Lingkungan hirup nyaeta tempat dimana urang salarea ngajalankeun aktivitasna,
lingkungan hirup anu nyaman anu tengrem anu beresih Jeung anu rapih nyaeta lingkungan anu Hade pisan, Komo bari loba keneh tatangkalanmah genah tiis loba keneh oksigen. Tapi ku jaman Kiwari nu geus leuwih maju loba nu ngarubah lingkungan hirup ieu, mimiti ti plastik nepika sejena. Tah ku ayeuna ieu simkuring urang aya cara Pamungkas kanggo ngamumule lingkungan hirup urang salarea.
1. Meresihan tina sampah
Urang kudu meresihkeun tina sampah Jeung pilah pilah sampahnya Kana 2 atau 3 tempat nyaeta sampah organik, plastik Jeung sampah anu bahaya sejena, tah upami sampah organik mah kop bae jadikeun pupuk keur tatangkalan tapi lamun sampah non organik Jeung sampah sejena kop we pisahkeun Jeung daur ulang, atau oge keur nambahan amal urang bikeun ka tukang pulung, tuh beresih onggoh meunangkeun pahala ongkoh, loba pisan masalah tina sampah non organik kawas bisa nyebabkeun banjir, Jeung panyakit. Lamun loba pisan sampah salain teu nyaman urang ninggalin oge pasti bakal ka ambung bau teu pararuguh, tuh kan Ari tos ka ambung mah teu Raos teu nyaman urang hirup di lingkungan kitu. Matakna Sok geura malire kumaha pentingnya lingkungan hirup keur urang salarea.
2. Melakan tatangkalan nu ngahasilkeun
Sok geura garetol lamun aya tanah anu kosong Jeung lamun aya tanah nu rawan longsor geura pemakan ku tatangkalan nu ngahasilkeun kawas nangka Jeung sajabina, pan Ari melakan tatangkalan anu ngahasilkeun mah urang bisa loba mangfaatna mimiti ti nyegah longsor Jeung banjir, lingkungan hirup urang nyaman Jeung adem tarariis ku oksigen Jeung ngkena bakal menang buahna deuk nangka atawa kadu jst. Tuh euweuh rugina lamun urang salarea pinter Jeung hideng Dina miara lingkungan hirup urang. Tah melakan ku tatangkalan anu ngahasilkeun oge Hade pikeun ngarawat tanah reboisasi, Naha bet Hade? Pan lamun tangkalna ngahasilkeun mah ku masyarakatnya oge pasti bakal di rawat, tah nu Sok makanan liar oge moal aya.
3. Ngagunakeun barang nu ramah lingkungan
Tah urang salarea lamun nyaah Kana lingkungan hirup urang kudu bisa ngagunakeun barang nu ramah lingkungan nu bisa sababaraha kali pake kawas lamun balanjateh make kantong biasa we ulah make kantong plastik anu nambah nambahan sampah nu Lila kauraina. Tah sok geura malamalalikir ngagunakeun bahan nu ramah lingkungan meh tetep kajaga lingkungan hirup urang.
4. Naek kendaraan umum
Euleuh Naha jol Kana kendaraan umum? Sok gera tebak Naha bet jadi Kana kendaraan umum Sagala? Tah ku lobana kendaraan pribadi loba oge polusi nu dikaluarkeun kudunamah urangteh make kendaraan umum, Naha bet kitu? Ari make kendaraan umummah urangteh salain hemat biaya ditambahkan ramah keur lingkungan Anda, tah polusiteh bisa ngurangan sahenteuna teu kawan marawa kendaraan sorangan.
Kasimpulana ngamumule lingkungan hirupteh kewajiban nu harirup genah henteuna diri urang Jeung lingkungan urang kumaha urangna, jadi lamun hayang nyaman kop geura mumule lingkungan hirupna.
The Happiness Project: Or, Why I Spent a Year Trying to Sing in the Morning, Clean My Closets, Fight Right, Read Aristotle, and Generally Have More Fun