You are on page 1of 14

1

KABERSIHAN

Latihan 1

Kabersihan Imah

Rina budak rajin jeung pinter.

Unggal isuk manehna hudang jam satengah lima.

Manehna tuluy hudang, ngabereskeun kamer, jeung solat subuh.

Tos solat subuh manehna ngabantuan ibuna beberesih di imahna.

Rina sok sasapu, ngepel, jeung miceunan runtah nu pabalatak.

Imah Rina jadi endah jeung bersih.

KOSA KATA

Imah : Rumah Ngabereskeun : Membereskan Miceunan : Membuang

Manehna : Dirinya Jeung : Dan Runtah : Sampah

Hudang: Bangun Sok : Selalu Pabalatak : Berantakan

Isuk : Pagi Ngabantuan : Membantu Endah : Indah

I. Jawab soal di handap ieu anu sesuai jeung wacana di luhur !


1. Naon judul wacana di luhur?
2. Saha ngaran tokoh dina wacana di luhur?
3. Kumaha sifat tokoh dina wacana di luhur the?
4. Naon wae anu dikerjakeun Rina unggal isuk?
5. Kumaha imah Rina lamun tos dibersihkeun?

II. Lengkepan kalimah di handap ieu ku kecap anu merenah !


1. Keur nuju 3. Nyerat Nulis
Lis, …… naon maneh? Bu, nuju ….. naon?
Bu, ….. naon? Dan, ari ….. teh ulah bari sasarean.

2. Nginum Leueut 4. Baju Anggean


Bapa, mangga caina di ….. Put, ari make ….. teh anu rapih.
Man, ari ….. teh lalaunan. Bu, ….. mani sae.
III. Jieun kecap di handap jadi kalimah anu bener.
a. Sasapu
_____________________________________________________________________
b. Sehat
_____________________________________________________________________
c. Ngaregerpkeun
_____________________________________________________________________
d. Diuk
_____________________________________________________________________

Paraf Nilai
2

Latihan 2

I. Cakra (x) a,b,c, atawa d, dina jawaban anu pangbenerna !

1. Lamun nulis karangan dimimitian ngagunakeun aksara…..


a. leutik b. citak c. gede d. kantet
2. Nuju maos Al-Qur’an !
Kalimah panyeluk di luhur merenah keur ka…..
a. babaturan b. lanceuk c. kolot d. adi
3. Lamun lingkungan beresih, matak…..
a. sehat b. panyakitan c. kotor d. cape
4. Kecap sabalikna anu bener nyaeta, iwal…..
a. kotor >< bersih c. maos >< maca
b. jangkung >< pendek d. gede >< leutik

5. Kumaha carana nyieun baso


Dipungkas ku tanda naon kalimah anu can anggeus di luhur…..
a. ( . ) b. ( ? ) c. ( ! ) d. ( “ )
6. Naon basa lemesna “ diuk “ ?
a. maos b. angkat c. tuang d. linggih
7. Adi : “Jar, miceun cangkang ciki the kana tong sampah !”
Fajar : “Nya Di,nuhun tos diingetkeun. “
Nu digunemkeun diluhur ngeunaan…..
a. Papakean b. Kabersihan c. Kageulisan d. Kadaharan
8. Tanda kalimah panyeluk nyaeta…..
a. ( . ) b. ( ? ) c. ( ! ) d. ( “ )
9. Alat – alat kabersihan contona, iwal…..
a. sapu b. cakar c. moceng d. kawali
10. Saacan solat kudu wudu heula.
Tema di luhur ngeunaan…..
a. Ibadah b. Kadaharan c. Kaendahan d. Karapihan

II. Eusian soal-soal di handap ieu ku jawaban anu merenah !


1. Nulis ngaran tempat kudu ngagunakeun aksara………
2. Tanda ( ! ) jeung ( ? ) digunakeun keur kalimah ………. Jeung ………..
3. Nyarita ka saluhureun ngagunakeun basa……………
4. Nginum. Basa lemesna nyaeta……………
5. Lamun palay hirup sehat, lingkungan kudu………………
3

KAENDAHAN

Latihan 1

Kaendahan Pakarangan

Isuk-isuk mukakeun jandela

Kuring ningal ka pakarangan

Hawana mani sejuk, tiis karasana

Loba kukupu seja nyeuseup dina kembang

Loba tangkal harejo nu tinggarantung buahna

Kuring ningal tikajauhan matak betah ningalina.

I. Jawab soal-soal di handap ieu ku jawaban nu bener !

1. Naon judul puisi di luhur?


2. Kumaha hawa ari isuk teh?
3. Saha anu nyeuseup kana kembang teh?
4. Dipelakan naon bae di pakarangan teh?
5. Kumaha rasana lamun ningal kaendahan teh?

II. Lengkepan soal di handap ieu !

Samangka asak rasana…………

Wafer rasana ……………

Cau atah rasana……………

Caritakeun kajadina anu aya di gambar ieu !


4

_____________________________________________

_____________________________________________

_____________________________________________

III. Robah kecap basa sunda kana bahasa indonesia !

a. Pakarangan =
b. Dijentrekeun =
c. Runtah =
d. Dipiceun =
e. Kembang =
f. Tatangkalan =
g. Nyeuseup =

Paraf Nilai

Latihan 2

I. Cakra (x) a,b,c, atawa d, dina jawaban anu pangbenerna !

1. Tujuan make paraphrase dina puisi nyaeta………….


a. hese ngartikeunana c. babari ngatikeun
b. bisa diartikeun d. teu aya hartina
2. Marni rajin solat lima waktu.
Tanggapan tina kalakuan Marni nyaeta…………….
a. kalakuan Marni goreng c. kalakuan Marni hade pisan
b. kalakuan Marni ulah diconto d. kalakuan Marni teu bisa diconto
3. Bapa ngagaleuh cau atah ti pasar. Cau atah rasana…………
a. Asin b. Kesed c. Amis d. Gurih

4. Mimiti nulis paragrap nyaeta…….


a. ngelok ka luar c. ngelok ka handap
b. ngelok ka luhur d. ngelok ka jero
5. Kumaha hawa lamun loba tatangkalan harejo…..
a. tiis b. panas c. hareudang d. ngelekeb
6. Panulisan kalimah anu bener di handap ieu nyaeta …
a. Aam kamari nyeuri beuteung c. Aam Kamari nyeri beuteung
b. Aam Kamari Nyeri Beuteung d. aam kamari nyeri beuteung
7. Kalimah sapaan di handap ieu anu digunakeun ka babaturan nyaeta …
a. Alfian keur naon maneh ? c. Punten, abdi ngiring tumaros !
b. Punten, Fathur nuju naon? d. Mangga linggih heula !
8. ………….. rompok Ari teh?
Kecap naon jang ngalengkepan kalimah eta?
a. Kumaha b. Dimana c. Iraha d. Kunaon
9. Urutkeun basa lemesna diuk, nulis, nangtung……….
a. nyerat, linggih, ngadeg c. linggih, nyerat, ngadeg
b. linggih, ngadeg, nyerat d. nyerat, ngadeg, linggih
10. Nempo runtah pabalatak di kelas.
Naon nu rek dilakukeun hidep salaku murid?
a. Runtah diingkeunkeun c. Runtah dibersihkeun
5

b. Nitah babaturan jang miceun runtah d. Pura-pura teu nempo


II. Eusian soal-soal di handap ieu ku jawaban nu merenah !
1. Mimiti nulis paragrap kudu……………. ka jero.
2. Lamun nulis ngaran jalma jeung ngaran tempat dimimitian make aksara……………
3. ……….. maneh mangkat ka Jakarta?
Kecap naon anu dipake jang ngalengkepan kalimah di luhru?
4. fitri jeung nani bade angkat ka bogor
Benerkeun kalimah di luhur ngagunakeun aksara gede jeung tanda bacana !
5. Maca, nulis, ngitung. Urutkeun basa lemes tina kecap di gigir…………………………….

III. Jawab soal di handap ku jawaban nu merenah !


1. Guru
Manehna saurang guru
Unggal poe mere elmu jeung pangarti
Ngajarankeun paripolah anu hade
Nu teu mangharep balas budi
Pek caritakeun deui puisi nu di luhur !

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________

_____________________________________________________________________
2. “ Hapunten tina sadaya kasalahan nya Pa ! “
Tanggepan hidep :
_______________________________________________
_______________________________________________
3. Barudak sakola keur ribut.
Tanggepan hidep :
______________________________________________
______________________________________________

4. Pek jieun karangan saparagrap dina gambar digigir !


_______________________________________________
_______________________________________________
_______________________________________________

5. Jieun kalimah tina kecap diajar :


_____________________________________________________________________

Paraf Nilai

PAHLAWAN

Latihan 1

Ir. R. Djoeanda Kartawidjaja


6

Ir. H. Djuanda lahir di kota Tasikmalaya, 14 Januari 1911 nyaeta PM (Perdana Menteri)

Indonesia ka – 10 sakaligus anu terahir ngarana diabadikeun jadi ngaran Bandar udara di

Surabaya nyaeta bandar udara Djoeanda Surabaya. Manehna ngajabat ti mulai 9 April 1957

nepi 9Juli 1959. Saentasna manehna ngajabat salaku Menteri Keuangan dina Kabinet Kerja

I. Sumbangsih panggedena dina masa jabatan nyaeta Deklarasi Djoeanda 15 Desember

1957 anu nyatakeun yen laut Indonesia nyaeta kaasup laut sakitar, diantara jeung di jero

kapulauan Indonesia jadi kasatuan wilayah NKRI atawa dikenal ku sebutan United Nations

Convention on Law of the Sea ( UNCLOS ).

Djoeanda ngarupakeun anak kahiji pasangan Raden Kartawidjaja jeung Nyi

Monat.dina taun 1929 manehna asup ka Sakola Tinggi Teknik di Bandung jurusan Teknik

Sipil, lulus dina taun 1933. Keur ngorana Djoeanda mung aktif dina organisasi non politik

nyaeta Paguyuban Pasundan. Karir salanjutna nyaeta pagawe Departemen Pekerjaan Umum

Provinsi Jawa Barat, Hindia Belanda ti taun 1939. Saentas Proklamasi 17 Agustus 1945

Djoeanda mingpin para pamuda ngambil alih Jawatan Kareta Api ti Jepang, disusul ku

pengambilan alih jawatan-jawatan sejena.

Sababaraha kali Djoeanda jadi juru runding jeung Belanda diantarana dina

Perundingan KMB (Konferensi Meja Bundar), manehna bertindak salaku ketua panitia

ekonomi jeung keuangan delegasi Indonesia. Djoeanda disebut Menteri Maraton lantaran ti

kawit awal kamerdekaan tos ngajabat salaku Menteri Perhubungan nepi jadi Perdana Menteri

jeung jadi Menteri Pertahanan. Ir. Djoeanda wafat di Jakarta 7 November 1963 lantaran

panyakit jantung. Manehna dimakamkeun di Taman Makam Pahlawan Kalibata Jakarta.

Dumasar kana Keputusan Presiden RI No. 244/1903 Ir. Djoeanda Kartawidjaja diangkat

salaku pahlawan kamerdekaan nasional.

Jawab soal-soal di handap ieu ku jawaban anu bener !

1. Saha ngaran pahlawan anu dicaritakeun di luhur ?

2. Dimana, jeung tanggal sabaraha manehna lahir ?

3. Tuliskeun masa jabatan Ir. Djoeanda salaku Perdana Menteri !

4. Tanggal sabaraha Deklarasi Djoeanda dinyatakeun ?

5. Naon kapanjangan tina UNCLOS ?


7

6. Naon ngaran organisasi non politik anu pernah dialaman ku Ir. Djoeanda ?

7. Tanggal sabaraha Indonesia merdeka ?

8. Naon kapanjangan tina Perundingan KMB ?

9. Tanggal sabaraha Ir. Djoeanda wafat? Dimana dimakamkeuna?

10. naon eusi Keputusan Presiden RI No. 244/1903?

Latihan 2

I. Cakra (x) a,b,c, atawa d, dina jawaban anu pangbenerna !

1. Saha ngaran pahlawan awewe…….…

a. Pangeran Diponegoro c. Raden Dewi sartika

b. Imam Bonjol d. Patimura

2. Taun sabaraha Ir. Doeanda wafat ?

a. 1963 b. 1953 c. 1936 d. 1939

3. Saha pahlawan tanpa tanda jasa teh……………


a. Panjaga sakola b. Guru c. Mamang d. Uwa
4. Rani engke ……. sakolana bareng !
a. Datang b. cicing c.mangkat d. minggat
5. Bapa proklamator nyaeta ……
a. Ir. Doeanda c. Hatta Rajasa
b. Drs. Moh. Hatta d. Patimura
6. Dina jiwa anu sehat, aya … anu kuat.
a. Raga b. hate c. pikiran d. mata
7. Diki, ulah …………… di gigir gawir bisi tiguling !
a. Nangtung c. Sare
b. Ngadeg d. Kulem

8. Kagiatan ngabersihkeun walungan babarengan disbut ….


a. Kerja bakti b. kerja sorangan c. beberesih d. jumsih
9. Lingkungan anu kotor nyiptakeun …
a. Panyakit c. Kaayaan anu bersih
b. Kahirupan anu sehat d. Kahirupan anu beunghar
10. Salah saiji conto hirup bersih nyaeta …
a. Piket kelas c. Hudang beurang
b. Sare kaloba d. Loba dahar

II. Eusi soal-soal di handap ku jawaban anu merenah !

1. Disebut pahlawan naon ari guru teh…………..………….

2. Sebutkeun 2 jalma anu kaasup pahlawan istri……………………….

3. Sebutkeun 2 jalma anu kaasup pahlawan pameget……………………….

4. Tanggal jeung taun sabaraha Djoeanda lahir ……………………..

5. Naon kapanjangan NKRI…………………………………….


8

III. Benerkeun karangan di handap ku tanda baca jeung aksara gede anu merenah !

poe rebu ani jeung tina kerja kelompok di imah riri

Manehna rek ngerjakeun pr bahasa Indonesia

jam 14:00 pr salse dikerkajeun

ani jeung tina tuluy pamit ka ririn

_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________
_______________________________________________________________________

Paraf Nilai

KAULINAN

Latihan 1

Asak-Asakan

Dita : “ Mia urang ulin asak-asakan!”

Mia : “ Hayu! Ngasakan naon?”

Dita : “ Urang nyieun goreng endog hayam ! “

Mia : “ Bahana tina naon? “

Dita : “ Tangtu tina endog hayam, minyak goreng, uyah. “

Mia : “ Maksud Mia pakakasna? “

Dita : “ Oh, pakakasna? Pakakas keur ngagoreng dina kaleng, hawuna nyieun tina bata. “

Mia : “ Seuneuna tina naon? “

Dita : “ Tangtu make suluh. “

Mia : “ Hayu atuh ! “


9

Hidep tas maca guneman anu di luhur. Pek eusi soal di handap ieu!

1. Naon ngaran kaulinan di luhur?

_______________________________________________________________________

2. Naon bae bahan anu digunakeun dina kaulinan eta?

_______________________________________________________________________

_______________________________________________________________________

3. Kumaha cara nyieun kaulinan eta?

_______________________________________________________________________

_______________________________________________________________________

Paraf Nilai

Latihan 2

1. Naon kueh atawa kadaharan anu dipikaresep di imah hidep ?

_______________________________________________________________________

2. Jelaskeun bahan naon wae nu dibutuhkeun !

_______________________________________________________________________

_______________________________________________________________________

3. Sebutkeun langkah – langkah cara nyieuna sacara urut !

_______________________________________________________________________

_______________________________________________________________________

_______________________________________________________________________

Paraf Nilai

Latihan 3

Pupuh Gambuh

Ngahuleng rada bingung

Henteu terang kamana ngajugjug

Turug-turug harita teh enggeus burit


10

Panon poe geus rek surup

Keueung sieun aya meong

Jawab soal-soal di handap ieu ku jawaban anu bener !

1. Naon ngaran jenis pupuh di luhur ?


2. Aya sabaraha padalisan pupuh di luhur ?
3. Naon guru lagu dina satiap padalisan ?
4. Sabaraha guru wilangan dina satiap padalisan ?
5. Naon watek pupuh lambang ?

Paraf Nilai

Latihan 4

I. Cakra (x) a,b,c, atawa d, dina jawaban anu pangbenerna !

1. Kaulinan naon anu make bahan beas atawa sangu………….

a. bubur b. aci c. baso d. rujak

2. Pupuh gambuh diwangun ku………….padalisan.

a. 3 b. 4 c. 5 d. 6

3. Kaulinan barudak lalaki nyaeta, iwal…………..

a. asak-asakan c. langlayangan

b. imah-imahan d. bobonekaan

4. Kaulinan barudak awewe, iwal………………

a. pepeletokan c. bobonekaan

b. adu kaleci d. langlayangan

5. Dimana imah Mira?

Kalimah Tanya ieu nanyakeun…………….

a. waktu b. tempat c. sabab d. akibat

II. Eusian soal-soal di handap ku jawaban anu merenah !

1. Jajngkungan ngaran kaulinan nu bahana dijieun tina………………………..

2. Iraha maneh datang ka imah Nikeu ?

Kalimah ieu nanyakeun…………………………………………………………..

3. Pupuh gambuh ngabogaan watek………………………………………………


11

4. Sebutkeun 2 conto kaulinan budak lalaki………………………………………

5. …………. Carana nyieun bubur?

Kecap naon jang ngalengkepan kalimah di luhur……………………………...

III. Jieun kalimah Tanya anu nuduhkeun sabab !

a. Naha

_____________________________________________________________________

Paraf Nilai

PAKANCI

Latihan 1

1. Liburan Sakola

Poe Minggu sakola libur. Meta jeung kulawargana jalan-jalan ka


Taman Mini nu aya di Jakarta. Meta ngarasa bungah kusabab
bisa liburan bareng jeung kulawargana.

Naon kasimpulan wacana di luhur?

__________________________________________________________________________
______________________________

2. Arni Gering

Kamari budal sakola, poe reueuk. Teu lila hujan turun. Arni mah
bungah, lantaran manehna bisa huhujanan.Isukana, Arni teu
asup sakola lantaran gering panas. Manehna ngarasa kaduhung
lantaran ulin bari huhujanan.

Naon kasimpulan wacana di luhur?

__________________________________________________________________________
____________________________

Latihan 2
12

Bogor, 30 Juni 2014

Kahatur

Ndp. Mang Ato

di Bandung

Sinareng hormat,

Mang Ato, parantos lami urang teu pendak. Kumaha kabarna mang? Mugia sehat
sadayana sareng kulawarga sadaya di Bandung.

Abdi ngahaja ngintun serat ieu sabab dina ahir bulan engke bade liburan ka Bandung
sareng ibu jeung bapa. Abdi nyuhunkeun Mang Ato tiasa liburan sasarengan sareng abdi.

Sakieu serat ti abdi.

Alo,

Rio

I. Jawab pananya di handap ieu !

1. Dimana surat di tulisna?

2. Saaha nu ngirim surat teh?

3. Kumaha bubuka surat teh?

4. Kumaha eusi surat teh?

5. Kumaha panutup surat teh?

II. Eusian soal-soal di handap ku jawaban anu aya dina kotak di handap !

1. Amir hayu urang ………….. di Madrosah !


2. Lamun rajin maca buku pasti………….
3. Geura disapu eta kelas supaya ……….. !
4. Hayu urang solat di………….. !
5. Ulah ngomean bedog bisi…………… !
6. Ulah ulin di sisi balong bisi …………….. !
7. Ulah ulin nepi ka peuting bisi hudang………….!
8. Teu kenging loba ngadahar lada bisi …………………. !
9. Ulah leumpang di tengah jalan bisi………….. !
10. Hayu urang piket kelas………………. !

Masigit Katabrak Pinter Ticebur


Kakadek Ngaji Babarenga
n

Nyeri beuteung Kabeurangan

Beresih
13

Paraf Nilai

Latihan 3

I. Cakra (x) a,b,c, atawa d, dina jawaban anu pangbenerna !

1. Didin, ulah huhujanan bisi gering !

Kalimah di luhur eusina mangrupa…………….

a. Panyarek b. Ajakan c. Harepan d. Kahayang

2. Bogor, 30 Juni 2014. Kalimah eta mangrupa………….

a. titimangsa surat c. eusi surat

b. bubuka surat d. panutup surat

3. Tirta budak anu teu nurut ka ibuna. Manehna ngadahar rujak lada pisan. Padahal

ibuna geus nyaram, yen manehna ulah dahar lada. Ahirna manehna nyeri beuteung.

Simpulan carita di luhur nyaeta………………

a. Tirta budak rajin c. Tirta budak anu teu nurut

b. Tirta budak anu nurut d. Tirta budak hade

4. Hayu urang rajin solat ! supaya asup sorga.

Kalimah di luhur eusina….. ka babaturan.

a. nitah b. nyarek c. harepan d. ajakan

5. Ualh ngomean bedog bisi……………..

Naon kecap jang ngalengkepan kalimah di luhur…………..

a. tiguling b. labuh c. kakadek d. tikusruk


14

II. Eusian soal-soal di handap ku jawaban anu merenah !

1. Lamun keur solat teh ulah sisiwo !

Kecap panyarek dina kalimah di luhur nyaeta………………………………….

2. Mung sakitu serat ti abdi.

Kalimah di luhur mangrupa……………………………surat.

3. Sebutkeun 2 kecap anu kaasup kecap panyarek…………………….jeung………………

4. Sebutkeun 2 kecap anu kaasup kecap ajakan…………………….jeung………………….

5. Buru urang ulin.

Kalimah di luhur mangrupa kalimah…………………………………………

III. jawab soal di handap ku jawaban anu bener !

1. Jieun kalimah ajakan tina kecap :

a. buru :

_____________________________________________________________________

b. hayu :

_____________________________________________________________________

2. Jieun kalimah panyarek tina kecap :

a. entong :

_____________________________________________________________________

b. ulah :

_____________________________________________________________________

Paraf Nilai

You might also like