You are on page 1of 5

BEWARA

NU DITUNGGU PARANTOS CUNDUK


NU DIDAGOAN DATANG. NU DIANTI ANTI TI KAMARI PERANTOS SUMPING.
Wargi sadaya...
Alhamdulillah Calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping.
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.
Bismillah purwa wiwitan, Ieu pamuka carita minangka pamuka acara.
Babasan padika pagawean,lamun nangtung ka jungjungan,sing lulus bantun
Jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen penyambutan calon panganten
bade dikawitan.

Jagong tuhur meunang ngunun,haturan wilujeng sumping di sugeng ing pucu


Galuh padesan katelahna Kampung Kutaluhur RW 07 Desa Ciburuy Kacamatan
Padalarang tempat anyar pangharepan sarakan keur kahuripan kulawarga.
Tawis panampian tatamu,tanda kameumeut,kadeudeuh,tawis asih ti kakasih,
tanda tresna kanyaah. “Muga tampa ieu karangan kembang,dumeh nu ngalungkeun
teu werat ngedalkeun eusining ati,mugi surti anu nampi,kasurti sugri nu jadi lambang.
(Mangga Kalungkeun).
{HATURAN WILUJENG SUMPING KA SADAYA TAMU ROMBONGAN,TUTUT GUNUNG
KEONG REUMA,SUMANGGA GEURA GEK CALIK DINA TEMPAT NU PARANTOS
DISAYOGIKEUN.}

Panatacalagara :
Mukaddimah..........
Sugrining puji kagungan Dzat Illahi Rabby.Shalawat miwah salam mugia tetep salamina
Ka junjunan anu mulya,N.Muhammad SAW,miwah ka kulawargana,para shahabatna,miwah
Ka sadaya ummatna anu taluk tunduk tur satia kana ajaran mantenna.
Para sepuh anu linuhung,para pupuhu papayung ieu nagri. Para tamu anu garinding,
Hadrin kadang mitra sadayana anu teu tiasa diwincik hiji-hijina.Pribados asmana Panitia
ngahaturkeun wilujeng sumping ka sadayana kalayan neda tawakuf bilih seueur
kakiranganana.

Cunduk waktu nu rahayu,ninggang mangsa nu utama,malati ligar na ati,campaka mangkak


na dada,kembang tanjung nu gumulung,sumangga acara dipitembeyan. Lalangse pananya
hate,mapag balebat di beulah wetan rek ngembat taya simpangan,namung memeh kebat
nya lumampah,rundayan acara nu baris dipajeng urang sebatan :
Ka 1 Pembukaan ,diteraskan kana pembacaan kalam Ilahi,salajengna seren
sumeren,dipungkas ku akad tikah.
Wargi sadaya nu dipihormat, Urang buka ieu acara ku sami-sami maoskeun basmalah.
Bismillahirrahmaanirrahiim...........
Bapa/Ibu/kadang mitra anu mulya.
Mun berlayar tanpa kamudi,palangsiang katambias.Mun hirup tanpa kadali,palangsiang
bakal sasab.Poekeun jalan,leungiteun udagan.
Bagja keur ummat Islam,hirupna boga padoman,nyatana Kitab Suci Al-Qur’an.Bisi leumpang
pareng sasab,mun berlayar pareng katambias,rampang reumpeung poekeun jalan.sangkan
manah jadi caaang,guligah ku katentreman,kalayan maksad Ibadah,urang sami-sami
dangukeun Aosan Al-Quranul Kariim nu bade diaoskeun ku pangersa
Ustad...............................
Waktos kasanggakeun !

Galindengna kalam Ilahi,mapaler hate anu cape,ngupahan manah anu susah.rembes


nembus kana sanubari,sumarambah kana bayah,sumeleket kana hate,nyaliara minuhan
awak,sok komo upami ngartos maknana.Cacak dirarampa nikmat karaosna.
Deudeul du’a,mugia ageung ganjaran miwah manfaatna,khusus ka nu ngaosna,umumna
kanggo urang sadaya nu ngabandunganana.

Wargi sadaya,
Selenting bawaning angin,kolepat bawaning kilat.Manggih beja aya jajaka rek nyaba,
Rek nyusul janji pasini,rek ngaguar subaya anu katunda,brul ngagimbung,bral ngarantay,
legeudeut aleutanana,kalayang kalakay ragrag. Gurat badag pasejaan para tamu tos
kateguh, namung wincikan pangeusi galih,guareun kandungan manah eta mah tacan
katorah. Atuh geusan ngabejerbeaskeunana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan
tandang makalangan kanggo ngadugikeun pamaksadan...sumangga dihaturanan.

Dulur-dulur nu sami hadir,sakitu pisaur sepuh,wawakil ti para tamu.Diguar paragat


nembrak,eces tetela ngembang boled naon rupi nu dimaksad.
Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna,sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana.
Bawiraos kabingah pribumi langkung ti kitu. Atuh giliran nu kasumpingan, bilih tatamu
pundung manten, sumangga dibageakeun. Kahatur ka pangersa....................................
Wawakil ti shohibul bait dihaturanan kanggo ngadugikeun panampian. Sumangga waktos
kasanggakeun.

Palawargi anu mulya.


Guar pasejaan paragat nembrak,panampian kakuping jentre.Namung naon nu
kasanggakeun nembe babasan. Atuh tawis tampan tinampan ti dua pihak,saljengna
diteraskeun kana seren sumeren simbolik.Sumangga ka Ibuna Calon Panganten pameget ka
payun kanggo ngadugikeun cacandakan secara simbolik,kalayan ditampi ku Ibuna Calon
Pangantren Istri. (Nu sanesna ditatalepakeun bae dibantos ku pager ayu)
Akad Tikah.

Malati ligar na ati,campaka mangkak na dada.hate ratug tutunggulan,pareng cinta jeung cita
rek diamprokkeun.
Wargi sadaya,
Aya mangga manjing asak,ditotog lebah gagangna.Puguh bae aya jalan komo
meuntas,mobok manggih gorowong. Ku rang sami kasaksen,yen sepuh dua pihak sami ikrar,
manah rumojong kana kahoyong para putrana,manjing kana sisindiran batu turun keusik
naek,itu purun abdi ge daek.Ieu wayang itu wayang,wayangna wayang arjuna. Itu hayang
ieu hayang,hayangna kabina-bina.
Keur mungkas carita lagas,lalakon waktu rumaja,jlog anjlog ka dunya anyar,duuh
ieung..laksana ka bale nyuncung,gapuraning rumah tangga, nyata laksana.muga manteng
salawasna,mulus banglus berkah salamet jatnika sapapaosna.ku ngalangkungan syahna
Akad Tikah.
Hadirin nu dipihormat,
Rukun nikah aya lima. Ayana dua calon mempelai,katilu wali,kaopat saksi,kalima Ijab Qabul.
Sadayana parantos siap. Ku kituna kahatur ka Petugas ti KUA Kec.Padalarang sumangga
dihaturananan kanggo Pelaksanaanana. Sapuratina waktos kasanggakeun.
Padalarang, 20 Pebruari 2017
Perihal : Permohonan Kerjasama Kepada Yth
Bapak Iko Prasetio
Di
Bandung

Yang bertanda tangan di bawah ini kami :

1. N a m a : Farid Munawar
2. N a m a : Dian
3. N a m a : M.Ilyas
4. N a m a : Asep Lili

Dengan ini mengajukan permohonan kepada Yth. Bapak Iko Prasetio untuk diikutsertakan
kerjasama dalam pengelolalaan Dana Karomah untuk kepentingan kemaslahatan Ummat,
dan kami akan menjalankannya dengan sebaik-baiknya dan siap untuk
mempertanggungjawabkannya.

Demikian permohonan ini kami buat dengan sebenarnya,dan atas perhatian serta
dikabulkannya permintaan kami, kami ucapkan banyak terimakasih.

Yang Mengajukan Permohonan Kerjasama :

1. Farid Munawar .....................................................

2. Dian ......................................................

3. M.Ilyas ......................................................

4. Usep Lili .....................................................

You might also like