You are on page 1of 1

DAYA TARIK SMA NEGERI 2 BANDUNG

SMA Negeri 2 Bandung nyaéta salah sahiji sakola anu dipikaresep ku siswa-siswi di Indonésia
khususna anu aya di Bandung.. Ampir teu aya siswa-siswi anu teu terang sakola anu
dipikameumeut ieu. Ieu sakola dibangun di taun 1949 anu dikawitan ku Thio Anio salaku kapala
sakola kahijina. Seueur daya tarik anu dipikagaduh ku ieu sakola, anu ngajadikaun seueur palajar
kabita sakola didieu. Naon waé éta téh? Yu urang tingali!

1. Lokasi anu Stratégis


Tempatna anu aya di Jalan Cihampelas ngajadikeun ieu sakola deukeut kamamana.
Deukeut ka mall jeung sarupaning tempat-tempat balanja anu séjén. Salian ti deukeut ka
tempat balanja, ieu sakola ogé deukeut ka rumah sakit, jadi urang henteu pati hariwang
lamun aya kajadian anu teu dipikahayang.
2. Pohon Karet
Sakola ieu gaduh hiji icon anu jadi ciri, nyaéta Tangkal Karét anu sabenerna mah éta téh
Tangkal Beringin. Ieu tangkal téh yuswana atos sababaraha ratus taun. Bakatku gedéna,
ieu tangkal téh tiasa ngiuhkeun hiji per tilu luasna SMA Negeri 2 Bandung.
3. F2WL
Salian ti Tangkal Karet anu gedé pisan, aya hiji deui hal anu jadi icon ieu sakola, nyaéta
F2WL. F2WL atawa From Two With Love téh nyaéta bazar anu diayakeun unggal taun.
Biasana ieu bazar téh ngundang artis-artis anu kasohor. Teu tanggung-tanggung panitiana
ogé tina tilu angkatan. Sakabeh siswa-siswi SMA Negeri 2 Bandung gaduh kabebasan
bade gabung ka divisi mana waé.
4. Preétasi
Salian ti hal-hal nonakademik anu jadi kabanggaan, hal-hal akademik ogé teu kedah
ditaros deui. Seueur pisan prestasi akademik anu tos diraih ku siswa-siswi didieu. Juara
olimpiade, juara lomba olahraga, sareng seueur kénéh préstasi anu séjén. Alumni anu tos
lulusna gé seueur anu tiasa lebet ka perguruan tinggi anu kasohor, boh ITB, UI, Unpad,
sareng perguruan tinggi séjén.

Tina opat alesan anu tos dijabarkeun diluhur, jelas pisan lamun ieu sakola téh pantes jadi sakola
anu dipikameumeut.

Ku : Kezia Nauli

You might also like