You are on page 1of 2

http://mangle-online.

com/pidangan/perelean/1416492622

IJTIHAD BASA

Prof. Dr. Karim Suryadi, M.Si.

Tarékah ngahudangkeun budaya Sunda katingali nguniang. Sok sanajan masih mangrupa kagiatan
simbolik jeung formal, tapi sawatara tarékah éta perlu dirojong. Tarékah ngawanohkeun budaya Sunda
katurunan urang, saperti ngalangkungan baju kamprét, iket, jeung sajabana sahenteuna geus méré
tangara ka barudak, yén urang Sunda miboga corak baju jeung wanda sorangan dina dangdanan. Komo
lamun bisa mesék tata niléy tur ajén inajén tina sagala rupa “proferti” nu dianggo.

Kitu deui ngamumulé basa jeung budaya Sunda ku jalan méré tatapakan mangrupa aturan formal,
saperti Perda ngeunaan budaya jeung basa Sunda teu meunang disapirakeun. Ngan hanjakal éta perda
téh dina prak-prakan implementasina can jadi gerakan nu masif. Ku kitu téa mah ngalarapkeun hiji
undang-undang atawa peraturan leuwih hésé ti batan nyusunna. Upami nyusun undang-undang ngan
saukur nalungtik rujukan, alias dumasar kana téori atawa aturan (base on paper), larapna hiji aturan
gumantung kana kamampuh, kapentingan, kahayang, tur keyeng henteuna masarakat nu jadi
pendukungna (base on people). Lian ti éta, di urang masih aya panyakit mangrupa anggapan, mun hiji
perkara geus ditulis dina aturan formal sok ngarasa éta masalah téh geus anggeus. Matak loba aturan
ngan saukur jadi dokumén nu minuhan rak buku. Tapi sanajan kitu, medalna aturan basa jeung budaya
Sunda geus némbongkeun karep politik (political will), yén para pamingpin di Tatar Sunda masih
mitineung tur miboga tékad pikeun ngahirup-huripkeun basa jeung budayana.

Sajaba ti ngalangkungan dua perkara tadi, di handap ieu baris dipedar sawatara ihtiar nu payus
dikokolakeun ku saha waé nu boga karep ngahirup-huripkeun basa jeung budaya Sunda sangkan turunan
urang teu “poékkeun cabakeun”.

Kahiji, ngalobakeun ngomong maké basa Sunda, sangkan basa Sunda téh lain ngan saukur basa
émosional tur angen-angen wungkul, nu sok dipaké lamun keur ambek jeung sedih, atawa ngimpi
wungkul. Matak naon, upama rapat di kantor pamaréntah jeung pausahaan maraké basa Sunda
satungtung dimeunangkeun mah. Kitu deui di sakola, komunikasi guru jeung murid, atawa papada murid
payus lamun maké basa Sunda. Da ngandelkeun indung bapana mah teu saeutik apan komunikasi di
imah téh geus kamalayon. Kaayaan sarupa kitu baris tinekanan lamun pamingpin di kantor, atawa guru di
sakola, miboga karep pikeun ngamumulé basa Sunda. Komo palebah maréntahkeun maké basa, atawa
maca majalah Sunda mah, panitah guru sok leuwih diturut tibatan panitah kolotna.

Kitu deui saha waé nu mitineung kana basa Sunda, diperedih kaluhunganana pikeun nyiptakeun basa nu
fungsional tur luyu jeung kapentingan nu makéna. Dina palebah dieu, saha waé bisa makihikeun
pangalaman hirupna pikeun ngamumulé basa Sunda ku jalan “nginjeum” hiji basa pikeun
ngagambarkeun hiji kalakuan sapopoé. Contona waé, basa Sunda pikeun bahasa komputer, bahasa élmu
pengaweruh, jeung réa-réa deui. Éta ogé barudak mahasiswa sok pirajeuneun maké kecap “disedot”
pikeun ngaganti kecap dicopy kana flash disk. Ceuk simkuring mah, nu kieu mangrupa salahsahiji ijtihad,
sabab makna basa mah pan gumantung kasaluyuan nu marakéna. Asal dipaké tur kaharti geus cukup,
tangtu béh dituna kudu diperenahkeun soal “seléra” basana.

Sajaba ti pikeun ngadumaniskeun kahirupan basa Sunda, tarékah samodél kieu penting pikeun
ngungkulan tilemna sawatara basa alatan cara hirup nu geus béda. Contona waé, balukar pamakéan alat
masak éléktrik nu ngaganti hawu, kurang leuwih aya 23 kecap nu baris leungit alatan jarang dipaké,
kayaning songsong, ruhak, méhong, jeung réa-réa deui.

Kadua, pamaréntah daérah payus lamun nguatkeun iklim kasundaan di kantor, stasiun, mall, bandara,
jeung di tempat umum séjénna ku cara maké arsitéktur Sunda mun nyieun gedong, ngalobaan bahan
bacaan Sunda, nyetél lalaguan Sunda di tempat umum, jeung réa-réa deui. Contona waé, payus lamun
stasion keréta api di wewengkon Jawa Barat nyetél lalaguan Sunda nu geus jadi ikon samangsa karéta
eureun naék-nurunkeun panumpang. Kitu deui di mall, atawa gedong pamaréntah samangsa jam
istirahat kantor. Kaasup mintonkeun kasenian Sunda dina upacara di kantor, atawa mun pangagung
ngawinkeun, nyunatan jeung dina kasempetan séjénna. Sugan wé kabiasaan sarupa kieu diturutan ku
anak buahna, tatanggana. Wayang golék beuki jarang ditabeuh da geus kasilih ku élékton, kitu deui
kliningan jeung jaipong geus kadeseh ku joget koplo.

Katilu, kedah aya strategi kebudayaan nu ngulik tur ngawaris kaluhungan niléy jeung budaya nu jadi
peperian urang Sunda, nu nyangkaruk dina carita, dangding, jeung sajabana katut mikiran kumaha
ngabiharikeunana (ngaktualisasikeunana). Contona waé, karep “memiskinkan” koruptor nu diluluguan ku
KPK ku jalan ngarampas kakayaan hasil korupsi, geuning dina “Tjarita Mantri Djero” mah leuwih ti kitu.
Sanggeus Anggataruna kabuktian korupsi (miboga harta nu lain hakna), sajaba ti dirampas hartana téh
manéhna diarak ngurilingan kampung sangkan éraeun, tur jadi palajaran pikeun rahayat séjénna, sarta
diusir ti éta kampung nepi ka muluntu ukur baju sakujur bari kudu ditundung. Tangtu loba kénéh kaarifan
lokal nu masih relévan tur aktual pikeun ngeuyeuban kahirupan urang sangkan Sunda teu saukur cenah,
atawa jadi tukang keprok wungkul.***

You might also like