You are on page 1of 2

Nama : Indriyani

Kelas : X Akun I
Mata Pelajaran : B. Sunda

Cerita wayang golek bahasa sunda, Budak Buncir

Cerita wayang golek bahasa sunda, Budak Buncir - Dina hiji poé, Hyang nyarékan
Pandawa yén éta Pandawa jeung Kurawa téh ti leuleutik hayoh wé silih arah pati, ti lelembur
silih arah umur. Pan ceuk batur mah éta téh salah guruna, Hyang. Tah, solusina mah kieu wé,
Pandawa jeung Kurawa wayahna kudu bébésanan. Gatotgaca urang tikahkeun jeung putri
Astina, Déwi Lesmining Puri. Tapi tawaran ieu ditampik ku Gatotgaca. Saurna mah
Gatotgaca téh can hoyong gaduh bojo, da can begér. Padahal umurna tos ±30 taun. Sabenerna
mah Gatotgaca téh ngarasa paur, dibalik pajodoan ieu aya maksud anu lian ti Kurawa.
Ari Hyang jeung Pandawa keukeuh Gatotgaca kudu kawin. Puguh wé pakeukeuh-keukeuh.
Terus Semar mamatahan Pandawa, tong sok mamaksa batur. Pék téh Semar diciduhan, terus
ditajong. Daripada dipaksa kawin, Gatotgaca milih kabur. Hyang nitah Arjuna ngudag
Gatotgaca, paksa kadieu deui.
Ahirna Gatotgaca kapanggih ku Arjuna. Arjuna jeung Gatotgaca duél. Arjuna éléh ku
Gatotgaca. Gatotgaca kabur deui. Kaburna téh ka Partapan Tutugan Gunung Parasu. Sesepuh
di partapan éta téh namina Merakgaca. Merakgaca mamatahan Gatotgaca yén ancurna hiji
nagara téh kusabab budayana tos ancur. Jati kasilih ku junti. Jadi Aki Merakgaca ngadirikeun
pasantrén supados nagara ieu teu ancur. Si Aki Merakgaca nyarios kitu kusabab ngira yén
Gatotgaca badé néwak Aki gara-gara gaduh pasantrén. Padahal mah Gatotgaca ka partapan
Aki téh bade nyuhunkeun panarawangan, badé ngabuktikeun dugaan Gatotgaca yén aya
maksud liana tina pajodoan Gatotgaca jeung Déwi Lesmining Puri. Pék téh bener, tina hasil
panarawangan Aki Merakgaca, Gatotgaca téh sabenerna mah rék diracun ku Kurawa. “Tuh
nya pan bener firasat téh”, ceuk Gatotgaca.

Terus Gatotgaca naros ka si Aki, “Saha atuh pijodoeun Abdi téh Ki?”. Si Aki ngajawab yén
jodo na Gatotgaca aya di Kidul, di nagri Tirta Dahana. Namina téh Déwi Dahana Wati, putrid
Raja Dahana Déwa. Tah di nagri Tirta Dahana nuju diayakeun sayémbara, saha anu bisa
ngéléhkeun jago sayémbara rék ditikahkeun jeung Déwi Dahana Wati. Jago sayémbarana téh
Patih Nagara Tirta Dahana, namina Tirta Sakti. Tapi Gatotgaca ragu kénéh bener teu sih jodo
Abdi téh éta. Supaya bener-bener nguji kabeneranana, Gatotgaca di sulap ku Aki Merakgaca
jadi pendék, hideung, hina, tapi jago kénéh gelutna, namina gé diganti jadi Budak Buncir.
Teu lila, Cépot jeung Pétruk datang, néangan Gatotgaca. Tapi da Gatotgaca na tos robah rupa,
jadi Cépot jeung Pétruk teu kenaleun. Terus si Aki ngabéjaan Cépot jeung Pétruk yén
Gatotgaca keur di kidul, di nagri Tirta Dahana, sigana mah keur lalajo sayémbara anu
diayakeun di Tirta Dahana. Terus Cépot jeung Pétruk badé nyusul ka Tirta Dahana. “Engké
heula, Aki badé nitipkeun putra Aki, ieu, si Budak Buncir. Hoyong lalajo sayémbara ceunah”.
“Hayu atuh, asal tong ngérakeun”, ceuk si Cépot jeung Pétruk. Tiluan arangkat ka Tirta
Dahana.

You might also like