You are on page 1of 5

Pupujian Nabi Urang Saréréa

1 Keur opat taun yuswana,


Nabi urang saréréa, diberesihan manahna,
Kangjeng Nabi anu mulya, nabi dibeulah dadana,
Muhammad jenenganana, malaikat nu meulahna.
Arab Kurés nya bangsana.
8
2 Jibril kadua réncangna
Ramana Gusti Abdullah, Mikail jenenganana,
Ibuna Siti Aminah, ngeusikeun kana manahna,
dibabarkeunna di Mekah, elmu hikmah sapinuhna.
wengi Senén taun Gajah.
9
3 Tuluy dada Kanjeng Nabi,
Robiul awal bulanna, gancang dirapetkeun deui,
tanggal ka-dua belasna, sarta teu ngaraos nyeri,
April bulan maséhina, dicap ku “KhotaminNabi”.
tanggal kadua-puluhna.
10
4 Rama Nabi kacaturkeun
Ari bilangan taunna, pupusna kacarioskeun
lima ratus cariosna, basa Nabi dibobotkeun
tujuh puluh panambihna, dua sasih kaunggelkeun
sareng sahiji punjulna.
11
5 Kagenep taun yuswana
Siti Aminah misaur, ditilar pupus ibuna
waktos babarna kacatur, Nabi dirorok eyangna
ningal cahaya mani ngempur, Abdul Mutalib asmana
di bumina hurung mancur.
12
6 Kersana Robbul’Alamin
Parangina Kangjeng Nabi, Kangjeng Nabi nu prihatin
jatnika pinuh ku puji, yuswa dalapan taun yakin
pinter tur gedé kawani, éyangna mulih ka batin
sabar nyaah ka sasami.
7 13
Saba’da wafat éyangna Di dinya jol kasumpingan,
Nabi dirawat pamanna Jibril nu nurunkeun Qur’an,
Abi Talib kakasihna kalawan dawuh Pangéran,
sadérék teges ramana Nabi didamel utusan.
14 20
Kangjéng Nabi sering pisan Harita yuswana Nabi,
dicandak ka Nagara Syam patpuluh taun kawarti,
sok nyandak barang dagangan diutus ku Alloh pasti,
di dinya téh pajeng pisan ngémbarkeun agama suci.
15 21
Kacatur di éta nagri Anu iman pangheulana,
loba pandita Yahudi Siti Khodijah garwana,
sareng pandita Nasroni Abu Bakar kaduana
nu tepang jeung Kangjeng Nabi sohabat nu pangmulyana

16 22
Sadayana sasauran Murangkalih nu nonoman,
ieu jalmi mo nyalahan anu pangheulana iman,
pinabieun ahir jaman Sayidina Ali pisan,
Torét, Injil, geus ngiberan ka Nabi sadérék misan.

17 23
Sifat Nabi panganggeusan Jeung ari jalma beulian,
aya di anjeunna pisan anu pangheulana iman,
harita loba nu iman Sayid Bilal kaleresan,
ka Nabi ngangken panutan anu jadi tukang adzan.

18 24
Karesepna Kangjeng Nabi Ari lolobana pisan
ka Gusti Alloh ngabakti ka Nabi téh ngamusuhan,
di Gunung Hira maranti, nganiaya ngajailan,
ibadahna saban wengi. teu aya pisan ras-rasan.

19 25
Nuju tanggal tujuh likur, Sadayana jalmi iman,
bulan Rajab nu kacatur, sami gaduh kawajiban,
numut gaol nu kamasyhur solat nu lima giliran,
Kangjeng Nabi téh disaur. henteu meunang dikurangan.

26 32
Dipapag ku malaikat, Solat éta minangkana,
nyandak burok nu kasebat, dina agama tihangna,
leumpangna téh cara kilat, jalmi nu luput solatna,
tutunggangan Nabi angkat. nyata rubuh agamana.

27 33
Ti Mekah ka Baitul Maqdis, Kapir Mekah kacaturna,
teu lami-lami antawis, barang Nabi nyarioskeun,
ku jalmi henteu katawis, Mi’roj lain dimulyakan,
Kersana Gusti nu Wacis. anggur pada nyeungseurikeun.

28 34
Ti Baétul Makdis terasna, Pada hasud ngakalakeun,
naék tangga saterusna, ti dinya Alloh ngersakeun,
Mi’roj téa kasebatna, Kangjeng Nabi dialihkeun,
ka langit Nabi sumpingna. ka Madinah disirnakeun.

29 35
Tujuh langit sadayana, Para sohabat pirang-pirang,
sareng ‘Arasy pang luhurna, nu buméla milu iang,
disumpingan sadayana, milu ngalih saabrulan,
katut Surga-Narakana. henteu pisan sumoréang.

30 36
Kangjeng Nabi ditimbalan, Tambih kamulyaan nabi,
ku Gusti Nu Sifatna Rohman, di madinah asal sepi,
anjeunna kudu netepan, jadi ramé kunu ngaji,
solat muji ka Pangéran. muji ka Nu Maha Suci.
31 37
Sapuluh taun lamina, Raray lir bulan purnama,
di Madinah jumenengna, halisna lir katumbiri,
agama Islam cahyana, waos lir inten widuri,
gumebyar ka mana-mana. salira harum wawangi.

38 44
Ari mungguh Kangjeng Nabi, Éstu kersaning Pangéran,
nyaahna langkung ti misti, lain seungit dimenyanan,
ka umatna jaler istri, karinget pada nandéan,
leuwih ti sepuh pribadi. diparaké seuseungitan.

39 45
Welas asih ka nu miskin, Pirang-pirang mujijatna,
sumawon ka budak yatim, tawis ka-Nabianana,
pada seubeuh ku paparin, Qur’an nu nomer hijina
kadaharan jeung pisalin. Mu’jizat nu pangmulyana.

40 46
Akurna ka urang kampung, Tangkal nu pérang daunna,
calik satata ngariung, disiram urut abdasna,
tara angkuh jeung adigung, ngadadak loba buahna,
sanajan ka urang gunung. sarta hirup saterasna.

41 47
Ka nu nandang kasusahan, Domba nu banget kuruna,
gering jeung kapapaténan, sarta lalépét susuna,
ngalayad sarta ngubaran, diusap ku pananganna,
ngajajapkeun ka kuburan. ngadadak juuh susuna

42 48
Manis saur manis budi, Dina hiji waktos deui,
éstu mustikaning jalmi, sahabat bet kirang cai,
sajagat mo’ mendak deui, teras baé Kangjeng Nabi,
saé rupa jeung parangi. mundut cai anu kari
43
49 53
Cai ngan sakedét pisan, Sareng abdi iman deui,
éstu kabéh pada héran, ka Muhammad Kangjeng Nabi,
Nabi neuleumkeun panangan, yén éta Utusan Gusti,
dumadak tuluy manceran. miwulang ka jalmi-jalmi.

50 54
Cai mancer loba pisan, Nu sipat kapercantenan,
ka luar tina panangan, wijaksana tur budiman,
sela-sela ramo pisan, bener wungkul sasauran,
cukup keur jalma réa’an. lain saur kaheureuyan.

51 55
Ya Alloh Nu Sipat Rohman, Hurmat urang ka anjeunna,
abdi téh iman ka Tuhan, dina mangsa jumenengna,
teu aya deui Pangéran, sareng sabada wapatna,
lain ti Alloh Nu Héman. éstu teu aya béntenna.

52 56
Nu ngadamel bumi-alam, Duh Gusti jungjunan abdi,
rawuh jeung eusina pisan, Sayidina Muhammad Habibi,
nu wajib diibadahan, pamugi salira nampi,
taya anu nyasamian. ka nu hina diri abdi.

57
Abdi umat ahir jaman,
anu banget panasaran,
hoyong tepang ngadeuheusan,
seja tumut serah badan

You might also like