas alamatna mah, kang, iyeu teh.
Oneh : (KA OJO) Dupi alamatna di mana, encep?
Ojo : Lain ka kuring atuh.Ka ditu.
Oneh : (KA ENCUY) Dupi alamatna di mana, Encep?
Encuy :Da alamatna mah jelas. Ka abdi teh masihan kartu nami malih mah. Tah ieu,
ceu,alamatna mah tah.
Oneh : Ojo.
Ojo : Nepi ka riweuh kieu kuring mah.
(MACA) De er es Oot Suroto, jalan Ciendog nomergenep Garut. Har, geuning ieu mah
di Garut, Cep.
Encuy :(MACA) Di Garut? Manawi abdi teh di Bandung, kang. Paingan teu kapendak
nya dipilarian ku abdi kaditu kadieu. Aduh punten, ceu nya, punten.
Oneh : Ah teu sawios wios.
Encuy :Kang, punten nya.
Ojo : Hemh.
Encuy :Permios atuh nya permios.
Ojo : Ke... ke... ke..., kirang sae atuh, sep.Sakedap.
Encuy :Lieur abdi mah,aduh. Abdi mah lieur, ceu, milarian pun lanceuk teh.Lieur.
Oneh : Teu kedah lieur atuh, encep. Meningan ge tong gaduh lanceuk geura ieuh.
Ngalieurkeun.
Encuy :Abdi tos kukurilingan.Lieur abdi teh, kang. Permios wae permios.
Ojo : Sep, kirang sae. Sakedap, antosan.
Encuy :Muhun.
Ojo: Encep teh nuju milarian raka?
Encuy :Leres, pun lanceuk.
Ojo : Teu acan tepang sareng raka?
Encuy :Sumuhun.
Ojo : Ku abdi bade ditepangkan.
Encuy :Alhamdulilah!Sareng pun lanceuk?
Ojo : Lain sareng ieu rancatan peuyeum, kumargi maneh geus ngalilieur ka aing, kudu
dijebrod ku ieu.Diitung manehh nepi ka tilu. Hiji… dua….
Encuy :Tilu, kang, tilu.
Ojo : Ampun teuing kuring mah keur bingung teh.
Oneh : Leuheung mun ngaranna teh alus, Ojo, naon da ieu mah Encuyyyyy. (ENCUY ASUP.)
Encuy :Bade aya naon deui, eceu? Nyauran abdi Encuy.
Oneh : Henteu, henteu, henteu. (ENCUY KALUAR.)
Ojo : Ari maneh Oneh atuh Bet gogorowokan.
Oneh : Teuing atuh Ojo. Salah.
Ojo : Bingung kuring mah.
Oneh : Lalieur kieu nya.Kumaha ieu teh? (ENCUY ASUP. NGALIWAT)
Ojo : Bade aya naon, Encep? Nepi ka kitu kuring mah. Aduh.
Oneh : Naha Ojo nya?
(EDOH ASUP)
Edoh : Euleuh-euleuh geuning, jang Ojo jeung nyi Oneh, timarana ieu teh?
Oneh : Ah, teu timamana, ceu. Didieu we ti tadi ge.
Edoh : Euh hampura atuh eceu nya. Puguh ge eceu teh kakara pisan jol. Biasa weh
tas ngarambet. Ke dagoan atuh urang nyieun heula kopi nya.
Oneh : Har,euceu, naon ai eceu teu pupuguh nyien kopi, weh.
Edoh : Ih, eta mah kawajiban eceu atuh, ngahormat semah. Ke dagoan.
Oneh : Semah?
Edoh : Enya ari nyai apan ieu teh imah eceu.
Ojo : Imah eceu?
Edoh : Enya.
Ojo : Da ieu mah imah kuring.
Edoh : (NGILIKAN) Imah jang Ojo, nya?
Oneh : Enya imah kuring, ceu.
Edoh : Astagfirulloh gusti nu maha suci, ari rarasaan teh imah eceu.
Oneh : yehhh ari eceu
Edoh : Hampura nya jang Ojo, nyi Oneh, eceu teh beut loslos ka imah batur nya.
yeuh hampura. Emh, tepi ka linglung. Boa-boa eceu teh rek jadi pejabat.
Ojo : Har, naon ari eceu ujug loslos ka pejabat.
Edoh : Ah.. da enya. Jalema galede anu baroga jabatan pan nu sok lalinglung mah.
Oneh : Linglung kumha ari euceu ?
Edoh : Yeuh kieu geura nyah pikirkeun. Dibere jabatan teh meureun keur ngurus
masyarakat, keur kamakmuran rakyat. Iyeu mah der dipake keur kamakmuran
beuteung sorangan. Pan eta teh lain linglung? Tah ayeuna euceu geus linglung sugan
we nya jadi pajabat.
Ojo+Oneh :Emh... amiinnn... aminnn,Ceu.
Edoh : Nya geus atuh kitu nya ceu hampura yeuh euceunya. Euceu rek balik nya.
Ojo+Oneh : Mangga ceu.
Edoh : (MAWA BOBOKO) Ieu mah rek dibawa atuh nya da nu euceu tadi ge ieu
mah. Nya
hayuu ah..
(EDOH KALUAR.)
Ojo : Bener ceuk ceu Edoh bieu, Oneh, sabenerna mah. Didieu teh loba jalema
anu
linglung. Emh mudah-mudahan we ketang wakil rakyat mah teu kabawa linglung.
Oneh : Naon ari maneh jig-jig ka wakil rakyat sagala?
Ojo : Ah da heueuh. Geura we pikiran ku maneh. Kapan meureun wakil rakyat teh
yeuh jalema palalinter. Tapi geningan naha dina sidang bisa paheuras-heuras genggerong
tug nepikeun ka gelut sagala rupa? Mun kitu mah Oneh nyontoan teu bener nu kitu
teh. Ngerakeun! Bet dina rapat RT ge asa teu nepi ka kitu! Yeuh tetela lamun jadi
wakil rakyat kudu garelut meureun engke mah, yeuh, salah sahiji syarat jadi wakil
rakyat teh kudu bisa penca, heuh.Tetela nu di luhur nu lalinglung mah, Oneh.
Oneh : Di handap maneh nu linglung.
Ojo : Naha kuring make disebut linglung?
Oneh : Yeuh geus puguh maneh teh boga pamajikan, tah kuring! Der bobogohan. Na
teu linglung maneh ari kitu?
Ojo : maneh balik deui kadinya maneh mah!
Oneh : Ah da heueuh manehh geus dibere jalan neangan rizki teh ku jalan dagang
peuyeum der masang togel.Puguh maneh nu linglung mah.
Ojo : maneh mah Oneh puguh we kadinya deui kadinya deui
Oneh : Da heueuh. Leuheung mun karek ayeuna maneh salingkuh! Ayeuna jeung
tukang lotek, bareto jeung tukang awug. maneh nu linglung mah!
Ojo : Oneh! Ari maneh tong ngungkit-ngungkit masa lalu atuh, yeuh. Dengekeun.
Yang lalu biarlah berlalu.Sekarang kita songsong masa depan yang lebih cerah.Bukan begitu,?
Oneh: Nyao ah....
(BU LEBE BU LEBET.)
Bu Bu Lebe : Assalamualaikum.........
Ojo+Oneh : Walaikum salam.......
Ojo : Aehhh gening aya wa Bu Lebe. (UA BU LEBE NYAMPEURKEUN.)
Mulih ti mana ua?
Bu Lebe : Hah?
Ojo : Datang deui piriweuheun teh, Oneh. (KA UA BU LEBE) Ua mulih ti mana?
Bu Lebe : Naon? Teu kadenge, deuleu. Ua mah enggeus kolot.
Ojo : Ua mulih ti mana?
Bu Lebe : Hah?
(OJO NYINTREUK CEULI UA BU LEBE)
Bu Lebe : Euh, ngahaja ka dieu. Ngahaja ua teh. Jauh dijugjug anggang diteang teh
hayang panggih deuleu. Kumaha cageur Oneh?
Oneh : Alhamdulillah,cageur
Bu Lebe : Kumaha cageur jang Omod?
Ojo : Omod? Sanes Omod atuh ua, Ojo.
Bu Lebe : Hah?
Ojo : Ojo.
Bu Lebe : Naon?
(NYINTREUK / NOEL KU RANCATAN.)
Bu Lebe : Euh, Ojo nya.
Ojo : Bade aya naon atuh Ua ka dieu teh?
Bu Lebe : Emh, Ua teh aya perlu, deuleu.
Ojo : Tapi samulihna Ua kumaha, damang?
Bu Lebe : Naon?Ngambang?Naon anu ngambang teh,deuleu?
Ojo : Ua damang?
Bu Lebe : Hah?
Ojo : Beuh....
(OJO REK NYINTREUK CEULI BU LEBE. UA BU LEBE MERE ISYARAT ULAH. TULUY NYINTREUK MANEH.
Bu Lebe : (NYINTREUK SORANGAN)Euh,alhamdulillah… alhamdulillah ….Cageur, Jang,cageur.
Aya hibar Ua teh.
Ojo : Bade aya peryogi naon Ua ka dieu teh?
Bu Lebe : Hah?
Ojo : Ah, Oneh,Lieur aing mah nanyana oge.Ku maneh!
Oneh : Ua?
Bu Lebe : Hemh?
Oneh : Ua mere kese keubeuteuk meridil tumhaho hare-hare, Ua. (GAYA BAHASA INDIA)
Bu Lebe : Bobogohan deui? Montong deuleu! Cing karunya ka pamajikan. Pamajikan
kieu mah kudu dipikanyaah, deuleu. Anu donto, anu montok kieu mah mun bisa mah
delaminating ku maneh teh.
Oneh : Ua, nibeleket kitu kuhiuhu hau-hau, Ua.
Bu Lebe : Sok masang togel? Haram deuleu nu kitu teh! Tong dipasangan! Mudorotna
leuwih loba tibatan alusna. Kudu dibasmi nu kitu mah komo jeung beking-bekingna. Kudu
dibasmi, deuih!
Ojo : Tapi Ua, leres sakatap lakleu saplakatak saplakatak.
Bu Lebe : Montong ngacapruk ari maneh teh deuleu! Aing mah teu ngarti, deuleu.
Nanaonan kitu ngomong teh. sing baleg ari ngomong teh! Yeuh, Ua mah jauh dijugjug anggang
diteang teh aya maksud, Ua teh rek….
Ojo+Oneh : Ua, Ua, ieu…..
Ojo : Ari kolot…
Bu Lebe : Ua teh rek nganteurkeun ondangan. Minggu hareup Ua teh rek ngawinkeun incu.
Ojo : Oh…..
Bu Lebe : Ku kituna, Nyi Oneh jeung Jang Ojo kudu hadir.Bantuan Ua, nya!
Ojo : Mangga.
Bu Lebe : Heueuh.
Oneh : Da lamun aya artos mah tangtos dongkap, nya Ojo nya….
Ojo : Muhun Ua.
Bu Lebe : Eh, didoakan ku Ua, tah ieu ondangannana. Ke... ke... ke... bisi pahili jeung
batur.
(MACA) Kahatur anu dipihormat dobel u, dalam kurung Oneh and Ojo. (MERE
ONDANGAN)
Tah ieu duit... duit Ua ieu mah. Ngahaja Ua teh mawa duit, Ua teh jang nyumbang
sasieureun jeung sabeunjeureun keur baraya-baraya urang anu keuna musibah di
tanah Aceh jeung Sumatra Utara. Ulah ditingali leutikna ulah ditingali gedena, nu
penting mah kaikhlasan jeung karidhoannana, deuleu.Nu leuwih hade mah nya gede
nya ikhlas. Tah ku kituna mana kencelengna? Sateuacan aya kencleng urang asupkeun
heula kanu kencleng Ua. Kitu ti Ua mah omat dina waktuna kudu hadir. Ua permios
heula. Assalammu alaikum.
Oneh+Ojo : Waalaikumsalam, Ua. (UA NGALEOS KALAHKA REK ASUP KA KAMAR OJO)
Oneh : Itu, itu….. (NEPAK OJO)
Ojo : Ua, Ua…eta mah ka kamar abdi atuh. (INDIT BALIK ARAH.) Oneh, kuring mah
keur teu boga duit teh aya ondangan deuih.Ari teu datang era ku Bu Lebe.
Oneh : Nya heueuh atuh kudu datang.Maeunya ari diondang ku Ua Bu Lebe meuni
teu datang. Ari tuh ku tukang lotek teu diondang oge meuni datang.
Ojo : Maneh mah geus ka dinya deui waeatuda ngomongna.
Oneh : Sebel tuda kuring mah.
Ojo : Bener minggu hareup.
Oneh : Nya bener Ojo.
(DATANG ENCUY)
Ojo : Bade naon deui, Cep? Bade ngagorowok Encuy deui? (ENCUY NGALIWAT)
Ampun kuring mah.
Oneh : Ampun kuring mah Ojo, Gusti Nu Agung.
(BU LEBE DATANG DEUI)
Ojo : Bade mulih? Aya naon deui Ua?
Bu Lebe : Encuuuuuuuuuuuuuuuuyyyyyy (ngagorowok)
Babak 3
Juragan Istri : (POHO NGAGOROWOK) Tah... tah mengpeung rineh, meungpeung tacan aya
tamu ibu hoyong nyarios ka bapa.
Juragan Pameget : Nyarita naon? Rek naon, bu? Aya naon? Naon atuh ieu teh?
Naon.....ah....?
Juragan Istri : Ke … ke..., Bapa ke...Tenang heula, Pa.... tenang.... Yeuh bapa, urang
teh pan nuju hajat cik atuh pa sing gumbira, sing cenghar.Ieu mah ditingali-tingali ku ibu
ti tatadi bapa mah ngan baeud wae, ambek-ambekan. Kunaon pa? Cik kunaon?Aya
naon? Naon atuh?
Juragan Pameget : Tenang atuh, bu... Rek teu ambek-ambekan kumaha? Geus puguh rek
hajat der suku kacugak ku paku.
Juragan Istri : Teu kedah ambek-ambekan atuh, pa. Kedah namah bapa teh ngaraos
sukur kacugakna ku paku.Cobi upami kacugakna ku linggis, bade kumaha?
Juragan Pameget : Kamana wae ibu mah nyarita teh.
Juragan Istri : Atuh da lepat bapa mah.Tos terang bade hajat, der ieu mah riweuh
ngoprek kandang domba. Pakuna pabalatak.Pan janten kacugak.
Juragan Pameget : Ngomean kandang domba soteh pedah panto kandangna rek lesot.
Teu diomean mah paur atuh bu. Kumaha lamun keur parasmanan dombana laleupas?Pan
riweuh atuh. Mangkaning domba adu wungkul. Kumaha lamun domba diadu jeung
semah?
Juragan Istri : Bapa mah upami diajak nyarios teh sok teu puguh. Ibu mah lieur.
Juragan Pameget : Atuh da enya, eukeur mah suku kacugak, jol deui piambekeun nu sejen.
Juragan Istri : Aya naon deui bapa?
Juragan Pameget : Tingal ku ibu. Tah suratondangan. Gara- gara si Edoh, jelemaatah adol.
Di sadunya ge moal aya jelema ceuleupeung siga si Edoh. Kamana deui eta
jelemana?(NGAGOROWOK) Edoh ... Edoh … Edoh ….
Juragan Istri : Pa, teu kedah gogorowokan nyauran si Edoh mah lalaunan wae...
(NGAHAREWOS) Edoh.......
Edoh : (NGAGOROWOK) Kah ..... (EDOH ASUP)
Juragan Istri : Nya... ceuk ibu oge!
Edoh : Bade aya naon juragan ?
Juragan Pameget : Edoh, silaing dititah nyieun ondangan ku kuring. Di mana silaing nyieun
ondangan ieu?
Edoh : Di si Nunung juragan rerencangan abdi.
Juragan Pameget : Terus nanaonan dina surat ondangan ngaran kuring tukangna make ES HA?
Pan silaing ge nyaho dewek mah lain sarjana hukum? Era deuleu ku batur.
Edoh : Ehm... ieu mah kieu juragan. Basa abdi ka si Nunung, diditu tos aya
jalmi duaan. Terus sami bade ngadaramel serat uleman. Tah duanana oge, anu garaduh
hajatna ge ngaranggo ES HA, kitu.
Juragan Pameget : Terus?
Edoh : Kitu juragan... Terus tah ieu... abdi ge nurutan wae jenengan juragan
di pengkerna Nganggo ES HA. Da emutan abdi mah pasti ES HA teh singgetan tinu Sohibul Hajat.
Juragan Pameget : Nya... si eta mah kitu da. Dasar jelema cileupeung si Edoh mah.
Juragan Istri : Naha atuh ari maneh Edoh aya-aya wae.
Juragan Pameget : Terus, nanaonan ieu ngaran kuring Suminta, kunaon dihareupna teu
Make ER? Raden Suminta kitu.
Juragan Istri : Lah, atuh, pa, sawios teu nganggo ER oge. Da teu aya sahurup mah moal
aya pangaruhna.
Juragan Pameget : Hiss, ceuk saha, Bu? Ceuk saha euweuh pangaruhna? Leungit sahurup oge
beda arti atuh. Geura we ucing. Leungitkeun hurup GE-na jadi ucin.Jelas beda atuh.
Ari ucing mah sato, ari si ucin mah tukang cukur. Maenya aya ucin dahar beurit? Teu
kira-kira.Di mana tukang cukur dahar beurit?
Edoh : teras Bandung, juragan, teu aya hurup GE-na janten bandun.Bandun kota
kemban, pan ngadanguna hoyong seuri, juragan. Ha … ha … ha ….
Juragan : Montong ngabodor manehh. Lieur ka kuring na ge.
Juragan Istri : Geura we, ucing upami teu aya GE-na pan jadi ucin.
Juragan : Eee, eta mah bodoran bapa bieu, Bu.Kumaha ari ibu? Meni asa lalieur
kuring mah.
Juragan Istri : Naa atuh pa lah, atos nu kitu tong janten emutan.
Juragan pameget : Atuh da kesel kuring mah. Edoh…
Edoh : Abdi, juragan?
Juragan pameget : Wayahna euy, silaing indit ka kandang domba. Tingali domba
kuring bisi can diparaban.terus silaing ka dieu deui.Kaharti?
Edoh : Kahartos juragan.
Juragan pameget : Ieu sakalian bawa ondangan.
Edoh : Pasihkeun ka domba, juragan?
Juragan pameget : Lain, piceun.
Edoh : Oh, manga, juragan.
Juragan pameget : Ampun kuring mah, boga parawan teh cileupeung pisan, kesel bapa mah
bu.
Juragan Istri : Aeh, ibu anu kesel mah bapa, nuju hajat kieu bapa mah masih keneh
we ngemutan domba.
Juragan pameget : Enya atuh bu, da eta teh domba mahal. Ieuh geura, Bu...
(NGARENGKENEK DIKENDANGAN) Aeh, naon atuh make dikendangan sagala? Bu, domba bapa
teh domba mahal, kamari ge domba anu tandukna hideung, rek aya nu nukeran ku motor ninja 2 tak.
Juragan Istri : Bade digentosan ku motor mah atuh, pa, pasihkeun we.
Juragan pameget : Heueuh da ituna embungeun.
Jurgan Istri : Sugan teh enya. Ieuh Bapa, cing atuh tong kabina-bina teuing resep
kana domba teh. Tuh tingali batur mah ka kalantor. Ieu mah enjing-enjing keneh riweuh
ngamandian domba.
Juragan pameget : Har, na make kudu era Bu, da wajar ngamandian domba mah. Lamun
unggal isuk Bapa ngamandian tihang listrik, kakara Ibu era. Jeung deuih Bapa mah da
ngamandiana oge make calana. Lamun kaluhurna make kaos sangsang wungkul
kahandap teu make nanaon, kakara Bapa ge era.
Juragan Istri : Ah Bapa teh, domba diadu-adu teu aya kawatir. Ieuh Bapa, sok
ciptakeun ku Bapa, kumaha lamun Bapa jadi domba?
Juragan pameget : Ess... teu bisa.Di mana aya domba hajat? Maenya aya domba Raden?
Jurgan Istri : Ya Alloh… tobat Gusti. Bapa, Ibu mah mung ngelingan hungkul, bilih jaga
Bapa maotna diteunggar ku domba.
Juragan pameget : Nu lain-lain wae ah Ibu mah. Di mana aya jelema paeh diteunggar
domba? Lamun bari neunggar tandukna digantungan dinamit, kakara Bapa percaya.
Juragan Istri :Aduh Gusti, diajakan nyarios teh sok teu leres Bapa mah, sesah. Ieuh Bapa,
da Bapa mah teu tERang, ku resep-resepna Bapa kanu domba da ngalindur ge jiga domba.
Juragan pameget :Iraha Bapa mah teu ngarasa?
Jurganistri : Sumuhun da Bapa mah moal ngaraos. Nuju tengah wengi teh jol
curunggunung bari nyirintil, jedak we mastaka Bapa kana ranjang. Da Ibu teh watir. Wel we
jukut kana lambey Bapa. Kulem deui we Bapa teh.
Juragan pameget : Aya-aya wae Ibu mah.
Juragan Istri ` : Enya ah Bapa mah.

(ENCUY ASUP.)
Encuy : Juragan….
Juragan pameget : Saha nu nyelukan maneh?
Encuy : Saur Edoh abdi disauran ku Juragan.
Juragan pameget : Henteu, teu rumasa kuring mah. Indit ka ditu jung!
Jurgan Istri : Eeh Encuy, tong waka indit, cicing heula di dieu! Kami aya perlu. Ieuh Bapa,
Ibu mah sanes heureuy nya, saur sepuh oge jalmi mah kumaha amal perbuatanana.
Encuy : Emh…
Juragan Istri : Sok aya Bapa wartosna eta teh. Maling oray maotna dipacok ku oray.
Encuy : Emh…
Juragan Istri : Maling buaya pupusna ku buaya.
Encuy : Emh…
Juragan istri : Ari maneh nanaonan atuh?
Encuy : Heuheuheu…
Juragan pameget : Lah, teu percaya Bapa mah. Geuning paraji euweuh nu maotna digegel ku
orok.Lamun kitu mah meureun tukang lotek oge maotna direndos. Bapa mah karunya ka
tukang cendol, meureun maotna teh dikocek.
(ITEUK JURAGAN PAMEGET DIBEBETOT KU ENCUY)
Juragan pameget : Ari maneh nanaonan atuh? Ambek kuring mah.
Juragan Istri : Aeh-aeh… Bapa, eta teh kasauran sepuh. Tos seueur kabuktosan tong
diheureuykeun. Nya Encuy nya?
Encuy : leres, Juragan. Tong tebih-tebih contona tatanggi abdi, tukang ngala
oray lima dinten kapengker pupus. Ni watir abdi mah, Juragan.
Juragan Istri : Dipacok ku oray pan pupusna teh, Encuy?
Encuy : Sanes, panyawat batuk gangsa.
Juragan Istri : Har ari maneh atuh.
Juragan pameget : Asa lieur kuring mah.
Encuy : Aya deui juragan.
Juragan pameget : Sok manehh ngacapruk deui.
Encuy : Leres ieu mah Juragan. Tatanggi nu pun uwa padamelana teh
sadidintenna teh tukang nguburkeun. Maotna ge dikubur.
Juragan pameget : Nya heueuh atuh ari eta mah. Aya-aya wae maneh teh, Encuy. Indit,
Encuy....Indit!Asa lieur kuring mah.
(ENCUY KALUAR.)
Babak 4
(ACARA SYUKURAN NYEPITAN. PANGANTEN DIIRING KA TENGAH BALE. NGALIWAT KA
TENGAHTENGAH PENONGTON. KORSI PANGANTEN KEUR DIDIUKAN KU ENCUY JEUNG INOH.)
Juragan pameget :Aeh-aeh cing balener atuh ieu teh.
Edoh : Halig
Juraganpameget :Beuh, ampun kuring mah.
(BUDAK SUNDATAN CALIK DINA KORSI)
Juragan pameget : Tah geus karumpul yeuh. Edoh…
Edoh : Abdi, juragan?
Juragan pameget :Sok buka acarana
Edoh : Buka calana? Isin atuh juragan.
Juragan pameget :Buka acarana, silaing pidato.
Edoh : Aduh,lieur, Juragan, hoyong utah.
Juragan pameget :Montong ngawiwirang kuring manehh.
Juragan Istri :Sok atuh Edoh geura wiwirang.
Juragan pameget :Ari ibu naon atuh?(KA EDOH) Hayohgeura pidato.
Edoh : Ulah pidato atuh nya juragan. Kumaha upami penca atanapi joged?
Juragan pameget :Nu lain-lain wae silaing mah. Gancang Edoh.
Edoh : (PIDATO) Para hadirin nu sami-sami tandukan.
Juragan pameget :Naon atuhiyeu teh? Nu baleg.
Edoh : Teu pupuguh, juragan, jol-jol emut kana domba. Para hadirin, cunduk
waktu ninggang sirah ….
Juragan pameget :Aeh-aeh … Ninggang mangsa.
Edoh : Tah sumuhun eta. Cunduk waktu ninggang mangsa, acara anu
munggaran atuh mangrupi sambutut ....
Juragan pameget :Sambutan lain sambutut.
Edoh : Sumuhun eta mangrupi sambutan. Anu ngawitan mangga atuh ka
juragan sohibul hajat. Dihaturanan ....
Juragan pameget : Hatur nuhun. Hapunten kumargi juragan bilih lepat, ngangge catetan.
Assalamualaikum.... Nang, kade suku lomari .... Aeh-aeh ieu mah surat pun bojo
keur tukang lomari.... Atuh ditalar wae, da juragan salah mah biasa, moal aya nu
daekeun nyarek.
Para hadirin sadayana, dina poe ieu simkuring ngarasa bingah. (NU HALADIR
NGAROBROL) Ku.... (NYEUSEULAN HADIRIN) Ieu teh arek didarengekeun moal? Ampun
Kuring mah. Emh... abong lain menak. (NERUSKEUN) Dina ieu kasempatan simkuring
Rek nanya ka pun budak, Ujang tos siap disepitan. ?
Ujang : muhun pa .
Juragan pameget : alhamdulillah gening ujang teh tos siap mah. Mung sakitu sambutan ti
simkuring, assalamu alaikum wr.wb
Edoh : Sakitu sambutan ti Juragan Sumita anu pinuh ku sumangeut .ayeuna
urang teras keeun acara pokok , nyaeta nyepitan pun anak.
(IKLAN NGALIWAT)
Juragan pameget :Ari ieu saha atuh yeuh?(KA SATPAM) Tanyaku ilaing....
Boled : Saha? Saha?
Iklan : Tidak perlu tahu saha sayah. Sayah cuman ngasih tahu dramakomedi
ini tamat. Eng… ing… eenggg....
TAMAT

You might also like