You are on page 1of 2

Resensi Novel Sunda ” Sasakala

Bojongemas”
Judul : Sasakala Bojongemas

Pangarang : Aan Merdeka Permana

Pamedal ` : Ujung Galuh

Citakan : 1, 2009

Kandel : 48 kaca

Candi Bojongemas téh, pernahna sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas, Kecamatan
Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi Purna Hyang. Baheulana,
nyaéta teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa. Ngan ayeuna, ukur gundukan batu. Teu
kapiara. Ceunah dina taun-taun harita, dicokotan, diamankeun dibawa ka tempat séjén. Aya anu
diteundeun di museum. Aya anu di bawa ka imah pribadi. Sacara resmi acan ka catet kumaha
sajarahna. Tapi ari béja anupatatalépa mah aya. Mun mah ayeuna ngajengléng jadi tulisan, nya
ladang béja nu dibéjakeun deui.

Sajarah mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang sajarawan
daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas ngagarap fakta-fakta
sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang novel. Manéhna lewih bébas
nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina novel mungguranana ieu nyoba-nyoba
ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh
sajarah saperti Nyai Dewi Permata Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu
Ningrat Kancana di barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng
Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah masih kénéh turunan salah sahiji karajaan
Tarumanegara.

Tina segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap kalawan
ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun tina gambaran kaayaan
sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu ragot pisan jeung teu pikaboseneun.
Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah
di ajak nyaksian langsung kana kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé
méré pamahaman nu leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung
sasakala Bojongemas.

Sabagé novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya sunda
jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar kalawan hadé. Kurangna
ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih
beristana-sentris kusabab loba teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara.
Lamun waé unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab
sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu macana.

Leupas tina kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka


Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta sajarah anu
mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu novel bisa jadi ayana ngan
dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa
mangkukna kénéh tur miboga daya pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang Sunda.

You might also like