You are on page 1of 7

Pérépét Jéngkol

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas


Jump to navigation Jump to search

Barudak keur ulin pérépét jéngkol

Pérépét jéngkol nyaéta kawih kaulinan barudak lalaki atawa awéwé tilu urang, nyarekelan
leungeun bari patukang-tukang séwang-séwangan, suku katuhuna diangkat tuluy bitisna
dianyamkeun atawa lamun cara tali mah ditalikeun sukuna kanu séjénna nepi ka pageuh jeung
teu bisa lésot deui muringkel jiga anyaman samak.[1] Tuluy sanggeus pageuh, leungeun barudak
séwang-séwangan dileupaskeun tuluy laluncatan muter ka beulah kénca atawa ka beulah katuhu
bari kekeprok nurutkeun wirahma lagu Pérépét jéngkol.[1] Kitu satuluyna, biasana dilakukeun ku
sababaraha kelompok boh tili kelompok atawa opat kelompok salobana pikeun lomba atawa
pasanggiri anu tangtu dina hal kaulinan barudak anu éléh biasana kudu turut ka nu meunang
jeung dibéré hukuman saluyu jeung paménta nu meunang, lamun teu nurut biasana sok disurakan
atawa digugurkeun tina kaulinan, ulah miluan deui nepi ka nurutna, biasana budak anu sok
amekan jeung pundungan nu tara nurut téh, tapi dina maénna mah sok aya waé nu pundungan téh
ngan ari ngaran budak mah pundungna gé sok sakeudeung tara lila, asal maén balikan deui sok
teu weléh seuri[1] Kieu rakitan kawihna:

Pérépét jéngkol
Jajahéan
Kadempét kohkol
Jéjérétéan.[1][2]
Luncat tali
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Luncat tali nyaéta kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik
diluhurkeun.

Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih maké tali nu panjang, biasana tina bahan nu leuleuy liat sangkan
teu ngabahayakeun atawa tisaringked. ku lantaran iue, biasana tali téh dijeiun tina karet geulang
ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, maksudna nu nyepengan ujung
talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur ka semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu,
tuluy diacungkeun ku leungeun.

Cara maenna, budak nu teu nyekel tali kudu ajleng saluhureun bates tali téa. Keur wates tuur
jeung "taeun" nu ajleng téh teu teu meunang antel kana tali, antel manéhna lasut alias kudu
gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng meunang antel kana tali. Beunang
ogé maké tehnik "dikepoh" nyaéta suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku
katuhu ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng téa.[1]
Boy-boyan
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Boy-boyan téh salah sahiji kaulinan anu maké bal (biasana saukuran bal ténis) anu bisa dijieun
tina kertas anu dikuwel-kuwel atawa ku bal ténisna. Tuluy, dikumpulkeun potongan kenténg (10
~ 15) sina patumpuk ka luhur. kabéh anu teu jadi ucing, saurang-saurang ngalungan kana
kenténg anu geus ngéntép, minangka nepikeun salah saurang bisa ngaruntuhkeunana. Lamun
kénténgna geus runtuh, anu jadi ucing tuluy ngaberikan ka anu maén tadi sangkan beunang
dibalédog ku éta bal. Lamun aya anu keuna, pamaén kaluar heula tina kaulinan nepi ka kabéh
beunang kabalédog ku balna.
Congklak
Congklak atawa daku nyaéta kaulinan maké papan kai atawa palastik, nu panjanngna kurang
leuwih 40cm, lebarna kurang leuwih 15 cm, luhurna maké logak sababaraha hiji.[1] Unggal logak
dieusian kewuk, siki salak, siki asem atawa batu leutik.[1] Geus aya lombang-lombangna 7,
ngajajar.[1] Di hareupeun lombang 7 gé aya deuih 7 lombang, 2 lombang badag digigir-gigirna.[1]
Éta lombang téh dieusian ku siki asem atawa siki congklak (nu geus disadiakeun), atawa baréto
mah mun congklakna dina taneuh, sikina sok ku batu laleutik.[1]

Cara maén
Lombang dieusian masing-masing 7 siki. Ari lombang gedé minangka lombang rajana mah henteu
dieusian, dipaénkeun ku 2 urang teu bisa leuwih. Sanggeus kabéh lombang leutik dieusian, tuluy salah
sahiji nu maén nyokot lombang, nya dipapaykeun nepi ka béakna siki.[2] Giliran ieu nu lombang gedé
(tabungan manéhna, nu beulah kéncaeun nu maén) gé dieusian sasiki, lasutna téh mun siki nu
pamungkas nempatan lombang nu kosong. Mun dina nu lombang luhur aya eusian disebutna "némbak",
siki nu lombang kosong, jeung siki luhureunana dibawa jadi hak milik nu maén éta. Nya geus kitu mah
bagilir bagéan pamaén lawanna da lasut téa
Oray-Orayan
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Jump to navigation Jump to search

Barudak keur ulin oray-orayan

'Oray'-orayan nyaéta kawih kaulinan anu dilakukeun ku barudak nu rék ulin oray-orayan,
biasana saméméh ulin oray-orayan sok silih cekel heula taktak.[1] Nu tukang nyekel taktak nu
hareupeunana jeung saterusna tuluy maju ka kénca ka katuhu katempona ngaléor siga oray bari
ngawih tuluy luar-léor mapayan jalan ngurilingan budak nu keur jaga jadi guha nepi kaasup salah
saurang budak tuluy dititah milih rék kamana, naha rék milu ka kelompok nu ka hiji guha katuhu
atawa rék milih kelompok nua ka dua guha ka kénca, kawihna kieu:

Oray-orayan
Luar-léor mapay sawah
Entong ka sawah
Paréna keur sedeng beukah

Oray-orayan
Luar-léor mapay leuwi
Entong ka leuwi
Di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Anu mandi pandeuri

Oray-orayan
Luar-léor mapay kebon
Entong ka kebon
Loba barudak keur ngangon
Mending gé teuleum di leuwi loba nu mandi
Saha nu mandi
Nu mandi pandeuri.[1]
Sanggeus kitu, huluna tuluy ngudak buntutna bari disada, "kok, kok, kok, kok".[1]

Kawih liannna :

Oray-orayan
Oray naon
Oray bungka
Bungka naon
Bungka laut
Laut naon
Laut dipa
Dipa naon
Di pandeuri, ri, ri, ri, ri . . . blos!.[1][2]
Kaulinan barudak

Dini nurghaida
7A

You might also like