You are on page 1of 22

NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG (GABUS) KASAATAN

Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten, papakéanana geus butut sarta
laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan orat. Kitu deui dahar leueutna
salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah datang ka potpisan
sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul. Ari
buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot
kurang tanagana. Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-
tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk
ka tatanggana.

Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu
ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék nulung
mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning
nunggul pinang.

Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka gusti Alah,
ulahbon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal,
pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel.

Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih dadaharan,
sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré.

Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, “Aduh, cilaka
teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.

Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, bari sugan
manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah
langlayeuseun teuing. Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso urut
nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun
walungan gedé. Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-
pirang, rék pindah tina walungan kana talaga. Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta
tegal kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna
taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa maju leumpangna.
Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih bilahi paéh
kasaatan.

Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung
meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu. Tapi manéhna héran neuleu
aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé
pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Samiun
Alah kuring neda hujan! Samiun Alah kuring neda hujan!” Kitu baé omongna bari
tatanggahan ka luhur. Ari ku nini-nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta
deleg téh, hayang nyaho kumaha kajadianana. Barang geus kira-kira satengah jam
lilana datang hujan gedé naker wani cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun deui
leumpang tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina
bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.

Kacaritakeun éta nininini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di
jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Alah téh, meureun di
paparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing mah rék
neda uwang.

Ti dinya éta nininini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur
nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun
Alah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung pikirna anték kacida
panedana ka gusti Alah, datang ka geus teu aya pikiran deui ka nu séjén.

Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana, ku
sabab gandéng jeung bosen, saunggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta
nininini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna,
“Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Alah téh
sumping ka dieu, seba duit ka manéh; jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala
daun ka leuweung meureun aya hasilna; jeung deui; lamun manéh henteu beunang di
carék, geura undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing.

Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong
nyuhunkeun duit ka Alah anggur beuki tambah maksudna.

Bareng geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh, beuki kacida garétékeunana,
henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy
nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling, datang ka pinuh sarta dipékprékan,
supaya jejel ambih beurat, niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina di
nyanaan duit paparin Alah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang
tonggongna, ku éta karung ambih kapok moal ngomong kitu-kitu deui.

Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy
diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna nininini
téh kalengger tina bawaning nyeri. Ana geus inget, nénjo aya karung ngadungkuk
kacida atoheunnana, panyanana nya éta karung duit, paparin ti Alah.

Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug deg-deg, semu banget
atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra kabobodo, karana nu
dikarungan téh tétéla pisan yén beling.

Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun Alah!
Nuhun! Naha loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur ajengan, aya kénéh
nun?” Ti dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana nu agung, dumadakan éta
beling kabéh jadi duit, aya uwang emas aya uwang pérak, jeung deui kumaha gedéna
baé aya nu jadi ringgit, aya nu jadi ukon.

Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadegdeg, yén éta nini-nini meunang bagja boga
duit pirang-pirang, asal tina dibobodo, malah kapala distrik sumping ka dinya
ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara jeung ditétélakeun asal purwana. Ari
timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu kaidinan cicing di kampung, bisi aya nu
nganiaya dipaling duitna, jeung diurus dipangmeulikeun lembur imah, katut eusina.
Ti wates harita éta nini-nini téh jadi sugih teu kinten-kinten.

Kitu deui dipikanyaah ku menak-menak tina saregep kumawulana jeung tambah alus
budina, kalulutan ku jalma réa sobatna, tina suka tulung ka jalma-jalma nu miskin,
sumawonna ka nu keur kasusahan, margi ngaraskeun kadirina basa keur malarat
kénéh.

Kacaritakeun éta jalma, anu méré karung beling téa, kabitaeun naker neuleu éta nini-
nini téa jadi beunghar, lantaran dibobodo karung beling ku manéhna. Geus kitu boga
niat hayang nurutan.

Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales ku éta nini-nini téa sina
nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini saterangna éta duit téh asalna
beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo ka sampéan, kusabab satadina
kaula giruk ngadéngékeun ajengan ngomong baé nyuhunkeun duit ka Alah, tatapi
ahir-ahir éta beling dumadakan wet jadi duit kabéh. Ku prakara éta ayeuna kaula rék
neda dibales ku sampéan, hayang ditinggang ku karung beling, karana tanwandé jadi
duit ogé cara nu geus kalampahan, tatapi kaula mah hayang ditinggang ku dua
karung, nu galedé, ambeuh kaula leuwih beunghar manan nini. Wangsul nini téh,
“Hadé heug baé geura tapakur, cara kaula baréto”. Ti dinya éta jalma téh tuluy balik,
sadatang ka imahna heug baé tapakur nurutan sakumaha polahna nini-nini téa sarta
ngomong, pokna, “Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun Alah kuring neda
uwang!” Kitu baé omongna jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal
meunang duit ti Alah dua karung goni parinuh. Bareng geus nepi ka lima poéna, nini-
nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu keur tapakur téa, bari mawa dua karung beling
beunang méprékan, sarta tuluy dibawa naék nka para, ti dinya heug éta dua
karunganana ditindihkeun kana tonggongna.

Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan malah-malah tulang tonggongna datang
kapotong.

Arina inget ngageuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug karung téh


dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong
nini-nini téa, pokna, “Nuhun Alah! Nuhun! Naha maparin duit réa-réa teuing, mana
ari keur ajengan? Aya deui?”

Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh baé henteu daékeun
jadi duit, ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka ngalembah rék ceurik tina
bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina ka gusti Alah pokna, “Ih naha
Alah téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit sawaréh? Ari kaula henteu? Jeung
deui: kumaha naha atawa Alah téh geus diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa
nyieun duit ku beling, ari Alah nu jeneng ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?

Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri cangkéng, tatamba kapirang-
pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Alah bisa cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi
bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat nyiar kahirupan rosa-rosa, lawas-lawas
manéhna jadi malarat cara nininini téa, kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka
éta jalma téa.
[1] Nyutat ti Majalah Walanda, TIJDSCHRIFT voor INDISCHE TAAL, LAND EN
VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872. Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku
J.A. UILKENS, mangrupa carita ra’yat urang Ciamis.
POSTED BY ADMINISTRATOR ON 01.11.07 @ 1:23 PM | 0 COMMENTS

Aing Djago[1]

Aing Djago[1]

Ku: S.A. Hikmat[2]

,,Tah dada aing” Sorana mani handaruan. Kurang-kurangna teger mah nu


ngadenge matak baseuh tjalana. Song dada rubakna nu buluan diasongkeun.
Sorot panonna nu buringhas siga tembus kana hulu angen musuhna. Njaliara
ka sakudjur awak nu keur disanghareupan. Unggal rindat, usik djeung kereteg
musuhna geus kaukur. Moal kapiheulaan babar manehna mah. ,,Hajoh dia
ulah ngadjedog bae.”

Si Gomar anu geus kasohor djago di daerah Tjibaliung, hatena rada hemar-
hemir. Asa kakara manggih lawan anu teuneung ludeung asup ka daerahna.
Sanadjan manehna geus njaho kana ngaranna oge, ari adu hareupan mah
kakara, da di dunja kadjawaraan di sakuliah Banten mah teu aja nu bireuk
atuh ka si Djago the. Djago-djago di Labuan, Menes, Rangkas, Cilegon,
Pandeglang geus teter. Kabeh dipatjundang. Karek ku haok djeung polototna
bae ge geus rea nu taluk. Komo ieu bari diparag ku si Djago djeung baladna
saperti ajeuna mah.

Kareret ku djuru panon Si Gomar, balad-balad[3] manehna sorangan bangun


nu leungit pangatjian. Renghap manehna narik napas pandjang, tajohna
ngumpulkeun heula tanaga djeung pangatjian.

,,Djadi asal idjen!” djawab Si Gomar neger-negerkeun maneh. Hatena mah


teu wudu dag diug dug. Srog madju ka hareup. Bedog Tjiomasna meh
ngangsar kana taneuh. Geulang bahar meulit dina pigeulang duanana. Dua
djago geus adu hareupan. Nu saurang awak badag sembada, nu saurang deui
djangkung leutik.

Njeh Si Djago njerengeh semu nu ngahoa. Pikirna sageprak oge Si Gomar


moal teu rubuh.

,,Heeet” Si Djago ngagigila musuhna. Dina kalangan pentja di Banten mah


sora ieu teh pikeun mere peringetan. Musuh kudu iatna sabab gorowok kieu
the biasana disusul ku panaradjang kilat nu bahja. Tapi da lain djawara
sakatiga atuh si Gomar oge. Nangtungna masing angger tagen. Teu seber ku
geretak nu matak katorekan. Manehna tetep ngadago gerakna musuhna. Tapi
nu didago lebeng.
Ana barakatak the Si Djago ngagakgak ,,Heuh, heuh, heuh,” matak muringkak
bulu punduk. ,,Heuh heuheuh, bener djago dia, njah! Deungeun-deungeun
mah karek dihetkeun geh geus bidjil kokoneng.”

Rej beungeut Si Gomar beureum. Hatena ngentab panas. Leungit sagala


kagimir. Ajeuna paeh isuk paeh. La haula wa la kuwata, tjeuk hatena njambat.
Teuing ka saha. Ngan nu dipeleng ku mengingetna mah, guruna, nu
nurunkeun sagala elmu pentja djeung kawedukan.

,,Hajoh dia madju”. Ragamang Si Djago rek ngarawel beuheung Si Gomar. Ieu
pisan nu diarep-arep[4] ku Si Gomar ge. Antara sasenti deui ngagilek,
leungeun musuh digiwarkeun kaluar. Tapi…. Meh wae manehna kaleungitan
kasaimbangan badanna. Da leungeun Si Djago sakilat: ,,leungit”. Sihoreng eta
gerak tipu. Geuwat manehna menerkeun deui tangtunganana.

,,Heuh, heuh heuh” Si Djago Tjeutjeuleukeuteukan. Seuri nu karasana asa


balati nurih angen Si Gomar. Saumur dumelah, karek ajeuna dipojok djeung
digeuhgeujkeun dina kalang, mangkaning di lembur sorangan deuih.
Renghap deui narik napas. Huntuna kekerot. Napsuna mimiti ngagudag-
gudag. Gorowok manehna nantang. ,,Hajoh dia djago, madju Setan ……….”.

Djep nu njeungseurikeun djempe. Rej beungeut Si Djago beureum. Biwirna


mani ngawet, dadana beuki didjeberkeun. Panonna molotot bangun anu rek
ngalegleg.

,,Disakalikeun dia ku aing ajeuna mah, moal diomberan,” gerentesna. Sebrut


peureup katuhuna nu sagede tjengkir ngahiuk. Djleng Si Gomar luntjat ka
katuhueun musuhna, bari nepak siku Si Djago ku leungeun kentja, bareng
djeung suku katuhuna nedjeh palangkakan. Mun nu sedjen mah dina
tangtung kitu teh geus pasti beunang mamatihna.

Tapi Si Djago nu kakontjara maher pentjana, ngan ukur djero sasekon geus
bisa ngomean tangtungna. Sret narik leungeunna nu milepas, disikukeun bari
ngarengkogkeun awakna. Tulang siku diadu djeung tuur Si Gomar. Ngan
sakilat duanana geus pada menerkeun deui tangtungna. Sadjongdjonan
papelong-pelong[5]. Napasna ngaharegak. Sebrut deui Si Djago
ngaheumbatkeun peureup katuhuna. Tapi harita keneh ditjentok deui bari
ngagilirkeun awakna ka katuhu. Atuh Si Gomar nu rek ngadua kalian mitjeun
panaradjang musuhna kawas tadi teh, ajeuna kapalingan tangtung. Karek ge
djleng ka katuhu geus dipapag manten ku peureup Si Djago nu ditudjukeun
kana beungeutna. Gerak refleks Si Gomar teu kendor, lep manehna ngelok,
brek pasang depok. Peureup kentja Si Djago ngahiuk mani bangbaraan
milepas luhureun sirah musuhna. Kapaksa Si Djago ngalengkah ka hareup
pikeun mere kasaimbangan tangtungna nu lontjer. Tapi karek ge tjlek sukuna
kana taneuh, geprak suku Si Gomar ngagunting. Riek awak Si Djago
njanggejeng. Arek dibeubeutkeun pisan, gewewek ngaranggeum buuk Si
Gomar. Nu laladjo mongkek napas. Gurindjal, djleng Si Gomar luntjat heula.
Geutih ngarej kana tarangna. Serepet bedogna dilugas. Gurilap-
gurilap[6]katodjo panon poe.

Si Djago, da beurat ku awak, teu kaburu nangtung. Kapaksa manehna ulin di


handap, pikeun nahan panaradjang Si Gomar. Seak sora bedog ngahiuk
njabet beuheungna. Gilek Si Djago ngagilek bari ngadepong, djekres sukuna
ngagunting musuhna. Tapi Si Gomar rikat pisan ngadjleng.
Djleng ka kentja, ketjek suku Si Djago dikadek, tapi poos digiwarkeun, bles
bedogna nantjeb kana taneuh. Si Gomar dina sikep nu nguntungkeun, terus
njehtjer musuhna ………………. Djlung-djleng ka kentja ka katuhu bari njabet-
njabetkeun[7] bedogna. Si Djago napasna geus mimiti ngahegak. Manehna
kapaksa ngalawan musuhna ku karikatan sukuna wungkul. Kaajaanana matak
pikahariwangeun.

,,Tah, Ka ………. !” Salah saurang balad Si Djago ngagorowok. Belewer aja nu


ngalajang luhureun sirah Si Djago, manehna ngagilek bari njanggap bedog
musuhna ku siku-siku.

Belentrang wadja pada wadja diadu, bareng djeung ngagoakna Si Gomar.


Pluk bedogna murag tina leungeunna. Sadjongdjongan ngadjengdjen, bru nu
rubuh bari sesegor, Si Gomar palastra-satria tengahing kalang. Aja nu djail ti
luareun kalang!

Si Djago nu masih ngadepong bari ngahegak, olohok nendjo musuhna teu


puguh-puguh[8] rubuh. Djung manehna nangtung lalaunan. Breh katendjo
aja peso nantjeb dina tonggong Si Gomar. Barakatak manehna seuri. Geus
biasa da, samangsa-mangsa manehna kapeped dina tarung, geus tangtu aja
pakarang ,,rasiah” nu digunakeun ku baladna. Bubuhan rea pembela-
pembela[9] njiliwuri djeung mopoek, maledog balati ka musuhna, ti luareun
kalang. Tapi nu sohor mah tetep Si Djago bae.

,,Heuh ……… heuh ……… heuh !” bari njampeurkeun musuhna. Djeprot


disepak, ketjoh ditjiduhan, bari ngahaok : ,,Hajoh dak, randjah imah-
imahna[10].” Si Djago mere komando bari ludjag-ledjeg, siga nu heueuh
unggul ku djalan beresih. ,,Tjalukan djarona ka dieu. Kumpulkeun djalma-
djalma[11] kabeh.”

Teu kungsi saparapat djam, awewe-lalaki geus kumpul naragog hareupeun Si


Djago, bangun miris.

,,Mana djarona dak?” ,,Ieu jeuh Ka,” salasaurang baladna ngagorowok bari
njuntrungkeun djaro (lurah).

,,Saha ngaran dia, hah?”

,,Badi” djawabna bari ngadegdeg.

Sanadjan manehna urut djawara oge, ari njanghareupan Si Djago mah keder.
Hatena ratug tutunggulan.

,,Mimiti poe ieu dia dipotjot ku aing. Bagus keneh dia teu di podaran ge.” Ret
panonna nitenan wanita-wanita[12] nu naragog.

,,Tah nu ieu, nu ieu, tuh nu itu, itu” bari nundjukan awewe nu taregep. ,,Djang
aing eta mah. Ulah aja nu wani!”

Si Djago nu geus nalukkeun djawara-djawara di unggal kabupaten,


katjamatan djeung desa, ngaranna beuki sohor bae. Beuki gede pangaruhna
djeung loba pakajana, beuki matjeuh sarakahna, ngagalaksak ka rajat.
Angen-angen-na[13]mah hajang bisa nalukkeun kabeh djago di sakuliah
Banten, ti Udjung Kulon nepi ka Djampang Kulon. Ngaranna beuki
dipikagimir bae, atuh beuki sombong, adatna mahiwal ti batur. Sagala
kahajangna teu meunang dipungpang, utjapna hajang digugu bae. Lamun
tjarekna : ,,Tjokot awewe itu!” djeun teuing pamadjikan batur, hih kudu wae
digugu. Dibantah saeutik ge make kolu ngadek. Tapi ana geus njaah ka
djelema, babakuna nu bisa ngadjilat, wah taja dunja kinasihan. Bro-broan, ka
awewe mah. Sakalina mahugi oge tara diitung deui, sok imahna, sawahna,
kebonna, lengkep djeung ingon-ingonna[14]. Tapi lamun seug kahajangna
dihalang-halang. Beu, mani kawas nu ngadadak owah. Murang-maring,
djubras-djebris hahaok djeung sesentak babanting bari meupeus keujang,
tapi baladna geus teu helok deui. Lamun gegedugna keur ,,motah” tjara nu
kasurupan teh, osok song we diasongan awewe geulis ngadadak lindeuk, bari
latam-letem tjara embe badot ngadeuleu Si Bikang. Pajus disebut kolot-
kolot[15] kokorobet teh, da umur Si Djago teh geus kawilang kolot. Kitu lah
kira-kira[16] 65 taun. TapiI kalakuanna ka wanita mah tara ieuh eleh ku nu
ngarora, mun teu rek disebut leuwih gembul teh. Madjar teh, ,,meungpeung
aing kawasa, sagala lubak-libuk.” Numatak Si Djago hirupna beuki kolot teh
beuki mangprung. Tunggul dirarud tjatang dirumpak. Djadjauheun kana
babalik pikir teh. Ari pamadjikan salawasna opat. Nu resmina kitu soteh. Ari
ka saha-saha[17] ngakuna mah Islam. Tapi Islamna ngan lebah njandung
wungkul. Deugeulna (kepala batu) alahbatan budak halabhab. Rarasaanana
,,aing pang benerna sorangan”; batur mah kabeh ge salah! Aing kudu digugu!

Dina hidji poe sore-sore[18] Si Djago diriung-riung ku baladna nu raket


pisan. Manehna ngabaheuhaj dina korsi males. Di kamar istimewa paranti
leleson djeung sukan-sukan[19]. Gigireunana dua modjang nu barahenol
tarapak deku bari mareuseulan bitisna. Saurang deui modjang keur njiaran
njabutan huisna, da hajang tetep siga ngora, magar teh.

,,Daak, Daak, ……….! Sora Si Djago ngagerem. Panonna peureum beunta.


,,Kumaha Si Deugeul, djaro Mandalawangi tea geus dipotjot?”Djempling taja
nu ngadjawab.

,,Pan euweuh nu njoara? Hajeh ngomong dararia!”

,,Ehm ….. Ehm …..” Si Patrik anak emasna Si Djago ngadehem.

,,Teu atjan Ka.”

,,Hah…….. ku naon?”

,,Eta…… eh…….. dihalang-halang ku anakna.”

,,Anakna? Djawara kitu?”

,,Sanes. Dja budak keneh, malah bedjana mah sakola keneh.”

,,Bating! Kapan ku budak bae bisa dihalangan. Naon daria geus djaradi
bikang kitu?”

Kuniang Si Djago hudang. Bari molotot, manehna ngagorowok: ,,Mana Si


Gada nu diparentah ku aing ngaganti Si Deugeul?”
,,Tatjan dongkap Ka, di Mandalawangi keneh.”

,,Hajoh teang kaditu. Heran aing mah, boga balad ketjing kitu.”

,,Pan aing nu ngagadjih daria unggal poe. Aing nu maraban daria isuk-sore.
Aing nu mere pipamadjikaneun ka daria. Tjoba hajang njaho, saha nu adil
djeung bageur tjara aing? Moal aja sadunja geh. Aing nu pangdjagona, aing
nu pangbageurna……”

Sabot kitu di luar aja sora ribut-ribut[20]. Djelema tinggorowok, tingdjarerit


mani ajeuh-ajeuhan.

,,Naon tah?” Si Djago tjuringhak. ,,Saha nu wani ribut-ribut[21] di imah aing?


Kurang adjar……..”.

Tjan oge anggeus ngomongna, ana berejek tej djelema-djelema[22] ti luar


arasup. Panto didjedjek parabot diubrak-abrik. Bru-bro barang petjah-belah
kawas dibanting-bantingkeun. Blak panto kamar Si Djago muka, aja nu
nedjeh. Sampojong-sampojong aja djelema asup. Badjuna ruwak-rawek,
beungeutna pinuh ku getih. Bru rubuh hareupeun Si Djago. Blus tilu djadjaka
arasup. Narangtung adjeg, tapi sikepna sajaga. Pasemonna leber wawanen.

,,Tah…… Djago……! Balad andika Si Gada nu rek ngaganti Djaro Deugeul!!”


tjeuk salah saurang djadjaka. Ngomongna ajem teu aja sari-sari kasima, komo
gimir mah. Bangun jakin ka diri pribadi.

,,Haramjadah….” Si Djago ngagorowok. Ambekanana ngahegak panonna


buntjelik. ,,Saha dia hah? Deuk ngadjagoan hareupeun aing! Budak olol leho,
hajoh ngomong, bisi hajang dipekprek hulu dia ku aing. Saha ngaran dia?”

,,Kula” djawab pamingpin djadjaka-djadjaka tea, ,,Ti Mandalawangi. Katelah


mah Pakih.”

,,Pakih? Tjan ngadenge ngaran kitu mah. Anak saha dia hah?”

,,Kula anak Djaro Deugeul nu ku andika deuk dipotjot. Kula sabatur-batur


ngahadja datang ka dieu deuk mere peringetan ka andika………..”

,,Peringetan……..? Aing deuk diingetan ku pantaran kitu? Budak bau


djaringao? Heuh, heuh, heuh, heuh……”

Belewer aja nu ngalajang luhureun sirah Si Djago. Tjleb peso balati nantjeb
kana panto tukangeunana. Manehna ngarendjag tuluj malik. Sabot malik
serepet aja nu ngagaris kana leungeun badjuna. Rikat manehna njingtjet.
Tjleb deui peso balati nu kadua nantjeb dina kosen panto.
,,Bangsat dia, nangtang gelut ka aing?” bari nepakan dadana. Si Djago sosoak:
,,Jeuh aing Djago. Aing nu kawasa, aing nu ngereh sakuliah Banten. Dararia
mah tjatjing tjau! Budak olo-leho, tjan njaho di nu djagoan. Aing nu geus loba
pangalaman, aing nu geus seubeuh mandi geutih, aing…………….”

,,Ngadjedog ulah loba pidato andika!” tjeuk Pakih tetep ajem. ,,Geus bosen
kami mah. Tembongkeun ajeuna kadjagoan andika. Geus datang mangsana
andika ngeureunan sagala kadjahatan, kadoliman djeung kasarakahan. Rajat
laleutik geus teu sabar deui digarong pakajana, dirampas anak-
pamadjikanana ku andika djeung balad andika. Meudjeuhna ajeuna andika
tobat ka Pangeran djeung sumpah hareupeun batur-batur[23] kami, jen moal
deui-deui[24] ngaruksak kaum wanita…….”

,,Heuh, heuh, heuh. Deuk njingsieunan dia ka aing? Heuh, heuh, heuh. Dak,
dak! Deleh ku daria ieu tjatjing-tjatjing[25] tjau, deuk maraksa ka aing kudu
taluk? Heuh, heuh, heuh….”

Borobot djandela aja nu naradjang. Putjunghul sirah barudak narolol.


Belewer-belewer batu sagede-gede kaletji merekpek sirah djeung beungeut Si
Djago. Manehna pakupis nakis, hut-het, djlung-djleng, tapi atuda murubut
datangna, sanadjan maher pentja, teu burung baluntjunur tarang djeung
sirahna.

Ambek njedek tanaga midek. Tungtungna mah ngadjendjen weh.

,,Eureun!” Pakih mere komando ka anak buahna. ,,Hajoh Djago kumaha


karep andika ajeuna? Sanggup sumpah? Sanggup ngeureunan sagala
kadjahatan djeung kadoliman? Atawa hajang digorok andika ku anak buah
kami?”

,,Eh… eh… eh… Nanaonan ieu kasep. Kapan Mamang ti baheula geh tukang
ngurus djelema leutik. Njaah, deudeuh ka pakir-miskin. Teu rumasa Mamang
mah. Demi Allah daek paeh kasarad, tilok ngabinasa ka sasama manusa. Hiih
haram geh hukumna ……”

,,Ari eta andika sok ngarusak kaom wanita. Tjruk-tjrek kawin ka ditu ka dieu,
djaba ngundeur. Pakaja batur dirampas, njawana dipegatkeun.”

,,Masja Allah, pitenah eta mah. Pitenah kasep, ulah sok dipertjaja. Mamang
nu ngarondjatkeun harkat kaom wanita mah. Mamang nu geus korban
melaan rakjat djembel. Sing pertjaja ka Mamang. Ulah kaosol ku batur Sep.
Maranehna mah sirikeun ka urang…” djawabna neger-negerkeun maneh.
Tapi dina hatena mah njeungseurikeun. Lah pilakadar bebenjit kamari ieu.
Njaho ge moal urusan kolot.

Ari eta, pamadjikan andika nu ngarora, kapan pantesna mah djadi intju.
Kabeh meunang papaksa. Lain ngaruksak wanita ari kitu?”

,,Aih, aih kasep. Eta mah amal soleh, Mamang mah sosial ka saha-saha oge.”

Tajohna mah batur-batur[26] Pakih geus teu sabar; djlung-djleng laluntjatan


tina djandela. Rob ngalingkung Si Djago bari tinggorowok djeung mesat
bedog. ,,Gebruskeun bae ka Tjiliman! Tarandjangan, urang arak ka kota. Bui,
bui, asupkeun ka pangbuian….gebugan heula!”
,, Stop dak!” Pakih mere komando.

Djep djempling. Sanadjan ngarora keneh oge, ari kana disiplin mah njaraho.
Nurut ka pamingpin.

Srog Pakih madju bari ngomong : ,,Ieuh, Djago, bisi teu njaho batur-
batur[27] andika kabeh geus ditewakan ku anak buah kami djeung ku rajat.
Digarebugan patingdjaropak. Kari andika ulon-ulonna. Bisi panasaran hajang
ngalawan, pek andika kari meta. Arek silih kadek ku bedog, arek silih tewek
ku peso, kami teu sieun.

Harta banda maneh nu asal meunang ngarampas sarta diaraku ku nu bogana,


ku kami dipulang-pulangkeun ka nu boga milik. Boh nu aja di andika, di
pamadjikan andika, di anak, di baraja, anu tetela meunang teu halal mah,
kabeh dipulangkeun ka nu bogana.

Bisi teu njaho, rajat Tjibaliung ajeuna geus beunta, geus hudang, geus samiuk,
kabeh idjideun, ambekeun ka andika. Lamun ajeuna ku kami dihutjuhkeun,
moal kungsi lima menit andika djadi bangke! Ngarti?”

Lamun andika hajang salamet pandjang umur, ajeuna keneh talak


pamadjikan andika opatanana, sina mulang ka salaki-salakina nu bareto.
Andika pribadi memeh surup mata poe kudu geus indit ninggalkeun Banten.
Hade tetep matuh di Banten, tapi kudu tarima hulu andika misah tina awak.”

,,Gorowok ti luar rame : ,,Peuntjit bae ajeuna! Peuntjiiiit!”

Si Djago anu sok susumbar-gumagah teh, harita mani ,,peot” bawaning ku


sieun. Ngolesed tina korsi males bari njembah atjong-atjongan, menta hirup.

,,Haju urang tinggalkeun” Tjeuk Pakih ,,Kateuteuari ngalajanan nu


burung…..”.

***
Saung Katineung,

Saban poé minggu mah, réngsé solat subuh téh sok langsung morongkol deui. Béda minggu ayeuna
mah, isuk-isuk gé geus leuleumpangan. Méméh balik ka imah, ngahaja nyimpang heula di kebon
jagong ki Oleh. Geuning geus leubeut. Geus pada apal kabéh urang dieu mah, mun hayang jagong di
kebon ieu kudu daék heula tarung panco jeung Ki Oleh, nu bogana. Teu jauh tidinya, maplak
tatangkalan endah diharudum ibun.

Ka belah kulon, teuteup eunteup di saung laeutik sisi sawah Haji Nono. Matak nineung matak waas.
Kleung angkleung ingetan ngahaleuang ka mangsa keur leutik sok ulin bareng Dedi, Kokom jeung Lilis
di saung éta. Gogonjakan, ngoyag-ngoyag tali bebegig. Manuk hariber. Jiga ayeuna, manuk silih udag.
Panon poé geus ngeteyep rék nembongan. Kuring ngarénghap panjang. Teu karasa, Gusti, geus jauh
ngulur umur, geus moal bisa dieureun-eureun atawa mulut nu geus liwat.

Balik ka imah, brus kuring mandi di sumur tukangeun imah. Mun pareng genah gegejeburan, sok poho
batur nu ngantay rék milu ka cai. Geus rényom kadéngéna. Si bibi rék nyeuseuh mah, ki Momo rék
miceun mah, Nyi Mimin rék ngisikan mah, jeung nu séjénna. Atuh réngsé mandi téh kabéh pada
ngékéak. Puguhing ki Momo mah, teu weléh bari nyindir.

“Abong lila bubujangan, mandi gé lila. Iraha kawin, Jang?” pokna bari seuri ngahahah. Geus remen nu
nanya kitu téh, tapi sok tara dilayanan. Bubuhan kakeuheul geus manteng. Mun seug ki Momo lain
kolot, geus titatadi ditalian di tangakal balingbing pipir imah. Katempo manéhna ngaleos, sengit haseup
bakona néjéh liang irung.

Dijero kamar kuring ngarahuh. Panon anteng melong eunteung. Geuning nyaan katempo pisan geus
kuduna mungkas lalagasan. Umur sakieu di lembur mah moal teu pada nganaha-naha can boga
pamajikan téh. Tapi da nepika ayeuna, mumul kawin téh. Lain teu payu, geus aya nu harayangeun
mah. Mumun mah, randa Isah mah, Téh Ninih mah, Kokom mah, Lilis mah, Dedeh mah. Kabéh gé
saropan tur gareulis manis. Nya kitu téa, kuring resep kénéh léléngohan. Lain sieun, lain teu boga
biaya. Puguh wé gawé mah geus kawilang lumayan. Tabungan di bank geus meujeuhna keur rumah
tangga mah. Kumaha deui, haté embung baé méréan. Teu bisa dipaksa-paksa.

Kadieunakeun, geus tara aya deui nu nganaha-naha, iwal ki Momo wé nu bangor kénéh ngaheureuyan
kuring sual kawin mah. Kitu deui nu di imah, geus sieun mun nanyakeun sual kawin téh. Éta gé tisaprak
kuring mudalkeun kaambek kanu di imah lantaran hayoh ditanya iraha kawin. Murang-maring sagala
disépak. Adat kuring gedé ambek. Tisaprak kajadian éta, urang imah teu wani-wani deui nyeungeut
amarah kuring. Sensitip ngomong sual kawin mah.

Awéwé-awéwé nu mimitina ngadeukeutan kuring ge ayeuna mah geus tara datang ka imah deui.
Kabéh geus ngarasa bosen nungguan kuring. Béja mah Mumun can lila kawin jeung Kang Dadang,
urang Majaléngka. Randa Isah teu kuat hayang rumah tangga, antukna kawin jeung mandor pabrik.
Téh Ninih béjana keur deukeut jeung urang Padang. Lilis geus tara deui ulin ka imah, bejana Dedi
mikahayang. Kokom geus pindah ka Palémbang. Dedeh béjana kapincut deui ku lalaki séjén. Kabéh gé
lus-les pada néang jalan séwang-séwang, bakating ku cangkeul nungguan jeung miharep kuring
meureun. Ki Dudus mah ngahanjakalkeun kana lalampahan kuring. Cenah mah awéwé geus dina
lawang panto, kari unggeuk. Nya ayeuna mah kabéh pada bedo kudu lila nungguan kuring unggeuk
daék tumarima rumah tangga. Jadi iraha rék kawin? Teuing atuh!

“Man! Geus siap, Man?!” kadéngé aya nu ngageroan di luar imah, meupeus lamunan kuring. Rikat
kuring maké baju. Inget poé ayeuna Ki Dudus hayang dianteur ka Jatinangor, ngadon rék neangan
cokelat di Jatos. Kateuing keur naon! Keur nini Mimih meureun.

***

Dina angkot kuring amprok jeung Darmaji, babaturan és ém pé. Atuh sono geus lila teu tepung. Nya
sajajalan téh ngawangkong. Manéhna geus boga budak hiji. Cenah kawin jeun urang Rancakalong,
urut babaturan sakelas pisan. Enya, jeung Ida. Kuring inget kénéh ka manéhna.
“Man, kamari pisan panggih jeung Dedi. Jadi ogé nya rék kawin. Jodona mah geuning jeung Kokom
nya…” Ceuk Darmaji. Kuring ngaranjug. Jeung Kokom?

“Béja mah rék ka Lilis?” kuring kerung. Darmaji malik kerung.


“Har, karék apal ilaing? Atawa api-api teu apal?” Darmaji mingkin heran
“Keur naon kuring api-api teu apal. Apanan Dedi gé geus lila tara ulin deui ka imah.” Témbal kuring.
Darmaji katangen gogodeg. Manéhna lila neuteup kuring.
“Lilis teu nyarita?”

“Nyarita nanahaon, Lilis gé ayeuna mah tara ulin deui ka imah. Sugan téh geus kawin jeung Dedi di
Bandung.” Tembal kuring. Jempé sakeudeung.
“Man, Ceuk Dedi mah manéhna téh mikahayang Lilis, tapi Lilis nampik. Nya ayeuna jadina mah jeung
Kokom. Milu hiber rumah tangga di Palembang. Beu, ilaing babaturan ulin keur leutik Dedi malah teu
apal..” Darmaji ngajéntrékeun. Kuring ngahuleng.

“Ilaing nyaho kunanon Lilis nampik Dedi?” Darmaji nanya.


“Naon?”

“Ceuk Dedi mah Lilis miharep rumah tangga jeung ilaing. Lilis sorangan nu balaka ka Dedi, yén
manéhna rék satia nungguan ilaing. Beu ilaing bet téga mihukum Lilis. Malahan ceuk beja kamari-
kamari indungna geuring parna, mikiran budakna can kawin-kawin…”

Leng pikiran asa rinyay ngadéngéna, nyéah kana jero dada. Di Cikuda Dedi turun. Baku poé minggu
mah di jalan téh sok macét. Pangpangna mah di Jatinangor, paciweuh ku nu lalar liwat rék ulin ka pasar
mingguan di Unpad. Panon poé geus karasa panas. Hawa beuki bayeungyang. Pikiran jeung haté
noroweco teu pupuguh. Baruk Lilis nungguan kuring?

Sajeroning macét, supir ngarti. Manéhna nyetel kasét dina tip mobil. Kadéngé haleuang tembang
sunda. Ari ti mimiti naék ki Dudus mah teu ngawangkong saeutik-eutik acan, jiga nu nyeri huntu. Nya
ngadéngé tembang téh jadi aya dédéngéeun dina kaayaan macét mah. Rey karasa aya nu ngeleketey
dina lelembutan. Deng tembang marengan panineungan nu teu karasa kumalayang. Haleuang
tembang karasa kana puhu kalbu…

asih urang…
diapungkeun ka langit
muntang kana mega
ucang-angge duaan…

asih hurang…
dipentangkeun ka langit
manteng dina bulan
ayang-ayangan duaan…

asih urang…
tingkaretip jiga bentang1
…..

Ser haté nu simpé dumadak haneut ngadéngéna. Tembang bieu lir ungkara basa nu ngusapan mapay-
mapay garingna rasa. Tembangna nyaritakeun wanoja nu keur geugeut panineungan ku rasa cinta.
Kumalayang haté sajongjonan. Ngarasa bagja teu pupuguh, ngarasa ngemplong pikir, tapi sakapeung
hariwang teu puguh. Kuring ngarérét ka ki Dudus nu titatadi teu usik-usik. Bet haté sakapeung ngarasa
keueung. Enya, Dedi gé ditampik bubuhan Lilis hayang satia nungguan kuring. Teuing geus sabaraha
taun. Tapi naha Lilis tara ulin ka imah deui? Teu kungsi lila, kadéngé deui tembang anyar tina tip…

…..
hate ngarasa geugeut
hayang geura geura deukeut
rasa liwung gandrung
diri kapidangdung
semu ngalanglayung
hayang geura geura tepung

sawangan kumalayang ngawang-ngawang


nyipta rasa tinu anggang jeung manehna
implengan gumalindeng anteng mayeng
namperkeun rasa katineung kadirina

harepan geus jadi ampihan rasa


moal laas najan anggang jeung manehna2
…..

Bener kitu Lilis masih kénéh kangen ka kuring? Bener kitu manéhna teu pundung kawas nu lian? Bener
ceuk Darmaji, kuring téga nganyeunyeuri manéhna. Sok jadi hanjakal geus kasar ka Lilis. Kuring nu
kungsi kasar ka manéhna. Kuring nu kungsi nyentak manéhna. Babakuna teu ditari teu ditakon unggal
manéhna nganjang ka imah. Geuning Lilis mah tetep satia, tetep miharep. Teu karasa tembang dina
kasét ganti deui…

…..
dina lambaran katrésna
aya ringkang can kasorang
diri kapidangdung
dipapareng kuciptaan
liuh gumulung kahéman
mugia nyorang kabancang

sumerahna ieu diri


tumarima demi cinta
najan diri kudu nandangan tunggara
najan ukur saliwatan
najan ukur sakedapan
abdi pasrah moal robah pamadegan…3
…..

Duh ibarat kitu Lilis nungguan kuring téh. Palangsiang, boa manéhna tara ka imah deui téh sieun ku
kuring, tisaprak kuring ngamuk sual kawin, kabeneran manéhna harita keur aya di imah kuring. Jigana
Lilis nyeri haté. Jigana Lilis éra. Jigana ayeuna gé Lilis tara manggihan indung kuring ka imah téh
lantaran sieun kuring nyangka nu lian-lian. Padahal Lilis mah tibaheula gé baku sok ngadon nganteuran
ka indung kuring mawa sarupaning buah-buahan. Lilis nu éstuning nyaah ka indung kuring nu geus
kolot…

Tapi ayeuna mah Lilis geus jiga nu sieun datang ka imah gé. Nu di imah gé geus tara ngomong-
ngomong sual Lilis. Kabéh sieun ku ambek kuring. Indung sorangan gé geus tara nyabit-nyabit sual
kawin, sual Lilis. Haleuang tembang teu eureun-eureun minuhan pikir kuring, ngusapan haté kuring.

“Kang, tos dugi Cileunyi. Aéh kalahka ngaharuleng” supir nakol kaca panto meupeus lamunan. Kuring
jeung ki Dudus ngarénjag reuwas. Tuluy silih pelong. Geuning sarua jeung kuring, sihoréng
simanahoreng ki Dudus gé titatadi anteng ngalamun, poho rék eureun di Jatinangor mah.
“Eta geura genah ngarasa dipépéndé kawih sunda sajajalan. Sedih jeung bungah karasana
panineungan…” ki Dudus gagaro sirah nu teu ateul.

“Sarua, Ki…”
“Pir! Milu deui muter ka Tanjungsari. Tapi tong dipareman tipna!” ki Dudus ngacung.

***

Sajajalan kasét digeder, béak diputer deui, béak diputer deui. Teu eureun-eureun. Atuh kuring gé
nepika apal. Kuring jeung ki Dudus mupakat balik deui ka Tanjungsari ngabélaan hayang tuluy
ngadangukeun tembang. Meuli cokelat ka Jatos mah teu jadi. Sapanjang balik mah euweuh nu
cacarita. Simpé. Ukur sora mesin mobil. Ukur haleuang tembang. Duh, sajeroning dipépénde tembang,
ingetan manteng ka Lilis. Tibaheula manéhna nungguan kuring.

Teu karasa balikeunna mah gancang, geus tepi deui ka Tanjungsari. Can ge lila turun tina mobil, supir
ngagorowok, “Kang, kaset pajeujeut!”

Ki Dudus ngadadak hayang buru-buru balik. Inget ka si Nini cenah. Antukna kuring leumpang
sorangan. Sajajalan pikiran ngarasa sasab ka awang-awang, asa teu manggih arah. Haté norowéco
ngarasa diturih wanci nu can pasti. Di tengah sawah manuk silih udag. Kuring leumpang luhur
galengan, dumadak ngarasa hariwang ku hirup…

Di imah, kabéh keur kumpul. Kaayaan tengah imah jiga nu geus kaanjogan sémah. Aya bubuahan
dipiringan deukeut panto.

“Aya sémah, Mah?” kuring nanya bari muka jaket. Jempé sakeudeung.

“Enya, aya Lilis. Bieu pisan mulang.” Tembal indung. Kuring neuteup ki Momo, ret ka adi. Si bibi
ngaléos ka dapur. Aéh aya naon asa beda ti sasari. Kuring diuk ngahuleng sajongjonan deukeut
jandéla kamar. Duh, Lilis nganjang deui…Karasa haté nitah cengkat ngudag Lilis nu jigana can mulang
jauh. Kuring ngarawél jakét rék kaluar.

“Rék kamana deui, A?” indung nanya. Kuring neuteup panon indung.
“Rék manggihan Lilis…” Pok téh halon.

“Mun sakirana rék nganyeunyeuri manéhna jiga baheula, leuwih alus tong manggihan.” Ceuk indung
kuring semu beurat. Katémbong panon indung ngembeng ku cipanon. Haté kuring ngdadak héab.
Simpé sajongjonan. Sakur jelema nu aya didinya neuteup seukeut ka kuring. Rénghap kuring karasa
heureut. Gancang kuring kaluar, gidig leumpang gagancangan…

Sajajalan dada karasa beurat. Hawar kadéngé deui tembang nu tadi dina mobil, piligenti nyiwitan ati…
lamun enya jodona
lamun enya kuduna
moal rék aya nu bisa misahkeunnana…

lamun enya cintana


lamun enya hayangna
ulah rek aya nu nyoba misahkeunnana…4

Katémbong tikajauhan Lilis rék balik meuntas sasak. Leumpang kuring digancangan. Mingkin deukuet,
dada karasa mingkin heureut. Tilu lengkah ka Lilis kuring ngarandeg.
“Lilis…”

Lilis ngalieuk, semu reuwas amprok jeung kuring. Sakeudeung silih teuteup anteub. Lilis ngeluk
tungkul, jiga nu teu wasa paadu teuteup jeung kuring. Kuring ngadeukeutan manéhna. Gap teu asa-asa
nyekel leungeun Lilis. Kuring teu nyaho naon nu ngalamuk dina haté Lilis ayeuna. Kuring nungtun
manéhna mapay galengan muru saung. Sajajalan nu kadangu ukur sora manuk. Gék kuring duaan
dariuk di saung jiga baheula keur leutik. Nya di saung eta pisan, Lilis babarengan deui jeung kuring. Lila
paheneng-heneng. Duaan pabetem-betem. Kuring ujug-ujug bingung rék ngomong naon. Lilis tanggah
lalaunan, neuteup ka kuring sakedapan. Duh, Lis, geus lila teu tepung. Angin karasa humaliwir. Kuring
jeung Lilis silih teuteup. Teu karasa haté ngangkat leungeun sorangan ngaranggeum leungeun Lilis.

“Lis, hapunten Akang, “ pok téh,” Tong jadi pundung. Haté mah teu bisa dibobodo gening. Kuring teh
gening teu bisa hirup sorangan…” ceuk kuring halon. Lilis neuteup panon kuring. Duh, bulu panonna
mingkin carentik baé. Lilis nu manis, kuat nandangan tunggara satia nungguan haté kuring léah
tumarima. Kuring ujug-ujug ngarasa deudeuh jeung geugeut ka Lilis. Katémbong aya nu ngeyembeng
lebah kongkolak panonna.

“Lilis bakal satia salawasna…” pokna. Teu kungsi lila manéhna ceurik. Cipanonna nyakclak kana
leungeun kuring. Haneut. Teu karasa Lilis nyangsaya kana dada. Cipanonna beueus karasa dina dada
kuring.

“Horeeee!!!” kadéngé aya sora nu kareprok tukangeun saung. Kuring jeung Lilis ngarénjag bareng.
Reuwas naker. Katémbong ki Momo jeung ki Dudus saparakanca tingtorojol muru saung. Nyi Mimin,
adi, si bibi jeung indung kuring nuturkeun ti tukang, sareuri jiga nu bungah. Ki Oleh ajarg-ajragan atoh.
Kuring jeung Lilis silih pelong, tuluy Lilis imut ngagelenyu.

“Man, ilaing jadi rék kawin jeung Lilis téh?” ki Momo nanya saklek jiga nanya ka maling. Kuring neuteup
Lilis sakeudeung. Lilis imut surti. Kuring unggeuk. Sakur nu aya didinya kabéh keprok deui. Ki Oleh
ajrag-ajragan. Indung kuring ngagabruk Lilis jeung kuring bari ngagukguk ceurik, bakating ku bungah.
Indung kuring nangtung bari nyusutan cipanon. Teu eureun-eureun syukur ka Gusti. Duh, gening salila
ieu téh kuring lain nganyeuneyuri Lilis hungkul, tapi nganyeunyeuri indung, ngariripuh diri sorangan…

Kuring jeung Lilis silih teuteup geugeut. Barang rék nangkeup pisan Lilis, ki Oleh nyekelan taktak
kuring.
“Eit, ke heula! Méméh nangkeup Lilis, ilaing kudu panco heula jeung kuring!” ceuk ki Oleh.
“Emang Lilis jagong!” ceuk ki Momo némpas.

“Ilaing mah Oleh baku sok maén sengsor waé!” ceuk ki Dudus nyereng. Kabéh nu aya didinya seuri
akey-akeyan ngadéngé aki-aki silih haok. Lilis tungkul bari imut manis. Saung jadi saksina. Duh, Lis,
kakara nyadar Akang mah, raray anjeun mun pareng kaisinan estuning katingalna mani geulis…
BATU
Rendy B. Junior

Balé Désa Sukaramé, angin ngahiliwir, motor lalar-lilir lalaunan dina jalanna
nu can diaspal, tina taneuh jeung batu kénéh. Di balé, keur diayakeun
musyawarah antara kapala désa jeung warga. Ngamusyawarahkeun duit anu
disumbangkeun ku pamaréntah ka Désa Sukaramé.
“Assalamu’alaikum wr.wb. Ayeuna urang saréréa ngariung didieu pikeun
mutuskeun badé dikumahakeun sumbangan 100 juta ti pamaréntah. Saur Pa
Camat, saéna mah ieu sumbangan téh dianggé pikeun ngabangun ieu désa.
Masalahna, naon nu rék dibangun kuurang? Aya nu badé ngaluarkeun
pamadegan?”, Pa Kadés muka musayawarah.
Pa Dudin sumanget langsung ngacung.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang ngabangun mesjid deui?”
“Maenya mesjid deui, apan karak kamari ngabangun mesjid téh?”, ceuk Pa
Tono rada sinis.
“Muhun Pa Dudi, leres saur Pa Tono. Saéna mah ieu sumbangan urang anggé
kanggo keperluan anu penting pisan”, saur Pa Kadés.
“Pa Kadés, kumaha lamun urang lereskeun pasar wé atuh, renovasi...”, saur
Hj. Enok, juragan jengkol Pasar Sukaramé.
“Ah, éta mah ngeunah teuing didinya, nu boga jongko. Pa Kadés, kumaha
lamun urang ratakeun jalan désa, tos teu aya bentukan jalan teh, ngagarinjul
batu wungkul, matak paur ka nu nyandak motor. Jeung deuih batu-batu na
paur ngabetrik ka nu lalar-lilir di jalan. Mun tiasa mah di cor”, ceuk Mang
Ujang.
“Saé tah Kang Ujang, kumaha nu sanés? Satuju teu?”
“Satuju...”, ceuk warga nu séjén babarengan.
Singget carita, dina éta musyawarah kénéh, dibentuk hiji tim proyék pikeun
ngaratakeun jalan désa. Anggota éta tim nyaéta Mang Asép, Mang Dudi,
jeung Mang Suha. Tiluan éta téh katelah tukang bangunan nu pangjagona di
Désa Sukaramé.
Isukna, éta tim ngayakeun survei lapangan, pikeun ngadata naon waé nu
diperlukeun jang éta proyék.
“Sok, ayeuna mah urang ukur heula jalanna, supados gampil ngitung
bahanna”, ceuk Mang Asép.
Der éta jalan diukur maké méteran nu sok aya di tukang jait.
Saméter... Dua méter... Tilu méter...
.......
Salapan puluh lima meter... Salapan puluh genep meter...
“Wah, Mang Suha, Mang Asép, gawat ieu mah. Aya batu!”, Mang Dudi
manggihan batu nu gedé na kacida
“Kudu diangkat ieu mah, pan rek diratakeun heula saacan dicor”, ceuk Mang
Suha.
“Kumaha ngangkatna coba, gedé kieu. Kudu diancurkeun heula ieu mah”,
témbal Mang Asép.
“Maké naon ngancurkeuna? Gedé kieu batuna, tuh panjangna gé meni
sameter satengah”, Mang Suha bingung.
“Maenya kudu ku bor??? Tukang sumur bor di lembur urang téa, mahalna
kacida”, ceuk Mang Dudi.
“Ah moal neurak ku bor mah, bangun kandel batuna gé, kumaha atuh?”
“Nya kumaha deui atuh, kudu nyéwa buldoser???”
“Ayeuna mah urang ka Pa Kadés wé, bisi salah”
Tepi di balé désa, Mang Suha langsung nyaritakeun masalah éta batu.
“Urang nyéwa buldoser wé lah ari kitu mah, ari tos ancur mah pan gampang
diangkat na gé”, ceuk Pa Kadés.
Der buldoser disewa, aya kana 10 juta kaanggo. Isukna buldoser nu disewa
datang.
“Mana batuna?”, ceuk tukang buldoserna.
“Ieu tah”, témbal Mang Asép bari nénjrag éta batu, nincakna ditanagaan.
Kreeekkreekrekk...
KREETEK...
Can dibuldoser, can dikumaha batu téh. Sanggeus ditincak ku Mang Asép éta
batu langsung potong, raretak.
“Hor, naha ancur tiheula batu téh???”, Mang Asép bingung.
Tuluy ditempo, ditilikan éta batu téh ku tiluan.
“Ah! Paingan, badag wungkul batu téh!!! Kandelna mah ngan sasenti!!!
Ditincak gé potong sakieu kandelna mah!”
“Boro mah geus nyéwa buldoser!!! Lapur aing mah...”, Mang Dudi keuheul.
” Kumaha laporna ka Pa Kadés???”, tiluan baringung.
“Mantakna, mun ningali masalah téh tong sok langsung ngarasa hésé, cobaan
wé heula, bisi wé bisa urang pecahkeun masalahna...”, ceuk tukang buldoser
tenang, da geus dibayar...
***
Di Rumah Sakit
Karya: Yan Kusdianto

Budak Kang Jaja sirikna teu unggal usik ngan ngayer waé. Tadina mah disangka meujeuhna
indah. Ngan sabot diperhatikeun lila-lila mah, budak téh asa parias. Nu sasarina dihuapan ku
indungna rewog ogé ayeuna mah bet cuman-cémén waé. Malah tadi isuk mah mugen pisan,
ngan asup dua huap bubur ogé. Geus kitu mah atuh Kang Jaja jeung Ceu Ihat téh kaweur.
Dicekokan ku ubar warung téh, weléh teu metu, anggur beuki parna katémbongna. Muntabér
jigana budak téh, da sok dibarung jeung utah-utahan sagala.

“Karumahsakitkeun wé atuh!” cék Ceu Ihat bari ngaganti calana budak nu geus kapaciritan.

“Enya nya!... sugan si Adun bagéan jaga.” Kang Jaja ngahaminan usul pamajikanana. “Tapi,
moal peuting teuing kitu?” cék kang Jaja bari ningali kana jam dingding nu geus nuduhkeun
jam sabelas peuting.

Ari Adun téh amangna budak, adi pituin Kang Jaja nu digawé di rumah sakit, jadi bruder
bagéan operasi. Kungsi ditugaskeun jadi mantri di Pasir Kuda, lembur nyingkur jauh mela-
melu. Geus nincak taun ka-tilu jadi mantri, nuluykeun deui sakolana, nyuprih pangarti
anatomi. Meunang dua taun, tuluy diangkat jadi asistén dokter.

Geus wéh, budak téh buru-buru dibawa ka rumah sakit. Biaya pengobatan mah kumaha
engké baé. Da sasarina ogé – basa Ceu Ihat ngajuru – biaya ngubaran téh waragadna tina
asuransi pausahaan Kang Jaja. Jeungna deuih, éstuning kajurung ku kanyaah wé indung
bapana mah, sasat budak hiji-hijina.

Peuting teuing sabenerna mah rék ka rumah sakit téh. Jam sabelas peuting indit ti imah.
Angkot geus mulang ka garasi, paling ogé kana ojég ngajugjug ka rumah sakit téh. Najan
ongkosna dua tikeleun, dipaksakeun ogé antukna mah, diduaojégkeun. Kitu sotéh bubuhan
nyaah ka budak. Kapan biasana ogé dina carita mah, arang pisan kacaturkeun budak nu
bébélaan ka kolot. Aya ogé istilah ‘kanyaah kolot’, jarang aya istilah ‘kanyaah budak’.

Budak diaais ku bapana. Indungna numpak motor nu hijina deui. “Karunya budak téh, keur
mah geuring, turug-turug kudu kaanginan sajajalan.” Kang Jaja ngarahuh, jakétna
dirungkupkeun kana sirah budak.

Anjog ka rumah sakit geus tengah peuting. Tapi éstuning haneuteun waé. Haneuteun ku nu
gering, ku nu ngalampar di koridor, ku perawat nu pasuliwer, haneuteun ku nu kaweur. Teu
mikir lila deui, Kang Jaja tuluy muru ka rohang piket. Di lokét pendaptaran kasampak dua
urang nu jaga nukangan,. Digeroan weléh teu ngalieuk, haré-haré baé. Duanana keur anteng
ngorék komputer, nu hiji maén bonceu, nu hijina deui maén solitér. Ubar kesel digawé jigana
mah. Geuning nu gering di rumah sakit téh lain pasén hungkul. Nu jaga ogé butuh ubar; ubar
jangar, ubar kesel; bonceu jeung solitér.

Ku rada digorowokeun mah nu jaga téh teu burung ngalieuk, tuluy ngalayanan bari semu
nundutan. Budak nu gering téh diperenahkeun di ruang anggur, kelas dua kamar nomer lima;
kamar husus pasén barudak.

Ngadago teu sawatara lila teu burung datang ogé nu mariksa. Ngaluarkeun stetoskop, tuluy
diantelkeun kana harigu budak.

“Muntabér.” cék nu mariksa kalem pisan, teu cara Kang Jaja jeung Nyi Ihat nu kaweur naker.

Ana kitu mah bener taksiran Kang Jaja, budak téh muntabér, muntah jeung bérak. Geus
disuntik mah budak nu tadina rungak-rengik téh téh rerep meueusan, tuluy reup.

Di rohangan anggur téh aya opat blangkar, kabéh gé ngeusi. Nu ngeusina budak satepak
hungkul, pada ngalempréh. Sapasén téh sok didagoan paling loba ku duaan, cék palaturan
mah. Ngan nya éta atuh, Indonésia, palaturan-palaturan, nu ngarempak mani kompak. Cacak
ngajeblag dina témbok ogé, éh da..haré-haré baé atuh. Sakapeung tiluan, opatan, nepika
sabondoroyot diabringkeun keur nunggu pasén téh cék nu bohong téa mah.

“Nembé téh dipasihan oralit, énjing urang cék deui, ayeuna mah sina istirahat wé!” carékna
bari kutrat-kotrét, tukuy gura-giru indit deui.

“Ambu mah mulang ti heula wé! Isuk ka dieu deui!” cék Kang Jaja pinuh kadeudeuh.
“Enya, atuh.” cék nyi Ihat bari ngaluarkeun dot, biskuit jeung salin budak sapuratina, keur
taki-taki.

Kari kang Jaja nu nungguan budakna. Haténa éstu tagiwur, sasat budak samata wayang,
diparengkeun ririwit waé. Tara parna kituna mah, sapoé dua poé ogé cénghar deui, karék
ayeuna katerap panyakit nu rada pikahariwangeun téh.

“Katerap panyawat naon tuang putra téh Pa?” Ibu-ibu nu di gigireun nanya.

“Saurna mah muntabér.”

“Nuju musim jigana mah, nya? Ieu ogé, pun anak, tos aya saminggonna diopnameu téh.

“Deuh....geuning hawatos.” cék kang Jaja daria.

“Alhamdulillah ieu ogé....kadada kaduga kénéh, tiasa dah bawang dah kapas kénéh, turug-
turug ti rumah sakit téh kénging potongan harga deuih. Pédah langganan kitu?”

“Komo murangkalih abdi mah Pa.” Ibu-ibu nu nunggu béh peuntas ngilu ngaréwong.
“Murangkalih abdi mah, meus-meus tipes, meus-meus tipes. Bapa mah sapertosna ngaggo
askés, nya? Atuh raos, abdi mah teu kénging diskon-diskon acan.”

“Murangkalih abdi mah sumawonna tos teu metu ku obat generik, kedah ku nu patén waé.”
Nu nunggu gigireun jol nimpah, teu éléh géléng.

Beuki peuting nu ngecewis anggur beuki récok, nu nunggu di gigireun jeung nu dipeuntas
Kang Jaja aduregeng ngomongkeun budakna séwang-séwangan. Beuki dieu beuki raéng,
sagala rupa diomongkeun. Budak nu tadina tibra téh jadi gulinggasahan, rungak-rengik, tuluy
nyaring. Teu lila hing wéh léwéh. Kang Jaja nyambat budakna bari semu handeudeul. Teu
lila kituna mah, da budak téh tuluy reup deui, balas méncrét waé jigana mah, da bangun nu
leuleus naker katempona.

Budakna geus saré deui. Lalaunan digolérkeun dina blangkar. Kang Jaja tuluy kaluar ti
rohangan, maksud téh rék néang Si Adun, adina téa. Rék ménta dipindahkeun. Geus
ditéangan kaditu kadieu, teu burung kapanggih ogé Si Adun téh. Kabeneran Adun karék
kaluar ti rohang operasi.

“Dun!” Kang Jaja ngageroan.

“Eh, geuning kang Jaja. Aya naon ieu téh.” Adun bangun semu nu reuwas.

“Si Uji ieu téh, gering!”

“Gering naon kitu?”

”Muntabér.”

“Dimana dirawatna?”

“Di ruang anggur. Puguh kieu ieu téh Dun .... budak téh pindahkeun waé ka Kelas hiji mun
bisa mah, VIP kosong kénéh teu? Tatadi akang téh néangan manéh. Tulungan atuh lah!”

“Oh, kitu? Antosan atuh sakedap nya!” teu maké lila, si Adun tuluy gura-giru nguruskeun.
Meunang sapuluh menit, jol deui.

“Kumaha?” Kang Jaja mangmang.

“Bisa, ruang Flamboyan kamar nomer dua.” Bari némbongkeun formullir


tandatangankeuneun.

”VIP?”

“Enya.” Duanana tuluy leumpang muru rohangan anggur, niat rék mindahkeun budak.

“Lain nanaon Dun, di ruang anggur mah gararandéng, rarécok, budak téh teu bisa saré waé.
Atuh rék iraha cageurna. Jeung éta deuih, nu diomongkeuna téh teu pararuguh.”

Kacaturkeun budak téh geus dipindahkeun ka rohangan flamboyan. Tumaninah ayeuna mah,
jauh mula-melu jeung rohangan anggur. Di dieu mah fasilitasna ogé kumplit; kulkas, TV,
Kamar cai balersih, Full AC deuih. Susterna ogé standby waé, unggal aya pangabutuh, kari
mencét bél, teu burung suster ‘cengkir gading’ téh nyampeurkeun bari imut, manis pisan.

Keuna ku paribasa, kadar teu bisa disinglar, takdir mo bisa dipungkir. Budak téh teu
dikersakeun cageur cacakan rohanganana dipindahkeun ogé. Cageur henteu, parna teuing
henteu, kitu wé, ngalanglayung. Nu jagana genténan, beurang ku Ceu Ihat, peuting ku Kang
Jaja. Geus aya samingguna kaya kieu téh.

Dulur-dulur pada ngalongokan, aya nu bari babawaan, nu mawa jeruk, apel, susu. Béakna
mah da ku nu jaga wé, bubuhan nu muntabér mah kapan pantrangan dahar buah nginum
susu téh, der kalah beuki muncrut.

Poé ayeuna mah nu ngalongok téh Ceu Isoh jeung budakna. Budakna téh lalaki, umurna
sapantaran jeung nu ngalempréh.

“Kumaha Kang Jaja? Budak téh sakinten?”

“Nya...kieu geuning. Tapi sukur boga adi nu digawé di dieu, nepi ka bisa diperenahkeun di
dieu.”

“Sadintenna séép sabaraha kitu?”

“Nya....kirang langkung mah duaratus lima puluh.” Rébu maksudna mah. Ceu isoh bati
gogodeg.

“Paingan atuh raoseun.” Panonna luak-lieuk teu daék cicing ka sakuriling. “Tuh! TV aya,
kulkas aya, aya AC-an deuih, énakeun nya Jang?” cék nyi isoh ka budakna.

“Ema...ema....! Ujang gé hayang gering Ma, hayang ka rumah sakit.” Cék budak bari
ngajéjéwang daster indungna.
BASA MAMAH REK NGAJUAL IMAH

Ku : MAMAT SASMITA

Bubar ti sakola teh sok jadi hareneg, asa horoream mulang ka imah. Beda jeung
babaturan siga nu jigrah. Geura we Revi, babaturan sakelas, teu sirikna lumpat balik
ka imah teh, dina angkot ge asal kabawa we kajeun kabagean diuk ukur nember.
Cenah mah di imahna teh boga cocooan, dua anak ucing keur kumincir. Di imah
kuring mah geus dua bulan ilang dangiang, diburuan ge asa teu hegar henteu ari
barala mah da aya ari nu sasapu bae mah. Kekembangan dina pot siga nu alum.
Dua minggu kaliwat Mamah masang plang hareupeun imah tina sesemplekan
triplek, aya tulisan unina : Rumah ini akan dijual TP hub 08xxx. Kuring kacida
ngagebegna basa maca eta tulisan, geuning imah teh rek dijual. Kakara sababaraha
poe sanggeus plang dipasang Mamah betus ngabejaan pangna eta imah rek dijual,
pajarkeun rek pindah. Betusna ukur kitu. Keur kuring mah asa teu kaharti naha bet
kudu pindah jeung naha imah kudu dijual sagala?

Teu wani tatanya boh ka Mamah boh ka Apa, sieun kabarerang. Pedah eta sok
kaciri siga nu keur pahereng-hereng, malah ampir dua bulan siga nu tara pati
patanya, lamun teu penting-penting teuing mah. Tara ari ningali pasea mah, malah
nepi ka umur kuring sapuluh taun asa can ningali Apa jeung Mamah patorong-torong
komo pasea mah. Duka pedah era ku budak pantar kuring, duka kitu we meureun
etikana. Kungsi eta ge Mamah jeung Apa siga nu keur parea-rea omong, tapi barang
jol kuring mah jep we jempling. Apa harita tuluy kaluar, ka buruan ngadon sasapu,
ari Mamah mah tuluy kadapur kadenge kaprak keprek ngumbahan piring. Kituna teh
basa poe Minggu, da ari sapopoe mah boh Mamah boh Apa sok ka kantor. Kuring di
imah ukur jeung Bi Saroh, istri tengah tuwuh nu kumawula di kolot kuring.
Kungsi aya Ua Uyuh ti Cimahi ngobrol uplek jeung Mamah, tuluy kuring ngilu
masamoan, Ua Uyuh teh rada beda sikepna, ngusapan sirah bari rada ngeukeupan.
Saur Mamah harita “ Jung ameng kaditu, ieu mah nuju ngobrol dewasa…”. Kuring
ngoloyor kaluar nepungan barudak deui nu keur arulin di buruan. Tapi kadenge
keneh cariosan Ua ka Mamah “ Tong luluasan kitu…karunya ka budak..dipikir we
heula eta mah..” Kuring teu ngarti naon maksudna. Kitu deui basa kuring dibawa ka
Aki ku Apa, kecap tong luluasan karunya ka budak teh kadenge deui, eta mah ti Aki
jeung ti Nini. Enya da dihenteu-henteu ge kuring teh geus umur sapuluh taun, sakola
ge geus kelas lima. Aya hal hal anu pikahartieun ari ngadenge obrolan kolot tapi aya
oge nu matak baluweng, teu kaharti. Lamun tea mah sagala tindakan kolot teh aya
pakaitna jeung kuring nu jadi budakna, atuh matak naon mun brukbrak we
ngabejaan. Kuring teh budak nunggal nu aya, kungsi rek boga adi lalaki ngan waktu
Mamah ngandeg sababaraha bulan tuluy kaluron. Nyaho lalaki teh pedah di USG ku
dokter. Mamah harita nangis eueuriheun, bari dibeyeng ka rumah sakit. Asana mah
waktu umur kuring keur lima taun waktu keur di TK kelas enol besar.

Aya tulisan hareupeun imah yen imah rek dijual teh karasa ngaganggu, loba
tatangga nu tatanya, loba tamu nu teu wawuh. Atuh kitu deui babaturan ge loba nu
nanya, komo Heri mah, babaturan lalaki nu imahna kahalangan opat imah, remen
pisan tatanya. Malah mun ulin ka imah teh sok hayoh we nangtung hareupeun
tulisan, kungsi ngomong “sugan we unggal poe ge ieu tulisan teh aya keneh”, kuring
malik nanya naon maksudna. Ari pokna enya lamun ieu tulisan aya keneh didieu
hartina imah teh can payu, hartina Rere can pindah. Rere teh nenehna ngaran
kuring ari lengkepna mah Rainy Ramadhani, ceuk apa, dibere ngaran kitu teh pedah
basa kuring diborojolkeun keur bulan puasa bari keur ngaririncik hujan, tuluy di imah
sok disebut Rere eta teh singgetan tina er-er dibaca tibalik. Kungsi tulisan imah rek
dijual teh ku apa dilaan, tapi ku mamah dipasangkeun deui, dipakukeunana ge
ditakol ku batu ti sisi jalan, da palu diteangan teh teu kapanggih, duka mun
disumputkeun ku apa mah. Mun Mamah balik ti kantor sok mawa kotak kardus urut
nu gede, tara loba mawana teh paling dua atawa tilu, keur engke ngepak
barang cek mamah teh. Nepa ka di dapur numpuk, disusun rapih, ditalian ku plastik.
Diwawaas mun kudu pindah imah teh karasa haroreamna, boa boa sakola ge kudu
pindah. Nu matak nyeblak kana hate mah beurat ninggalkeun ade Ira, anak tatangga
umurna kakara dua taun, apet pisan ka kuring. Mun kuring balik ti sakola sok
keukeureuweut kana tas, neangan buku bari tutunjuk menta dipangmacakeun
dongeng. Imahna pagigir-gigir pisan, malum imah kopel. Jadi lamun kuring balik
sakola teh ade Ira sok geus megat, atawa miheulaan ulin di imah kuring dibarengan
ku mamahna. Lucu ade Ira teh, ngomongna balelol keneh, ngan siga capetang, loba
tatanya. Nyebut ka kuring Tet Lele, maksudna mah Teh Rere, lantaran cadel
kadengena Tet Lele. Mun kuring keur nganggeuskeun PR sok miluan tapi tara
ngaganggu, malah siga nu kerung milu mikiran. Mun kaciri kuring geus anggeus
ngagawekeun PR, ade Ira sok tuluy emprak, siga nu atoheun lantaran sok terus
dipangmacakeun dongeng. Kacipta mun kuring pindah, kuring kudu papisah jeung
ade Ira. Meureun kuring bakal leungiteun ku anu ngajemput di lawang panto,
meureun ade Ira bakal nananyakeun. Basa pere sakola ge kuring ka imah nini di
Cicalengka, mamahna ade Ira kudu hayoh nelepon ka kuring, malah menta
dipangdongengkeun dina telepon. Ari dongengna mah pira ge sakadang peucang
jeung sakadang kuya, paling ge ukur tilu dongeng nu kuring apal, jeung nu aya dina
buku ge eta keneh eta keneh. Duka teuing kunaon atuh ade Ira resep resep teuing
dipangdongengkeun ku kuring, padahal mamahna ge osok ngadongeng. Ngeusian
imah teh geus aya kana dalapan taun mah, kitu teh saur mamah, mimiti ngeusian
imah teh waktu kuring kakara umur dua taun, nya meureun saumur jeung ade Ira
ayeuna. Gues loba kajadian nu kuring inget keneh, asana waktu kuring kelas hiji,
usum ngijih, ka imah teh aya bangkong leutik, bancet tea. Anclog-aclogan,
ngadeukeutan kuring nu keur anteng lalajo televisi, barang katingali kuring
ngajerewet tarik, bari ngejat, jedak teh sirah ngadagor korsi, atuh puguh kuring beuki
ngajerit. Mamah sareng Apa ngajol, reuwaseun, disangkana aya naon. Kuring
tutunjuk kana bancet, jeung ngusapan tarang nu buncunur balas tidagor. Apa ngoer
bancet ku sapu nyere, ari Mamah mah ningalian tarang, terus ngusapan. Kuring
ceurik teh rada lila, eta tuda nyeri tarang, ku Mamah dibalur ku beas cikur meunang
ngarendos. Kuring sare dina pangkonan Mamah.

Aya kajadian lucu, harita subuh, kuring ge sare keneh, ti kamar mandi Mamah
ngajerit, Apa nu nuju netepan subuh ge reuwaseun, nepi ka solat ge ebat. Kuring ge
hudang da kagandengan ku Mamah nu ngagedoran panto kamar mandi. Sugan teh
aya naon, sihoreng aya cacing di kamar mandi. Mamah mah barang panto dibuka
teh tuluy ngabret kaluar bari bubulucunan pinuh ku sabun. Mun inget kadinya sok
seuri sorangan, mamah ge sok gumujeng, komo Apa mah sok tuluy ngaledek ka
Mamah bari ngehkey. Saur Mamah pangna sieun ku cacing teh pedah keur leutik
Mamah kungsi cacingeun.

Nu dipikabeurat sejenna, eta ari poe Minggu pasosore, kuring sok ngaji di masjid, ari
indit atawa balik sok bareng jeung Heri, dibonceng kana sepedah. Nepi ka
babaturan mah ngajangjaruhkeun majarkeun kuring jeung Heri teh bobogohan,
pasangan ideal cenah. Dijangjaruhkeun kitu teh kuring sok ambek, jejebris, tapi ari
indit atawa ari balik teu bareng jeung Heri teh asa aya nu leungit, antukna keukeuh
we sok silih tungguan. Heri teh sakolana kelas hiji di SMP, tadina di SD nu sarua
jeung kuring, sok bareng kana mobil jemputan nu sarua deuih. Ari keur kuring mah
aya untungna sosobatan jeung Heri teh, mindeng loba nanyakeun pelajaran. Nu
karasa Heri teh tulaten pisan mun mere nyaho pelajaran. Da manehna mah kaitung
murid nu nyongcolang, keur di SD ge sok jadi juara bae. Ceuk Mamah ge alus boga
babaturan siga Heri mah, pinter jeung bageur. Buukna galing, jangkung ngan rada
hideung pakulitanana. Kungsi dina maen drama basa acara Agustusan kuring
dipasangkeun jeung Heri, atuh babaturan mani ear jeung suat suit sagala. Dramana
niru-niru lenong bocah, caritana kuring jeung Heri jadi pasangan suami istri.

Loba kajadian nu kasaksian di imah ieu, nu jadi kenangan manis, keur kuring mah
moal kapopohokeun. Kabayang keneh ngaclogna bancet, Apa ngoerkeun ku sapu
sanyere, tempatna kuring tidagor. Tuh dina tangga eta kuring sok ngalangeu, diuk
dina titincakanana, tangga ka luhur ka tempat pamoean. Ari Heri sok diuk dina
jojodog bari mukaan buku. Geus baku Heri mah mun ka imah teh sok mukaan buku
ensiklopedi Indonesia atawa buku seri ilmu pengetahuan sejen. Apa nu sok meulian
buku tehm majarkeun bacaeun kuring mun geus gede.

Tah palebah dieu kuring sok dadagangan mangsa kuring keur sakola TK, kungsi
Mamah ngagambreng nyeukseukan pedah kuring corat coret ku spidol dina tembok
deukeut kamar mandi. Ari ayeuna naha imah rek dijual sagala, jeung kudu pindah
deuih. Kungsi eta ge nanya ka Bi Saroh, sugan aya beja naon alesanana pang kudu
pindah, Bi Saroh kekepehan teu apal, kalah malik nitah nanya ka Mamah atawa ka
Apa. Eta ge da kungsi nanya ka Mamah ari jawaban Mamah teh engke ge mun Rere
tos ageung pasti ngartos, ari nanya ka Apa jawabanana teh taroskeun we ka
Mamah. Jawabannana asa teu pararuguh, ari maksa ka Mamah teu biasa deuih.
Kahayang teh bejaan we alesanana nu asup akal keur pantar kuring nu kakara umur
sapuluh taun, sabelas jalan. Sabenerna mah teu hayang sakabeh pasoalan kolot
kuring nyaho, kalieur-lieur, tapi pan ari soal pindah imah sakuduna kuring nyaho
alesanana. Nu pangdipikasieun teh lamun kudu pindah sakola, mangkaning tereh
ulangan naek ka kelas genep. Kacipta pungak pinguk di sakola anyar, euweuh
kawawuhan hiji hiji acan, kumaha mun aya tanyakeuneun, mangkaning jauh jeung
Heri. Ari nanya ka Apa sok teu jelas nerangkeunana, da nganggap kuring teh siga
mahasiswa nu geus sagala nyaho. Mun nanya ka Mamah kalahka cerewedna,
antukna kuring sok keuheul sorangan.

Tadi isuk-isuk, Mamah katingali tos kuramas, ngagaringkeun rambut ku anduk bari
ngadagoan kuring mandi. Ari rek indit pisan ka kantor Mamah ngarawel plang tulisan
imah rek dijual, tuluy diasupkeun kana wadah runtah. Kuring ngahuleng
sakeudeung, tuluy ngagabrug Mamah, kuring ceurik bakat ku atoh, teu tulus pindah.
Indit ka sakola teh karasa hegar, sugema, euweuh kahareneg, hayang buru-buru
panggih jeung Heri, hayang ngagorowok teu tulus pindah. Apa mah ningali kuring
ceurik teh tuluy ngusapan, henteu ari cumarita mah. Teu, teu hayang tatanya
kunaon eta plang dipiceun kana wadah runtah. Nu puguh mah atoh we nu aya.

You might also like