You are on page 1of 1

Congklak

Congklak atawa daku nyaéta kaulinan maké papan kai atawa palastik, nu panjanngna kurang
leuwih 40cm, lebarna kurang leuwih 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji. Unggal logak
dieusian kewuk, siki salak, siki asem atawa batu leutik. Geus aya lombang-lombangna 7,
ngajajar. Di hareupeun lombang 7 gé aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna.Éta
lombang téh dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa baréto
mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batu laleutik.

Cara maén

Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gedé minangka lombang rajana mah
henteu dieusian, dipaénkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabéh lombang leutik
dieusian, tuluy salah sahiji nu maén nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka béakna siki.
Giliran ieu nu lombang gedé (tabungan manéhna, nu beulah kéncaeun nu maén) gé dieusian
sasiki, lasutna téh mun siki nu pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu
lombang luhur aya eusian disebutna "némbak", siki nu lombang kosong, jeung siki
luhureunana dibawa jadi hak milik nu maén éta. Nya geus kitu mah bagilir bagéan pamaén
lawanna da lasut téa.

You might also like