You are on page 1of 1

JIHAN AMALIA N

XII IPA 6

Sakola Idaman Budak Jaman Ayeuna

Mamangléan(04/03) - Anu pangheulana jadi pananya téh tangtuna ogé : Nu kumaha sih sakola
idaman barudak jaman ayeuna téh ? Nah, aya salah sahiji sakola héjo di Bandung nu disebut-sebut
sakola idaman nyaéta SMAN 2 Bandung. Loba budak SMP nu nga idam-idamkeun sakola didieu.

SMAN 2 Bandung téh ayana dina Jalan Cihampelas nomer 173, Bandung. Sanaos di gigireun jalan
raya, lingkunganna angger bersih sareng tenang. Kulantaran halamanna luas, jadi tempat di ajarna
téh dijero jauh ti jalan raya. Sakola ieu disebut Sakola Héjo, jadi hawana ogé sejuk lantaran loba
dipelakan ku sagala rupa macem tatangkalan héjo. Salah sahijina tangkal karét nu kakoncara sa-
bandungeun minangka tangkal pang kolotna sareng pang badagna.

Kaasup salah sahiji sakola favorit di Bandung sabab tos meunangkeun akréditasi A. Ngabogaan
halaman parkir motor sareng mobil nu luas pisan, 2 lapangan basket, lapangan futsal, aula, gedong
sarwa guna, rohang kasenian, lab. basa, 3 lab. komputer, taman nu aya gazébona, 2 kantin, sareng
40 rohang kelas. Rohang kelas na téh geus lengkap aya proyéktor, spiker, sareng korsi hipu.

Kantin dina sakola ieu aya dua, nyaéta kantin luhur sareng kantin handap. Kantin luhur mah aya
opat kantin, sedengkeun kantin handap aya dua puluh kantin. Jajananna téh loba sareng macem-
macem, aya pémpék, bakmi, batagor, baso, cilung, jus, gulé, hayam, sangu goréng jeung sajabina.
Teras, dijero sakola téh aya taman nu di ngaranan “Taman Bahagia”. Taman ieu téh boga kolam
lauk, 6 korsi taman, sareng 6 gazébo nu biasa dipaké siswa keur diajar bareng.

Salian éta, SMAN 2 Bandung téh ngabogaan hiji masjid ageung dua lanté anu tiasa dianggoan
solat ku guru sareng para siswana. Lain saukur dianggo kagiatan sholat hungkul, kadang dianggo
kagiatan sanlat lamun bulan ramadhan, sareng dijadikeun rohang prakték pikeun pelajaran agama,
sapertos prakték sholat, maca alqur'an sareng liana. Kumaha yeuh? Tertarik sakola di SMAN 2
Bandung teu?

Ku : Jihan Amalia

You might also like